Kritik Sastra Roman
“Mercedes 190” Karya Muh. Rustandi Kartakusuma
Mercedes
190 mangrupa roman karangan Muh. Rustandi Kartakusuma. Saméméhna mah Muh.
Rustandi Kartakusuma mimiti muncul dina kasusastraan Indonesia. Kungsi
medalkeun kumpulan sajak nu nepi ka kiwari mangrupa salasahiji kumpulan sajak
pangkandelna, nya éta Rekaman Dari Tujuh
Daerah (1951). Lian ti kumpulan sajak, Muh. Rustandi Kartakusuma kungsi
medalkeun hiji drama dina wangun sajak, nya éta Prabu dan Putri (1950), drama Semua
Putih Semua (1961) jeung skenario pilem Lagu
Kian Menjauh (1961). Tapi lolobana tulisan meunang Muh. Rustandi
Kartakusuma mangrupa éséy jeung kritik dina basa Indonesia sanajan kumpulanna
teu dibukukeun.
Aya
sababaraha perkara nu penting pikeun dititétanan dina ieu roman Mercedes 190. Nu mimiti nya éta ngeunaan
jejerna anu ngaguar ngeunaan kahirupan rumaja dina mangsa harita. Nu kadua
ngeunaan perkara éta ngeunaan plot jeung jalan carita. Nu katilu nya éta ngeunaan
sawangan atawa point of view anu
nuduhkeun jiga kumaha kaom rumaja dina mangsa harita dina ajén-inajén kahirupan
jeung asmara. Sedeng nu pamungkas nya
éta ngeunaan setting nu hadir dina ieu roman.
***
.
Barang
gok nalika munggaran maca geus karasa yén ieu roman miboga jejer ngeunaan
kahirupan kaom rumaja. Tokoh utama, nya éta Dudung nu miboga karakter borjuis tur playboy. Digambarkeun ku ayana Mercedes
190 nu dina mangsa harita dianggap mewah. Karesepna ulin néangan mojang nu genit tapi tungtungna kapincut ku
mojang nu ngaranna Néndén. Néndén mangrupa tokoh rumaja awéwé nu digambarkeun
salaku rumaja nu basajan, teu genit tur miboga prinsip. Dudung kabungbuléngan,
nepi ka ngudag Néndén. Néndén nu miboga prinsip teu kitu baé bisa narima playboy jiga Dudung. Aya sababaraha hal
nu jadi tinimbangan Néndén dina narima Dudung.
Nu
dicaritakeun dina ieu roman bisa jadi ngeunaan krisis kajiwaan nu biasa
karandapan ku kaom rumaja. Nu mindeng disabit-sabit dina dunya rumaja, nya éta
krisis identitas.
Krisis
identitas mangrupa hiji kaayan batin dimana hiji jalma sadar pisan naon saha
dirina jeung naon hayangna. Ngan lebah pangjurung laku lampahna manéhna teu
apal atawa teu sadar.
Lamun
diimeutan, tokoh Dudung kitu deui Néndén, tétéla keur aya dina kaayaan krisis
identitas. Tokoh Dudung nu digambarkeun playboy
tangtuna kalayan teu sadar paripolahna aya nu dipaju pikeun negeskeun naon
kahayang hirupna, kumaha mojang anu dipiharepna. Nya nalika panggih jeung
Néndén téa kakara manéhna sadar yén mojang jiga Néndén nu dipiharep bisa méré
katingtriman.
Kitu
ogé nalika Néndén bingung rék narima Dudung atawa henteu. Nu jadi tinimbanganna
nya éta kasang tukang Dudung nu geus kasohor salaku playboy.
Jejer
ngeunaan kahirupan asmara rumaja kieu memang mindeng katitén dina karya sastra.
Sanajan jejer sarupa kieu téh klise tur kadang satipeu tapi dina enas-enasna
ieu roman téh geus bisa nepikeun carita kalayan hadé. Tangtuna ieu patali jeung
plot ogé jalan caritana. Dina prakna, Muh. Rustandi Kartakusuma ngabuktikeun
yén Mercedes 190 mangrupa karya sastra nu dipikaresep ku masarakat sabab dina
mangsana taun 1982 disebut kungsi ngageunjleungkeun tur meunang pangbagéa nu
ramé ti masarakat. Ieu hal nandakeun yén ieu roman téh memang pada dibaraca ku
masarakat.
***
Ayeuna
urang ngaguar kana perkara anu kadua, nya éta nu patali jeung plot jeung jalan
carita. Numutkeun Duduh Durahman dina Sastra
Sunda Sausap Saulas nétélakeun yén nu dimaksud plot jeung jalan carita téh
teu sarua najan duanana boh plot boh jalan carita teu beunang dipisah-pisah.
Jalan carita mangrupa wadah atawa raraga pikeun plot. Pikeun nganyahokeun plot,
teu meunang jalan carita kudu kabandungan. Plot téh mangrupa hiji hal anu
ngalantarankeun timbulna hiji kajadian. Karya sastra anu mentingkeun jalan
carita wungkul bakal karasa kaku. Jalan carita kudu didukung ku sabab musabab
naon pangna nepi ka kitu.
Dina
roman Mercedes 190 katitén plot téh
geus mampuh nuyun jejer carita jeung
ngahirupkeun watek. Ti mimiti maca ieu roman langsung ngajak nu maca pikeun
apal sacara langsung jalan caritana. Teu maké deskripsi nanaon atawa basa-basi
tapi langsung kana carita. Geura urang cutat deui naskahna
“Abus
ka Jalan Braga mobil ngagelesér lalaunan pisan. Mesinna teu kadéngé disada
saeutik-eutik acan. Matak pikareuwaseun jalma, teu kanyahoan deui ujug-ujug jol wéh ti tukangeun atawa
gigireun. Gebeg téh! Na da éta
mah......”
Dina
bagéan kahiji digambarkeun yén tokoh Dudung nu palyboy jalan-jalan ka Braga
néangan mojang keur diajak ulin. Mobil Mercedes 190 nu mangrupa mobil kaluaran
dina mangsa harita jadi simbol kajayaan. Dudung percaya yén para mojang bakal
daék diajak ulin komo mun maké Mercedes 190. Dina bagéan kahiji ieu ogé
disebutkeun yén lampah Dudung kitu nepi ka panggihna jeung Néndén.
Duka
naon nu ngalantarankeun Muh. Rustandi Kartakusuma nétélakeun hal éta padahal
jalan caritana kawilang jauh kénéh kana wanohna Dudung jeung Néndén. Duka
memang ieu hal téh pikeun nimbulkeun kapanasaranan ka nu maca nepi ka nu maca
hayang maca carita satuluyna. Padahal loba pangarang nu miboga prinsip yén
prakna carita téh kudu disimpulkeun ku nu maca. Nu ngarang ngan ukur méré
gambaran ngaliwatan kekecapan jeung kalimah.
Dina
nepikeun carita Mercedes 190, Muh.
Rustandi Kartakusuma réa ngagunakeun téhnik interior
monologue nu ngagambarkeun kajiwaan tokoh-tokohna. Nu maca diajak teuleum
kana pikiran jeung pangrasa tokohna nepi ka apal bubuk leutikna. Contona aya
dina sempalan naskah ieu.
“Henteu,
henteu. Sanes ngusir, sanés tadi téh,” pokna.
Tapi
haténa ngagerentes : Na enya lain ngusir tadi téh? Lain.Lain. Néndén yakin.
Ma enya aing nepi ka téga ngusir ka jelema. Niatna bisa jadi aya mimitina
mah, tapi kakara dina niat da atuda éta . . . . neugtreug Kang Dudung
téh.
Ku
kituna nu maca bisa nyindekkeun anon nu karandapan ku tokoh Néndén ngaliwatan
kereteg haténa nu ngajenggelék dina naskah.
***
Nincak
ngaguar anu katilu, nya éta ngeunaan point
of view ieu roman. Tétéla nu nyarita dina ieu roman téh nya pangarang.
Pangarang nyaritakeun naon-naon nu karandapan ku para tokoh.
Sakapeung
pangarang ogé mernahkeun dirina dina posisi Dudung atawa Néndén. Ngungkarakeun naon nu aya dina kereteg
haté para tokoh ku cara interior
monologue téa. Tapi najan kitu, pangarang geus kawilang nyugemakeun dina
ngagambarkeun pangalaman jiwa para tokohna.
***
Nu
pamungkas, hal anu penting pikeun diguar tég nya éta ngeunaan setting. Nu
dijadikeun kasang tukang dina Mercedes
190 téh, nya éta pakumbuhan Indonesia dina alam Demokrasi Pamingpin jaman
Bung Karno. Katitén tina adegan nu kaunggel dina sempalan naskah ieu.
“Geus din jalan gede, mobil dipengpengkeun. Palebah parapatan Jalan Ir. Juanda,
kapegung: aya barisan ka lebakkeun mamawa spanduk. Ganyang Nekolim, cenah cek spanduk.
Kremus tengku! Hidup Bung Karno, Pemimpin Besar Revolusi!”
Setting
tempat nu dipaké dina ieu roman lolobana di sabudeureun kampus sabab tokoh
Dudung jeung Néndén memang salaku mahasiswa. Ku imajinasina pangarang ogé
ngagambarkeun kaayan nu futuristik, nya éta lebah adegan nalika keur aya di
kafetaria Fakultas Kedokteran. Dicaritakeun kafetaria geus sakitu majuna, bisa
pesen dahareun ngaliwatan televisi, peuteuy nu leungit bauna jeung tempé bacem
kéju.
Ajip
Rosidi salaku panganteur dina ieu roman nétélakeun yén carita-carita Muh.
Rustandi Kartakusumamangrupa gambaran tina pamadegan éséy-éséyna, husus nu
patalinajeung budaya katut kasenian Indonesia, nya éta pangajakna sangkan
mikacinta budaya titinggal karuhun nu sanajan béda jeung budaya barat tapi
miboga ajén nu linuhung. Teknologi modern kudu sumujud kana kahirupan jiwa anu
linuhung nu nyumber kana kaagungan talaga budaya tradisi nu mibanda kapribadian
pengkuh.
Didugikeun dina sawala mingguan Turus
Tidak ada komentar:
Posting Komentar