BABALIK PIKIR
Handapeun
iuh-iuh tangkal kérsen nu keur sumedeng baruahan, Bah Amin diuk nyanghunjar
bari teu weléh gegeber ku dudukuy samakna, tuda poé keur meujeuhna panas
mentrang-mentring. Di dinya, manéhna ngadon reureuh sanggeus nanggung sampeu ti
kebonna. Katémbong késang ngagarajag dina kulitna nu geus paréot, urat-urat
leungeunna katingali mani raranteng. Gigireunana katémbong aya rancatan
disarandékeun kana tangkal kérsen, carangka dua siki nu metet ku sampeu, sarta
salang nu disina ngagapuy kana taneuh.
“Mana
teuing bakal mucekilna peuyeum téh, sampeuna gé mani loba ayeuna mah,” ceuk Bah
Amin bari pinuh ku pangharepan.
Keur
kitu, ngadadak ku Bah
Amin kadéngé sora tan
katingalan, kawas paguneman nu teu katingali jirimna. Sanggeus hantem dilieukan
dilelekan, horéng éta sora téh bijilna ti rancatan, salang, carangka, jeung
sampeu gigireunana.
“Aéh,
geuning nu bieu nyoara téh aranjeun opatan!” ceuk Bah Amin.
