KARÉTA RIWAN
Manéhna
katémbong ngalayung deui di buruan imahna. Anteng neuteup layung nu
ukur wasa mulas langit di tebéh kulon. Kalan-kalan tatanggahan
nyérangkeun gumplukan méga, dipapay sajumpluk-sajumpluk.
Sedeng angin. Angin pasosoré nu lirih ngahiliwir, teu wudu
ngariab-riabkeun buukna geusan nyieun gurat-gurat ipis kana rarahina.
Geus
bisa dibabadé tina riukna, yén manéhna keur nandangan samagaha pikir,
luwang-liwung nu banget pohara. Da enya atuh, salila ngajanteng di dinya
téh bangun nu taya deui ketak, iwal ti ngabigeug, ngawagu. Turug-turug
beungeutna beuki dieu téh asa beuki pias baé.
Impian
riwan tadi peuting nu ngabalukarkeun manéhna ngumbar lamunan téh.
Saenyana mah impian-impian nu saméméhna gé pohara pikakeueunganana.
Awéwé mamaké pakéan sarwa bodas tur sirahna baloboran ku getih bet
datang mulan-malén kana impianana. Kamangmang jeung kasieun
nu geus lila matuh dina haténa, beuki kahudang sanggeus nyorang alam
pangimpian nu sakitu ahéngna. Impian nu ngorowotan waruga jeung batinna.
Geus
ti sabulan katukang manéhna katémbong kitu peta téh, ngalangeu bangun
nu jarauh panineungan. Kawasna téh hayang enya-enya nyacapkeun poé di
buruan. Mun panonpoé geus ngampih ka pajuaranana, blus manéhna asup deui
ka imahna, laju baé ngeueung di kamarna nepi ka beurang. Kitu jeung
kitu pagawéananan unggal poé. Saliwat mah puguh siga nu
langlang-lingling. Da tara-tara ti sasari. Saméméhna mah éta pamulu nu
camperenik téh sok katémbong hégar baé, tara aya rurubed nanaon, kawantu
medal tina haté nu wening tur dumeling.
Keur
manéhna mah kaayaan pasosoré kitu téh teu ieuh karasa éndahna teusing,
teu jadi kasugemaan batin cara sasarina. Malah keur manéhna mah éta soré
téh karasa beuki ahéng. Dina panénjona, layung nu keur sumedeng
ngempray téh lalaunan kasilih ku reueuk hideung. Beuki lila beuki
ceudeum. Pihujaneun lir rék sacur-cureun bedah. Tangka
langit nu melendung téh méh walatra kasimbutan ku reueuk hideung.
Kilat jeung guludug silih susul ngendag-ngendag langit. Sakapeung mah
éta sora handaruan guludug téh bet siga sora gumuruh karéta keur manéhna
mah. Enya, karéta nu sok dipaké nyaba ka dayeuh ku manéhna jeung indung
bapana basa keur budak. Mun pareng karéta diteureuy mongkléngna
torowongan, manéhna sok tipepereket muntang ka indung jeung bapana. Tapi
éta kajadian téh geus lawas pisan kalarung. Sapuluh taun ka tukang
indung jeung bapana geus miheulaan mulang ka kalanggengan. Reueuk
hideung beuki ngarungkupan langit jeung haténa.
Di
langit, lalaunan éta reueuk hideung téh bet siga ngarupakeun beungeut
jalma. Beuki lila beuki sidik. Buukna, irungna, biwirna, ceulina, nepi
ka peresis mirupa jalma. Awéwé. Awéwé nu tadi peuting némbongan dina impianana. Manéhna
ngagebeg, jajantungna asa didudut. Sakujur awakna ngoprot ku késang.
Sabab manéhna apal. Apal pisan kana éta keureutan beungeut, saha deui
mun lain beungeut sobatna, nu geus maot sabulan katukang
“Sinta………
ieu Méta………! “ sorana semu ngirung, kituna téh bari jeung dibarung ku
patingbarasatna kilat tur gelap nu mutuh handaruan.
Manéhna
tiba kaduga ngaregéh, ambekanana beuki ngerepan. Karasa aya nu ngagelek
dina tikorona tangka teu kaduga ngajawab sapisan. Manéhna teu walakaya.
Teu walakaya.
Lalaunan éta mega nu mirupa beungeut sobatna téh sirna, peuray katebak angin. Ngan langit mah angger baé meredong cara tadi.
Hawar-hawar
kadéngé sora adan ngalaong ti masjid peuntaseun lemburna. Tapi kadéngé
ku manéhna mah asa digorowokkeun kana ceulina pisan. Sarta éta sora adan
téh kacida matak pikakeueungeunana. Kawasna teu bisa diukur sakumaha
matak pikasieuneunana éta sora adan téh.
“Aaaaarrrrrkkkkhhhh…….. Gustiiiiiiiiiii………….!”
Manéhna
adug-lajer bari nutupan ceuli ku dampal leungeunna. Bangun nu keur
nahan kanyeri nu pohara. Sanajan bari jeung gupuy-gapay néangan
pamuntangan, teu burung manéhna kaduga asup ka jero imahna. Sup, ka
kamarna. Bluk,
nangkuban kana kasur bari nutupan sirahna ku anggel. Karasa pipina geus
juuh ku cimata, balas hantem baé ceurik awahing ku sieun jeung keueung
nu geus ngagalaksak kana haté jeung pikirna.
Kudu, aing kudu kuat! Ceuk pikirna neger-neger manéh.
Méta.....
kapan anjeun sabulan ka tukang geus tiwas basa ngaliwat ka lintasan
karéta api nu euweuh palangan. Sakilat karéta nu keur nyemprung téh
nenggel pisan kana mobil anjeun. Taya nu nyésa. Mobil anjeun remek,
sarta sirah anjeun baloboran ku getih. Saharita sukma anjeun tuluy ngabelesat ka langit.
Apal
sotéh sanggeus dibéjaan ku Kang Yoséf, beubeureuh anjeun. Barang srog
datang téh anjeun geus ditalkinkeun. Harita kuring hayang pisan ningali
beungeut anjeun, da puguh ka sobat dalit. Antaré naker samping kebat
palebah beungeut anjeun disingraykeun. Naha atuh bréh téh panon anjeun
bet mélétét nojo pisan ka kuring!
Atuh puguh kuring ngaranjug ningali paneuteup nu maot sarupa kitu.
Sanajan mélétét, tapi panon anjeun téh bet asa seukeut tur leleb
karasana. Gancang samping kebat téh disimbutkeun deui. Laju kuring mulang rurusuhan.
Sanggeus
tujuhna, teu nyana saeutik gé Kang Yoséf wakca hayang mileuleuheungkeun
kuring, atuh kuring teu wasa nolak. Cenah éta,
Kang Yoséf ayeuna geus jadi kabogoh kuring, nya lumrah baé asana. Kapan
ti baheula gé urang tiluan téh geus sosobatan. Ngan bédana anjeun mah
geus hahadéan jeung Kang Yoséf. Tapi keur kuring mah teu ieuh jadi asa
kararagok. Prah baé sakumaha biasana nu sosobatan. Kuring ka Kang Yoséf
geus asa ka lanceuk, kitu deui Kang Yoséf ka kuring geus teu asa-asa
ngaku adi. Sok sanajan teu bisa dibubuni, harita kuring gé geus
kaancikan rasa nyaah nu leuwih batan ti kanyaah adi ka lanceuk.
Méta..... mun anjeun teu suka Kang Yoséf jadi kabogoh kuring, pék ayeuna kénéh
geura bawa Kang Yoséf ka alam anjeun, alam padang poé panjang. Kuring
ihlas, teu geuneuk teu maleukmeuk. Batan kalangkang anjeun hantem baé
ngaririwaan.
***
Kerejet! Manéhna ngerejet, leupas tina lamunanana. Ambekanana masih rénghap-ranjug cara tadi, ngahégak. Bangun nu tas nyorang lumampah jauh.
Ti
dinya mimitina kalangkang sobatna mindeng ngalangkangan sarta
ngaririwaan dina saban impian-impian riwan manéhna. Sanajan manéhna
apal, yén sakabéh roh mah moal aya nu bisa ngaririwaan. Tapi kasieun
mah angger teu bisa dihulag disisieuh.
Isukna
jul-jol nu ngaralongok, rabul nu ngalilipur.
Baraya jeung sobat-sobatna milu ngabeberah nu keur gering pikir. Malah
nepi ka aya nu natambakeun jeung tatapa di luhur para sagala. Tapi ku
manéhna mah geus teu kapaliré deui. Kasakitna beuki parna baé.
Sanggeus nu ngalongok marulang, teu euleum-euleum manéhna ngagerendeng sorangan.
“Sing carilaka, siah!” pokna ka nu geus ngaralongok manéhna.
Tuluy gaur baé manéhna ceurik bangun nu midangdam.
“Dosa aing téh dosa, Gusti…………” pokna deui.
Manéhna
beuki kasiksa ku pamolahna sorangan. Rasa dosa ngalangkangan dina
pikiranana. Kalangkang sobatna
nu mindeng ngaririwaan mah geus karuhan. Kawuwuh ku pamolahna nu
ngadu’akeun cilaka ka batur. Komo nepi ka sieun ku sora adan mah,
manéhna teu pisan-pisan hayang. Da saenyana manéhna geu teu apal ti mana
datangna éta kereteg hate goréng kawas kitu téh.
Nepi
ka reup peuting manéhna masih gulinggasahan. Sanggeus waktu cunduk ka
tengah peuting kakara manéhna bisa ngalenyap, kitu gé ngan sakerejep.
Antara kaayaan sadar jeung teu sadar, manéhna asa hudang tina jero
impian. Manéhna kahudangkeun ku sora nu keketrok kana pantona.
Haténa sabil, antara rék mukakeun panto atawa nuluykeun saré. Ngan
sanggeus ngadéngé nu keketok téh uluk salam, gasik manéhna muru lawang
panto.
“Kang Yoséf?” pokna semu héran.
Nu
ditanya ukur unggeuk. Ngan bet asa aya nu robah dina paromanna, ayeuna
mah beungeut kabogohna asa pias. Sarta itu deuih bet mamaké pakéan sarwa
bodas.
Gap,
leungeun manéhna dicekel. Manéhna teu bisa nongtak, da puguh asa
kasirep ningali kabogohna nu robah saperti kitu. Kawantu manéhna keur
dina kaayaan nu sakitu ripuhna, nya asa ditulungan baé, aya batur geusan
pamuntangan.
Di buruan geus nyampak mobil beubeureuhna. Blus, duaan arasup. Geuleuyeung mobil téh ngalaju teuing ka mendi.
Kaayaan
karasa simpé pisan. Di sapaparat jalan teu katémbong kandaraan
hiji-hiji acan. Padahal karék jam salapan peuting. Sasarina gé wanci
sakitu
mah sok aya kénéh kandaraan nu ngalalar meuraykeun jemplingna peuting.
Sarta itu kabogohna ti tatadi téh ngan mindel baé, teu lémék
sakemék-kemék acan.
Teu
kungsi lila gé mobil nu mawa dua insan téh geus anjog ka statsion.
Statsion nu geus awor jeung sagala rupa nu ngaririwaan dina pikiranana.
Manéhna beuki hémeng baé, naha beubeureuhna bet los-los mawa manéhna ka
statsion.
Kasampak
di dinya geus aya karéta nu keur eureun. Tapi bet euweuh nu turun
hiji-hiji acan. Dalah nu ngajanteng di éta statsion gé ngan manéhna
jeung beubeureuhna hungkul.
Leng,
ingetanana mabur ka mangsa-mangsa nu kungsi kalarung. Éta karéta asa
kungsi dalit jeung manéhna. Pulasna, jumlah gerbongna, sarta sora
hatongna, manéhna inget kénéh. Sanajan loba karéta nu sarupa kawas kitu,
tapi karéta nu éta mah kungsi namper dina lelembutanana. Enya, éta
karéta téh kungsi mawa manéhna katut indung jeung bapana nyaba ka dayeuh
basa manéhna keur budak.
Gap,
pigeulang leungeunna dicekel deui, pageuh pisan. Regenyeng dibetot
geusan muru panto karéta. Kalacat duaan naék. Barang sup ka jero,
kaayaan téh bet beuki ahéng tur pikakeueungeun baé. Panumpang dina éta
gerbong kabéh rampak maraké pakéan nu sawanda jeung beubeureuhna, pakéan
sarwa bodas. Kétang, boa lain di éta gerbong hungkul, di gerbong séjén
gé boa sararua kitu.
Manéhna
teu wani cacarita atawa tatanya, sabab kasieun jeung kamangmang nu ti
baheula ngancik dina dirina téh bijil deui, malah leuwih pohara
karasana.
Geuleuyeung
karéta téh ngalaju. Mimiti mah mémang karasana masih lalaunan. Tapi
beuki lila beuki tarik tangka karasa nyemprungna pisan. Leuwih tarik
batan biasana. Lampu-lampu jeung tatangkalan gé ngan ukur témbong
kokolébatan.
Blus karéta téh laju norobos kana torowongan.
Barang kaluar ti torowongan gé geus anjog deui ka hiji statsion. Duka teuing statsion mana. Manéhna teu pati sidik.
Tina
kaca jandéla, katingali indung jeung bapana keur ngajanteng di éta
statsion bari nyérangkeun ka manéhna, sarta itu sobatna, Méta, bet
sarua keur nangtung gigireun indung jeung bapana. Tiluanana mamaké
pakéan sarwa bodas. Paneuteup tiluanana bangun nu bagja jeung
ngabagéakeun.
Katémbong Méta nu sirahna baloboran ku getih keur gugupay ka manéhna.
***
Mangle No. 2340
Mangle No. 2340
Nu Nulis,
Prayoga Adiwisastra
Mahasiswa Jurusan Pend. Bahasa Daérah UPI
Alumni Béngkél Ngarang Sunda
Tidak ada komentar:
Posting Komentar