Tampilkan postingan dengan label Fiksimini. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Fiksimini. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 14 Juli 2012

Fiksimini Darpan

Kebon Awi 7

Jalan satapak di kebon awi, nyagak. Ngenca jeung ngatuhu. Hena jeung Nyimas kudu pisah. "Euceu kudu balik. Hampura teu bisa jajap," ceuk Nyimas. Hena imut leutik. Ret ka daun-daun awi nu marencos, seahna atra pisan. Pokna, "Saha nya Ceu, nu boga ieu kebon ayeuna?" Nyimas maledogkeun teteup ka jauhna, "Pami teu lepat mah Ki Imron." Hena nanya deui, "Ari urang harita tepang sareng kang Hijar teh di mana nya?" Nyimas teu berag ditanya kitu teh. Pokna, "Omat pikanyaah kang Hijar, sapertos Euceu nyaah ka anjeunna." Hena ngarenghap, pokna, "Mun lain Kang Hijar, abdi piraku tega ngarebut ti Euceu." Nyimas laju ngaleos, teu nembal, ninggalkeun Hena nu matung di tengah kebon.

Fiksimini Darpan

Kebon Awi 6

"Sebatkeun barang nu pangdipikaresep ku Aang," ceuk nu awewe bari nyenderkeun taktakna ka lalaki nu keur ngalageday dina sofa, di coffee-corner hiji mall. Waltz ngagalindeng dina loudspeaker. Nu lalaki nyuruput coffeefloat. "Lambey salira," tembalna. "Sebatkeun nagara mana anu ku Eulis hoyong dianjangan," pokna deui. Nu awewe imut kareueut, tuluy ngaharewos ditompokeun, "Nepal... Ayeuna sebatkeun tempat nu pangromantisna numutkeun Aang." Nu lalaki peureum, siga nginget-nginget hiji tempat. "Kebon awi," pokna. Puguh bae nu awewe kerung, "Naha?" Nyah nu lalaki beunta sabada lila teu nyoara. Atra na panonna ngembeng cimata. Pokna, "Waktos karek brol, Aang ditinggalkeun sosoranganan di dinya...."

Fiksimini Darpan

Kebon Awi 5

Sajolna oge langsung mariksa gambar proyek. "Geus sabaraha persen nu anggeus?" pokna ka mandor. Mesin budoser ngaguruh. Dangdut ngagendrung. Kekebul mumbul. "95 %. Kantun kebon awi di payun," tembal mandor bari nunjuk kebon awi nu rada nonggoh. Manehna nelek-nelek kebon awi nu dituduhkeun. Kerep, hejo, iuh, ngaberes leunjeuranana, seah dangdaunana. Manehna muka helm proyek, siga kasirep, panonna manco siga manggih anu aneh. Laju ngadeukeutan kebon awi, halon. "Paehan mesin!" manehna ngagorowok ka supir buldoser, ngabagug satilu-tilu, keur ngagarap pematangan lahan jalan tol nu geus nepi ka kebon awi. "Paehan!!!" manehna nyentak. Laju sepi, dangdut teu muni. Angin ngahiuk, kekebul nyingray. Breh kebon awi, beuki atra. Hear daunna, seah ku angin. "Bet siga di kuburan Ema...." pokna, semu ngaharewos.

Fiksimini Darpan

Kebon Awi 4

Rebun-rebun keneh. "Manawi kawidian, Jang, Emang menta awi saleunjeur," pokna ka nu boga kebon. "Tuar bae, Mang. Pek milihan," tembal nu boga. Leumpangna beda ti sasari, teu nangan pisan. Bedog ngampleh bae dina leungeun nu ngarorongkong. Ku panasaran, nu boga kebon nyusul. Kasampak nu nuar awi teh geus nyiksrikan regang jeung mamata. Kolokop pabalatak. Alum pisan. Etah, panon ge rambisak. "Ku naon ari Emang?" ditanya kitu kalah ngabetem. Seah dangdaunan. "Bisi teugeug teuing tadi kuring nembalan, hampura." Manehna ngagisik panon ku tonggong dampal leungeunna. "Henteu Jang. Emang butuh padung keur Si Bungsu. Langlayeuseun ti magrib keneh. Ari janari, bet geus teu ngarenghap deui..." Teuteupna dibaledogkeun kana pucuk-pucuk awi nu gugupay.

Fiksimini Darpan

Kebon Awi 3

Gurudag ka kebon awi. Duanana renghap ranjug. "Naha da geus lila ge tara aya razia ka jembatan teh. Kasebelan!" nu dibaju koneng murukusunu, bari nyeungseungkeun BH nu diganjel busa. "Mangkaning ieu nu indung," ceuk nu dibaju hejo bari ngaragapan erok terusan nu rangsak ku tunggul bitung. Purnama ngambang dina pucuk-pucuk haur. "Lumpatna mah ka dinya, batrean!" aya nu ngagorowok. Nu dibaju koneng muriang ku merang nu retep dina peupeuteuyan. Nu dibaju hejo tipepereket kana buku bitung, teu miduli mamata nojosan dampal leungeunna. Geblig, korosak, sora sapatu lars ngadeukeutan.

Fiksimini Darpan

Kebon Awi 2

Jamparing ngabelesat di antara gombong nu tingpelentung. Hanjakal boroan nyingcet ka dapuran nu rada kerep. Ari ringkang, boroanana geus ngaleupaskeun deui tali gondewa, jamparingna tanding angin ngincer manehna nu nyalindung dina gombong doyong. Mun teu gancang ngagiwar tangtu leungeun katiir. Ruruhit jamparing nurih kolokop garing, rangsak. Nyaan, Aang luluasan, gerentesna. Ramona nu lencop narik deui jangjang nu geus dipasang na tali gondewa. Reup, renghap. Reketek tali dipentang. Sakilat luncat, awak lempay diragragkan bari ngaleupaskeun jamparing nu kadua. Ruruhitna nanceb pisan kana puhu leungeun boroan nu teu kaburu ngagiwar, bru ninggang iwung nu renung. Alon ku manehna disampeurkeun. Lawon bodas nu dipake nalian gelung jucungna ririaban. Reketek jamparing nu katilu dilelempeng, ayem, ditojokeun kana jajantung lalaki boroanana nu muringis renung kesang. Pokna, "Ang, ieu cinta abdi nu panungtungan."

Fiksimini Darpan

Kebon Awi 1


Hear daun, seah di kebon awi. Manehna ngaharewos dina HP, "Abdi tos di kebon awi." Panjang cacarita, bari lajag-lejeg dina amparan kalakay, dina iuh-iuh kebon awi. Tiung gandolana nu disampaykeun dina taktak, sakapeung ngelebet ku angin. "Ku naon atuh teu yasa sumping? Dangukeun geura, Mozart, Bach... Tarawangsa? Mangga." Recet manuk haur. Tonggeret ngear di gawir. Langit bulao. Gek manehna sila di satengahing kebon, leungeun kencana ngucel tungtung tiung. Sakapeung imut, sakapeung panonna ngulincer ka congo-congo awi nu tingpelenoy. "Saur saha? Ah Aang mah..." Nepi ka wanci tunggang gunung, anteng teteleponan. Lanceukna nu nyerangkeun teu jauh ti dinya ukur beueus ku cipanon, bari ngeukeuweuk batre hape jeung kartu sim, nu ngahaja dilaanan tina HP nu keur dikeukeuweuk ku adina.

Selasa, 10 Juli 2012

Fiksimini Ari Andriansyah

                                            Potrét


Angin peuting. Angger ngahiur. Nyulusup kana sesela jandela kamar. Buku-buku ngabigeu. Calana jero. Kasur lagedu. Gegedoh. Kuntung. Hégak érloji. Gurilap balati. Katut katineung nu ngalumbruk dina ingetan. Hareupeun témbok. Teuteupna anteb. Ngaderes rupaning potrét. Potrét wanoja nu saules jeung pulas impian. Norah kalangkang lebah pigura lawas. Aya nu terus ngaruhit dina batinna. Tapi nu wakca saukur imut. Imut leleb. Imut nu kungsi nyangkalak mangpirang liliuh soca. Leungeunna ngalelebah malu paku. Laju ngarongkong potrét anyar. Diteuteup deui. Rét ka waruga wanoja gigireunna. “Sarimbag...” Sorana. Haroshos. Nyéh imut. Biwirna. Piligenti. Neueul kana potrét. Netel kana ambucuy wanoja. Diseuseup. Kareueut. Taya nu usik. “Nu kasalikur...” Sorana. Beuki haroshos. Nyéh deui imut. Laju nyéka getih nu lamokot dina beungeutna. Potrét nambahan dina témbok. Keureutan bugang tarapti dina koper. Angin peuting. Angger ngahiur. Nyulusup kana sesela sukma.

Fiksimini Aditia Gunawan

                            

                       Bagavad-gita


“Héy putra Kunti! Mangka iyatna! Sadaya bagja katut cilaka ukur saheulaanan. Lir bagantina usum. Nu saéstu, ti bihari baring supagi, taya saurang nu ilang di antara urang. Kurawa atawa Pandawa. Inget! Rayi téh nyanding gelaran satria. Ksat téh nganyenyeri, trayaté téh nangtayungan. Nangtayungan darma najan kudu ngarah pati, hakékatna. Geura pentangkeun gondéwa! Puseurkeun kana tujuan anu mulya!”
Mireungeu Kresna tatag sasauran, Arjuna ngeleter binarung ketir. Ras ka Dorna jeung Bisma. Guru sepuh nu jaradi musuh.
“Kang Rayi émut kana piwulang Sang Resi Dorna nalika diajar manah manuk?”
“Yaktos, Kakang Prabu!”
“Di antara paraputra Pandu, kapan mung Kang Rayi nu kasinugrahan seukeut paneuteup? Kapan Kang Rai nu ukur mencrong kana hulu manuk basa mentangkeun gondéwa, saheulaanan dulur-dulur Kang Rayi panénjona meléng kana pangpung, kana tatangkalan nu ngarandakah, ka sanak baraya, kana sakur pangbibita? Sawadina Rayi seukeut ngalenyepan maksud Kakang.”
“Sumuhun Kakang ... tapi saéstuna harita téh Rayi ngemu rusiah nu tacan kakedalkeun.”
“Balaka, Partha, balaka!”
“Sajaba huluna téh, Rayi ningal panonna, tur tina panonna katémbong cai nu ngembeng.”

Fiksimini Prayoga Adiwisastra


                                                          BIHARI
Sardi terus maluruh tapak reujeung lacak tengahing kelemeng lulurung gang. Nyusud-nyusud nu geus lawas nilar imah tur haténa. Gegedoh kasono jeung kamelang geus lawas namper dina haté jeung pikirna. Sardi teu ieuh hayang mulang deui ka mangsa bihari. Enya. Mangsa nu mawa manéhna nyorang kahirupan nu éstu nunggelis, jauh ka sintung kalapa. Taya geusan pamuntangan sapisan.
Leungeunna masih ngeukeuweuk poto indungna mangsa keur ngora. Lebah tungtung gang, samar-samar katénjo jirim nu keur ngalulungsar. Awéwé. Rét kana poto indungna, persis pisan.
"Ma, Ma Ani, ieu anak Ema!" Sardi teu kaampeuh ku kasono.
"Bener kuring Ani, tapi kuring can boga anak!" témbal éta awéwé.
Sardi ngerejet. Leng, ngaheneng sajongjongan. Tungtungna manéhna sadar, yén dirina keur kasarung dina alam saméméh dirina kumelendang. Alam bihari.
"Kaluarkeun aing ti dieu!"
Jorélat, Sardi natit muru alam kiwari.

Minggu, 03 Juni 2012

Fiksimini

Iman Nurdin

Lalakon Kuring 
Mencrong! Paneuteup anteng mencrong si Somad nu geus ngababatang. Si Somad anu geus ngarogahala Santi, anakna sorangan.
Dipencrong! Jasad nu teu walakaya dipencrong. Leleb nepi ka ngendag-ngendag puseur jajantung. Ngendag-ngendag hulu angen.
Disilét! Jasad nu ngababatang disilét. Beuteungna dibedél. Eusina kalaluar. Bacacar.
Mencrong! Paneuteup mencrong sipir penjara nu kamari néwak kuring.
Anteng! Sipir penjara anteng maca koran poé ayeuna. Warta lalakon kuring.
"Lagi. Seorang pemuda membunuh ayah kandungnya."
(Iman Nurdin - Mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah, UPI)