Selasa, 10 Juli 2012

Sajak Deri Hudaya


Sajak Roko

Ieu ketak lir haseup roko
Nunutur bujur angin kamana boa
Mangpirang lolongkrang ngabangkarak
Pagaliwota reujeung kekebul dunya
Tinggal kuntung kaduhung
Anu nanceb mangrupa tetengger



Sajak Tukang Dagang


Hiji jalma maké papakéan ruwak-rawék
Lumpat tibabaranting. Manéhna nyorowok
Mapakan gerungna mesin-mesin citakan duit:
“Gera beuli dagangan kuring.
Baju hideung, calana hideung, sarta payung hideung.
Pangéran geus maot tadi peuting. Nalika bulan keur
Meujeuhna molotot. Gera beuli dagangan kuring!
Naha moal nyekar?”
Manéhna ngiles tina tungtung teuteupan,
Nyorang pudunan. Nuju lemah pajaratan.

Galura, 1 Mei 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar