Tampilkan postingan dengan label Carpon. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carpon. Tampilkan semua postingan

Senin, 08 Oktober 2012

Carpon Prayoga Adiwisastra


TALAGA PANGANTÉN

     Handapeun langit peuting, katémbong dua rumaja keur diuk ngaréndéng, husu ngaderes hartining jempling dina haténa sewang-séwang. Sedeng talaga, talaga nu satia maturan hareupeunana, geus boga kayakinan yén Gusti geus ngirimkeun éta dua insan pikeun dilenyepan ku dirina. Malah éta talaga ti béh ditu mula geus pohara nganti-ngantina kana ieu kajadian. Ari itu beungeut cai talaga ukur wasa némbongkeun riak-riakna, tangara milu nyaksi turta nengetan kana sagala usik jeung malikna éta dua insan.
    Geus sapoé duanana ngajanteng di sisi talaga. Baheula, waktu téh keur maranéhna mah lain pikeun dipikasieun atawa dipiharep kadatanganana. Da keur maranéhna mah lalampahan lilana waktu téh gumantung kana kumaha cara ngadongkanganana. Maranéhna bisa laluasa ngalanglang ka mangsa iraha baé, ka jaman mana baé. Maranéhna kari milih rék tanggal, bulan, jeung taun sabaraha pikeun poé kamari, poé ayeuna sarta poé isuk. Bet ayeuna, waktu téh teu bina ti hinis nu nyérését, nyebitan waruga jeung batin duanana.

Minggu, 22 Juli 2012

Carpon Deri Hudaya

Lénglang-Lénglang Langit; Selang Sawatara Regot Tina Sirop Revolusi


Langit lénglang taya alang-alang. Matapoé nyaangan suklak-sikluk alam. Nu lalar-liwat di jalan nyangking katengtreman dina enggoning ngajugjug tujuan hirupna séwang-séwangan. Nu tumpak kandaraan aya, nu leumpang basajan aya. Éstuning betah nénjo, betah ngabandunganana. Aya nu silih sigeung meueusan mah jamakna, kangaranan jalma hirup. Sedengkeun gedong-gedong sigrong nu resik tur jalugjug jangkung, lir hormateun saung katut jongko padagang nu ngabaris-narémpél kana dingdingna, minangka tanda yén lalampahan jaman téh geus nincak undakan langit kelas déwa, hasil pangwangunan dina pirang-pirang abad lila.

Cuh! Aki Marat nyiduh, laju medar deui riwayat hirupna, ditujukeun ka incu hiji-hijina nu diuk dina salah sahiji bangku. “Cu, Aki téh milu révolusi….”

Ah, méh unggal nyimpang ka ieu saung sirop, nu ngawuwuhan dagangan Ki Marat téh ukur kecap révolusi, révolusi, perjuangan, jeung perjuangan. Tapi keur sauingeun mah tara matak bosen kétang. Beuki remen mireng anggur beuki saregep baé. Teu siga mirengkeun pidato di tempat-tempat resmi atawa telepisi nu matak muruluk tai ceuli. Bubuhan meuereun, anu dicaritakeun Ki Marat mah kaalaman ku dirina sorangan. Lain diwangwang, lain pakeun nyiar kauntungan deuih.

Sabtu, 14 Juli 2012

Carpon Fitria Puji Lestari

LUKISAN PIAS

            Basa teu kahaja amprok isuk tadi di tempat népak, paromanna datar. Teu puguh. Lain baeud, ogé lain daréhdéh. Teu kahaja malah mah paamprok teuteup, tapi da teu silih  paalung-alung imut, sumawonna patanya mah. Boh kuring, boh manéhna buru-buru ngeluk tungkul.
“Téh Ilma, nu Ipah mah tong nganggé sambel!” pok téh, nutupan rasa samar polah.
Tuluy wé geus meunang sangu mah ngaléos. Sorangan. Teu cara sasarina. Sok layeut babarengan ka mana-mana gé biasana mah. Ngalukis carita demi carita dina kanvas kahirupan ku mangrupa-rupa pulas. Beureum, kayas, biru. Ah, kamari-kamari mah népak téh bareng, nyeseuhan jeung mandi bareng, indit ngaji bareng. Tempat diuk boh lamun keur ngaji boh keur sakola teu weléh deukeut.
Geus dua poé jeung ayeuna kieu téh, teuing rék nepi ka iraha kuring jeung Riyah teu patanya cara kieu. Dua poé gé asa kasiksa, enya kuring nu salahna mah. Teuing atuh teuing, da rasa téh teu panonan. Tonggoy naker. Anteng mikatresna. Anteng nyulam harepan ku giungna kagandrung. Ketangan Riyah, da kuring mah teu rumasa salah, nu salah mah rasa tresna nu eunteup dina pucuk kalbu. Pék salahkeun Mang Rahmat nu teuteup lindukna geus ngagupay sukma. Lir jamparing tan wujud nu niruk dada, nembus parat kana rasa.

Mang Rahmat nu salah mah Riyah, ngadon  poho ngakutan suluh ka dapur. Kuring keur piket masak, kakara jebul mawa suluh. Mang Rahmat Riyah,

Carpon Deri Hudaya

Si Uing

: Calvino, Rosa & Malna

“Ma, kumaha sawarga téh?” ceuk Si Uing dina jero haténa.

Cacing jeung bilatung utey dina panon celong Si Uing. Alijigimbrang dina kongkolak mata Si Uing. Laju bijil, mapay-mapay dua pipi Si Uing. Hiji, hiji, hiji, antukna ngaratus antukna ngarébu.

Si Uing nu geus lunta ti kulawargana, ti lemburna, ti kotana, sarta ti nagarana sorangan téh dieuntreupan ku rasa sono. Sono ka jalma anu geus ngalahirkeun dirina, ka Emana sorangan, nu teuing turunan ti mana. Ceuk sakaol mah Ema téh urang walanda. Tapi Si Uing cangcaya sanggeus mireng katerangan, yén Ema téh turunan Majapahit. Aya ogé nu ngaharéwos ka Si Uing, yén Ema téh urang India, urang Cina, urang Saudi Arabia, urang Madagaskar, jeung aya nu nyebut yén Ema téh pituin Amérika.

Unggal katerangan nu katarima téh béda-béda, ngalantarankeun kahirupan sapopoé Si Uing uplek jeung kapanasaran nu nyaliara di sakujur kasadaranana. Kasang tukang Ema kudu puguh salsilahna, sabab éta kasang tukang téh bakal jadi bagéan sajarah anu penting. Jeungna deui, lamun éta sajarah kapaluruh jujutanana, Si Uing bakal boga lilingeran dina nyorang jaman tur kahirupan. Kapan sajarah téh teu  béda jeung kaca spion dina kandaraan. Upama teu boga kaca spion, tangtu moal bisa niténan kaayaan di tukang. Upama teu bisa niténan kaayaan di tukang, teu munasabah, ka dituna téh katabrak batur. Katabrak kandaraan nu aya di tukang, nu ngadodoho, nu rébo ku mangpirang ancaman. Kitu ceuk kayakinan Si Uing saméméh amitan, saméméh ngalalana ka tempat-tempat nu jauh téh, tempat-tempat nu teu boga ngaran sarta teu nyampak dina peta.  

Carpon Chye Retty Isnendes


ISUKAN REK DIWISUDA 
Jas nu ngagantung dibuka tina hangerna. Rap dipake, dicobaan. Keur isukan, bisi kisut atawa aya nu kurang… Ah rapih, beunang nyetrika pamajikan kapan, kamari sore. Tuluy manehna ngabebener dasi sangkan teu nyengsol. Merenah, lah. Kamejana bodas meni nyacas, dasina biru motif batik, saules jeung jasna. Gaya, lah. Tapi… oh sapatu can dicobaan nyetel jeung jasna. Koreleng kana wadah sapatu. Ceg kana pantopel hideung. Meni herang, teu sirikna bisa dipake ngeunteung, ceuk nu bohong tea mah. Rap dipake tuluy ngajanteng deui hareupeun kaca.


Nu tacan dicobaan teh toga jeung jubah wisudana. Lalaunan dikaluarkeun tina plastikna. Lah, ieu mah teu kudu disetrika sagala, ambeh kaciri sipatan urut nilepanana. Manehna seuri sorangan, kagugu ku pikiranana nu dusun. Rap topi togana dipake. Aduh meni gagah kieu ieu kuring, komo mun geus dijubah meureun… biwirna kunyem tuluy ngarenyu.


Tapi… aya nu leuwih anteb deui kareueusna. Lain, lain tina penampilan pisik nu ayeuna katenjo dina eunteung. Tapi di dieu yeuh, dina hate jeung rasa nu teu katara. Reueus, agul, ka dirina pribadi. Reueus, agul, pangpangna mah bisa ngabuktikeun ka mamah, yen bari kawin oge manehna bisa beres kuliahna tur lulus jadi sarjana.

Carpon Chye Retty Isnendes

 

CAHAYA NU NGABELESAT


"Wa, iraha bade ngaos ka Gunung Puyuh?” kuring nanya ka ua.

Ua henteu ngawalon, bet socana mencrong lami. Aya kacangcaya jeung kaheran sumorot dina heherangna.

“Ci ngiring, Wa!” deui-deui kuring ningal soca ua ngaborelak semu mureleng. Ua kuring nu ieu memang gede ambek, komo lamun aya hal nu patalina jeung kamulyan Islam. Pasti. Tangtu, ua teh teu percaya ka kuring nu tukang ulin. Samarukna meureun kuring teh rek milu ulin wungkul, pelesiran ka kota Sukabumi. Ah ua, naha hilap, kapan kieu-kieu oge kuring teh juara lomba doa-doa jeung juara pidato Islam. Enya, baheula, waktu kuring diajar ngaji di masjid, kapan ua ketua DKMna nuluykeun tapak lacak aki. Ua nu dipikagimir, dipikagigis ku ceplak pahangna, sorongot ambekna, jeung ngulit bawangna, ku jalma-jalma nu teu resep kana Islam.

“Ci mah bade ngiring ngaos Wa di Syamsul’Ulum. Saurna aya ‘tablig akbar’, nu tablegna ajengan petingan ti Gunung Puyuh?” Ua ngarindat ayeuna mah. Anjeunna cengkat tina calikna. Ningalian kalender. Katingal aya angka nu dibuleudan.

Carpon Chye Retty Isnendes



HUJAN DINA ULEKAN


Ahad nu ngepris ku cihalimun. Panonpoé sungkan nyingraykeun rérégan. Dangdaunan reumis cisocaan. Tingborélak tuluy murag. Di luar sepi lir taya kahirupan. Gambaranana burem lir buremna eunteung nu ditiup ku hawa tina baham, keprisna cihalimun mancawura jadi kristal-kristal ipis nu ngalingkupan  sawangan manéhna.

Enya manéhna nyawang tina jandéla. Semet sakitu nu kasawang mah. Tapi gambaran suasana lir mélodi nu dikését tina biola atawa boa tarawangsa? Séréséétttt…peurih. Tuluy mokla nyakclak lalaunan tina juru haténa, minuhan juru panonna, ngagaréndang.

Peuting tadi gé hujan teu eureun-eureun, sapanjang jalan ngabaseuhan jas hujanna. Lir milu émpati kana haténa nu teuing dimana. Kanyeri, kapeurih, kasangsara, kawirang nimbulan haténa, nepi ka ingkah tina lungguhna. Motor diparkir di juru klinik. Cihujan maseuhan rarayna nu pucet.

“Tétéh parantos siap?” sora suster ngageureuwahkeun.

Manéhna unggeuk.

“Geuning nyalira? Akang teu ngiring?”

Carpon Darpan

Duet Maut

Bréw, meureun urang kudu iklas. Kudu iklas ditinggalkeun ku manéh. Da  meureun kudu kitu gurat nasib urang. Nya di dieu manéh ku urang dikubur. Ngan hampura baé mun henteu maké patok. Tapi ieu tempat apan iuh pisan, jaba angin teu kendat ngahiliwir. Tiis cara sasari lamun urang niis di dieu, lamun geus jam-jaman papanasan. Teu kudu ka surga, kitu ceuk manéh, da di dieu cukup keur nuuskeun késang bari ngalelempeng cangkéng atawa nyanghunjarkeun suku nu lila dibawa nangtung. Cukup sakitu gé, teu kudu aya widadari, ceuk manéh. “Da manéh keur urang leuwih ti widadari,” sok kitu manéh nyarita ka urang.
Urang sok teu kuat nahan cimata, Bréw, mun inget kana éta omongan manéh.
Tapi sing tengtrem baé di alam manéh nu ayeuna. Keun urang mah, sina kakalayangan di alam urang. Manéh ulah melang ulah hariwang. Satungtung boga kénéh suku urang rék tuluy leumpang, satungtung boga kénéh ambekan urang moal rék ngeureunan hirup, pikeun néangan jalan takdir urang nu sajati. Najis mun urang kudu prustasi. Da urang gé mampuh kénéh, Bréw. Mampuh kénéh pikeun hirup keur néangan eusi kadut. Bisa kénéh nyanyi, bisa kénéh kucap-kiceup. Teuing lamun urang geus teu  bisa engab mah, atawa urang kaserang struk. Du’akeun baé ku manéh Bréw, urang sing kuat ngalakonan hirup urang nu ayeuna, bari teu kudu dibarengan ku manéh.

Carpon Darpan

Si Beungeut Kapas


WELÉH jadi pikiran manéhna, boa pamajikanana téh jodo nu salah dirangkepkeun ka manéhna. Ari awéwé nu kuduna jadi jodo manéhna, jeung kuduna bagja ngarangkep jeung dirina, ayeuna sarua keur sangsara dikakaya ku salakina.
“Teu kudu panjang dipikiran. Bongan manéh mah siga resep ngajomblo. Kurang kumaha pantesna Si Iis. Pék sing runtut raut. Ku Ema didu’akeun. Sing adoh balai parek rejeki,” ceuk indungna basa ngajujurung kawin.
“Tapi pan kudu bogoh, Ma!” témbalna.
“Bogoh? Tai pedut!” ceuk indungna, tiis alahbatan és.
Bogoh, cinta, boa enya tai pedut. Buktina geuning si kuya, adina, anu saméméhna bobogohan jangkep méh opat taun, ari geus pruk kawin mah kalah hayoh gor-gar paséa. Can jangkep tilu bulan kawin, kalah tuluy ngalabring ka KUA deui.
Iis, pamajikanana, ngageubra ti isuk-isuk kénéh. Ku manéhna teu diganggu ieuh, da apal sok kumaha nyégagna. Sapopoéna gé kitu apan. Sok saré ti soré kénéh. Kabiasaanana nu maranti. Paribasa capé tas digawé ti isuk jedur nepi ka soré jedér. Tanaga kabéh kakuras di pagawéan. Salaki ukur mamanis, ukur jadi rurumbé.
“Cing atuh, da salaki téh boga kahayang. Hayang pamajikan satia, satuhu, bakti ka salaki…,” ceuk manéhna hiji mangsa, bakat ku keuheul nempo pamajikan unggal-unggal nyapirakeun.
“Ari Aang sorangan geus jadi salaki? Kumaha bisana lamun keur dahar sapopoé baé Iis kudu milu banting tulang? Kudu satia, satuhu? Kos jelema jejeg baé!” témbal pamajikanana.
Bep!

Carpon Darpan

SAPI JEUNG MEDALI


TI BAHEULA Si Lina téh cita-citana ngan hiji, hayang ka  Arab. Hayang jadi té-ka-wé. Éta meureun sok dihatéan ku aing, indungna. Heueuh, pepeuriheun Éma teu bisa ka mamana, da teu sakola-sakola acan. Elin pék ka ditu, siga Ceu Emin. Tah, sok kitu dicaritaanana téh. Éta deuih meureun, mun nempo tatangga atawa kapilanceukna balik ti Arab téh sok reunceum jeung rébo baé. Tong boroning budak, aing gé sok kabita.

Tapi meureun Si Lina téh kudu sakola heula, ngarah boga ijasah. Da kudu boga ijasah cenah. Tah éta sababna aing kumejot hayang nyakolakeun manéhna téh. Bus ka SD. Paduli teuing bapana embung ngurusan gé. Rék modar rék kawin deui gé, ku aing moal dipikiran. Euweuh di imah gé pirang-pirang untung, batan aing té-bé-sé nempo pagawéanana unggal poé ukur ngagojod di imah.

Ceuk guruna Si Lina téh calakan. Lulus gé pangalusna. Waktu ku guruna dijurug-jurung sina nuluykeun ka SMP, aing mimiti mikir. Nya nanya ka Pa Suparman, kapala SD. “Ari ka Arab cekap ku ijasah SD, Bapa?”

“Ibu rék téga, budak umur 13 taun sina cecelengcengan di padang pasir?” ceuk Pa Suparman muncereng.

Rabu, 11 Juli 2012

Carpon Wasta Ai

                        BARUANG KA JALMA LEUTIK


Ayeuna urang keur ténar. Siga biduan keur naék daun euy! Rék teu kitu kumaha, unggal poé ngaran urang ngajeblag dina média massa. Digembor-gembor dina média éléktronik. Jadi jejer utama. Nu rétingna ngajaul ka langit. Dipadungdengkeun disaban tempat dipalikiran ku jalma tajir jeung pakir. Teu bosen-bosen ngomongkeun urang. Duka belegug atawa api-api belegug, yén ngomongkeun batur téh sarua jeung ngadahar bangké babaturan sorangan. Ah urang teu paduli nu baroga otak gé teu malikiran. Naha bet kudu riweuh ? Da geuning ayeuna mah nu kitu téh difasilitasi. Keun wé ah sugan nepi ka dowér!
“Bén, ngomong atuh euy! Meungpeung dibéré kasempetan. Iraha deui urang bisa ngomong? Apanan sasari mah urang ngan saukur jadi tunggul. Saksi bisu runtuyan kahirupan jalma nu barutuh ka urang, boh nu arédan boh nu saroléh. Teuing ti marana asalna mah? Ramé euy, ngabandungan kahirupan di Alam dunya. Siga pilem India.”
“Bén jawab atuh! Manéh mah bisa ngahirupan batur, tapi teu bisa ngahirupan diri sorangan. Naha manéh ngeunah saban poé digosipkeun? Naha manéh ngeunah hirup jadi bonéka jalma nu baroga korsi? Naha manéh teu karunya ka jalma leutik nu jadi korban pulitik? Hudang euy! Hudang ! Ieu dunya geus lieur, atawa manéh gé sarua keur lieur?”

Selasa, 10 Juli 2012

Carpon Ari Andriansyah

                       

                             PEUTING JEUNG BABAUNG


Peuting deui nu ngauban. Taya rénghap bulan. Taya hégak béntang. Sanggeus indung peuting jadi hiji-hijina boéh nu ngarurub lembur. Meredong. Di antara dora lembur jeung dapuran haur, simpé haben diguar jeung dikaluat. Sedeng tina sesela bilik nu karancang jeung suhunan nu ngaharelob, angin teu reureuh ngahiliwirkeun ruruhitna.

Hawar-hawar tihang listrik ngabelentrang sapuluh kali. Disusul laungna anjing babaung.

Handapeun ngetétna bohlam, manéhna angger diuk dina korsi hoé. Dadana nu rangkebong jeung kulit beuheungna nu marondoyot ku kakolotan, karungkupan kaméja jeung sarung leuseuhna nu dibeulitkeun. Kitu deui beungeutna nu kanyos dirimbun ku janggot jeung kumis nu paselang jeung huis. Tapi katangén kénéh sepir jeung tapak dedeg sembadana.

Panonna hurung. Haseup terus ngelun jeung nyerebung tina sesela ramo jeung irungna. Ngageterkeun ambekan nu teu sawirahma jeung hégak jarum jam. Bari teu eureun ngaduruk lintingan demi lintingan carita. Nu seuneuna langgeng ngagugudag dina dadana. Ngahuru sakabéh katineung jeung kapeurih heubeul.

”Anak sia, Warji, nu jadi indung rurusuh di lembur urang téh! Anak sia!”

Carpon Kiki Pratiwi


                                    JEUNG ANGIN


Ti iraha urang anteng sosobatan angin? Boa bakal langgeng salawasna. Teu nanaon da geuning tétéla anjeun anu satia. Satia niiskeun hate. Satia mirengkeun aral subaha. Resep temen langgeng sosobatan jeung anjeun mah, Angin. Teu jiga si Gilang jeung si Redi nu resep heureuy nyabakan harigu budak awéwé. Teu jiga si Amir nu resep noongan rok budak awéwé. Teu jiga si Siska jeung si Lia nu leuwih anteng ulin jeug bonéka Barbie nu rupana jiga jurig.
Boa didieu urang munggaran tepung téh, Angin. Dina jandéla nu haat jadi saksi kasono urang. Kasono nu ngancik saban wanci. Kasono nu boa-boa numuwuhkeun rasa nu teu biasa téa. Bogoh meureun ceuk batur mah.
Angin, dina detik ieu séja nganti anjeun. Bari meureumkeun mata, nyeuseup jero anjeun. Méré hawa seger pikeun bayah, mawa katigin, méré kakuatan. Bari beunta lalaunan, imut leleb ka anjeun. Ukur anjeun.
Na lahunan anjeun urang anteng sosonoan. Hiliwir anjeun teu weleh ngusap-ngusap ieu sirah. Asihing anjeun nu atra karasana. Dina lahunan anjeun urang ngawang-ngawang. Mapay tiap lalambar langit tuluy didinya urang ngukir mangpirang impian sarta manglaksa rusiah urang duaan.
Sanggeus éta, masih dina lahunan anjeun, urang neruskeun lalampahan mapay éndahna katumbiri. Éndah pisan taya papadana. Sarwaning warna.
“Katumbiri téh cukang ka sawarga, tempat ngancikna para pohaci!” ceuk anjeun harita.

Carpon Ari Andriansyah

                         

                         ALI MENENG



Tihang listrik ngabelentrang sapuluh kali.

Peuting. Ngalinjing. Bareng jeung angin nu ngahiberkeun bau runtah ka unggal rohang kamar. Juru-juru kosan. Sédong-sédong gang. Susukan ngeuyeumbeu. Kumarayap kana amparan kasur. Lomari. Buku-buku ngabigeu. Salib nu ngadaplok dina témbok. Kalénder pias. Potrét lawas. Baju ngalumbruk. Daster. Calana jero. Jeung gelas demi gelas kopi nu nyaab dina genggerong.

Boa di dieu jalan téh buntuna. Boa di dieu léngkah téh kandegna. Saniskara ungkara, aweuhan carita urang nu sapanjangna sirungan jeung muguran. Sanggeus rénghap lawas kapahung dina ringkelna gurat nasib nu taya tungtung. Di ieu kota nu salawasna kosta pikeun harepan jeung kasatiaan.

Tapi naon hartina mulasara harepan jeung kasatiaan? Waktu. Samagahaning laku. Saukur cahya samar nu ngalangkangan lalakon sasar. Kawas léngkah urang nu salawasna ditalikung karémpan. Bari banget teu ngarti, isarah naon pangna urang kudu lana tepung? Ngongkoyangkeun roncé asih jeung karisi kana tohagana pamadegan séwang-séwang. Kawas urang nu lana tepung pikeun nu kasakitu kalina. Bari maneuh ninun lamunan. Nyulam jempling. Ngajarumat peuting.

“Kang, rék kumaha waé urang téh?”

Carpon Ari Andriansyah

                                 BUGANG BULAN


Cungcuing. Cungcuing ngelak deui. Nurih lalanggong langit.
Girimis. Ngepris. Jarum-jarum girimis rangseb deui ngajarumat saban léngkah. Satampah lemah. Imah. Katut totoangna nu karanjah caah. Sedeng angin. Angin peuting. Angin nu salawasna ngarara saniskara tangara. Angger ngagelebug ka kidulkeun. Ngahiur ka tungtung lembur. Ngendag-ngendag jajaran tangkal kalapa jeung pucuk janur. Parat ka saban kandang ingon-ingon jeung ronggos baluntas nu ditingker ringkang cileuncang.

Gumuruh. Séah walungan terus gumuruh. Bareng jeung sora-sora ahéng dina léléngkah angin. Ngaraas babantar jempling. Ngarayap ka hilir peuting. Di dieu. Waktu lir congo bedog nu diteueulkeun dina jajantung. Sanggeus saban raga teu reureuh ngemitan demitna harepan. Nganti ranggeuyan ringsang nu saukur rumekah dina kalangkang impian.

Panén. Panén saukur ungkara nu ditilar galindengna. Saukur jemplang nu anggang tina wirahma. Silung. Silung dina saban padalisan implengan. Naon hartina hégak jeung késang nu salawasna ditandonkeun? Lalakon kapan geus tilem dina upluk-aplakna rorogan nu mirupa sagara cileuncang. Pasini rarabi asih geus lawas udar tina simpayna. Ringkangning pati ngukuntit ti usik ka usik.

Carpon Aditia Gunawan


                                DUA BELAS PURNAMA

 

Randu ngaranna, lalaki langit lalanang jagat. Jajaka leubeut angen-angen. Buktina, peuting tadi sirahna teu weléh tanggah. Aya nu tingkaretip lebah matana, kalangkang béntang, rasi béntang langlayangan lebah sorotna bangun nuduhkeun jalan ngembat ngalér, sawirahma jeung kasapihna buuk ti béh kidul. Sedeng leungeun keukeuh nineung mulang deui ka wétan, mangsa suku lingsir ngulon.

Teu apal ka sabaraha kalina béntang patingbelesat lebah kongkolak, nepi ka basa cahya srangéngé nojo kamar jandélana, katémbong atra tapak-tapakna nu ngagurat beureum sakuriling jagat hideungna basa manéhna ngeunteung. Ana ngeunteung, nu katémbong ukur awakna sorangan nu kacida dipikaceuceubna.

Jeung Randu ngantep kaayaanana kawas kitu. Kawas nu teu bisa ninggalkeun kabiasaanana. Biasana ogé nu nyaring sanggeus manéhna sok tuluy mérésan buukna, sok tuluy ngagaléntoran beuheungna. Sok tuluy... Nu matak nepi ka ayeuna Randu ngantep kaayanana kawas kitu.

Senin, 09 Juli 2012

Carpon Prayoga Adiwisastra



                                                      KARÉTA RIWAN


Manéhna katémbong ngalayung deui di buruan imahna. Anteng neuteup layung nu ukur wasa mulas langit di tebéh kulon. Kalan-kalan tatanggahan nyérangkeun gumplukan méga, dipapay sajumpluk-sajumpluk. Sedeng angin. Angin pasosoré nu lirih ngahiliwir, teu wudu ngariab-riabkeun buukna geusan nyieun gurat-gurat ipis kana rarahina.

Geus bisa dibabadé tina riukna, yén manéhna keur nandangan samagaha pikir, luwang-liwung nu banget pohara. Da enya atuh, salila ngajanteng di dinya téh bangun nu taya deui ketak, iwal ti ngabigeug, ngawagu. Turug-turug beungeutna beuki dieu téh asa beuki pias baé.

Impian riwan tadi peuting nu ngabalukarkeun manéhna ngumbar lamunan téh. Saenyana mah impian-impian nu saméméhna gé pohara pikakeueunganana. Awéwé mamaké pakéan sarwa bodas tur sirahna baloboran ku getih bet datang mulan-malén kana impianana. Kamangmang jeung kasieun nu geus lila matuh dina haténa, beuki kahudang sanggeus nyorang alam pangimpian nu sakitu ahéngna. Impian nu ngorowotan waruga jeung batinna.

Carpon Prayoga Adiwisastra


                                       ABIMANYU GUGUR

Baratayuda poé katiluwelas. Panonpoé manceran. Bugang paraperjurit patulayah sakuriling bungking. Kebek angseu hanyir jeung hangruna getih di tegal Kurusétra. Mangratus jamparing tingbelesat di awang-awang lir hujan nu kahiukkeun angin. Kawantu sakali mentang tangka tujuh jamparing dihijikeun. Sora perjurit nu ayeuh-ayeuhan awor jeung jeung sora perjurit séjénna nu keur sesegor, sakarat.            Teu kurang ti opat juta perjurit nu kalibet dina Baratayuda. Ti Pandawa, Wirata, jeung Pringgandani ngeprikkeun tujuh akhosini. Demi ti Kurawa jeung nagara-nagara éréhanana ngiangkeun sabelas akhosini. Saakhosinina ngalibetkeun 109.350 perjurit badarat, 21.870 kareta perang  tur kusirna, 21.870 gajah tur malimna, jeung 65.000 perjurit tumpak kuda.
            Abimanyu, putra panengah Pandawa, satria pinilih semu lungguh katara keur cuh-cih ngadu jajatén jeung satru sadulurna. Sanajan saliwatan bangun nu lungguh jeung carang takol. Tapi dina pangperangan mah méh taya nu tanggoh ngayonan kasakténna. Éstu nu mumbul téh sajatining lalaki. Mungguh teureuh ratu terah ménak. Diaping jurit ti leuleutik, diwarah perang ti bubudak.
           Supit Urang, gelar perang Pandawa harita. Abimanyu di bagéan huluna,  laju nguwak-ngawik pasukan Kurawa tangka burakrakan. Nu dewang beuteungna, nu remek awakna, geus mangratus-ratus jumlahna.  Geus puguh nu sapat sirahna mah, katiruk jamparing putra panengah Pandawa.
         

Minggu, 08 Juli 2012

Carpon Iman Nurdin

                       Nganjang ka Imah Haji Damiri

Na kalénder mah tanggal téh beureum. Meneran peré. Nu sasarina gawé ogé, harita mah nyaralsé. Kitu ogé Pa Kuwu, poéan peré téh bener-bener dipaké keur reureuh. Saré.
Sasarina mah jam dalapan isuk geus miang ka Balé Désa da bisi aya nu butuheun tandatangan jang nyieun katépé, askés, surat miskin jeung nu sajabana. Tapi da poéan peré kieu mah, méh adan lohor Pa Kuwu téh karék kuniang tina enggon.
Can kumpul pangacianana, Pa Kuwu ngahuleng heula sajongjongan. Gigisik panon. Nyileuh. Sakali-kali ngadon heuay siga nu can wareg saréna.
“Geus geura paksakeun atuh, Pa! Saré waé mah tuda moal aya tungtungna.” Ceuk pamajikan Pa Kuwu. Nu ditanya jongjon teu némbalan.