LOLONGOK KA CANDI BOJONG MÉNJÉ
“SITUS CANDI BOJONGMENJE. BALAI
PENGELOLAAN KEPURBAKALAAN JARAHNITRA DISBUDPAR JAWA BARAT”. Kitu aksara nu
kaungel dina plang saméméh léngkah anjog ka candi nu rék dijugjug. Éta plang nu
katémbong karahaan di beulah luhur jeung handapna téh weweg nangtung di sisi
jalan nu teu kendat gumuruh ku lalar liwatna kandaraan.
Candi Bojong Ménjé perenahna mah di Kampung
Bojong Ménjé RT 03 RW 02, Désa Cangkuang, Kecamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung.
Kurang leuwih aya dina 698 m luhureun beungeut cai laut. Ti puseur dayeuh Kota
Bandung mah aya kana 24 km, laju ngétan mapay Jalan Raya Rancaékék nu
nepungkeun Kota Bandung jeung Garut-Tasikmalaya-Ciamis. Mun jolna ti Kota
Bandung, di beulah katuhu éta plang bakal natrat katempo. Ti éta plang,
kira-kira 200 m urang bakal anjog ka Candi Bojong Ménjé, sanggeus mapay
lulurung gang nu di kénca-katuhueunana méh pasesedek ku padumukan masarakat.
