Selasa, 10 Juli 2012

Carpon Ari Andriansyah

                       

                             PEUTING JEUNG BABAUNG


Peuting deui nu ngauban. Taya rénghap bulan. Taya hégak béntang. Sanggeus indung peuting jadi hiji-hijina boéh nu ngarurub lembur. Meredong. Di antara dora lembur jeung dapuran haur, simpé haben diguar jeung dikaluat. Sedeng tina sesela bilik nu karancang jeung suhunan nu ngaharelob, angin teu reureuh ngahiliwirkeun ruruhitna.

Hawar-hawar tihang listrik ngabelentrang sapuluh kali. Disusul laungna anjing babaung.

Handapeun ngetétna bohlam, manéhna angger diuk dina korsi hoé. Dadana nu rangkebong jeung kulit beuheungna nu marondoyot ku kakolotan, karungkupan kaméja jeung sarung leuseuhna nu dibeulitkeun. Kitu deui beungeutna nu kanyos dirimbun ku janggot jeung kumis nu paselang jeung huis. Tapi katangén kénéh sepir jeung tapak dedeg sembadana.

Panonna hurung. Haseup terus ngelun jeung nyerebung tina sesela ramo jeung irungna. Ngageterkeun ambekan nu teu sawirahma jeung hégak jarum jam. Bari teu eureun ngaduruk lintingan demi lintingan carita. Nu seuneuna langgeng ngagugudag dina dadana. Ngahuru sakabéh katineung jeung kapeurih heubeul.

”Anak sia, Warji, nu jadi indung rurusuh di lembur urang téh! Anak sia!”

”Sia salaku kolotna, naha teu bisa ngawarah anak, hah?! Ku sia meureun digugulukeun, Warji?!”
”Heueuh! Ngaliarkeun werejit hungkul anak sia mah, Warji!”
”Hayu urang duruk ku saréréa!”
”Satuju...! Duruk...! Duruk...!”
”Duruk...! Duruk...! Duruk...!”

Deui-deui saban sora narajang manéhna, jeung mangpirang pakarang nu ngaharupat ti saban pongpok angin. Manéhna terus nakisan sakabéhna, nakisan réwuan ririwa nu haben narémbongan. Renjag deui. Hégak deui. Karasa hinis nyérését jeung ngagerihan deui.

Lalaunan paneuteupna mapay sakabéh nu aya di rohangan imahna. Teup, eunteup lebah potrét dina palang dada; potrét manéhna jeung pamajikan katut tilu budakna, puluhan taun katukang. Potrét diteuteup anteb. Masih kénéh atra, Basri budakna nu cikal, nu karék sabelas taun, dikaléng ku manéhna, ngaréndéng jeung Ida, nu panengah, nu karék tujuh taun, jeung pamajikanna nu keur ngais orok, Lastri, nu bungsu. Lebah budakna nu cikal, awakna ngageter. Leungeunna tipepereket. Sorana ngagerem, ”Sia haramjadah...! Dipodaran ku aing...!” Sakilat ngarongkong bedog nu nyelap dina bilik gigireunna. Jung, nangtung, laju muka tulak panto.

”Apa...,” aya sora nu teu kanyahoan datangna.

Manéhna teu kebat ngaléngkah. Lastri kaburu nyuuh bari ngarangkul pageuh sukuna. Bedog ragrag tina cepengan bareng jeung goak ceurik incuna di kamar. Di luar anjing babaung deui, parat ngalaung ka tungtung lembur.
***

Manéhna angger diuk dina korsi hoé. Nadah cahya rumangsang tina jandéla nu ngahaja dibukakeun. Panonna hurung. Tapi ingetanna teuing lunta ka mana. Jauh. Jauh ngaliwatan dapuran haur jeung runggunuk lembur.

Manéhna lana ngerem manéh di imah. Teuing geus sabaraha kalakay waktu nu muguran. Teuing geus sabaraha lambar buuk nu muruluk. Teuing geus sabaraha urang nu nyusulan jeung surat nu datang. Teuing geus sabaraha urang ogé nu ngamuk ménta parurugi jeung ménta raga anakna hirup atawa paéh. Geus bosen manéhna pulang-anting ka balé désa, kacamatan, jeung Kapolsék. Geus bosen manéhna nyanghareupan saban jalma jeung rupa-rupa pertanyaanna. Geus. Manéhna geus teu hayang nyaho.

Naha kudu salawasna aing sadrah kana kanyataan? Gerentesna.

Kalangkang-kalangkang lawas narémbongan. Kalangkang pamajikanna, Basri, jeung Ida ngaringkangan piligenti. Saban sora narajang deui. Saban pakarang ngaharupat deui. Manéhna mereumkeun panon jeung nutupan ceuli. Renjag deui. Hégak deui. Karasa hinis nyérését jeung ngagerihan deui.

Lain. Lain getih aing sia Basri! Lain getih aing! Indung sia ungkluk! Ungkluk! Indung sia baheula dikawin ku aing geus bureuyeung! Aing kateumbleuhan! Kateumbleuhan! Ayeuna sia gé neumbleuhkeun werejit ka aing! Lain. Lain getih aing!

Aya nu terus ngagalura jeung hésé diperuhkeun dina batinna.

Lastri ngurunyung ti dapur bari nyusuan budakna. Katangén panonna carindul balas ceurik sapeupeuting. Song, ngasongkeun emuk dieusi cientéh haneut kana luhur méja hareupeunna. Gék, diuk dina korsi gigireunna. Sorana dareuda, ”Rék kumaha waé urang téh, Pa?”

Tapi manéhna teu nyoara.

”Tadi isuk-isuk Érté Maman geus jol deui mikeun surat panggilan ti désa,” Lastri ngarénghap panjang, budakna ngéar dina aisan. Teu lila pok deui nyarita, ”Jeung talatah cenah, omat poé ieu Apa tong ka mamana. Lurah Adé jeung aparat ti Kapolsék rék ka dieu.”

Manéhna angger ngabetem.

”Kang Basri peuting pada ngudag, cenah. Aya nu manggihan kaburna ka lembur urang.”

Lain dicerek ku pulisi Si haramjadah téh? Ayeuna geus ngawerejit naon deui? Keun lamun ngalanto ka dieu, disampakkeun seuseukeut bedog siah ku aing! Gerentesna.

”Kang Basri... Kang Basri peuting ngariceuw deui. Maéhan urang Kiarapayung...”

Renjag. Manéhna neuteup Lastri. Leungeunna tipepereket nahan ambekan nu mimiti ngagalura. Lastri ukur tungkul, cimatana ngeclak deui.

”Lamun Ema aya kénéh mah meureun moal kieu urang téh...,” Lastri nahan nu ngagelek dina tikorona. ”Geus euweuh pamuntangan urang téh, Pa! Kabéh dulur jeung tatangga geus arapi lain! Kabéh geus nganggap urang nu ngaliarkeun wiwirang! Kabéh geus nganggap urang runtah! Rék muntang ka saha urang téh, Pa? Rék muntang ka saha? Ceu Ida geus di Saudi, Kang Dodo gé teuing ka mana...”

”Meunggeus siah, Lastri! Meunggeus! Tong nyebut-nyebut tangkurak Si Dodo hareupeun aing! Taya bédana antara salaki sia jeung Si Basri! Aing geus teu paduli omongan balaréa. Rék nganggap runtah, rurujit, kokotor, jeung naon baé nu diteumbleuhkeun ka aing! Aing geus teu paduli kana sora-sora nu lana nyacampah! Aing geus teu paduli!”

”Hartina, Apa teu nyaah ka anak! Teu nyaah ka Kang Basri! Lamun enya gé nganggap kénéh anak ka Kang Basri, meureun moal ngantep sina kitu. Moal ngaheurasan jeung ngaherenganna waé...,” Lastri geus teu kabendung deui cimatana, budakna nu teu daék répéh beuki pageuh dirangkul.

”Kudu kumaha deui aing téh, Lastri? Kudu kumaha deui?” Awakna ngageter. Hégakna beuki kerep. ”Aing teu ngabéda-bédakeun kanyaah ka anak. Dibélaan suku dijieun hulu, hulu dijieun suku keur mélaan anak. Mélaan sia jeung lanceuk-lanceuk sia! Kurang kumaha aing gé nyaahna ka Si Basri! Dibélaan duit wésel ti Si Ida satengahna dibikeun! Tapi naon buktina? Naon? Kabéh ledis dipaké ngadu, mabok, jeung lacur! Geus éra aing téh ku mitohana nu datang waé ménta sangkan Si Basri mérésan Si Nunung... Sia gé apal, cikénéhi Si Darman karék balik ti rumah sakit alatan disiksa ku Si Basri, Si Dédéh nu digasab perhiasanna, Haji Sansan nu dibadog imahna, ingon-ingon Jang Tatang ledis taya nu nyésa, urang Rancakolé nu bureuyeung, balé désa nu ruksak paburantak, jeung karugian balaréa nu geus teu kaitung jumlahna. Kari-kari ayeuna... Geus béak banda aing téh, Lastri! Geus béak! Podaran wé aing ayeuna kénéh! Podaran...!” manéhna nyuuh bari ngagukguk.

Tapi teu kanyahoan di luar aya nu ngagaredig rurusuhan ngadeukeutan imahna. Ngaburudul sabedogna, saaritna. Sora ngadadak sahéng ningker imahna. Hansip, RT Maman, jeung RW Engkos satékahpolah ngahalangan. Tapi sakabéh jalma panonna beuki ngabebela. Amarahna beuki ngagugudag.

”Ka luar sia Basri! Anjing!”
”Tong disumputkeun, Warji!”
”Déngé ku sia, Warji! Anak sia geus nyieun werejit deui, deuleu! Peuting maéhan urang Kiarapayung!”
”Lamun teu dipasrahkeun Si Basri ayeuna kénéh, lembur urang bakal jadi tandonna, deuleu! Bakal diamuk ku urang Kiarapayung!”
”Bener! Batan lembur urang jadi lebu, mending urang duruk Si Basri ayeuna kénéh ku saréréa!”
”Satuju...! Duruk...! Duruk...!”
”Duruk...! Duruk...! Duruk...!”
***

”Bah Warji, ayeuna mah geura iklaskeun. Kabéh gé geus ngahampura kana sakabéh nu geus kajadian,” sora Lurah Adé leuleuy.

”Enya, Bah, ayeuna mah urang pada-pada iklaskeun...,” témbal RW Engkos.

Manéhna ngan wasa tungkul. Teuing naon nu gumuruh dina batinna. Taktakna pada nyekel ku Hansip jeung RT Maman. Di kamar Lastri masih kénéh can sadar, diriung tur diceuceuhan. Sedeng budakna ngageubra dina aisan tatanggana nu séjén. Nu ngarariung beuki tumplek. Sawaréh aya nu cuh-cih jeung pulisi ngamankeun di buruan sangkan teu ngagonyok kabéh di imah.

”Geus kitu kuduna, Bah Warji. Saheulaanan pikeun kapentingan hukum, layon Basri can bisa dipasrahkeun. Masih dina prosés otopsi ku pihak kapulisian,” ceuk komandan pulisi nyaritana tatag. ”Layon Basri dicacag jadi genep bagian, nu kapanggih karék lima bagian! Tah, sabagian deui, nyaéta bagian sirah, can kapanggih nepi ka ayeuna. Tapi, pihak kapulisian geus bisa nyieun kacindekkan, yén éta bagian-bagian awak nu kapanggihna misah-misah téh layonna Basri. Hasil tés sidik jari taya nu nyalahan, luyu jeung ciri-ciri fisilk Basri. Katambah, dikuatan ku tato kalajengking dina tonggongna!”

Tapi manéhna teu nyoara.

”Ku kituna, pikeun mastikeun jeung nyerek palaku nu ngarogahalana,” komandan pulisi eureun heula nyaritana, nyelang ngarérét ka Lurah Adé. Nu dirérét tibang unggut-unggutan. ”Wayahna, Bah Warji katut masarakat nu aya di dieu, diperedih bantuanna sangkan méré katerangan luyu jeung kabutuhan penyidikan! Ayeuna pihak kapulisian masih terus néangan bagian sirah Basri nu can kapanggih!”

Manéhna angger ngabetem.

Kalangkang-kalangkang lawas narémbongan deui. Kalangkang pamajikanna, Basri, jeung Ida ngaringkangan piligenti. Saban sora narajang deui. Saban pakarang ngaharupat deui. Manéhna mereumkeun panon jeung nutupan ceuli. Renjag deui. Hégak deui. Karasa hinis nyérését jeung ngagerihan deui.

Lain. Lain getih aing sia Basri! Lain getih aing! Indung sia ungkluk! Ungkluk! Indung sia baheula dikawin ku aing geus bureuyeung! Aing kateumbleuhan! Kateumbleuhan! Ayeuna sia gé neumbleuhkeun werejit ka aing! Lain. Lain getih aing!

Aya nu terus ngagalura jeung hésé diperuhkeun dina batinna.
***

Peuting deui nu ngauban. Taya rénghap bulan. Taya hégak béntang. Sanggeus indung peuting jadi hiji-hijina boéh nu ngarurub lembur. Meredong. Di antara dora lembur jeung dapuran haur, simpé haben diguar jeung dikaluat. Sedeng tina sesela bilik nu karancang jeung suhunan nu ngaharelob, angin teu reureuh ngahiliwirkeun ruruhitna.

Hawar-hawar tihang listrik ngabelentrang sapuluh kali. Disusul laungna anjing babaung.
Handapeun ngetétna bohlam, manéhna angger diuk dina korsi hoé. Nepi ka ayeuna, weléh tacan aya raratan dimana sirah Basri ayana jeung saha nu nyacagna.

Panonna hurung. Haseup terus ngelun jeung nyerebung tina sesela ramo jeung irungna. Ngageterkeun ambekan nu teu sawirahma jeung hégak jarum jam. Bari teu eureun ngaduruk lintingan demi lintingan carita. Nu seuneuna langgeng ngagugudag dina dadana. Ngahuru sakabéh katineung jeung kapeurih heubeul.

”Anak sia, Warji, nu jadi indung rurusuh di lembur urang téh! Anak sia!”
”Sia salaku kolotna, naha teu bisa ngawarah anak, hah?! Ku sia meureun digugulukeun, Warji?!”
”Heueuh! Ngaliarkeun werejit hungkul anak sia mah, Warji!”
”Hayu urang duruk ku saréréa!”
”Satuju...! Duruk...! Duruk...!”
”Duruk...! Duruk...! Duruk...!”

Deui-deui saban sora narajang manéhna, jeung mangpirang pakarang nu ngaharupat ti saban pongpok angin. Manéhna terus nakisan sakabéhna, nakisan réwuan ririwa nu haben narémbongan. Renjag deui. Hégak deui. Karasa hinis nyérését jeung ngagerihan deui.

Manéhna cengkat. Laju ngaléngkah. Reg, eureun hareupeun kamar Lastri. Rérégan pamindingna disingraykeun. Sanggeus sawatara lila neuteup nu keur tibra ngaréngkolan orok, rérégan ditutupkeun deui. Manéhna ngaléngkah deui. Kadéngé saban léngkahna rekét papan nu katincak. Sup, ka kamarna. Lebah lomari hareupeunna, manéhna nangtung salila-lila. Cetrék, koncina dibuka. Lalaunan pantona dikenyang ku leungeun kénca. Dina rohang panghadapna, bréh, aya buntelan sarung. Laju dicokot sarta digolérkeun dina luhur ranjang. Kaambeu aya bau nu melenghir. Lalaunan butelan dibuka. Sarung jeung lambaran-lambaran kaén nu ngabuntelna dilaan. Teu lila tinggal kérésék nu mungkusna. Eusi kérésék dicepeng ku leungeun katuhu satarikna, laju dijungjungkeun kana hareupeun beungeutna.

Awakna ngageter. Sorana ngagerem, ”Sia Haramjadah...!” Sirah Basri pageuh dina cepenganana. Di luar anjing babaung deui, parat ngalaung ka tungtung lembur.

Arjasari, Januari 2010.

Tribun Jabar Edisi Saptu, 21 Agustus 2010

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar