Iman Nurdin
Lalakon Kuring
Lalakon Kuring
Mencrong! Paneuteup anteng mencrong si Somad nu geus
ngababatang. Si Somad anu geus ngarogahala Santi, anakna sorangan.
Dipencrong! Jasad nu teu walakaya dipencrong. Leleb nepi ka
ngendag-ngendag puseur jajantung. Ngendag-ngendag hulu angen.
Disilét! Jasad nu ngababatang disilét. Beuteungna dibedél.
Eusina kalaluar. Bacacar.
Mencrong! Paneuteup mencrong sipir penjara nu kamari néwak
kuring.
Anteng! Sipir penjara anteng maca koran poé ayeuna. Warta
lalakon kuring.
"Lagi. Seorang
pemuda membunuh ayah kandungnya."
(Iman Nurdin - Mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah, UPI)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar