Selasa, 28 Agustus 2012

Éséy Hernisa Agustiani Nugraha


Nu Harayang Dihargaan, Nu Darpan Ariawinangun

Nu Harayang Dihargaan nya éta carpon karangan Kang Darpan Ariawinangun. Nu kungsi dilélér Hadiah Sastra Rancagé1 dina taun 1998.
Carpon ieu nyaritakeun patepungna dua lalakon utama nya éta Kardi jeung Ikah dina kayaan nu matak kentel ku amarah. Dina hiji peuting, keur aya kariyaan Dombrét. Domrét téh mangrupa salasahiji kasenian nu biasana aya di wewengkon pasisian. Dombrét biasana diayakeun dina usum panén hasil laut, pikeun hiburan para pamayang nu tas capé ngalaut.
Dicaritakeun Kardi nepungan Ikah nu keur ngadombrét bari napsu, siga hayang ngabudalkeun kaambekna. Sabada Ikah kaluar ti kalang tuluy dangdan deui, datang Kardi noél Ikah ti tukang. Paroman Ikah ngadak-ngadak béda, ngagambarkeun kaceuceub ka nu noél tadi. Ti kariyaan, Ikah dibawa ka tempat nu rada singkur tur poék. Didinya duanana pada-pada ngabudalkeun kaambekna séwang-séwangan.

Perkarana nya éta Kardi nu hayang midingan kahormatan kulawargana, éraeun pédah kalakuan Ikah nu ngalampahkeun hal nirca, kucara ngadombrét kateumbleuhkeun ka kulawargana haji Somad, bapana Kardi. Ikah nu ngarasa geus seubeuh ku panghinaan batur komo ku Kardi, urut salakina mah ngarasa teu salah rék ngadombrét di lembur éta ogé. Sabab manéhna teu wasa balik deui ka lemburna sorangan, pédah baheula ogé Kardi meunangkeun Ikah téh kucara nu matak wiring kolotna Ikah.
Ditempat éta kardi jeung Ikah pada-pada ngagorowokeun eusi haténa nu harayang dihargaan. Kardi hayang kulawargana dihargaan batur, kitu ogé Ikah nu hayang hirupna dihargaan batur najan ceuk manéhna mah kajeun dihargaan saharga runtah di jarian ogé. Dina tungtung caritana di gambarkeun yén nalika Ikah balik deui ka tempat ngadombrét, beungeutna geus barengep. Teu nolih sabudeureunna, Ikah laju beuki mijah ngadombrétna nepi ka ngarampayak, ngagubrag kapaéhan.
Tah kitu meureun gurat badagna eusi carpon Nu Hayang Dihargaan téh. Saupama disawang mah sigana ieu carpon téh midangkeun téma sosial, nya éta rasa hayang dihargaan ku batur. Nitenan pawatekan tokoh-tokohna, écés yén sakabéh  palaku boga watek hayang ngeunah sorangan, teu mikiran batur kumaha. Kardi nu keukeuh hayang kulawargana dihargaan, teu paduli ka Ikah nu ogé hayang dihargaan. Kitu deui Ikah, Pa Haji Somad, atawa si Abang bos dombrét pada-pada mentingkeun kahayangna sewang-sewangan. Bisa katitén dina sempalan ieu,
1Hadiah nu dibikeun ka jalma-jalma nu dianggap mere jasa pikeun kamekaran
Basa jeung Sastra Sunda. Hadiah ieu dihadiahkeun ku Yayasan Kebudayaan Rancagé
nu diadegkeun
Ku Ajip Rosidi, Erry Riyana Harjapamekas, Edi S. Ekajati, jeung inohong lainna.
 
“cing atuh rék ngadombrét mah ulah di lembur ieu. Di lembur sia kéh di ditu! Ngéra-ngéra baé kulawarga aing.” Ceuk Kardi bari tutunjuk.
Atawa sempalan-sempalan nu ieu,
“… ingetkeun ku sia, Si Ikah ayeuna mah moal rék ngadéngé omongan batur! Aing geus teu sudi dijejeléh. Hirup aing seubeuh teuing dihina ku batur. Aing ogé boga harga kénéh deuleu, najan harga aing ukur saharga runtah dina jarian…”
gelis balik maning ya. Aja gawé melang inyong!” (si Abang bos dombrét)
            Salian tina pawatekanana, ogé tina setting ieu carpon katitén écés yén ieu téh nyaritakeun kahirupan urang pasisian nu pakasabana rata-rata jadi pamayang. Lian ti éta ogé dina carpon ieu bisa méré kaweruh ka nu maca yén tradisi dombrét téh diayakeunna tipeuting. Sabada nitenan perkara-perkara diluhur, komo bari urang ngarti kana jalan carita nu digambarkeun ku pangarang, urang bisa metik amanahna nya éta saacan urang ménta pangharga ti batur urang ogé kudu bisa ngahargaaan heula ka batur.
Kasang tukang pangarang ogé mangaruhan kana ieu carpon nya éta tina jihat idé carita ogé tina jihat gaya basa. Ide carita nu ngangkat kahirupan dombrét, luyu jeung kasang tukang asal wewengkon pangarang nya éta di Sungaiula, Cibuaya, Karawang Beulah kalér. Anu nurutkeun kaayaan géografis mah, émang mangrupa tempat nu cocog ayana kasenian dombrét.  Ogé tina gaya basana anu teu lumrah jeung karya sastra pangarang séjén, nuduhkeun yén Kang Darpan miboga gaya has anu mandiri nya éta réana basa wewengkon dina ieu carpon.
Gaya basana nu samodél kieu nu ngalantarankeun, carpon “Nu Harayang DIhargaan” karangan Darpan Ariawinangun ieu dilélér Hadiah Sastra Rancagé. Dianggap punjul sabab carponna nuduhkeun cirri mandiri dina basana. Mandiri didideu nya éta gaya hasna Kang Darpan nu make basa teu saluyu jeung kabiasaan masarakat anu sopan. Hal ieu moal ahéng saupama urang nyawang deui karya sastra nu gelar dijaman harita. Karya nu gumelar di alam harita nya éta karya anu basana lemes tur sopan ogé leuwih nonjolkeun hal-hal kaéndahan. Nalika ieu carpon dipidangkeun ka masarakat, sigana ieu carpon téh bisa méré hawa nu béda. Hawa nu matak soak, tapi ogé matak resep macana. Tapi enya ogé kitu, lain hartina Kang Darpan salasahiji pangarang anu babasaanna goréng. Buktina ka-hasanna dina nulis carponna beuki ngeyeuban deui warna lokal dina sastra Sunda.
Tehnik midangkeun jalanna carita ogé matak jadi hal anu nyieun kapunjulan dina ieu carpon. Konflik nu diwangun ampir disagemblengna carita dina ieu carpon anu satuluyna dipungkas ku ahir nu matak ngajawab kapanasaran nu maca. Kusabab konflikna geus dipidangkeun ti mimiti kénéh, nu maca jadi leuwih kabawa émosi dina caritana. Tapi sabada ninggalkeun paragrap anu midangkeun konflik éta, nu maca siga nu dibéré kapanasaran kana patalékan ‘kumaha tungtungna, naha tuluy gelut atawa henteu? ‘ jeung ‘kumaha satuluyna nasib Ikah jeung Kardi?’. Patalékan-patalékan éta bisa kajawab dina pungkasan carita carpon ieu. Tehnik samodél kieu nurutkeun kuring mah, tehnik anu  mere kejutan.
Tangtuna waé salian ti euyeubna paktor nu nyababkeun kaonjoyan ieu carpon, aya perkara anu saeutik jadi kahéngkéran dina ieu carpon. Gaya basa anu ‘kasar’, nu ngajadikeun carpon ieu punjul ogé matak bisa jadi kahéngkéranna. Sabab teu bisa dihenteu-henteu yén warna anyar dina basana ieu nyababkeun nu maca jadi loba kerung. Hal ieu bisa waé ngurangan saeutik kani’matan dina maca carpon ieu.
Jadi intina ieu carpon téh émang pantes meunangkeun Hadiah Sastra Rancagé sabab réa punjulna komo dina basana anu méré warna anyar dina euyeubna Sastra Sunda. Tapi ogé hal ieu matak jadi batu nu ngahalangan pikeun nu maca, komo lamun nu macana teu boga pangalaman maca nu cukup.





 
Didugikeun dina sawala mingguan Turus


Tidak ada komentar:

Posting Komentar