Tampilkan postingan dengan label Sajak. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sajak. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 14 Juli 2012

Sajak Ari Andriansyah


SURAT SALAMBAR SAJAK

Tina seuseukeut simpé
Tina sataranjang raheut jeung kapeurih
Kecap-kecap ngabayabah giblegan getih
Ngabatu jadi ruruhit pati
Rangseb ngajamparing wanci

Arjasari, 2007


SURAT SAGARA
-Surat lawas keur Acéh-

Ka mana deui léngkah téh tujulna?
Lana temen raga kapahung leungiteun usum jeung halimun
Sabada lambak ngaremkeun raranggkang sarakan
Malidkeun purnama jeung matapoé

Di dieu, di lebah lilindu hahangit langit
Saban raga teu reureuh nyusud windu-windu nu lawas kakubur
Ti bugang ka bugang, rarangsak rasa, bangkarak harepan
Katut réwuan aweuhan jerit nu kakubur sarah cimata

Sajak Rudi Riadi

SAJAK TEPUNG TAUN

 

Peunggas deui, peunggas deui
Dina hégak nu sarua, dina napas nu éta-éta kénéh
Tapi panon teu bisa dibobodo
Ngarambat jadi buuk nu kulawu
Jeung tulang nu mimiti regas.

Hiji-hiji tangkal mangsa dituaran di kebon umur.
Nu nyésa ukur kalangkangna nu teu kungsi sirungan
Ijroil teu weleh getén ngalongokan.
“Mun teu ayeuna nya isukan giliran anjeun..”
cenah bari ngabar ragaji wanci.


Sajak Darpan

Cimata Mavi


Mun seug éta pélor nembus hanalam
Kuring moal rék midangdam kanyenyerian
Tapi ménta piara acining kamanusaan
Ulah dikotoran, lantaran éta téh sosoca urang

Mun ieu kapal dikaremkeun sakalian
Kuring rék ngaiklaskeun amarah milu kelem
Ngan poma ulah miceun haté nu beresih
Lantaran éta téh hiji-hijina jalan asih

Kuring geus netepkeun ieu nyawa nu ngan hiji-hijina
Rék ditumbalkeun keur saha baé nu miduli
Yén di Tanah Gaza aya baraya jenuk
Nu tingkeleter nyawana ditodong laksa ririwa
Sepa mamaras dikerekeb kakeueung

Ieu cimata kuring, cimata Mavi Marmara
Moal lantis ku panasna pélor kagangasan
Saméméh nepi ka Tanah nu ditandasa
Pikeun nacebkeun jatina rasa manusa

Mei, 2010

Sajak Darpan

Beja keur dr. Rossa

sapertos waos nu ku salira sok diparios
lembur urang nuju koropok ku ulam
kedah ditambal atawa dicabut sakantenan
supados ulah teras nyanyautan

hanjakal salira tos tebih
teu kantos nyaksian kota rujit ku ririweuh
emut kana piwuruk tina lambey nu beueus
supados ieu karang waos dipapras

abdi teu kabujeng beberesih karang waos
da karangna nyebar ka mamana
ka kantor partai dugi ka kas dinas
kaambung hangru tur matak hanyir

pulitisi teu sapertos dokter gigi
marios ku ramo lemes bari taliti
aranjeunna tega ngabungkem taya rasrasan
teu miduli musuhna tos teu waosan

aya gigi bungsu nu malang dina gugusi
akarna di lembur huluna nyangked di Singapur
saenggalna kedah dioperasi

Selasa, 10 Juli 2012

Sajak Ari Andriansyah

PANGBÉROKAN


Sihung-sihung waktu ranggéténg ngégélan implengan
Sajeungkal-sajeungkal kérépés umur diruang rumasa
Bréh, raratan carita ngepung watangan tineung
Di dieu ukur simpé
Di dieu ukur peteng
Karisi teuing ku lantip ngukuntit usik
Harepan leupas ti rénghap ka rénghap napas

2007


PANARUBAN

Sésa hujan masih kénéh juuh di sapanjang jalan
Lalaunan geter angin ngadalingdingkeun ruruhit jempling
Beungeut lembur bangun langgeng diharudum halimun
Sedeng héab katiga geus lawas kiwari kari beueusna
Di antara lewang jeung kasimpé nu tigin ngaranggeum waruga
Lalampahan beuki lampar néangan sésa umur nu maluguran

Sajak Kiki Pratiwi

KALANGKANG INDUNG

Ukur kalangkang nu némbongan ‘na ieu eunteung
Nu ngadon gugupay mapay jemplingna peuting
Palangsiang nu diacung-acung ngan balati
Bareng jeung instrumentalia dangding suwung
Nu ceunah warnaning tineung
Gelas jeung rupaning anggur midangkeun kapireu ungkara asih anjeun

Lalaunan tétés demi tétés getih kumolocor
Geuning réma anjeun jeung balati ngusap ieu pameunteu

Anjeun ukur kalangkang jeung dimana téa?
Padahal ieu raga baris ngalalantis sono
Kapan can kungsi anjog ‘na lahunan

Satengahing waktu anteng nyidem tatu
Rumanggieung ngukir lukisan anjeun
Indung, salira teu weléh atra!

Bandung, 2011

Manglé No. 2319


Kiki Pratiwi, lahir di Ciamis. Mahasiswa Jurusan Pendidikan Basa Daerah, UPI Bandung entragan 2009.

Sajak Ari Andriansyah


RANJANG PANGANTÉN

Peuting luminjing
Kalakay waktu detikna teu kungsi kacatet
Ukur sora haréwos nu nungtut muguran
Jeung haroshos napas tina rekét nu pamungkas
Lalaunan jamparing rangseb ti rénghap ka rénghap

Arjasari, 2008



PENTAGON

Peuting deui nu ngauban
Sanggeus ringkang ngararangkang dirérab héhéab beurang
Di dieu saban raga balitungan jeung karémpan séwang-séwang
Perkara lalakon nu tacan kasorang atawa impian nu terus ngalangkang
Tapi bet jempling jeung jempling deui nu ngantengAntara tungtung tutugan lembur jeung gapura kota nu beuki kosta
Kalimah demi kalimah, kecap demi kecap, rénghap jeung léngkahna
Nu ku urang salawasna diacungkeun dina réwuan peureup,
Kélébét bandéra, bébér spanduk, lambaran poster, gorowok megaphone,
Galantang mangpirang sora, jeung beulitan lawon beureum dina sirah
Harita geus jadi milik maranéhna

Sajak Deri Hudaya


Sajak Roko

Ieu ketak lir haseup roko
Nunutur bujur angin kamana boa
Mangpirang lolongkrang ngabangkarak
Pagaliwota reujeung kekebul dunya
Tinggal kuntung kaduhung
Anu nanceb mangrupa tetengger



Sajak Tukang Dagang


Hiji jalma maké papakéan ruwak-rawék
Lumpat tibabaranting. Manéhna nyorowok
Mapakan gerungna mesin-mesin citakan duit:
“Gera beuli dagangan kuring.
Baju hideung, calana hideung, sarta payung hideung.
Pangéran geus maot tadi peuting. Nalika bulan keur
Meujeuhna molotot. Gera beuli dagangan kuring!
Naha moal nyekar?”
Manéhna ngiles tina tungtung teuteupan,
Nyorang pudunan. Nuju lemah pajaratan.

Galura, 1 Mei 2011

Sajak Ari Andriansyah

BANDUNG-TANGERANG

Teuing ku pias srangéngé meleték dina kaca jandéla
Basa urang teu reureuh-reureuh ngitung pudunan milang tanjakan
Sedeng méga teu katangén ngaléosna sanggeus kabeledig angin
Sapanjang jalan, jalan panjang rumingkang ringkang karingrang
Beus geus jauh mangprung mubus lulurung-lulurung beurang
Sakolébat mangpirang pasir jeung mumunggang ditilar poé
Tapi urang angger padungdeng ka mana nya pangjugjugan?
Lambaran gambar kakelar horéng rocét ku warna-warni pulas mangsa
Taya nu bisa diguratkeun iwal ti bangkarak jirim sorangan jeung sesemplékan
Rasa nu raca. Urang meureut deui késang, meureut deui cimata
Pikeun ieu lalampahan nu lawas béakeun léngkah

Sajak Lugiena De

DI BALONG ISOLA

Ngeunteung na beungeut cai
Kajeueung deui mangpirang ceda bihari
Jeung saniskara tatu nu hamo walagri
Rupa beungeut angger raca
Najan rasa nu kungsi balitunganana

Na beungeut cai néang tangtungan
Bet raga badag nu angger ngalangkangan
Jeung ledrekna raratan sorangan
Sedeng satukangeun ulat cai nu ayem
Weléh teu kaimpleng naon anu disidem

2007

Sajak Aditia Gunawan


kertas
pilakadar nilepan kertas jadi parahu
masrahkeun angkleungna kana kamalir cai
kana usum nu dideres cacarakan
kana sawal nu mulangkeun ka sarakan

pilakadar nilepan kertas jadi kapal
masrahkeun apungna kana getas jangjang
kana hiuk angin nu haroshos
kana palintangan pamayang

pilakadar nilepan kertas jadi lain nanaon
ngalakaykeun pirang-pirang kotrétan lawas

2012

Senin, 09 Juli 2012

Sajak Prayoga Adiwisastra


SANGGEUS LUNTA

Anjeun nu gugup ngaranggeum bulan plastik.                      
Bet sungkan deui icikibung, pagilinggisik. 

Sanggeus diri lunta nyampurnakeun nasib.
Kalah jauh kalebuh na sagara getih.

Batan tangtungan  tingbeletuk dirérab beurang.
Anjeun kebat ngiuhan handapeun jambatan.

2012

Mangle No. 2376