Minggu, 15 Juli 2012

Feature Prayoga Adiwisastra


LOLONGOK KA CANDI BOJONG MÉNJÉ

“SITUS CANDI BOJONGMENJE. BALAI PENGELOLAAN KEPURBAKALAAN JARAHNITRA DISBUDPAR JAWA BARAT”. Kitu aksara nu kaungel dina plang saméméh léngkah anjog ka candi nu rék dijugjug. Éta plang nu katémbong karahaan di beulah luhur jeung handapna téh weweg nangtung di sisi jalan nu teu kendat gumuruh ku lalar liwatna kandaraan.
Candi Bojong Ménjé perenahna mah di Kampung Bojong Ménjé RT 03 RW 02, Désa Cangkuang, Kecamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung. Kurang leuwih aya dina 698 m luhureun beungeut cai laut. Ti puseur dayeuh Kota Bandung mah aya kana 24 km, laju ngétan mapay Jalan Raya Rancaékék nu nepungkeun Kota Bandung jeung Garut-Tasikmalaya-Ciamis. Mun jolna ti Kota Bandung, di beulah katuhu éta plang bakal natrat katempo. Ti éta plang, kira-kira 200 m urang bakal anjog ka Candi Bojong Ménjé, sanggeus mapay lulurung gang nu di kénca-katuhueunana méh pasesedek ku padumukan masarakat.

Sajarah Kapanggihna
Ngeunaan sajarah kapanggihna Candi Bojong Ménjé, Rochman (74) nu jadi juru piara candi, nétélakeun dina taun 1977 manéhna mimiti datang ka Kampung Bojong Ménjé, Désa Cangkuang, Kecamatan Rancaékék, minangka warga anyar. Harita geus ibur béja yén di Kampung Bojong Ménjé aya
patilasan sajarah nu mangrupa candi. Tanggal 18 Agustus 2002, Rochman, Ahmad Muhammad, jeung warga nu séjénna ngaruang taneuh keur kaperluan melak palawija. Sabot kitu, dina jero taneuh kapanggih tutumpukan batu nu persis wangunan candi. Éta kajadian téh tuluy dilaporkeun ka pamaréntah. Ku ayana éta laporan, tanggal 20 Agustus 2002 tim ti Balai Arkeologi Bandung, Disbudpar Jawa Barat, Balai Pengawasan Kepurbakalaan, Kesejarahan, dan Nilai-Nilai Tradisional Jawa Barat, sarta Pusat Perlindungan Purbakala PSP Serang, laju ngayakeun panalungtikan ka éta tempat. Nya kapanggih baé éta tutumpukan batu candi téh.  Éta Candi Bojong Ménjé dipaparah geus diadegkeun ti abad 7 Maséhi. Lantaran perenahna aya di Kampung Bojong Ménjé, éta candi téh dingaranan Candi Bojong Ménjé. Tepi ka ayeuna Candi Bojong Ménjé téh terus dibebenah.

Kaayaan Candi
Sanggeus anjog ka Candi Bojong Ménjé, kasampak lokasi situs nu dikuriling ku témbok pabrik tékstil nu ngajungkiring katuhueun lokasi situs. Di beulah kénca ngadeg wangunan paranti neundeun sesemplékan batu candi, jeung hiji wangunan saung. Saenyana taneuh éta candi téh kungsi aya di tengah makam masarakat. Tapi kiwari éta makam téh geus dipindahkeun.
Mun saméméhna urang boga sangkaan yén Candi Bojong Ménjé téh mangrupa candi nu lengkep tur badag cara Candi Cangkuang atawa Candi Borobudur, éta sangkaan téh bakal misleuk mangsa urang ningali Candi Bojong Ménjé sacara langsung. Tuda rék teu kitu kumaha, kapan saliwatan mah nu kasampak di dinya téh ukur tutumpukan batu wungkul. Sok sanajan ceuk juru piarana, sababaraha batu candi kungsi aya nu diiwat ku masarakat pikeun rupa-rupa kaperluan, saperti keur batu asahan, batu nu lémpar dipaké keur nyeuseuh, jsb. Tapi sawaréhna mah geus hasil disusun jadi pondasi jeung suku candi. Ari batu pikeun nyusun awak jeung hateupna mah can kapanggih.
Di Candi Bojong Ménjé, urang moal manggih kuncén nu tedak-tumedak cara di tempat nu séjén. Di dinya mah disebutna téh juru piara. Ayeuna nu jadi juru piara di éta candi téh, nyaéta Dadan (46), jeung Rochman (74). Ceuk katerangan Dadan, di éta tempat téh aya opat situs, turta diadegkeun kira-kira dina abad 7-8 Maséhi. Malah kungsi aya nu nyebutkeun yén éta candi téh umurna leuwih kolot manan Candi Borobudur. Demi nu katémbong panggedéna mah, nyaéta candi geus kapanggih batu pondasi jeung sukuna téa. Dumasar kana panalungtikan Balai Arkéologi Bandung, Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupatén Bandung, jeung Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat, éta susunan batu candi téh ngujur ngalér-ngidul nu panjangna 4 m, disusun ku 9 balok batu kalawan 5 lapisan batu. Anapon ukuran  pondasi candina mah  7,67 m x 7,47 m, turta luhureunana aya suku candi nu ukuranana 6,40 m x 6,77 m.
Teu jauh ti dinya, ukur sababaraha méter ti éta candi katangén candi nu kadua, nyaéta nu katelah Candi Orok. Ceuk katerangan, di éta tempat téh mémang aya dua candi. Arca nu kahiji, nyaéta arca lalaki nu leungeun kéncana ngaragap dada, sedeng leungeun katuhuna nyenyekel pedang. Arca nu kadua, nyaéta mangrupa arca awéwé nu keur nanangkeup orok. Ku kituna, kiwari éta candi téh katelah Candi Orok.  Ngan hanjakal, ceuk juru piara candi éta dua arca téh can kapanggih.
Candi nu katilu, nyaéta Candi Kukuk. Nu jadi ciri éta candi, nyaéta diwatesan ku dapuran awi surat nu jumlahna lima tangkal. Ngan hanjakal éta candi téh can kapanggih, teu béda ti Candi Orok.
Demi candi nu kaopat, katelah Candi Wayang. Perenahna 120 méter ti  ti Candi Orok. Tapi éta candi téh nasibna ngabuntut bangkong, sabab panalungtikanana teu dituluykeun.
Salian ti candi, di sabudeureun éta tempat ogé aya cai nu ngeuyeumbeu méh ngurilingan candi. Ku masarakat di dinya mah éta cai téh disebut situ. Diantarana baé, di sabudeureun Candi Orok aya cai nu ngeyembeng, nu katelah Situ Silulumpang. Dingaranan Situ Silulumpang sotéh pédah baé wangunna ngaharib-harib kana lulumpang.
Kira-kira 150 méter ti Situ Silulumpang, aya Situ Legok Rampa. Nelah Situ Legok Rampa téh sabab mun ngala lauk di éta situ mah teu bisa ku kecrik, lantaran bakal tikait kana rungga atawa tutuwuhan nu aya dina jero cai, ku kituna ngala lauk di éta situ mah kudu dirarampa ku leungeun.
Situ nu katilu, nyaéta Situ Ranca Malaka. Éta situ leuwih lega manan situ-situ nu séjénna, dikuriling ku makam, turta di sabudeureunana rajeg tangkal malaka, ku kituna dilandi Situ Ranca Malaka.

Mitos
            Ngadegna candi di Kampung Bojong Ménjé téh teu anggang tina mitos atawa carita nu sumebar di masarakat sabudeureunana. Ceuk katerangan, baheula di sabudeureun Candi Bojong Ménjé kungsi aya hiji tempat anu mangrupa taneuh kosong, nu ku masarakat di dinya dingaranan Tangsi. Di sabudeureunana tumuwuh sababaraha tatangkalan kahot, kayaning caringin, kiara, jeung kawung. Éta tempat téh minangka tempat karamat keur masarakat di dinya mah. Salian ti tatangkalan, ogé aya dua makam heubeul, tapi teu kapaluruh makam saha, da taya tulisan ngaranna. Tapi aya sawatara masarakat nu nyebutkeun yén éta téh makam Embah Raksa Dipa atawa Embah Raksa Cakra Nangara. Sedeng makam gigireunana mah makam Nyimas Ayu Raksa Inten.
            Mitos nu séjénna, nyaéta ayana di Candi Kukuk nu diwates ku dapuran awi surat. Ceuk sakaol, awi dina sadapuran téh jumlahna jejeg lima tangkal baé, tara kurang tara leuwih. Mun pareng aya nu nuar satangkal, bakal tumuwuh deui satangkal. Pon kitu deui mun dituar dua tangkal, bakal tumuwuh deui dua tangkal. Jumlah tangkal nu tumuwuh bakal sarua jeung jumlah tangkal nu dituar.

Ketak Pamaréntah
Juru piara candi, Dadan ngajéntrékeun deui yén pamaréntah kiwari geus aya tarékah pikeun ngadeudeul kamajuan panalungtikan Candi Bojong Ménjé. Contona baé, pamaréntah geus mantuan dina sual “pembebasan tanah” di tempat ngadegna Candi Bojong Ménjé.
Ku kapanggihna Candi Bojong Ménjé, katerangan yén di tatar Sunda mah arang ku bukti-bukti artéfak téh muga bisa kajawab, turta sing jadi lawang pikeun lajuning laku ngungkab bukti-bukti artéfak sajarah séjénna. Tangtuna baé sagala rupa pangrojong, boh ti pamaréntah boh ti masarakat dipiharep teu eureun ukur semet dinya, tapi sing terus mayeng ngagelenggeng, geusan langgengna bukti sajarah di tatar Sunda.


***

Nu nulis,
Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI

Tidak ada komentar:

Posting Komentar