Selasa, 10 Juli 2012

Carpon Ari Andriansyah

                                 BUGANG BULAN


Cungcuing. Cungcuing ngelak deui. Nurih lalanggong langit.
Girimis. Ngepris. Jarum-jarum girimis rangseb deui ngajarumat saban léngkah. Satampah lemah. Imah. Katut totoangna nu karanjah caah. Sedeng angin. Angin peuting. Angin nu salawasna ngarara saniskara tangara. Angger ngagelebug ka kidulkeun. Ngahiur ka tungtung lembur. Ngendag-ngendag jajaran tangkal kalapa jeung pucuk janur. Parat ka saban kandang ingon-ingon jeung ronggos baluntas nu ditingker ringkang cileuncang.

Gumuruh. Séah walungan terus gumuruh. Bareng jeung sora-sora ahéng dina léléngkah angin. Ngaraas babantar jempling. Ngarayap ka hilir peuting. Di dieu. Waktu lir congo bedog nu diteueulkeun dina jajantung. Sanggeus saban raga teu reureuh ngemitan demitna harepan. Nganti ranggeuyan ringsang nu saukur rumekah dina kalangkang impian.

Panén. Panén saukur ungkara nu ditilar galindengna. Saukur jemplang nu anggang tina wirahma. Silung. Silung dina saban padalisan implengan. Naon hartina hégak jeung késang nu salawasna ditandonkeun? Lalakon kapan geus tilem dina upluk-aplakna rorogan nu mirupa sagara cileuncang. Pasini rarabi asih geus lawas udar tina simpayna. Ringkangning pati ngukuntit ti usik ka usik.


Handapeun cécékas cahaya bulan, di sisi bendungan nu gemprah bedah, sapasang panon teu reureuh ngaderes gulidag walungan. Pasawahan nu laput kakeueum. Kelemeng jujumpluk suhunan lembur. Parat nepi ka runggunuk haur. Saman. Sila tutug luhur batu, deukeut sésa tanggul nu milu ambruk. Pencrongna beuki jauh. Jauh. Bangun hayang ngobét naon nu aya satukangeun rérégan méga. Mapag ruruhit angin. Nadah lalancip girimis.

Sarungna beuki pageuh ngabakutet beuheung jeung dadana. Bedog ngagantél malang dina cangkéng kéncana, adek jeung batré nu diheumheum saku calana komprangna. Rénghapna beuki panjang lir hujan nu lila nganjang ka lemburna. Nu nungtut ngaremkeun sakur ingetan, panyileukan, jeung nu kungsi kapicangcam.

Peuting terus ngaregéh ka puseurna. Girimis beuki lantis ngulimisan raga. Ngulimisan sukma. Aya nu terus ngolébat dina kongkolak panonna. Kokolébatan. Ngalanggéor luhur galengan. Ngulangkeun gupay. Deukeut. Ngadeukeutan. Ngasongkeun réma. Pataréma. Saman. Curinghak. Gigisik. Kalangkang peuray. Saman. Ngarahuh. Aya nu terus nyérését dina haténa. Sésérésétan. Peuting isuk urang panganténan, gerentesna.

Saman. Jadi robah paromanna. Mencrong bulan. Rénghapna ngerepan. Beuki ngerepan. Jung nangtung. Sakilat mesat bedog. Laju diabar ka langit, “Anjing...!”
Saman. Jorowokna meulah peuting. Cungcuing ngelak deui. Sakedapan tatit nyebit langit. Hujan ngagebrét deui. Caah ngaranjah deui. Gumuruh. Beuki gumuruh. Waruga bulan ngambang dina séah gulidag walungan.
***
Girimis. Ngepris. Girimis teu reureuh ngepris. Lemah lantis. Peuting kulimis. Saman. Léngkahna anjog ka buruan. Ngarandeg. Nangtung sajongjonan. Neuteup sakabéh juru-juru imahna. Ngaléngkah deui. Bangun nu seunggah. Ngagusur guligah. Rekét panto dibuka. Handapeun kelemeng bohlam jeung remeng-remeng cahaya bulan.

“Ti mana baé sia, Man?” sora indungna nu keur nyusuan adina nu bungsu, mapag ti enggon. Pok deui rada dibedaskeun, “Ku aing ditétéangan ti isuk mula, dipapaykeun ka Ki Sanip jeung Si Ahum sugan milu ngajala, euweuh cenah. Geus ngalayab ti mana sia téh? Wayah kieu karak balik!”

“Heueuh, ti mana baé sia téh, Man?” bapana ngéngklokan bari melenyun udud, ngadayagdag dina ambén.

Saman. Ngabetem. Gék gigireun bapana bari ngagolérkeun bedog jeung batréna.
“Ku aing arék dititah néang Ma Acem sina ngurut. Deléh tah adi sia, Si Samin, bengkak dengkul jeung sikutna. Tipolését di cai!” indungna nyoara deui.

Saman. Cengkat. Nyampeurkeun Samin, adina nu kahiji, nu keur tibra gigireun indungna jeung Siti, adina nu pangais. Katangén tatuna nu dibakutet lawon bodas. Diteuteup salila-lila. Geus seubeuh neuteup, gék deui di tempat urutna. Angger ngabetem.

“Ti mana baé sia, Man?” bapana bangun hayang nandeskeun deui pertanyaanna. “Kolot mah hariwang manan kitu gé. Sia gé meureun nyaho sorangan loba urang lembur nu kabawa palid alatan caah gedé. Okos nu kamari kajadian...”

“Uing geus ti hilir néang sawah,” Saman. Tungtungna nyoara.

Bapana ngajenghok. Neuteup jero. Hayang neguh saniskara nu keur disidem. Tapi teu lila indungna morongos deui, “Dasar, sia mah badeg! Nanaonan los-los ka sawah? Bérod, teu beunang dicaram. Okos teu nyaho bendungan jebol, caina guntur!”

Saman. Ngabetem deui.

Tapi bapana geus surti perkara nu nyalira dina pikiranna. Jeung naon-naon nu kiwari keur kalakon. Nu salila ieu piligenti nigas leunjeuran harepan, tina ladang nawu késang jeung cimata. “Teu kudu nemen-nemen teuing néang sawah, Man. Ké gé bakal aya nu ngabéjaan ka dieu lamun cai geus surut,” bapana nyelang heula ngetrukkeun calacah kana asbak tunjangeunna. Pok deui semu dareuda, “Tong dipaké mangkel. Kabéh gé sarua okos sia. Kahayang mah, alukan mangkat nuturkeun amang sia ka Jakarta. Tong ieuh mikiran nu di imah, da aing gé masih kénéh jagjag.”

Saman. Ngaheneng. Di juru lalangit nu ngaharelob, reungit kajiret ramat lancah nu pajuranteng. Ngerejet.

“Teu luas mun uing kudu ninggalkeun lembur mah, Pa. Anak naon aranna mun téga ngantep kolot dina kaayaan okos kieu...” Saman. Nyoara deui.

“Aing ngarti, Man. Tapi aing embung ningali nu jadi anak marungkawut baé. Aing hayang soténan sia rabi-rabi, imah-imah di kota. Tong nguluwut baé di lembur!”

Ngaheneng deui. Reungit kajiret deui. Ngerejet deui.

Saman. Bangun asa-asa rék nyarita téh. Tapi lila-lila mah teu burung pok, “Tadi beurang Si cucungur Haji Karsim nagih deui?”

Bapana teu némbalan. Rokona nu tinggal calacah angger ngelun dina sesela ramona. Ngarénghap. Saukur ngarénghap. Ngalangkang deui beungeut Haji Karsim tadi beurang nyacampah laklak dasar, jeung Ki Dasam, bapana Sari, rék ngabedokeun ngawinkeun. Ngalangkang deui kotakan sawahna. Ngolébat deui beungeut Haji Karsim. Piligenti. Bet ngolébat waruga Haji Karsim ngabadagan. Nriwikrama. Matana hurung. Sihungna ranggéténg. Ramo-ramona ranggoas ngaranggeum ti rorogan ka rorogan. Kabéh urang lembur dikerekeb. Bapana ngagebeg. Aya nu nungtut muguran tina dahan ingetan. Aya nu nungtut ngeprul tina usum nu geus ajur. Taya bédana antara ngijih jeung katiga, horéng bangsal angger hapa. Pabinihan lana nyileuncang jeung wereng baris langgeng baranahan dina sukma.

“Nagih deui, Pa?” Saman. Mindoan deui pertanyaanna.

Tapi nu némbalan indungna ti enggon. Sorana beurat, “Tadi beurang ngamprokan ka dieu jeung Ki Dasam, rék ngabedokeun…”

Teu kebat. Bapana kaburu némpas bari ngusiwel mikeun sacewir ondangan tina sarungna. “Ilikan yeuh, Man.”

Saman. Nampanan. Lalaunan dibaca. Tapi teu lila murag tina cepenganna. Kapireng segruk indungna jeung ngoar adina dina aisan. Beungeut Sari ngolébat. Kokolébatan. Disanggul dironcé manglé. Ngaréndéng. Oléng pangantén. Saman. Rénghapna ngerepan. Beuki ngerepan. Peuting ngalinjing. Girimis ngepris deui. Ringkang bulan tinggal geterna.
***
Girimis. Ngepris. Girimis teu reureuh ngepris. Lemah lantis. Peuting kulimis. Saman, Ki Sanip, jeung Ahum, kacandet ringkang di garduh juru lembur. Handapeun kelemeng bohlam jeung remeng-remeng cahaya bulan.

Tilu rénghap ngemu réwuan bangbaluh. Tilu waruga pada-pada anggang ngaderes juuhna usum. Lir kembang jarah nu jujumplukan antara tangkay jeung sirungna. Kawates waktu. Waktu nu salawasna jadi satru. Tina tapak ngulangkeun caplak, dina jajaran lalakon nandur harepan nu kaliwat. Katigin jeung kamelang horéng lana laligar jeung maluguran. Sanggeus lungsé nampingan hihieum pamadegan, nyacar ngajejembrungna karémpan nu tan watesan.

“Hujan téh teu eureun ngepris, Ki,” sora Ahum kahiberkeun angin.

“Tibang girimis doang, ké gé raat, tungguan bé. Ongkohna da soré kénéh ieu téh,” jegroh Ki Sanip batuk, tapi coban dina leungeunna teu kandeg ngayuman. Ramo-ramona parigel nambalan jala nu benangna paregat. Pok deui nyarita, “Man, dibawa koja jeung kempis keur wadah hurang téh?”

Saman. Ukur unggeuk. Sila tutug nukangan Ki Sanip jeung Ahum. Nyanghareup ka jalan nu ngebat ka bendungan. Sarungna angger pageuh ngabakutet beuheung jeung dadana. Jeung bedog ngagantél dina cangkéng kéncana. Pencrongna jauh. Jauh. Ngalang bulan.

“Tong tengah teuing ngajala téh, Man. Komo maké géték mah. Cai keur guntur! Okos teu nyaho kamari gé urang Waringin maké lamban kabawa palid. Mun mawa jaring mah ngaludangan bé di sisi. Keun Si Ahum nu masangna,” Ki Sanip nyoara deui. Jegrohna kapireng deui.

“Enya, Man. Alukan isuk mah beurang urang gogoh bé di sisi. Kamari gé Si Osid, tangari téh geus pinuh kembuna,” Ahum mairan.

Saman. Angger ngabetem. Bangun teu maliré sakur omongan. Pencrongna jauh. Jauh.
“Kumaha baé urang téh, Ki? Hujan téh bangun rék labas, parat nepi ka tungtung taun boa. Bendungan kalah jebol. Sawah urang kabéh kakeueum. Usum ayeuna mah kabéh teu beubeunangan. Jeung deuih, pamaréntah téh bangun nu ngantep. Batingéling! Can aya nu ngelol-ngelol geuning ka dieu, sakitu geus sabulanna bendungan ambruk!”

“Keun bé tong mangloh, Hum. Cing sabar bé. Saréréa gé keur ngalaman nasib nu sarua. Sugan bé isuk pagéto mah aya kaingetan ti nu di luhur.”

“Cuih! Podol badot! Iraha teuing aya kaingetan. Mun rék pemilu karak aramis budi, da hayang diparilih! Uing mah puguh watir ningali lanceuk sorangan, Kang Aceng, teu tulus kawin jeung Ceu Esih alatan gagal panén usum ieu.”

“Lain lanceuk manéh baé, batur gé sanasib. Baredo kawin. Hasil panén nu diajangkeun keur kariaan, kalah rugi teu babatén. Tuh, kapan urang Tempuran mah aya nu luluasan ngagantung manéh sagala budak awéwé jeung lalakina!”

Saman. Usik. Karasa aya nu nurih jeung ngagerihan. Kalangkang. Kakalangkangan. Kalangkang sari némbongan deui. Disanggul dironcé manglé. Ngaréndéng. Oléng pangantén. Réwuan pertanyaan narajang pikirna. Réwuan supata ngaharupat batinna. Rénghap. Hégak. Rénghap jeung hégakna beuki beurat. Bangun nu keur nekéh tanjakan nu teu parat-parat. Dina hahangru banusan impian nu habén diguar jeung dikaluat.

Tapi taya bédana antara impian jeung kanyataan. Ringkang jeung kalangkangna, usik jeung malikna, raheut jeung peurihna, lana teu bisa dipungkir. Salawasna disarigsig ruruhit takdir. Kawas nu séjén nu sanasib jeung manéhna. Saban usum nu sakuduna kaala dina waktuna, geus lawas sirna tina sadalis-sadalis implengan. Nu ngalangkang saukur paré nu tinggal konéngna. Dibuat tinggal gebotna. Bareng jeung harepan katut kariaan nu geus lila karem dina riak cileuncang.

Ngahuleng. Saman. Ngaragameneng. Deui-deui ngaheneng.

“Geus néang sawah hilir deui, Man?” Ahum ngagebah lamunanana.

Saman. Curinghak. Ngusap beungeutna. Ngagentak malik ngarérét ka Ahum jeung Ki Sanip.

“Geus néang sawah hilir deui?” Ahum nandeskeun deui omonganna.

“Geus lain sawah nu kulawarga uing deui,” Saman. Ahirna nyoara.

“Ilok? Dijual?”

“Geus diborahkeun ka Haji Karsim. Hutang kulawarga uing urut nyawah tilu usum kamari jeung bunga réntenna can kabayar.”

“Gebleg sugan mah Haji Karsim téh! Urang lembur kabéh kacekék ku réntenna.”

“Teu ménta dangka waktu keur mayarna, Man?” Ki Sanip bangun panasaran, jalana disampaykeun dina palang garduh. Diukna ngised. Jegrohna kapireng deui.

“Uing sakulawarga geus wegah manjangkeun waktu, ngandelan hutang. Jeung geus wegah ngadéngé deui nyacampahna! Mun teu nemen dihalangan ku bapa, boa geus dikumahakeun tah bebengepna!”

Ki Sanip jeung Ahum silihteuteup. Aya nu terus rosa jeung hésé diperuhkeun dina batinna séwang-séwang. Karasa gelebug angin ngahiur ka kidulkeun. Ka bendungan, ka rorogan nu ditalikung cileuncang, ngarangsadan sakur kapengkuhan, sadami-sadami ambekan, jeung garajag késang nu diancokeun keur isukan.

Tapi teu lila Ki Sanip nyarita deui, “Kapan sawah hilir téh panénna ajangkeuneun kariaan manéh jeung Si Sari, lin?”

“Si Sari gé sarua diborahkeun ku kulawargana. Dikawinkeun ka Si Rustam!” Saman. Rénghapna jero. Karasa aya nu dipaut meumeueusan tina puhu kalbu. Teu lila malikkeun deui awakna, nukangan Ki Sanip jeung Ahum nu kalah colohok. Mencrong deui langit. Jauh. Beuki jauh. Tapi deui-deui kalangkang. Kakalangkangan. Beuki samar. Beuki sasar. Réwuan pertanyaan narajang deui. Réwuan supata ngaharupat deui.

Sajongjonan taya nu nyoara. Karasa angin beuki gegelebugan.

Ki Sanip jeung Ahum surti, laju nyokot jalana séwang-séwang. Jrut turun tina garduh, “Hayu, Man, bising peuting teuing.”

Saman. Teu némbal. Jung nangtung bari ngarawél koja jeung kempisna. Tapi karék gé ngaléngkah, kapireng sora nu laleumpang bari saleuseurian. Ngadeukeutan. Samar-samar ngaringkang ti béh kalér. Beuki deukeut. Beuki atra.

“Si Rustam! Jeung saha?” Ahum ngajenghok.

“Hor, jeung Si Esih éta téh?” Ki Sanip neges-neges awéwé nu dikaléng Rustam.

“Ceu Esih?!” Ahum satengah teu percaya. Teu karasa jala murag tina sangkéhanna.

Nu laleumpang ngarandeg, Rustam jeung dua baturna nu pada-pada pagégéyé jeung awéwé. Sakilat Esih ngépéskeun leungeun Rustam nu nyampay dina taktakna.

Saman. Ngabetem. Pencrongna seukeut. Awakna ngageter. Rénghap-ranjug. Karasa aya nu ngagelek dina dadana. Leungeun katuhuna tipepereket ngaranggeum pérah bedog.

“Eh, geuning manéh, Ahum? Rék ka mana euy peuting-peuting? Rék menerkeun bendungan?” Rustam jeung baturna nyakakak.

“Ablung bé atuh euy sakalian! Atawa rék dijubarkeun ku aing?!” témbal baturna bari teu euleum-euleum ngarameusan harigu awéwé nu beuki montél. Rustam jeung baturna nyakakak beuki ngeunah.

Saman. Ngageter. Ahum. Ngagidir. Tapi Ki sanip nyepeng pageuh leungeun kaduana. “Tong ngalayanan jelema burung! Hayu urang mangkat!”

“Tong loba ngabacot sia, Rustam! Aing nu kudu nanya mah, deuleu! Deléh tah kalakuan sia jeung batur sia! Sakaceplakan siah ngomong téh! Jeung sia, Esih! Cadu aing mun kudu nyebut deui Euceu ka janggol! Teu nerka sacongo buuk, untung lanceuk aing teu tulus kawin ka sia!” Ahum leungeunna beuki pageuh dicepeng Ki Sanip, bari terus mencrong Rustam, jeung Esih nu  kalah tungkul.

“Naon siah ngabacot téh, anjing?! Wani sia ka aing, hah?! Sakalian jeung lanceuk sia ku aing dileyek!” Rustam pépédéngkréng. Selang-selang ngagaléntor Esih. Esih ngabalieur bari papukis. Tapi teu wasa neuteup Ahum. Aya nu mimiti rembes tina juru panonna. Pok deui Rustam nyarita, “Jeung sia deuih, Saman! Bising teu nyaho, Si Sari geus jadi milik aing, euy! Minggu hareup aing panganténan! Geus katampa ondanganana? Si Sari ku aing rék dikieu!” Rustam ngasupkeun jempolna kana sela-sela curuk jeung jajangkungna. Laju ditunjukkeun bari diutek-utek. Baturna nyakakak deui.

Saman. Angger ngabetem. Pencrongna beuki seukeut. Awakna beuki ngageter. Lalaunan bedog mimiti leupas tina sarangkana.

“Anjing! Parangsana aing teu wani ka sia? Kieu-kieu gé aing gableg harga diri batan sia! Tong gampang nyacampah batur pédah kolot sia pada mikasérab! Kabéh gé nyaho kana kalakuan sia! Lacur, judi, barangasan, tukang nyieun riributan, tukang ngareuneuhan anak batur, jeung kalakuan séjénna nu lamun dicaritakeun matak hina! Taya bédana sia jeung bapa sia!” Ahum beuki teterejelan tina cepengan Ki Sanip.

“Goblog! Naon siah mamawa kolot aing? Sia boga harga diri sabaraha, hah? Dibeuli ku aing!” Kecrot Rustam nyiduh, pok deui, “Sok dibayar ku aing, hayang sabaraha? Déngé, sia tiluan jelema balangsak! Balangsak! Nu pangaji harga diri sia tiluan leuwih murah batan teri di pasar!”

“Anjing...!” Saman. Nyorowok. Sorana nyisit langit. Bedog geus leupas tina sarangkana.

 “Meunggeus, Man, tong dilayanan!” Ki Sanip rikat ngarajengan Saman. Bedogna dijéwang. Laju ngenyang Ahum sangkan buru-buru indit. “Tong dilayanan jelema kitu mah! Urang lain jelema burung!”

Rustam jeung baturna undur-unduran. Ngeleper. Ésih lumpat, nyuuh dina palang garduh. Cimatana teu kabendung deui.

“Hayu mangkat! Tong didéngé jelema gebleg mah!” Ki Sanip terus ngengenyang Saman jeung Ahum. Leumpangna beuki jauh. Jauh. Ngebat ka bendungan.

Geus katangén anggang tiluanana ninggalkeun garduh, Rustam pépédéngkréng deui. Lapat-lapat nyorowok deui, “Saman…! Anjing…! Si Sari ku aing minggu hareup rék dikieu…!” Deui-deui Rustam ngutek-ngutek jempolna. Cakakakna kapireng deui..

Tilu rénghap beuki jauh kalangsu. Tilu waruga beuki lana ngaléngkahan cucuk demi cucuk usum. Ditundung waktu. Waktu nu salawasna nyaliarakeun tatu. Tina tapak ngawuluku kasadrahan, ngagaru sakur ingetan jeung kasatiaan. Nu wakca saukur geter kapeurih nu nyeuitan dina rarangsak rasa séwang-séwang. Sanggeus saban sora leungiteun aweuhan, kapahung néangan layung jeung saung pangreureuhan.

Anjog tiluanana ka sisi walungan. Barang rék ngojéngkang muru lamban séwang-séwang nu ngahaja talina teu diudar tina patok panyangcangan, Saman nyoara, “Minggu hareup, uing rék mangkat jauh. Ngahaja pamitan ayeuna bising teu panggih deui…”
Ki Sanip jeung Ahum teu kebat ngaléngkah. Peuting ngalinjing. Girimis ngepris deui. Ringkang bulan tinggal kalangkangna.
***
Cungcuing. Cungcuing ngelak deui. Nurih lalanggong langit.

Girimis. Ngepris. Jarum-jarum girimis rangseb deui ngajarumat saban léngkah. Satampah lemah. Imah. Katut totoangna nu karanjah caah. Sedeng angin. Angin peuting. Angin nu salawasna ngarara saniskara tangara. Angger ngagelebug ka kidulkeun. Ngahiur ka tungtung lembur. Ngendag-ngendag jajaran tangkal kalapa jeung pucuk janur. Parat ka saban kandang ingon-ingon jeung ronggos baluntas nu ditingker ringkang cileuncang.

Gumuruh. Séah walungan terus gumuruh. Bareng jeung sora-sora nu tingcorowok ti saban pongpok angin. Nyasaak jempling. Nyasaak peuting. Tingbarasat sabatréna-sabatréna. Tinggurilap sabedogna-saaritna. Deukeut. Ngadeukeutan.

“Hayoh, téang ka bendungan tah, Si haram jadah…! Pasti lumpatna ka dinya…!”
“Tingker ti béh ditu…!”

“Nu séjénna udag ka bilukan kalér…!”

“Paéhan tah, Si anjing…!”

“Paéhan…! Paéhan…! Paéhan…!”

Handapeun cécékas cahaya bulan, di sisi bendungan nu gemprah bedah, sapasang panon teu reureuh ngaderes gulidag walungan. Pasawahan nu laput kakeueum. Kelemeng jujumpluk suhunan lembur. Parat nepi ka runggunuk haur. Saman. Sila tutug luhur batu, deukeut sésa tanggul nu milu ambruk. Pencrongna seukeut. Ngurilingan sabudeureun bendungan jeung tutugan jalan. Mapag mangpirang sora jeung léngkahna. Nadah mangpirang seuseukeut pakarang.

Sarungna beuki pageuh ngabakutet beuheung jeung dadana. Bedog ngagantél malang dina cangkéng kéncana, adek jeung batré nu diheumheum saku calana komprangna. Katut buntelan nu pageuh dicepeng leungeun katuhuna. Pencrongna beuki seukeut. Sora-sora beuki sahéng. Léngkah-léngkah beuki rusuh. Tingcorowok. Tingbarasat. Tinggurilap.

“Téang ka handap…!”

“Sawaréh jaga di luhur…!”

“Awas lumpatna ka ronggos béh ditu…! Tingker…!”

“Paéhan tah, Si anjing…!”

“Paéhan…! Paéhan…! Paéhan…!”

Peuting terus ngahégak ka puseurna. Girimis beuki lantis ngulimisan raga. Ngulimisan sukma. Aya nu terus ngolébat dina kongkolak panonna. Kokolébatan. Kalangkang rorogan. Sari. Haji Karsim. Jeung Rustam. Piligenti. Aya nu terus nyérését dina haténa. Sésérésétan. Peuting ayeuna urang panganténan, gerentesna.

“Beunang siah, haram jadah…! Hayoh, rék lumpat ka mana…?!”

“Saman, sia geus nyieun werejit, deuleu…!”

“Paéhan tah, Si anjing…!”

“Paéhan…! Paéhan…! Paéhan…!”

Saman. Jadi robah paromanna. Mencrong mangpirang ringkang. Rénghapna ngerepan. Beuki ngerepan. Jung nangtung. Lung ngalungkeun eusi buntelan. Sirah Haji Karsim jeung Rustam ngagulutuk ka hareupeun sakabéhna. Sakilat mesat bedog nu geus baloboran getih. Laju diabar ka langit, “Sok, ka darieu, anjing...!”

Saman. Jorowokna meulah peuting. Mangpirang ringkang. Narajang. Ngulangkeun pakararang. Ngaheumbat. Ngaharupat. Sada nu ngagerung. Sada nu rubuh. Sada nu sesegor. Cungcuing ngelak deui. Sakedapan tatit nyebit langit. Hujan ngagebrét deui. Caah ngaranjah deui. Gumuruh. Beuki gumuruh. Bugang bulan ngangkleung dina séah gulidag walungan.

Karawang, Pébruari 2011.

Tribun, Saptu 9 April 2011


Katerangan Basa Wewengkon Karawang:
Ablung: luncat ka walungan. Ambén: babaléan tina awi. Alukan: anggur mah. Aran: ngaran. Babatén: babatian, bati. Badeg: badeur. Badot: embé jalu. Batingéling: amit-amit, kecap panyeluk nandakeun kesel atawa teu panuju. Batré: sénter. : baé. Bérod: teu beunang dicaram. Bengkak: bareuh. Bebengep: beungeut. Bilukan: péngkolan. Bising: bisi. Coban: pakakas paranti ngayuman. Cucungur: cungur. Cungcuing: manuk sit uncuing. Dengkul: tuur. Dijubarkeun: digujubarkeun. Doang: wungkul. Géték: rakit pondok. Gogoh: kala lauk dina cai ku cara dirampaan. Guntur: walungan keur badag jeung tarik caina. Ilok: maenya. Jala: samodél kecrik. Janggol: ungkluk, awéwé tukang lacur. Karak: karék. Kembu: wadah lauk samodél kempis nu dijieun tina anyaman awi tur ukuranna badag. Kempis: wadah lauk atawa hurang samodél korang nu dijieun tina anyaman awi tapi ukuranna leutik. Lamban: rakit panjang. Mangkat: indit. Mangkel: kesel haté. Mangloh: nganaha-naha. Nemen: remen, mindeng. Nerka: nyangka. Ngabacot: ngomong. Ngamprokan: nepungan. Ngaludangan: mupulan hasil. Ngayuman: nambalan jala/jaring nu benangna paregat. Okos: kawas. Parangsana: disangkana. Rabi-rabi: rarabi. Ronggos: rungkun. Sakaceplakan: ngomong sangeunahna tanpa dipikiran heula. Sikut: siku. Soténan: sotéh. Tangari: tengah poé. Tipolését: labuh tiseureuleu. Wegah: horéam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar