Senin, 08 Oktober 2012

Carpon Prayoga Adiwisastra


TALAGA PANGANTÉN

     Handapeun langit peuting, katémbong dua rumaja keur diuk ngaréndéng, husu ngaderes hartining jempling dina haténa sewang-séwang. Sedeng talaga, talaga nu satia maturan hareupeunana, geus boga kayakinan yén Gusti geus ngirimkeun éta dua insan pikeun dilenyepan ku dirina. Malah éta talaga ti béh ditu mula geus pohara nganti-ngantina kana ieu kajadian. Ari itu beungeut cai talaga ukur wasa némbongkeun riak-riakna, tangara milu nyaksi turta nengetan kana sagala usik jeung malikna éta dua insan.
    Geus sapoé duanana ngajanteng di sisi talaga. Baheula, waktu téh keur maranéhna mah lain pikeun dipikasieun atawa dipiharep kadatanganana. Da keur maranéhna mah lalampahan lilana waktu téh gumantung kana kumaha cara ngadongkanganana. Maranéhna bisa laluasa ngalanglang ka mangsa iraha baé, ka jaman mana baé. Maranéhna kari milih rék tanggal, bulan, jeung taun sabaraha pikeun poé kamari, poé ayeuna sarta poé isuk. Bet ayeuna, waktu téh teu bina ti hinis nu nyérését, nyebitan waruga jeung batin duanana.

Selasa, 28 Agustus 2012

Éséy Kiki Pratiwi

Kritik Sastra Roman “Mercedes 190” Karya Muh. Rustandi Kartakusuma

            Mercedes 190 mangrupa roman karangan Muh. Rustandi Kartakusuma. Saméméhna mah Muh. Rustandi Kartakusuma mimiti muncul dina kasusastraan Indonesia. Kungsi medalkeun kumpulan sajak nu nepi ka kiwari mangrupa salasahiji kumpulan sajak pangkandelna, nya éta Rekaman Dari Tujuh Daerah (1951). Lian ti kumpulan sajak, Muh. Rustandi Kartakusuma kungsi medalkeun hiji drama dina wangun sajak, nya éta Prabu dan Putri (1950), drama Semua Putih Semua (1961) jeung skenario pilem Lagu Kian Menjauh (1961). Tapi lolobana tulisan meunang Muh. Rustandi Kartakusuma mangrupa éséy jeung kritik dina basa Indonesia sanajan kumpulanna teu dibukukeun.

Éséy Hernisa Agustiani Nugraha


Nu Harayang Dihargaan, Nu Darpan Ariawinangun

Nu Harayang Dihargaan nya éta carpon karangan Kang Darpan Ariawinangun. Nu kungsi dilélér Hadiah Sastra Rancagé1 dina taun 1998.
Carpon ieu nyaritakeun patepungna dua lalakon utama nya éta Kardi jeung Ikah dina kayaan nu matak kentel ku amarah. Dina hiji peuting, keur aya kariyaan Dombrét. Domrét téh mangrupa salasahiji kasenian nu biasana aya di wewengkon pasisian. Dombrét biasana diayakeun dina usum panén hasil laut, pikeun hiburan para pamayang nu tas capé ngalaut.
Dicaritakeun Kardi nepungan Ikah nu keur ngadombrét bari napsu, siga hayang ngabudalkeun kaambekna. Sabada Ikah kaluar ti kalang tuluy dangdan deui, datang Kardi noél Ikah ti tukang. Paroman Ikah ngadak-ngadak béda, ngagambarkeun kaceuceub ka nu noél tadi. Ti kariyaan, Ikah dibawa ka tempat nu rada singkur tur poék. Didinya duanana pada-pada ngabudalkeun kaambekna séwang-séwangan.

Minggu, 22 Juli 2012

Carpon Deri Hudaya

Lénglang-Lénglang Langit; Selang Sawatara Regot Tina Sirop Revolusi


Langit lénglang taya alang-alang. Matapoé nyaangan suklak-sikluk alam. Nu lalar-liwat di jalan nyangking katengtreman dina enggoning ngajugjug tujuan hirupna séwang-séwangan. Nu tumpak kandaraan aya, nu leumpang basajan aya. Éstuning betah nénjo, betah ngabandunganana. Aya nu silih sigeung meueusan mah jamakna, kangaranan jalma hirup. Sedengkeun gedong-gedong sigrong nu resik tur jalugjug jangkung, lir hormateun saung katut jongko padagang nu ngabaris-narémpél kana dingdingna, minangka tanda yén lalampahan jaman téh geus nincak undakan langit kelas déwa, hasil pangwangunan dina pirang-pirang abad lila.

Cuh! Aki Marat nyiduh, laju medar deui riwayat hirupna, ditujukeun ka incu hiji-hijina nu diuk dina salah sahiji bangku. “Cu, Aki téh milu révolusi….”

Ah, méh unggal nyimpang ka ieu saung sirop, nu ngawuwuhan dagangan Ki Marat téh ukur kecap révolusi, révolusi, perjuangan, jeung perjuangan. Tapi keur sauingeun mah tara matak bosen kétang. Beuki remen mireng anggur beuki saregep baé. Teu siga mirengkeun pidato di tempat-tempat resmi atawa telepisi nu matak muruluk tai ceuli. Bubuhan meuereun, anu dicaritakeun Ki Marat mah kaalaman ku dirina sorangan. Lain diwangwang, lain pakeun nyiar kauntungan deuih.

Minggu, 15 Juli 2012

Feature Prayoga Adiwisastra


LOLONGOK KA CANDI BOJONG MÉNJÉ

“SITUS CANDI BOJONGMENJE. BALAI PENGELOLAAN KEPURBAKALAAN JARAHNITRA DISBUDPAR JAWA BARAT”. Kitu aksara nu kaungel dina plang saméméh léngkah anjog ka candi nu rék dijugjug. Éta plang nu katémbong karahaan di beulah luhur jeung handapna téh weweg nangtung di sisi jalan nu teu kendat gumuruh ku lalar liwatna kandaraan.
Candi Bojong Ménjé perenahna mah di Kampung Bojong Ménjé RT 03 RW 02, Désa Cangkuang, Kecamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung. Kurang leuwih aya dina 698 m luhureun beungeut cai laut. Ti puseur dayeuh Kota Bandung mah aya kana 24 km, laju ngétan mapay Jalan Raya Rancaékék nu nepungkeun Kota Bandung jeung Garut-Tasikmalaya-Ciamis. Mun jolna ti Kota Bandung, di beulah katuhu éta plang bakal natrat katempo. Ti éta plang, kira-kira 200 m urang bakal anjog ka Candi Bojong Ménjé, sanggeus mapay lulurung gang nu di kénca-katuhueunana méh pasesedek ku padumukan masarakat.