SANGGEUS
LUNTA
Anjeun
nu gugup ngaranggeum bulan plastik.
Bet
sungkan deui icikibung, pagilinggisik.
Sanggeus
diri lunta nyampurnakeun nasib.
Kalah
jauh kalebuh na sagara getih.
Batan tangtungan
tingbeletuk dirérab beurang.
Anjeun kebat ngiuhan handapeun jambatan.
2012
Mangle No. 2376
Tidak ada komentar:
Posting Komentar