Mahasiswa Sunda kudu “Galau”
Inget kénéh mangsa
harita, basa mimiti asup kuliah. Teu saeutik nu nanya naon pangna asup ka
Jurusan Basa Sunda téh? Diwaler wé saayana, ku sabab
cenah guru basa Sunda téh keur dibutuhkeun pisan. Enya moal munapik, kapan
pangna asup ka Jurusan Basa Sunda téh hayang geura gancang meunang pagawéan,
nya jadi guru basa Sunda téa. Kitu sigana mah anu jadi cukang lantaran loba pisan
para calon mahasiswa nu daftar ka Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas
Pendidikan Indonesia.
Heuleut sababaraha lila
ti saprak kuliah, kakarék nyaho yén anu jadi dadasar pangna guru Basa Sunda
keur dibutuhkeun pisan téh nya éta loba kénéh sakola di Jawa Barat anu guru basa
Sundana lain asli lulusan ti Jurusan Basa Sunda, balukarna proses pangajaran basa
Sunda di sakola téh teu efektif. Hal ieu ngalantarankeun basa Sunda kurang
dipikawanoh ku para nonoman.
Katurug-turug di lingkungan kulawarga ogé tétéla kondisina teu jauh béda. Geus arang nu maké basa Sunda dina komunikasi sapopoéna,
pangpangna di daérah pakotaan.
Nyirorotna
jumlah panyatur basa Sunda di Jawa Barat anu bisa jadi cukang lantaran
Pamaréntah Provinsi Jawa Barat
ngaluarkeun Perda No. 5 Taun 2003, anu
eusina téh ngeunaan pemeliharaan bahasa, sastra, dan aksara daerah. Ieu Perda mangrupa
lajuning laku tina kaputusan nu ditetepkeun UNESCO dina taun 2000, nya éta netepkeun ping 21 Februari
minangka poé basa indung internasional (International
Mother Language Day). Demi anu jadi tinimbanganana téh, UNESCO hayang méré
pangajén
kana basa-basa daérah, sakaligus hayang ngawawarkeun deui dipakéna basa-basa daerah ka para
panyaturna di sakuliah dunya. Tina kaputusan UNESCO baris katitén, geuning teu
hungkul basa Sunda nu keur hoshosan pikeun
nanjeur deui téh, horéng loba basa-basa daérah di sakuliah dunya
anu keur ngarandapan kasus nu sarua, nya éta kaleungitan panyaturna.
Mahasiswa
Sunda ‘Galau’
Horéng geus ti béh ditu
mula aya tarékah pikeun ngaronjatkeun basa Sunda téh, ti UNESCO nu kasebutna
tataran internasional nepi ka Pamaréntah Provinsi Jawa Barat dina tataran
lokal. Anu jadi patalékan urang saréréa, naha enya éta tarékah téh geus
ngadatangkeun hasil nu maksimal? Atawa boa ukur wacana hungkul, pikeun
‘pangbubungah’ ka
urang saréréa? Lain tanpa bukti
nyebutkeun kieu téh, sababaraha waktu ka tukang
kungsi manggihan data nu matak hookeun balaréa. Nalika ningali panalungtikan
dosén ngeunaan basa
Sunda di hiji sakola, teu kahaja maca komentar salah sahiji siswa ngeunaan basa
daérah, kieu unina téh: “Menurut saya bahasa daerah itu lebih baik
dihilangkan saja, karena selain menghabiskan waktu, juga belum tentu berguna
untuk masa depan.”
Sabada maca, nya reuwas nya hemeng ogé. Reuwas ku sabab geuning aya budak nu mikir ka
dinya, hémeng
ku sabab naha bisa, basa Sunda hayang
dileungitkan tina proses pembelajaran formal (kurikulum). Tapi peun lah pasualan éta mah, keun jadi lenyeupaneun
keur saréréa. Naha aya naon dina proses pendidikanana? Aya naon dina
kurikulumna, dina diri siswana, atawa tanaga pangajarna? Hal ieu kudu dipaluruh kalawan nyosok
jero ku sakabéh jalma boh sacara individual boh sacara lembaga, boh ti kalangan
akademis, boh ti kalangan non akademis, pangpangnya anu aya pakuat-pakaitna
jeung pangajaran Basa Sunda. Ku kituna,
pikeun mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, pibakaleun guru basa Sunda
mah, wajib hukumna maluruh pasualan ieu téh. Dalah sakumaha gé apan tujuan asup
jurusan basa Sunda téh hayang jadi guru Basa Sunda, rék kumaha ayeuna mun enya
basa Sunda téh dileungitkeun tina kurikulum, atuh moal aya guru basa Sundana
gé. Lebah dieu mahasiswa kasebutna kudu ngarasa galau téh, dina hartina kudu aya ketak boh ti mahasiswa boh ti
pihak séjénna anu ngarasa boga kapentingan kana hal ieu, ketak narékahan kumaha
carana sangkan basa Sunda baris waluya éngké jaga.
Helaran dina raraga miéling Poé
Basa Indung Internasional ; Ketakna mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Basa Sunda, kamari
walagri, ayeuna katalangsara, boa jaga bakal waluya…
Kapan urang saréréa
geus nyaho, saupamana aya paribasa “Hirup teu neut, paéh teu hos”, tangtu éta
pisan paribasa anu bisa dipaké pikeun ngagambarkeun kaayaan basa Sunda kakiwarinakeun. Hal ieu
anu jadi cukang lantaran mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah disingget
JPBD, ngayakeun helaran boh di jero
kampus kaping 16 Februari 2012 boh di luar kampus kaping 21 Februari dina
raraga miéling Poé Basa Indung Internasional. Tujuan diayakeunna ieu helaran
tangtu hayang ngabewarakeun ka masarakat Sunda, hususna masarakat nu ngarasa
urang Sunda tur hirup
di tatar Sunda yén basa Sunda téh hirup kénéh. Salian ti éta, ieu helaran mangrupa pangajak ka
masarakat sangkan maké deui basa Sunda. Kapan basa Sunda téh ciciren jati
diri budaya Sunda. Leungitna basa Sunda,
hartina leungitna jati diri urang Sunda.
Ieu kagiatan mangrupa
salah sahiji tarékah mahasiswa JPBD dina ngaronjatkeun ajén basa Sunda. Sanajan
basa Sunda kaéreh ku basa deungeun, kapan masih aya panuturna mah, masarakat
boh di lembur boh di kota boga kénéh kareueus kana basa Sunda, masih
ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna sapopoé. Ogé masih aya mahasiswa-mahasiswa
jurusan Sunda boh pendidikan boh non pendidikan nu mibanda raga katineung kana
budaya Sunda. Légégna mah, maranéhna téh kasebutna gé “Pahlawan Budaya”,
jalma-jalma nu baris narékahan sangkan basa Sunda moal nepi ka tumpurna. Naha
disebut “Pahlawan Budaya” ? Ku sabab
kabudayaan hiji masarakat baris katitén tina basana, tumpurna hiji basa, bisa
jadi mangrupa silib tumpurna hiji peradaban.
Tangtu émut kana
paribasa “Sanajan hirup susah genténg-genténg ulah potong”, kitu deui sakumaha
héséna ngaronjatkeun deui ajén basa Sunda, genténg-genténg ulang potong, usaha jeung harepan
tangtu kudu aya dina unggal ati sanubari urang Sunda. Usaha pikeun
ngaronjatkeun ajén Ki Sunda. Harepan yén isuk jaga basa Sunda bakal waluya.
Cag!!!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar