Lénglang-Lénglang Langit; Selang Sawatara Regot Tina Sirop Revolusi
Langit
lénglang taya alang-alang. Matapoé nyaangan suklak-sikluk alam. Nu
lalar-liwat di jalan nyangking katengtreman dina enggoning ngajugjug
tujuan hirupna séwang-séwangan. Nu tumpak kandaraan aya, nu leumpang
basajan aya. Éstuning betah nénjo, betah ngabandunganana. Aya nu silih
sigeung meueusan mah jamakna, kangaranan jalma hirup. Sedengkeun
gedong-gedong sigrong nu resik tur jalugjug jangkung, lir hormateun
saung katut jongko padagang nu ngabaris-narémpél kana dingdingna,
minangka tanda yén lalampahan jaman téh geus nincak undakan langit kelas
déwa, hasil pangwangunan dina pirang-pirang abad lila.
Cuh!
Aki Marat nyiduh, laju medar deui riwayat hirupna, ditujukeun ka incu
hiji-hijina nu diuk dina salah sahiji bangku. “Cu, Aki téh milu
révolusi….”
Ah, méh unggal nyimpang ka ieu saung sirop, nu
ngawuwuhan dagangan Ki Marat téh ukur kecap révolusi, révolusi,
perjuangan, jeung perjuangan. Tapi keur sauingeun mah tara matak bosen
kétang. Beuki remen mireng anggur beuki saregep baé. Teu siga mirengkeun
pidato di tempat-tempat resmi atawa telepisi nu matak muruluk tai
ceuli. Bubuhan meuereun, anu dicaritakeun Ki Marat mah kaalaman ku
dirina sorangan. Lain diwangwang, lain pakeun nyiar kauntungan deuih.
“Révolusi
téh sarua hartina jeung ngawangun sasak emas, Cu. Matak tong hélok
upama nagara urang kiwari disebut nagara hurung-hérang. Gencalngna ogé
babar tina harkat, darajat katut martabat utama. Ku lataran kitu,
tanwandé moal aya bangsa deungeun nu wani nyisikudi, nyacampah,
sumawonna maréntah atawa ngajajah.”
Incu Aki Marat lelenggutan, saliwat mah siga keur unggut-unggutan, siga nu enya-enya ngabandungan.
“Cu,
harita mah geus teu nolih nanaon deui Aki téh. Nu kapikir ukur
parobahan. Nu jadi harepan téh datangna jaman caang. Da harita mah, Cu,
kasusah téh patulayah. Alam téh poék mongkléng buta rajin. Matak
marojéngja. Upama keur museur kaaral, Aki mah sok munajat ka Pangéran
sangkan gera-gera dicabut nyawa.”
“Tangtos, Ki, kahartos pisan,” ceuk incuna sabot ngalenyap.
“Nya
alus atuh Cu, sugan jeung sugan ieu mah jadi eunteung, upama kahareupna
boga itikad merjuangakeun bangsa katut kayakinan saperti Aki baheula.
Kapan bebeneran téh teu ujug-ujug nyarakcalakan ti langit, tapi nungtut
gawé beurat. Korban cimata, korban getih, korban sagala-gala. Meurih téh
lain ukur siloka keur kitu mah.”
“Tangtos, Ki,” ceuk uing
niru-niru sora incuna, kajurung ku rasa karunya pédah euweuh nu némbal.
Lelembutan incuna geus ngawang-ngawang ka alam mana. Boa geus anjog ka
alam révolusi, nu dina ieu danget geus salin jinis jadi carita
panganteur tibra.
“Tah kitu, Cu. Manéh ogé kuduna mah daék meureut uteuk jiga Aki.”
“Ah,
tong daék!” Tukang baso nu karék jol, ujug-ujug némpas. “Nu bajuang
keur révolusi mah salangsara. Balangsak. Méméh révolusi dibui. Kiwari
ukur jadi tukang sirop. Naon untungna? Sabaraha pangajina?” Nu karék
datang téh laju diuk na salah sahiji bangku. Teu kireum-kireum, ngaregot
sirop nu dianggurkeun ku incu Aki Marat.
“Sagawayah
cacapék téh!”Aki Marat nyureng. “Ieuh, sobat aing gé réa nu baroga
pangkat mah. Aya nu jadi konglomerat, budayawan internasional, mentri
agama, mentri béla cacah, mentri dékorasi imah, mentri angkaribung ku
huntu, mentri… loba lah. Ragem!”
“Naha atuh, ari Ki Marat
bet ukur jadi… jadi pasén klinik paru-paru wungkul? Teu hayang nurutan
batur kitu?” Tukang baso teu euleum-euleum.
“Éta mah béda
perkara, deuleu. Jeungna deui, tukuh jadi tukang sirop mah pilihan. Lain
supata atawa dosa révolusi. Da révolusi téh lain keur nyangking pangkat
anyar nu leuwih, tapi keur ngawewegan pangkat nu geus nyampak. Tah,
sabab asalna ogé tukang sirop, satutasna révolusi téh déwék mah milih
dagang sirop deui. Cacah ogé kapan bukti, kaagéhan amisna buah
révolusi.”
“Ari kitu mah sarua atuh Ki, uing gé jadi
tukang baso téh pilihan. Wani sumpah. Da milih atawa hayang jadi artis
mah moal kabiruyungan!” Mang Sadé nepak dada. Riukna dines pohara.
Kaayaan
modél kieu geus teu anéh. Tapi lamun keur anu karék nyaksian sakali-dua
kali mah boa hayang misah atawa hayang gancang-gacang nyingkah, da
heureuy Ki Marat jeung Mang Sadé mah siga nu paséa rongkah. Padahal,
upama ditaratas riwayat hirupna, duanana téh nyobat dalit, ibarat awan
jeung langit. Ambuing, lah, men. Waktu Ki Marat unggah
baléwatangan laju disingkahkeun ka pulo buangan, Mang Sadé nalingakeun
kulawarga nu ditinggalkeunana. Ngabayuan, ngupah-ngapéh, jeung bisa ogé
dianggap kapala rumah tangga. Nya kitu ogé Ki Marat ka kulawarga Mang
Sadé. Éstuning silih pikahéman, silih ngajaga jeung ngariksa.
“Ah, mun inget ka jaman baheula euy,” Mang Sadé ayeuna mah nu cacarita. “Hirup jadi jelema mikir téh asa nyaan.”
“Asa jadi filsuf meureun sia mah. Aku berpikir maka aku ada?” (1)
“Ah, lain. Lain kitu. Nu bener mah aku ngaroko maka aku ada!”
Kituna téh diselang ku nyeuseup rokok. “Kapan unggal aya panglawungan
pamuda jeung oraganisasi mahasiswa téh, uing mah ukur cacap ngaroko
wungkul. Mulek sirah téh. Apal sorangan, pikiran uing mah katinggaleun
jaman. Anggur masrahkeun kapercayaan ka barudak mahasiswa, nu puguh
pinter nyarita, nu boga konsep daria. Uing mah tugasna lain mikir, tapi
prak-prakanana.”
“Ah, prak-prakan ti mendi. Nu aya mah
ngacaprak. Angot basa aksi di gedong parlemén mah. Lajag-léjég hereupeun
nu jaraga. Nohtor arak. Geus saat, botolna diamang-amang. Bari henteu
ari dihantemkeun mah. Ukur wani nyingsieunan wungkul, bedul!”
“Kapan
titahan didinya, Ki. Nu jaraga harita, digulag-gapér,
dipontang-diponténg, atawa dicium sarébu kali waé mah moal matak meta,
satungtung euweuh paréntah ti atasanana mah. Kapan kitu?”
“Aéh,
heueuh nya. Ari taeun téh. Enya, teu kasawang tug-tegna haté nu jaga
harita. Padahal lain aktor ilaing téh. Tapi siga euy. Kapaké ngabobodona
mah. Aing ogé, nu nénjokeunana ampir kawér-wéran.”
“Is,
lain ngabobodo harita mah Ki. Puguh karep mah hayang ngabalédogkeun
satakerna. Ngan édas kaburu inget, di antara jalma nu ditaregos jeung
diharélem téh aya sobat ti keur leutik. Bisi ngabalédogkeun botol kalah
nengel ka manéhna. Kapan basa uing jeung Aki dibeberik gé, nu
nyalametkeun téh si éta, nu méré lolongkrang kabur gé si éta. Maenya wé
nu geus nyieun lampah hadé kalah rék dijieun buncunur. Ku botol deuih.
Botol mahal deuih. Aduh, lebar temen mun botolna peupeus!”
Paguneman
téh aya wiwitan tapi taya wekasanana. Ki Marat jeung Mang Sadé uplek
kénéh, silih témpas jeung silih wawaas waktu ninggalkeun saung sirop.
“Upami aya nu jajan, muga-muga aya waktos mangaladangankeun, kaulanun,”
ceuk nu duaan rampak ka tukang dagang nu keur nyalsé, nalangkring bari
ngawarangkong méakkeun kaluman.
Detik baganti ku menit. Menit baganti ku jam…
Ki
Marat jeung Mang Sadé tacan jebul kénéh waé. Incu Ki Marat kérék
nyegrék. Uing élékésékéng. Nyobaan nyamar jadi kebul, nyamar jadi
kérésék, laju nyamar jadi laleur nu laluasa hiber turta eunteup di luar
jeung di jero saung sirop Ki Marat. Sabot keur kitu, ti jauhna, kapireng
aya nu gogorowokan. Ménta tulung: “Tuluung!” Aya nu kapireng ngucapkeun
kalimah suci: “Allooohu akbaaar!” Tapi aya ogé nu ngagorowokkeun
kalimah kotor: “Anjiiiiiiiing! Bangsaaaaat!” Pamustunganana mah kalimah
kotor jeung kalimah suci téh awor, hésé ngabédakeunana. Nu kotor
kasucian. Nu suci kakotoran. Langit nu tadina lénglang téh dadak sakala
reueuk alatan kalimah-kalimah nu pacampur, meureun kalimah révolusi anu
kitu téh. Gelap ogé pipilueun dor-dar. Matapoé bitu. Jalan nu tadina
ramé jadi suwung. Ari nu di jero saung sirop mah, incuna Ki Marat, beuki
ragot jeung impianana sorangan. Malah kungsi gundam:
“Ah, révolusi mah pikaseurieun, bodor wungkul, lalakon Si Kabayan!”
“Révolusi silih révolusi deui, silih révolusi deui, vulus wéh!”
“Révolusi mah sirop uyupeun jalma hanaang!”
Golombrang
sora baskom, patémbalan jeung katél, jeung rantang, jeung panci, jeung
kéler, jeung sosodok, jeung panyiuk, jeung panyaringan, jeung gelas ti
saung séjén, jeung pikiran, jeung kahariwang, jeung kakeuheul ogé
kasieun jalma-jalma.
Kocapkeun Ki Marat jeung Mang Sadé,
bet ngajengjen di kaanggangan. Pernahna banget ku anggang ti tempat
lumangsungna kajadian. Calangap leungiteun sora. Neuteup tapi kosong
sorot matana. Dua leungeunna ngeleter. Dua sukuna nyorodcod. Késang
ngagarajag. Kaatoh silih lindih jeung kasieun. Kawani silih andih jeung
kamelang. Mirupa patung-patung pahlawan di puseur kota.
Tacan
cacap, sumawonna uing bisa reureuh tina ieu kareuwas, kaca
pirang-pirang saung pareupeus. Kenténg nyusul arucutan. Sawatara tukang
dagang narulak cangkéng di tengah jalan. Ngajingjing pakarang leungeun
katuhuna, ngajingjing nasib hirup leungeun kéncana. Tapi ari geus puguh,
yén anu datang olégréng ku pakarang sarta leuwih loba jumlahna, sawaréh
padagang téh mikir dua, tilu, atawa boa tepi ka rébuan kali.
Pamustunganana kabur narotog-notogkeun manéh. Aya logak katincak, aya
tanggul teu diitung matak buncunur. Lumpat sakalumpat-lampét,
nyalametkeun diri. Nu masih kénéh ngajarega, gédé kayakinan, teu gedag
kaanginan, buukna nu katebak angin badis kahuruan. Tapi ka dituna mah
nungtutan ngajararengkang. Robot-robot nu datang taya ras-rasan téh
narajang, ngarecah, tepi ka tulang-taléng tukang dagang minuhan ieu
teuteupan.
“Rék kasumpingan manusa nomer hiji di ieu
jagat, masih kénéh can bebenah? Nu rék sumping téh titisan cahaya
révolusi, deuleu! Mikacinta kabersihan, mikangéwa hunyudan sarah nu
matak bala!” ceuk nu awong-awongan ti jomantara mégapun. Sorana
ngarujad-rujadkeun mangpirang panto saung, nongtak éngsél jandéla nu teu
pati seseg dipasangna. Mangpirang saung, ogé jongko, walatra jadi
trotoar anyar, kalawan nyangking warna beureum. Beureum getih.
Atuh
gedong-gedong sigrong nu jalugjug jangkung, katempona beuki agréng baé
ti wanci harita. Langit lénglang deui sabihari. Selang sawatara rénghap,
rentang-rentang aya mobil agréng nu datang, diaping ku mobil-mobil
robot, kapal udara robot nu waspada bising aya jalma ngamuk atawa meta,
mirupa maung turta gajah.
Di jero mobil, tokoh
révolusioner téh nanya ka nu diuk gigireunana, “Ari sobat kuring, Ki
Marat, di belah mana dipernahkeunana?”
“Palih payun kulan,
nu wangunanana paling agréng, ngajungkiring! Tangtos di palih dinya
agan Marat mah. Tokoh révolusoner. Tokoh parobahan jaman, tina jaman
peteng jaten jaman caang. Kasang tukangna icalan sirop, lajeng nyangking
kalungguhan jalmi penting. Diperhatoskeun ku sakumna pangeusi ieu
nagri. Malih kantos dileler pirang-pirang tanda kahormatan nagara,
jaminan kasejahteraan, sareng sajabina ti éta. Tangtos di palih dinya
agan Marat mah, nu paling agréng. Supados anjeunna raos-raos istirah.”
Uing
nu harita geus salin jinis, pindah rupa jeung tangtungan jadi supir
mobil révolusioner, teu bisa nyawad sumawonna ngaheueuhkeun, ukur bisa
seuri konéng basa anjog ka taman makam pahlawan téh.
(1) René Descartes
Ciumbuleuit2011 – Astana Gedé 2012
* Dimuat di PR, 15 Juli 2012, judulna jadi "Selang Sawatara Regot Tina Sirop Revolusi"
Tidak ada komentar:
Posting Komentar