Sabtu, 14 Juli 2012

Esey Abhurizal

SAJARAH MARGAHAYU

Numutkeun Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata, kecap Margahayu téh mangrupa ringkesan tina kecap “marga rahayu”, jalan, lantaran jadi rahayu. Margahayu mangrupa hiji wewengkon nu aya di Kabupatén Bandung, Provinsi Jawa Barat. Ieu wewengkon raket pisan jeung sajarah, lantaran harita dina mangsa kolonial kungsi ditempatan ku para panjajah Walanda, tuluy ku Jepang.

            Nalika mangsa kolonial Walanda saenyana mah ngaranna téh Bumi Margahayu. Asal-usul kecap Margahayu sorangan miboga harti warga anu ngahiji, ngabeungkeut, sabilulungan pikeun gotong royong dina ngalaksanakeun rupa-rupa kagiatan. Baheula mah Margahayu asupna ka Kecamatan Dayeuhkolot, hal éta lantaran wewengkon Margahayu téh kacida legana. Nalika taun 1982 aya pemekaran désa jadi 3 wewengkon, nya éta désa Margahayu Selatan, Margahayu Tengah, jeung Margahayu Utara. Tuluy dina taun 1992 robah jadi Kecamatan Margahayu.

Bumi Margahayu nu legana kurang leuwih 385 Ha dina mangsa kolonial Walanda, saenyana mangrupa pakampungan nu di sabudeureunana dilingkung ku leuweung, sawah jeung kebon nu loba dipelakan ku rupa-rupa pepelakan samodél paré, sayuran, sampeu, hui, jagong, jsb. Dina mangsa harita, wewengkon Margahayu téh hawana pohara tiisna, tur ngeunaheun lantaran di sabudeureunana loba ku pepelakan kalayan masih aya kénéh leuweung geledegan. Masarakat Margahayu dina mangsa harita  lolobana ngagem agama Islam. Hal ieu bisa dibuktikeun ku lobana masjid, mushola, pasantrén, kyai, jeung tokoh agama, nu kiwari bisa katitén sajarahna. Masarakat di dinya ogé teu poho mikanyaah katut mikareueus kana seni budaya Sunda. Lantaran sok loba kadéngé sora gamelan nu keur ditabeuh. Salian ti éta, aya ogé pagelaran wayang golék, ngibing ketuk tilu nu dimekarkeun jadi “Jaipongan” nu kawéntar tepi ka luar Bandung. Walanda harita kataji pisan ku kaonjoyan Bumi Margahayu, tepi ka dina taun 1938 Pamaréntah Walanda meuli daérah Margahayu pikeun dijadkeun Kota Paris di wewengkon Bandung Kulon. Harita Pamaréntah Walanda meuli taneuh Margahayu ngaliwatan perantara,  nya éta Kepala Désa nu harita mah disebutna “Juragan Lurah”. Hargana rupa-rupa numutkeun kaayaan jeung kelasna dina mangsa harita. Aya nu 0,5 gulden tepi ka 3 gulden. Sababaraha kampung anu dibeuli ku pamaréntah Walanda, diantarana Kampung Cédok, Paguyuban Badak, Cibadak, Cibodas, Pasantrén, Cikahyangan, Renggaswates, Cimariuk, Masara, Cembul, Bantar Muncang, Leuwi Korod jeung Cilisung. Pikeun ngarobah daérah tani jadi kota élit dina mangsa harita. Walanda ngawangunna maké rupa-rupa pakakas modérn. Dina taun 1942 pangwangunan kota Paris-na Indonesia dimimitan. Harita Walanda nyieun tempat pikeun nyimpen pakakas-pakakas jeung bahan wangunan, tuluy ngadegkeun bédéng-bédéng di Kampung Cédok jeung sabudeureunana. Ngan hanjakal éta rarancang teu tulus kacumponan lantaran harita Jepang geus ngajajah Indonesia kalayan ngawasa. Ngaran Margahayu gé dipatalikeun jeung Pangwangunan Pangkalan Udara Lanud Sulaiman nu disiapkeun Jepang  pikeun nyanghareupan Perang Dunia.

Margahayu dina mangsa kiwari geus mangrupa dayeuh nu modérn. Hal ieu bisa dibuktikeun yén ayeuna di Margahayu geus teu mangrupa leuweung geledegan deui, tapi geus jadi dayeuh nu dilingkung ku wangunan modérn nu heurin ku tangtung, pangpangna mah di sabudeureun Sayati. Geus jauh pisan tina kaayaan mangsa kolonial Walanda nu dilingkung ku leuweung jeung pasawahan. Margahayu ayeuna asupna ka wewengkon Kabupatén Bandung, Provinsi Jawa Barat. Ieu sawatara data wilayah administrasi (homografi) wewengkon Margahayu:
1.      Kota/Kabupatén          : Kab.Bandung
2.      Ibu Kota Kab              : Soréang
3.      Kacamatan                  : Kacamatan Margahayu
4.      Ibu Kota Kec              : Sukaménak
5.      Basa Wewengkon       : Basa Sunda
6.      Luas Wilayah              : ± 1.025,369 Ha
7.      Ngawengku 4 Desa/1 Kelurahan (Desa Sayati, Sukamenak, MarSel. MarTeng, jeung Kel.Sulaiman)
8.      Jumlah Penduduk 114.014 urang
Lalaki  : 58.478 urang
Awéwé: 55.536 urang
Jumlah KK : 28.338 KK
Ku kituna urang kudu reueus kana wewengkon séwang-séwangan, hususna nu beunghar ku ajén-inajén sajarah.
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar