Minggu, 22 Juli 2012

Carpon Deri Hudaya

Lénglang-Lénglang Langit; Selang Sawatara Regot Tina Sirop Revolusi


Langit lénglang taya alang-alang. Matapoé nyaangan suklak-sikluk alam. Nu lalar-liwat di jalan nyangking katengtreman dina enggoning ngajugjug tujuan hirupna séwang-séwangan. Nu tumpak kandaraan aya, nu leumpang basajan aya. Éstuning betah nénjo, betah ngabandunganana. Aya nu silih sigeung meueusan mah jamakna, kangaranan jalma hirup. Sedengkeun gedong-gedong sigrong nu resik tur jalugjug jangkung, lir hormateun saung katut jongko padagang nu ngabaris-narémpél kana dingdingna, minangka tanda yén lalampahan jaman téh geus nincak undakan langit kelas déwa, hasil pangwangunan dina pirang-pirang abad lila.

Cuh! Aki Marat nyiduh, laju medar deui riwayat hirupna, ditujukeun ka incu hiji-hijina nu diuk dina salah sahiji bangku. “Cu, Aki téh milu révolusi….”

Ah, méh unggal nyimpang ka ieu saung sirop, nu ngawuwuhan dagangan Ki Marat téh ukur kecap révolusi, révolusi, perjuangan, jeung perjuangan. Tapi keur sauingeun mah tara matak bosen kétang. Beuki remen mireng anggur beuki saregep baé. Teu siga mirengkeun pidato di tempat-tempat resmi atawa telepisi nu matak muruluk tai ceuli. Bubuhan meuereun, anu dicaritakeun Ki Marat mah kaalaman ku dirina sorangan. Lain diwangwang, lain pakeun nyiar kauntungan deuih.


“Révolusi téh sarua hartina jeung ngawangun sasak emas, Cu. Matak tong hélok upama nagara urang kiwari disebut nagara hurung-hérang. Gencalngna ogé babar tina harkat, darajat katut martabat utama. Ku lataran kitu, tanwandé moal aya bangsa deungeun nu wani nyisikudi, nyacampah, sumawonna maréntah atawa ngajajah.”

Incu Aki Marat lelenggutan, saliwat mah siga keur unggut-unggutan, siga nu enya-enya ngabandungan.

“Cu, harita mah geus teu nolih nanaon deui Aki téh. Nu kapikir ukur parobahan. Nu jadi harepan téh datangna jaman caang. Da harita mah, Cu, kasusah téh patulayah. Alam téh poék mongkléng buta rajin. Matak marojéngja. Upama keur museur kaaral, Aki mah sok munajat ka Pangéran sangkan gera-gera dicabut nyawa.”

“Tangtos, Ki, kahartos pisan,” ceuk incuna sabot ngalenyap.

“Nya alus atuh Cu, sugan jeung sugan ieu mah jadi eunteung, upama kahareupna boga itikad merjuangakeun bangsa katut kayakinan saperti Aki baheula. Kapan bebeneran téh teu ujug-ujug nyarakcalakan ti langit, tapi nungtut gawé beurat. Korban cimata, korban getih, korban sagala-gala. Meurih téh lain ukur siloka keur kitu mah.”

“Tangtos, Ki,” ceuk uing niru-niru sora incuna, kajurung ku rasa karunya pédah euweuh nu némbal. Lelembutan incuna geus ngawang-ngawang ka alam mana. Boa geus anjog ka alam révolusi, nu dina ieu danget geus salin jinis jadi carita panganteur tibra.

“Tah kitu, Cu. Manéh ogé kuduna mah daék meureut uteuk jiga Aki.”

“Ah, tong daék!” Tukang baso nu karék jol, ujug-ujug némpas. “Nu bajuang keur révolusi mah salangsara. Balangsak. Méméh révolusi dibui. Kiwari ukur jadi tukang sirop. Naon untungna? Sabaraha pangajina?” Nu karék datang téh laju diuk na salah sahiji bangku. Teu kireum-kireum, ngaregot sirop nu dianggurkeun ku incu Aki Marat.

“Sagawayah cacapék téh!”Aki Marat nyureng. “Ieuh, sobat aing gé réa nu baroga pangkat mah. Aya nu jadi konglomerat, budayawan internasional, mentri agama, mentri béla cacah, mentri dékorasi imah, mentri angkaribung ku huntu, mentri… loba lah. Ragem!”

“Naha atuh, ari Ki Marat bet ukur jadi… jadi pasén klinik paru-paru wungkul? Teu hayang nurutan batur kitu?” Tukang baso teu euleum-euleum.

“Éta mah béda perkara, deuleu. Jeungna deui, tukuh jadi tukang sirop mah pilihan. Lain supata atawa dosa révolusi. Da révolusi téh lain keur nyangking pangkat anyar nu leuwih, tapi keur ngawewegan pangkat nu geus nyampak. Tah, sabab asalna ogé tukang sirop, satutasna révolusi téh déwék mah milih dagang sirop deui. Cacah ogé kapan bukti, kaagéhan amisna buah révolusi.”

“Ari kitu mah sarua atuh Ki, uing gé jadi tukang baso téh pilihan. Wani sumpah. Da milih atawa hayang jadi artis mah moal kabiruyungan!” Mang Sadé nepak dada. Riukna dines pohara.

Kaayaan modél kieu geus teu anéh. Tapi lamun keur anu karék nyaksian sakali-dua kali mah boa hayang misah atawa hayang gancang-gacang nyingkah, da heureuy Ki Marat jeung Mang Sadé mah siga nu paséa rongkah. Padahal, upama ditaratas riwayat hirupna, duanana téh nyobat dalit, ibarat awan jeung langit. Ambuing, lah, men. Waktu Ki Marat unggah baléwatangan laju disingkahkeun ka pulo buangan, Mang Sadé nalingakeun kulawarga nu ditinggalkeunana. Ngabayuan, ngupah-ngapéh, jeung bisa ogé dianggap kapala rumah tangga. Nya kitu ogé Ki Marat ka kulawarga Mang Sadé. Éstuning silih pikahéman, silih ngajaga jeung ngariksa.

“Ah, mun inget ka jaman baheula euy,” Mang Sadé ayeuna mah nu cacarita. “Hirup jadi jelema mikir téh asa nyaan.”

“Asa jadi filsuf meureun sia mah. Aku berpikir maka aku ada?” (1)  

“Ah, lain. Lain kitu. Nu bener mah aku ngaroko maka aku ada!” Kituna téh diselang ku nyeuseup rokok. “Kapan unggal aya panglawungan pamuda jeung oraganisasi mahasiswa téh, uing mah ukur cacap ngaroko wungkul. Mulek sirah téh. Apal sorangan, pikiran uing mah katinggaleun jaman. Anggur masrahkeun kapercayaan ka barudak mahasiswa, nu puguh pinter nyarita, nu boga konsep daria. Uing mah tugasna lain mikir, tapi prak-prakanana.”

“Ah, prak-prakan ti mendi. Nu aya mah ngacaprak. Angot basa aksi di gedong parlemén mah. Lajag-léjég hereupeun nu jaraga. Nohtor arak. Geus saat, botolna diamang-amang. Bari henteu ari dihantemkeun mah. Ukur wani nyingsieunan wungkul, bedul!”

“Kapan titahan didinya, Ki. Nu jaraga harita, digulag-gapér, dipontang-diponténg, atawa dicium sarébu kali waé mah moal matak meta, satungtung euweuh paréntah ti  atasanana mah. Kapan kitu?”

“Aéh, heueuh nya. Ari taeun téh. Enya, teu kasawang tug-tegna haté nu jaga harita. Padahal lain aktor ilaing téh. Tapi siga euy. Kapaké ngabobodona mah. Aing ogé, nu nénjokeunana ampir kawér-wéran.”

“Is, lain ngabobodo harita mah Ki. Puguh karep mah hayang ngabalédogkeun satakerna. Ngan édas kaburu inget, di antara jalma nu ditaregos jeung diharélem téh aya sobat ti keur leutik. Bisi ngabalédogkeun botol kalah nengel ka manéhna. Kapan basa uing jeung Aki dibeberik gé, nu nyalametkeun téh si éta, nu méré lolongkrang kabur gé si éta. Maenya wé nu geus nyieun lampah hadé kalah rék dijieun buncunur. Ku botol deuih. Botol mahal deuih. Aduh, lebar temen mun botolna peupeus!”

Paguneman téh aya wiwitan tapi taya wekasanana. Ki Marat jeung Mang Sadé uplek kénéh, silih témpas jeung silih wawaas waktu ninggalkeun saung sirop. “Upami aya nu jajan, muga-muga aya waktos mangaladangankeun, kaulanun,” ceuk nu duaan rampak ka tukang dagang nu keur nyalsé, nalangkring bari ngawarangkong méakkeun kaluman.

Detik baganti ku menit. Menit baganti ku jam…

Ki Marat jeung Mang Sadé tacan jebul kénéh waé. Incu Ki Marat kérék nyegrék. Uing élékésékéng. Nyobaan nyamar jadi kebul, nyamar jadi kérésék, laju nyamar jadi laleur nu laluasa hiber turta eunteup di luar jeung di jero saung sirop Ki Marat. Sabot keur kitu, ti jauhna, kapireng aya nu gogorowokan. Ménta tulung: “Tuluung!” Aya nu kapireng ngucapkeun kalimah suci: “Allooohu akbaaar!” Tapi aya ogé nu ngagorowokkeun kalimah kotor: “Anjiiiiiiiing! Bangsaaaaat!” Pamustunganana mah kalimah kotor jeung kalimah suci téh awor, hésé ngabédakeunana. Nu kotor kasucian. Nu suci kakotoran. Langit nu tadina lénglang téh dadak sakala reueuk alatan kalimah-kalimah nu pacampur, meureun kalimah révolusi anu kitu téh. Gelap ogé pipilueun dor-dar. Matapoé bitu. Jalan nu tadina ramé jadi suwung. Ari nu di jero saung sirop mah, incuna Ki Marat, beuki ragot jeung impianana sorangan. Malah kungsi gundam:

“Ah, révolusi mah pikaseurieun, bodor wungkul, lalakon Si Kabayan!”

“Révolusi silih révolusi deui, silih révolusi deui, vulus wéh!”

“Révolusi mah sirop uyupeun jalma hanaang!”

Golombrang sora baskom, patémbalan jeung katél, jeung rantang, jeung panci, jeung kéler, jeung sosodok, jeung panyiuk, jeung panyaringan, jeung gelas ti saung séjén, jeung pikiran, jeung kahariwang, jeung kakeuheul ogé kasieun jalma-jalma.

Kocapkeun Ki Marat jeung Mang Sadé, bet ngajengjen di kaanggangan. Pernahna banget ku anggang ti tempat lumangsungna kajadian. Calangap leungiteun sora. Neuteup tapi kosong sorot matana. Dua leungeunna ngeleter. Dua sukuna nyorodcod. Késang ngagarajag. Kaatoh silih lindih jeung kasieun. Kawani silih andih jeung kamelang. Mirupa patung-patung pahlawan di puseur kota.

Tacan cacap, sumawonna uing bisa reureuh tina ieu kareuwas, kaca pirang-pirang saung pareupeus. Kenténg nyusul arucutan. Sawatara tukang dagang narulak cangkéng di tengah jalan. Ngajingjing pakarang leungeun katuhuna, ngajingjing nasib hirup leungeun kéncana. Tapi ari geus puguh, yén anu datang olégréng ku pakarang sarta leuwih loba jumlahna, sawaréh padagang téh mikir dua, tilu, atawa boa tepi ka rébuan kali. Pamustunganana kabur narotog-notogkeun manéh. Aya logak katincak, aya tanggul teu diitung matak buncunur. Lumpat sakalumpat-lampét, nyalametkeun diri. Nu masih kénéh ngajarega, gédé kayakinan, teu gedag kaanginan, buukna nu katebak angin badis kahuruan. Tapi ka dituna mah nungtutan ngajararengkang. Robot-robot nu datang taya ras-rasan téh narajang, ngarecah, tepi ka tulang-taléng tukang dagang minuhan ieu teuteupan.

 “Rék kasumpingan manusa nomer hiji di ieu jagat, masih kénéh can bebenah? Nu rék sumping téh titisan cahaya révolusi, deuleu! Mikacinta kabersihan, mikangéwa hunyudan sarah nu matak bala!” ceuk nu awong-awongan ti jomantara mégapun. Sorana ngarujad-rujadkeun mangpirang panto saung, nongtak éngsél jandéla nu teu pati seseg dipasangna. Mangpirang saung, ogé jongko, walatra jadi trotoar anyar, kalawan nyangking warna beureum. Beureum getih.

 Atuh gedong-gedong sigrong nu jalugjug jangkung, katempona beuki agréng baé ti wanci harita. Langit lénglang deui sabihari. Selang sawatara rénghap, rentang-rentang aya mobil agréng nu datang, diaping ku mobil-mobil robot, kapal udara robot nu waspada bising aya jalma ngamuk atawa meta, mirupa maung turta gajah.

 Di jero mobil, tokoh révolusioner téh nanya ka nu diuk gigireunana, “Ari sobat kuring, Ki Marat, di belah mana dipernahkeunana?”

“Palih payun kulan, nu wangunanana paling agréng, ngajungkiring! Tangtos di palih dinya agan Marat mah. Tokoh révolusoner. Tokoh parobahan jaman, tina jaman peteng jaten jaman caang. Kasang tukangna icalan sirop, lajeng nyangking kalungguhan jalmi penting. Diperhatoskeun ku sakumna pangeusi ieu nagri. Malih kantos dileler pirang-pirang tanda kahormatan nagara, jaminan kasejahteraan, sareng sajabina ti éta. Tangtos di palih dinya agan Marat mah, nu paling agréng. Supados anjeunna raos-raos istirah.”

Uing nu harita geus salin jinis, pindah rupa jeung tangtungan jadi supir mobil révolusioner, teu bisa nyawad sumawonna ngaheueuhkeun, ukur bisa seuri konéng basa anjog ka taman makam pahlawan téh.

 (1) René Descartes
Ciumbuleuit2011 – Astana Gedé 2012


 * Dimuat di PR, 15 Juli 2012, judulna jadi "Selang Sawatara Regot Tina Sirop Revolusi" 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar