Senin, 08 Oktober 2012

Carpon Prayoga Adiwisastra


TALAGA PANGANTÉN

     Handapeun langit peuting, katémbong dua rumaja keur diuk ngaréndéng, husu ngaderes hartining jempling dina haténa sewang-séwang. Sedeng talaga, talaga nu satia maturan hareupeunana, geus boga kayakinan yén Gusti geus ngirimkeun éta dua insan pikeun dilenyepan ku dirina. Malah éta talaga ti béh ditu mula geus pohara nganti-ngantina kana ieu kajadian. Ari itu beungeut cai talaga ukur wasa némbongkeun riak-riakna, tangara milu nyaksi turta nengetan kana sagala usik jeung malikna éta dua insan.
    Geus sapoé duanana ngajanteng di sisi talaga. Baheula, waktu téh keur maranéhna mah lain pikeun dipikasieun atawa dipiharep kadatanganana. Da keur maranéhna mah lalampahan lilana waktu téh gumantung kana kumaha cara ngadongkanganana. Maranéhna bisa laluasa ngalanglang ka mangsa iraha baé, ka jaman mana baé. Maranéhna kari milih rék tanggal, bulan, jeung taun sabaraha pikeun poé kamari, poé ayeuna sarta poé isuk. Bet ayeuna, waktu téh teu bina ti hinis nu nyérését, nyebitan waruga jeung batin duanana.

     Nu maké syal kayas katémbong nangtung lalaunan. Éstu nangtung téh saenyana, taya ngaléngkah sapisan. Paneuteupna museur kana talaga hareupeunana, kawas nu hayang neuleuman jerona talaga jeung haté nu diuk katuhueunana. Sedeng nu diuk katuhueunana téa, nu dijékét biru, sirahna tina tungkul lalaunan tanggah neuteup anteb ka nu maké syal kayas. Duanana ngarasa bisa silih jugjugan haté ku kaayaan jempling kawas peuting éta. Jempling nu lain ukur duméh taya sora ti alam sabudeureunana, tapi jempling ku teu nyoarana lisan séwang-séwang.
     Sabot kitu, paroman nu maké syal kayas robah meueusan. Kawas nu ngeueum sarébu pananya.
     "Kang, lalampahan balayar urang téh rék ka mana balabuhna? Geus lawas léngkah urang leungiteun pangjugjugan. Kawas nu keur anteng balayar, tapi saenyana mah katambias. Bet itu kalakay mah da geus puguh deui ka mana tujulna, balabuhna hareupeun urang sanggeus cacap ngangkleung dina riak-riak talaga. Balikanan urang, bet teu béda ti jalma nu kurang ingetan. Bongan Akang. Bongan Akang nu ngayun-ngambing kayakinan. Ti mimiti tepung, taya reureuhna Akang nyarita perkara mupusti asih. Enya. Ayeuna pikiran Akang enya-enya geus heureut. Katompérnakeun, éta sora téh geus teu deui namper dina lelembutan. Tuda geus jadi kacapangan, malah geus jadi harti dina réa buku, yén cinta téh mumunggangna kaéndahan. Tapi naha hal nu hambar, malah peuheur balukar tina éta cinta teu jadi harti jeung kacapangan?
     Saenyana mah ieu waruga jeung batin téh geus leuseuh balas nunutur Akang. Awak gé teuing ku lungsé, leuwih rampohpoy ti batan saméméhna. Meureun balas dalit turta teu weléh satia ngukuntit. Lah, boa ieu léngkah téh teu bisa disebut nunutur, da kapan nu dituturkeunana gé geus leungiteun udagan.”
     Duanana taya nu ngedalkeun lisan. Tapi duanana bisa silih jugjugan eusining haté séwang-séwang. Pon kitu deui itu talaga gé geus engeuheun kana kedaling batin duanana. Tapi talaga teu wasa ngagareuwahkeun, turta teu bisa neguh kana sagala hal nu bakal karandapan ku dirina katut éta dua insan. Éta kajadian di sisi talaga téh lir paguneman batin nu teu reureuh gumuruh sajeroning jempling.
     Nu maké syal kayas gék diuk deui. Manéhna geus saged keur nampa jawaban ti lalaki nu diuk katuhueunana. Sedeng nu dijekét biru katangén obah diukna, teu lila jung nangtung. Paromanna gé katémbong robah.
     “Ditya, geuning anjeun teu baé nyarita? Geus lawas urang ukur diuk paréndéng. Antukna mah paheneng-heneng baé. Tapi Akang geus bisa ngalelebah eusining haté anjeun. Tangtu anjeun gé geus ngemu rébuan alesan pikeun anteng ngabigeu. Malah kasimpé talaga hareupeun urang gé moal mapakan kasimpé diri anjeun.
     Enya. Urang téh keur pada-pada nyanghareupan masalah. Masalah anjeun téh tangtu sabab ngarasa diulinkeun ku Akang. Saenyana éta mah masalah nu dijieun-jieun ku anjeun sorangan. Mun téa anjeun teu bisa ngungkulanana, keun sina éta masalah nu ngaréngsékeun anjeun.
     Sedeng masalah Akang sorangan, boa teu ieuh jadi pikiran keur anjeun mah. Da masalah anjeun mah huluwotanana lain ti Akang. Ceuk tadi gé jolna ti pangrasa jeung panyangka anjeun sorangan. Hartina, anjeun geus ceuceub ka diri anjeun sorangan. Da nu dipiceuceub ku jalma nu keur mikangéwa mah taya lian ti dirina sorangan. Jeung deuih taya gunana anjeun nyaho kana masalah Akang.”
     Talaga beuki ngolotan baé. Rungkun jeung jujukutan beuki rembet na sapanjang biwir talaga jeung haté éta dua insan. Malah nu katara beuki ngolotan téh lain talaga baé, tapi waruga éta dua insan gé milu ngolotan. Katémbong huis geus mimiti renung dina sirah duanana. Kawuwuh beungeut duanana katémbong beuki haropak baé. Tapi talaga angger baé sabar nganti-nganti kajadian naon deui nu bakal tumiba. Ku beuki ngolotanana umur, talaga beuki wijaksana. Talaga boga pangrasa yén ngalap luang mah bisa ti mana baé tur ti saha baé, sok sanajan ti manusa nu mindeng nyieun talajak culika.
     Nu maké syal kayas dina paromanna katara aya rék nu dikedalkeun, tapi ayeuna mah teu deui nangtung cara saméméhna. Boa balukar tina beuki ajurna awak. Manéhna angger diuk kéncaeun beubeureuhna.
     “Kang, saenyana ieu awak téh geus rangsak, tur ieu jajantung ketegna geus mimiti ngirangan. Tapi kasatiaan lain perkara nu babari ditilarna. Pasini nu lawas dicangreudkeun geus moal bisa diudar deui. Sabab Akang sorangan nu geus maheutkeun pasini, yén moal lila deui gé urang bakal kakurung ku hukum, sah ku nikah. Kitu pisan omongan Akang nu kungsi kapireng. Tapi bet ayeuna, sagala pasini ngan kari kelemengna, taya buktina sapisan.
     Cenah éta ieu diri ti tatadi ngaheneng baé, saenyana mah taya alesan nu ngalantarankeunana, kawas Akang nu teu daék ngasongkeun alesan jeung sabab pangna Akang teu baé balaka. Saenyana ku talajak Akang nu teu baé balaka, geus jadi tangara yén dina diri Akang téh enya-enya aya masalah. Lain. Lain ieu diri nu ngaréka-réka masalah. Atawa malah boa Akang sorangan nu nyieun éta masalah. Mun téa mah disebut midua. Enya. Akang téh geus midua. Akang leuwih milih tur mihéman kana mulasara masalah ti batan mulasara ieu haté. Sedeng ieu diri tangtu bakal baruntak, moal ngantep kitu baé mun téa Akang enya-enya geus midua. Ayeuna, leuwih hadé Akang balaka baé, saméméh ieu waruga beuki ajur ku gangasna baruang hawa beurang jeung peuting. Taya hartina Akang hantem baé nyidem tur ngagayem bangbaluh.”
     Padungdengan di sisi talaga beuki ngaguruh baé. Éta dua insan silih nganaha-naha kana sakur rusiah nu dikeueum ku béné-beureuhna. Langit luhureun talaga ngirimkeun guludug nu teu reureuh tinggeleger, geusan méré tangara teu panujuna langit kana réngkak reujeung ketak éta dua insan nu keur sumedeng lewang luwang-liwung.
     Teu béda jeung nu maké syal kayas, nu dijékét biru gé geus teu kaduga malik najan ukur sausik. Da sagala usik geus diatur ku Gusti nu ngusik-malikkeun usik. Da enya atuh, geus dua poé maranéhna ngajanteng di dinya téh. Katémbong awakna mimiti ngageter. Keureutan beungeutna geus mirupa lalaki tengah tuwuh. Keureutan beungeut nu kuduna lila kénéh mirupa ka manéhna.
     “Mun awak anjeun geus karasa rangsak, satemenna awak Akang gé geus remek. Sok sanajan kitu, Akang masih bisa neger-neger manéh. Akang cadu mun kudu némbongkeun kateudaya hareupeun anjeun. Rumasa. Akang kungsi maheutkeun jangji. Pasini nu ku anjeun teu bisa disebut pupulasan. Malah kapan nyabit-nyabit hukum jeung nikah sagala. Tapi naon hartina éta pasini nu geus lawas dipaheutkeun, mun ayeuna Akang sorangan geus jalir tina éta jangji? Sagalana geus kapalang, Ditya. Akang geus katalanjuran ngalajur napsu. Sakali deui. Rumasa. Akang geus aya pikir kadua leutik. Aya nu dianjing cai. Tapi lain aya pikir kadua leutik cara biasana. Lain katarik birahi ka anjeun pikeun nu kadua kalina. Harita, mangsa Akang ka imah anjeun cara sasarina, Akang bet aya jorojoy ka awéwé nu harita datang nyuguhan ka rohangan tamu. Laju baé ditalék. Horéng éta awéwé téh indung anjeun. Tapi bet keureutan beungeutna teu kawas indung. Taksiran mah ngan sababaraha taun géséh umurna jeung anjeun. Éstuning kawas lanceuk anjeun baé. Anjeun tangtu moal engeuh, sabab harita kapan anjeun kawasna keur anteng dangdan kénéh di kamar. Ti harita, Akang jeung manéhna pupuasan nyeuseup kareueut asmara, silih umbar héhégak napsu dina oléng lautan birahi. Bongan. Bongan indung anjeun nu ngaladénan kahayang Akang. Jeung deuih bongan anjeun nu hirup pinuh ku panyangka. Ayeuna, seug baé anjeun rék boga pikiran jeung ketak naon baé kana lampah Akang. Da kapan sakumaha kahayang anjeun, Akang ayeuna geus balaka kana saniskara lalakon nu geus disorang.”
     Langit peuting luhureun talaga ngadadak tingkolényay, tingbarasat ku jorélatna kilat. Guludug tinggeleger silih susul jeung tatit. Sorana mutuh wuwuh gumuruh, handaruan. Ngeundeuk-ngeudeuk haté éta dua insan nu keur dirungrum liwung. Pon kitu deui talaga hareupeun maranéhna gé bangun nu panujueun kana katugenah langit. Tatit disina laluasa ngalangkang dina beungeut cai talaga nu keur sumedeng peteng ku meredongna peuting.
     Guludug jeung tatit di langit kawas nu méré tanaga ka nu maké syal kayas. Jajantung manéhna ngadadak ratug satutas ngadéngé omongan beubeureuhna. Ngaranjug lain meumeueusan, reuwas lain dikieuna. Tuda saha awéwéna nu ihlas nampa talajak hianat kawas kitu peta. Mana komo ieu beubeureuhna katarik birahi ka nu jadi indung sorangan.
     “Kang, sukur Akang geus balaka kana sagala kalakuan hianat jeung culika Akang. Tapi ieu haté tetep teu bisa babari nampa. Mun Akang geus ngarasa katalanjuran ngalajur napsu birahi, ieu diri gé geus katalanjuran kahuru napsu. Akang tadi geus nyarita yén ieu diri seug baé rék boga pikiran jeung ketak naon baé gé kana lalampahan Akang. Heug, ayeuna éta omongan bakal dicumponan.”
     Jung, éta nu maké syal kayas téh nangtung. Dak dumadak awakna karasa jagjag. Teu deui rampohpoy cara saméméhna. Aya tanaga nu datangna tina kalara jeung kapeurih. Pikiranana geus teu jejeg, liwung nu banget pohara. Koréléng leumpang ka tebéh kénca, ka handapeun tangkal camara. Ari itu nu dijékét biru mah teu engeuheun kana paniatan bébénéna. Manéhna ukur ngarérét sakeudeung, tuluy ngeluk tungkul deui. Sedeng nu disyal kayas mah anteng neuteup ka lebah handapeun tangkal camara. Kasampak dina taneuh aya kai ngagolér sagedé bitis, nu mémang ti tatadi mula geus diniatan dina pikiranana éta kai téh rék dipaké pikeun ngala pati beubeureuhna. Nya laju baé dicokot, dicekel ku dua leungeun pageuh naker. Koréléng nu disyal kayas rerencepan ngeteyep ka tukangeun beubeureuhna. Sanggeus nepi ka lebah tukangeunana pisan, teu antaparah, éta kai téh diteunggeulkeun kana sirah beubeureuhna. Nenggel pisan kana sirah lebah tukangna. Atuh nu dijékét biru tuluy rubuh niba kana taneuh. Awakna geus teu usik teu malik. Ningali nu dibabuk geus teu walakaya, nu disyal kayas gagancangan muru awak beubeureuhna, tuluy baé digusur ka sisi talaga, laju disurungkeun kana cai talaga tepi ka titeuleumna.
     Sanggeus sawatara lila, katingali awak beubeureuhna geus ngambang dina talaga. Sajongjongan mah éta bugang beubeureuhna téh hantem diteuteup. Anteb.
      “Kang, ku cara kieu haté téh bisa lipur deui. Ayeuna ieu diri teu deui kahuru ku napsu. Ieu haté geus tingtrim. Leuwih hadé Akang nemahan pati ti batan nu jadi indung miheulaan nyeuseup giungna buah gandrung. Ayeuna urang bisa laluasa panganténan, Kang! Urang moal deui kaganggu ku indung. Urang sakeudeung deui bakal dirapalan, Kang!”
                                           
                                                       ***

Mangle No. 2391

Tidak ada komentar:

Posting Komentar