Selasa, 10 Juli 2012

Sajak Ari Andriansyah

PANGBÉROKAN


Sihung-sihung waktu ranggéténg ngégélan implengan
Sajeungkal-sajeungkal kérépés umur diruang rumasa
Bréh, raratan carita ngepung watangan tineung
Di dieu ukur simpé
Di dieu ukur peteng
Karisi teuing ku lantip ngukuntit usik
Harepan leupas ti rénghap ka rénghap napas

2007


PANARUBAN

Sésa hujan masih kénéh juuh di sapanjang jalan
Lalaunan geter angin ngadalingdingkeun ruruhit jempling
Beungeut lembur bangun langgeng diharudum halimun
Sedeng héab katiga geus lawas kiwari kari beueusna
Di antara lewang jeung kasimpé nu tigin ngaranggeum waruga
Lalampahan beuki lampar néangan sésa umur nu maluguran

Ka mana deui nya kudu lunta lamun mangréwu
Jarum jeung ibun ngincer tina unggal juru waktu?
Di dieu taya nu bisa kabaca, taya lalakon nu bisa dipedar
Ngan kakelar bet laligar tina rénghap kana léngkah sasar
Cahaya kayakinan tinggal kalangkang nu samar-samar
Nyidem raheut reujeung peurihna nu tacan kungsi kaubaran

Sanggeus tuturubun nyorang leuweung kakeueung
Geuning anggang kalah manjang taya geusan pangjugjugan
Boa langit gé rék saendeng-endeng kelirna hideung
Duh, kuring hayang reureuh, hayang reureuh sakedapan
Bari geugeut nyeuseup mangpirang warnaning kembang
Kembang ajal nu ngarandakah puseuring sukma

2008-2009




Manglé No.2227 Édisi 2-8 Juli 2009


Tidak ada komentar:

Posting Komentar