Sabtu, 14 Juli 2012

Éséy Arif Abdilah


Basa Sunda; Idéntitas Urang Sunda

Pasualan urang Sunda jeung budayana mindeng pisan jadi gunem catur. Boh éta di kalangan akademisi, boh éta di kalangan pamaréntah. Éta pasualan téh bangun nu moal béak-béak pikeun dipadungdengkeun. Boh dina padungdengan sacara formal, boh dipadungdengkeun dina acara non formal-ari ngopi di warung-. Urang sering mendakan nu nyebutkeun yén urang Sunda ayeuna geus teu wanoh deui kana budayana-utamana di budak ngora-, budaya Sunda ayeuna geus mimiti kagéséh ku budaya deungeun, jrrd.
Saméméh nincak kana pasualan di luhur, bawirasa perelu ayana watesan ngeunaan urang Sunda éta sorangan. Saha jeung nu mana ari anu disebut urang Sunda. Urang Sunda nu baris diguar dina ieu tulisan nyaéta urang Sunda anu sacara biografi tur geografis aya di wilayah Sunda (Jawa Barat), dina harti nu lahir tur netep di wewengkon Sunda. Nilik kana pasoalan nu nyebutkeun yén urang Sunda geus teu wanoh deui kana budayana-utamana budak ngora-. Bawirasa kaleuleuwihan.
Pamadegan saperti kitu memang teu matak bener kabéh. Da dina faktana mah loba urang Sunda ayeuna nu masih reueus kana budayana sorangan. Teu saeutik loba kabéhdieunakeun komunitas-komunitas nu maké ngaran Sunda, boga tujuan hayang nanjeurkeun deui budaya Sunda. Umpamana baé komunitas Hong, ku henteu ogé geus méré kontribusi nu leuwih dina ngokolakeun barudak sangkan résép deui ka nu ngaranna kaulinan barudak. Saung Angklung Ujo, nu masih boga karep kana kasenian angklungna, Téater Sunda Kiwari nu masih nagen kana drama Sundana, jeung loba deui komunitas séjénna nu tangtuna teu bisa katataan ku panulis sorangan. Nu sarwa boga kanyaah tur karep pikeun nanjeurkeun deui Ki Sunda.
Teu matak béda, di kaom akademisi, utamina mahasiswa. Apan teu saeutikna nu masih reueus kana budaya Sunda. UPI jeung UNPAD, dua Universitas anu maké lébel Jurusan Sunda. Bisa jadi bukti yén barudak ngora masih reueus kana budayana. Mindeng katitén dina hal kagiatan-kagiatan di dua kampus éta nu téma-témana ngeunaan kasundaan. 
Lain baé éta, pasualan acara ogé kapan loba ayeuna mah nu maké ngaran-ngaran Sunda. Nu di jerona madungdengkeun pasoalan-pasoalan budaya Sunda, perlombaan-perlombaan nu nyebutkeun pikeun nanjeurkeun deui kabudayaan Sunda. Saabreg jigana mun ditataan hiji-hiji mah. Apan sawatara waktu ka tukang, cikénéh lembaga nu aya patalina jeung kasundaan dua kali ngalaksanakeun acara nu kasebutna badag nyaéta Konférénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS), jeung Konférénsi Basa Sunda (KBS). Tina dua kagiatan di luhur geus tangtu ngahasilkeun rupa-rupa rékoméndasi, anu kawilang penting pikeun kamajuan masarakat Sunda.
Mun nilik kana pasualan pulitik, apan teu saeutik lobana nonoman Sunda ngahasilkeun sawatara tarékah pikeun ngungkulan pasoalan di luhur. Nu kawilang nyampak nyaéta ayana Perda Jabar téa. Nu lengkepna diatur dina Perda Jabar nomor 5 taun 2003 nu eusina ngeunaan ngamumulé basa, sastra katut aksara daérah. Lain baé Perda, dina UUD ’45 ogé tétéla ngajanggélék diatur ngeunaan ngamumulé budaya nasional. Lengkepna mah aya dina pasal 32 anu nétélakeun “Pemerintah akan memajukan Kebudayaan Nasional Indonesia”. Dua papayung ieu geus tangtu jadi tatapakan pikeun urang dina hal ngamumulé budaya sorangan.
Mung nu matak hémeng panulis, saenyana mah lain pasoalan éta, tapi leuwih kana tarékah urang Sunda dina maké tur ngawanohkeun deui basana ka masarakat balaréa, geus tepi mana? Keun ari pasoalan ngawanohkeun deui mah, ieu mah ukur makéna hungkul. Apan geus arang ayeuna mah. Dina hal leutikna wé misal jeung papada babaturan atawa jeung papada kulawarga. Geus tepi mana urang maké deui basana? Geus Intens atawa mémang kakapeungan?
Lian ti éta, ayana pergeseran cara pandangan urang Sunda (ngan teu kabéh), yén nu ngaranna ngamumulé budaya Sunda téh cukup ku nyieun kagiatan nu bentukna sérémonial hungkul utamana dina kagiatan kasenianana. Bangun nu geus cukup ku ngayakeun kagiatan seni Sunda, geus bisa disebut nanjeurkeun budaya Sunda. Geus nganggap diri pangsundana, tapi ari der dina émpro nyaritana mah angger basana téh é-éndonésia-an.
Apan mindeng katénjo ku urang, asa nyolok mata buncelik, ceuk paribasana mah. Hareupeun téh enya hareupeun ari acarana ngeunaan kasundaan atawa kabudayaan lokal, ari pok-pokanna eh, é-éndonésia-an. Angot bari jeung maké asésoris (papakéanna) nu némbongkeun rindat kasundaan mah, jigana WAJIB ISIN mun dina nyaritana lain ku basa Sunda mah!***



Tidak ada komentar:

Posting Komentar