Selasa, 10 Juli 2012

Sajak Ari Andriansyah


RANJANG PANGANTÉN

Peuting luminjing
Kalakay waktu detikna teu kungsi kacatet
Ukur sora haréwos nu nungtut muguran
Jeung haroshos napas tina rekét nu pamungkas
Lalaunan jamparing rangseb ti rénghap ka rénghap

Arjasari, 2008



PENTAGON

Peuting deui nu ngauban
Sanggeus ringkang ngararangkang dirérab héhéab beurang
Di dieu saban raga balitungan jeung karémpan séwang-séwang
Perkara lalakon nu tacan kasorang atawa impian nu terus ngalangkang
Tapi bet jempling jeung jempling deui nu ngantengAntara tungtung tutugan lembur jeung gapura kota nu beuki kosta
Kalimah demi kalimah, kecap demi kecap, rénghap jeung léngkahna
Nu ku urang salawasna diacungkeun dina réwuan peureup,
Kélébét bandéra, bébér spanduk, lambaran poster, gorowok megaphone,
Galantang mangpirang sora, jeung beulitan lawon beureum dina sirah
Harita geus jadi milik maranéhna



Peuting deui nu ngauban
Sanggeus ringkang ngalulungsar béakeun hégak
Di dieu taya nu haat ngantengkeun galindeng guntreng
Ukur siriwik angin jeung hinis janari nu lana nurihan sukma
Lintingan carita nu mana deui nu baris ngelun ka puseur langit?
Ungkara urang kapan kerelek bir nu nyaab dina genggerong
Sedeng aweuhan kari botol demi botol nu balencar dina sirah
Taya nu bisa dikedalkeun sapanjang peuting mucicid
Gedong-gedong buhun humaregung, pucuk camara maruyudan,
Kapinis kabulusan, bangké bulan, jeung sesemplékan sésa harepan
Harita geus tilem dirurub halimun langgeng

Peuting deui nu ngauban
Sanggeus ringkang ngabangkarak dihurup réwu talikung
Di dieu saban raga ahirna kudu padungdeng jeung kapangger sewang-séwang
Naha kudu terus rumanggieung nyalabarkeun sesebitan kaadilan
Atawa nyidem rasa nu rangsak disasaak, jeung rerengkeng urat
Katut létahna nu mindeng ditandasa? Taya hartina ngaracun kalbu
Nyartu bengisna waktu. Kapan saniskara lulurung waktu kalarung
Tacan parat kasurahan. Di dieu urang pasini ngemitan demitna peuting
Nyaruakeun deui warna-warni ungkara jeung wirahmana
Rék narajang deui jangkungna pager jeung tohagana témbok maranéhna
Najan congo bedil baris langgeng ngalang ringkang

Bandung, 2007


RANGRANG PEUTING

Gumalindeng deui gentraning gentra Salira
Dijemplang-jemplangkeun angin mangsa jempling nurih peuting
Mangsa tulak méga rerencepan mueundeutkeun panto cahaya
Di dieu, dina lulurung panjang kuring leuseuh ngagugusur suluh umur
Ngajeungkalan bangkarak bulan, ngadeupaan ruruntuk taun. Sedeng késang
Jeung cimata, tatu jeung kapeurih geus ngabatu jadi tihang-tihang waktu
Tempat ngagantungkeun bugang-bugang harepan jeung impian
Jungjunan, Salira di mana? Ieu régang kasono hurung deui tina piruruhan

Gumalindeng deui gentraning gentra Salira
Dijemplang-jemplangkeun angin mangsa jempling nurih peuting
Mangsa tulak méga rerencepan meundeutkeun panto cahaya
Bet simpé nu langgeng kaderes jeung mongkléng nu lana ngalamur sukma
Ka mana ngulangkeun léngkah lamun tincakeun mangpirang cucuk
Jeung rungga? Lain kalong leungiteun pangampihan atawa heulang
Tuna panyayangan, éstu jirim sorangan ngalungsar béakeun hégak
Boa imah Salira geus lila ngaringkeb pikeun kuring salawasna

Gumalindeng deui gentraning gentra Salira
Dijemplang-jemplangkeun angin mangsa jempling nurih peuting
Mangsa tulak méga rerencepan meundeutkeun panto cahaya
Tapi gentra beuki kapireng lapat-lapat, imah Salira beuki samar laun-laun
Patok demi patok lalampahan ruhay deui pareum deui dina rénghapan
Sapanjang nyusud galindeng horéng lebu beuki kandel ngarurub kalbu
Kasadrahan nungtut ngeprul, nungtut ngeprul nyilalatu. Jungjunan, Salira di mana?
Kuring hayang istirah dina pangkonan Salira, neueulkeun bugang nu lawas katambias

Garut, 2009

Galura Edisi No.1, 10, & 36 Taun 2010

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar