Sabtu, 14 Juli 2012

Sajak Ari Andriansyah


SURAT SALAMBAR SAJAK

Tina seuseukeut simpé
Tina sataranjang raheut jeung kapeurih
Kecap-kecap ngabayabah giblegan getih
Ngabatu jadi ruruhit pati
Rangseb ngajamparing wanci

Arjasari, 2007


SURAT SAGARA
-Surat lawas keur Acéh-

Ka mana deui léngkah téh tujulna?
Lana temen raga kapahung leungiteun usum jeung halimun
Sabada lambak ngaremkeun raranggkang sarakan
Malidkeun purnama jeung matapoé

Di dieu, di lebah lilindu hahangit langit
Saban raga teu reureuh nyusud windu-windu nu lawas kakubur
Ti bugang ka bugang, rarangsak rasa, bangkarak harepan
Katut réwuan aweuhan jerit nu kakubur sarah cimata


Lunta deui, saban raga rumanggieung
Mapay-mapay gurat-gurit basisir takdir
Tapi ramo-ramo wanci teu kasampak dina kikisik

Di dieu, di lebah hahangru raraheut méga
Nu kasawang ukur sagara gudawang sapanjang hégak balébat
Boa langgeng ieu liwung laguning pati
Ngajemplang ti rarambu gunung ka tungtung tanjung

Lunta deui, saban raga jumarigjeug
Nyuay-nyuay babatang demi babatang
Tapi kalangkang bet nungtut ngeprul tina ringkangna

Ka mana deui léngkah téh paratna?
Lana temen raga katalimbeng meredong mongkléng
Boa di dieu saban raga istirah jeung tetengger ombak
Nguyup getih tina bugang séwang-séwang

Banjaran, 2007


DÉSÉMBER

Girimis ngepris di sapanjang beungeut Désémber nu beueus
Jarum-jarum girimis rangseb ngajarumat satampah lemah
Saban léngkah, sarta banusan impian nu lawas jadi sarah
Sedeng réma-réma angin salawasna ngarara saniskara tangara
Ngahiur ka lulurung-lulurung dayeuh nu taya tungtung
Di antara aweuhan adan jeung geter loncéng garéja
Di dieu, waktu lir congo péso nu diteueulkeun kana jajantung
Sanggeus sagalana jadi layon pikeun dayeuh nu perlaya

Sedeng jalan-jalan nu meulah jomantara, tihang-tihang mérkuri
Sédong-sédong gang, imah-imah kardus, sarta bangké matapoé
Nu ngamalir kana kolombéran sukma, geus langgeng jadi kuburan
Tapi naon nu haben dipedar langit sanggeus méga jadi boéh
Nu ngarurub? Barudak nénéangan layung luhureun erél karéta
Parawan ngeureut pinareup séwang-séwang di parapatan
Tuluy lalakina ngabencar-bencarkeun botol kana sirah
Helung pamungkas tinggal laung usum nu reuntas

Girimis ngepris deui, isarah terus diguar jeung dikaluat
Dina raranteng nasib nu ngagusur léngkah teu parat-parat
Aya nu terus cipruk dina bangkarak demi bangkarak catetan
Aya nu terus juuh dina lambaran kalénder nu geus lila rangsak
Tapi naon nu haben kaéjah tina saban kalimah-kalimah ajal
Nu ngarungga? Girimis geus jadi ibun nu ngulimisan sakujur tatu
Cileuncang geus jadi cimata nu nguramasan sataranjang raga
Rorongkong abad lana disalib jadi tetengger dayeuh

Jakarta, 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar