Sabtu, 14 Juli 2012

Esey Ari Andriansyah

LAMBANG NAGARA


Lambang RI jero ngandung harti
lamun bener diamalkeunana
Persatuan tangtu témbong
teu cukup ku disebut
atawana apal ‘na biwir
Bhinéka Tunggal Ika
maksudna gumulung
kabéh sélér-sélér bangsa
béda-béda tatapi asal sagetih
béda tapi saasal
 (Pupuh Dangdangula, dicutat tina Seni Swara Sunda/Lagu-lagu Pupuh, 1974, susunan Mang Koko jeung P. Nataprawira).

Rumpaka pupuh di luhur téh mangrupa gambaran kumaha luhungna eusi lambang nagara Indonésia (Garuda Pancasila). Nu mibanda ajén simbolis jeung historis (historico-political gentleman agreement) pikeun lalampahan ieu bangsa. Lain perjuangan énténg-énténg. Ngabutuhkeun leunjeuran waktu nu sakitu ngembatna. Dina nyorang rupaning hambalan jeung halangan. Lain baé ditebus ku perjoangan héroik, tapi ogé ngayonan rupaning titinggal kolonialisme nu masih dalit jeung kahirupan nepi ka kiwari.


Ieu falsafah nagara nu meungkeut rupaning sélér, idéologi, ékologi, budaya, jeung méntalitas rayatna, jadi babon (weltanschauung) dina ngahontal jeung nguatan stabilitas nasional. Nu ngawengku kontéks das sollen (sakuduna) jeung das sein (réalitas) tatapakan tujuan. Kitu sotéh mun unggal generasi boga tujuan nu sarua—bari nyieuhkeun rupaning kapentingan pribadi—dina nangtukeun nasib bangsa ka hareupna. Ngagalantangkeun sumanget nasionalisme jeung Pancasila mémang gampang, tapi lebah ngamalkeun eusina boa saukur lalambé. Atawa boa pikeun sabagian warga nagara réa nu can apal kana eusina.

Sajarah
Garuda mangrupa wujud simbolik nu dicokot tina tutunggangan Déwa Wisnu dina mitologi Hindu (kitab Adiparwa, ditulis awal abad ka-10 M). Garuda digambarkeun boga raga campuran antara manusa jeung heulang. Sirah, pamatuk, jangjang, katut buntutna miraga heulang. Sedeng awak, leungeun, jeung suku manusa. Beungeut bodas, jangjang beureum, jeung sakujur awak konéng sinangling emas. Hal éta gé kapanggih dina kitab Ramayana (Walmiki) jeung Mahabarata (Wiyasa).

Sedeng dina mitologi Buddha, garuda salasahiji tina dalapan golongan mahluk naga langit nu teu bisa katangén ku panon lahir. Pancénna pikeun ngajaga Buddha Dharma jeung pangiringna. Wujudiahna méh sarua digambarkeun minangka asimilasi antara manusa jeung heulang, boga ukuran kacida badagna tur warna awak konéng emas.

Sabada Islam asup ka Nusantara, garuda geus robah kalungguhanana. Nu méméhna mangrupa alat kapercayaan, laun-laun robah. Kari nyésakeun fungsi sakral jeung simbolik kakuatan tur panyalindungan. Tapi, lalakon garuda teu reuntas samet dinya. Pamustunganana, garuda dijadikeun lambang nagara Indonésia nu diresmikeun tanggal 11 Pébruari 1950 tur PP No.43 Taun 1958. Ngaliwatan saémbara rarancang lambang nagara ku “Panitia Lencana Negara” (1947-1950), nu diluluguan ku Moh. Yamin, Sultan Hamid II, Ki Hadjar Dewantara, M.A. Pellaupessy, M. Natsir, jeung R.M. Ng. Poerbatjaraka. Gambar garuda hasil pelukis Basuki Resobowo jadi pinilihna.

Garuda geus lain manifestasi antropomorfisme hiji karakter mitos. Garuda ngapak jadi lambang ngadegna hiji nagara nu ngababakan lalampahan anyar. Laju ngaliwatan sawatara tinimbangan, kalawan resmi wujudna dirobah bentuk ku heulang jawa (Spizaetus nipalensis bartelsi), minangka satwa has Indonésia.

Saterusna, Présidén Soekarno méré pancén ka D Ruhr Jr jeung jurulukis nagara sangkan ngagambar ulang sarta nyampurnakeun bentukna, tug nepi ka kiwari murba dipiwanoh. Lambang nagara; garuda—boga jumlah bulu nu tangtu minangka titimangsa kamerdékaan RI—bari tohaga dina dadana napel lima dasar nagara/philosopische groundslagh (Pancasila) jeung nyepeng pageuh sistem pluralisme (Bhinnéka Tunggal Ika), nu boga harti luhung pikeun dilaksanakeun ku rayatna. Ahirna, ngaliwatan Kepres No.4 Taun 1993, heulang jawa gé ditetepkeun jadi simbul satwa nasional, lantaran bentukna nu méh sarua jeung garuda.

Tapi, naha sakur wincikan eusina (Ketuhanan, Kemanusiaan, Persatuan, Musyawarah Mufakat, Keadilan) geus pada ngamalkeun ku pengeusi ieu nagara, ti mimiti révolusi nepi ka réformasi? Atawa saukur dipupusti minangka katinenug ka parapahlawan? Caah umpalan panéka jaman, boa terus malidkeun sakabéhna ka sagara kasaruan. Simpay persatuan laun-laun lalésotan.

Ukur Simbul
Kiwari, dina dada séwang-séwang boa nungtut leungit rasa kabangsaan téh. Buktina, réa pisan kajadian nu jauh tina ajén-inajén lambang jeung dasar nagara. Paciweuhna anarkisme, meuweuhna KKN (Korupsi, Kolusi, jeung Népotisme), teu reureuhna nu ngalanggar hukum, riweuhna nu parebut korsi, sarta leuseuhna rayat leutik nyungsi harepan jeung kayakinan. Jadi pintonan maneuh saban pidangan kalawarta.

Wuri-wuri ngahontal cecekelan adil jeung makmur, kalah roroésan dina jungkrang kateudayaan. Réa nu leuwih mentingkeun eusi peujit batan sauyunan ngawangun ajegna bangsa. Mémang amis roncéan kalimah unggal calon wakil rayat saban Pemilu. Ari geus kapilih, mungguh batrawali nu maitan lémah cai. Kapercayaan rayat nungtut ngeprul. Da puguh pamuntanganna geus lawas peunggas, bareng jeung jangji-jangji nu ngararas.

Kawijakan bisa dimanipulasi luyu jeung kapentingan pribadi. Teu miduli nu leutik beuki tarik jumerit. Banda nagara terus béak nyayang dina pésak. Katambah bangsa deungeun beuki logor ngorowotan. Nagara nu sugih ku SDA, teu saimbang jeung kualitas SDM—atawa kualitasna réa teuing kabalinger. Tapak lacak sajarah saukur carita sakedapan nu teu perlu dituluykeun jujutanana.

Inget kana kekecapan Présidén Soekarno, “Tong sakali-kali mopohokeun sajarah”. Jeung John Henrik Clarke, nu nyebutkeun yén sajarah mangrupa jam nu digunakeun ku masarakat pikeun nuduhkeun waktu rénghap politik katut budayana, tur mangrupa kompas pikeun maluruh jatidirina dina peta géografi manusa (Umar Kayam, Lifestyle Ecstasy, 2004).

Enya, geus réa nu mopohokeun sajarah. Nu terus kapahung dina lulurung modérnisasi. leungiteun kompas jatining jisimna. Jati kasilih ku junti. Budaya kari siloka ritual ceremonial. Lambang nagara wungkul jadi slogan kakawasaan (oversloganized). Najan enya, teu saeutik deuih nu pengkuh ngaraksa-ngariksa nagara ku gawé rancagéna séwang-séwang.

Paréndéné kitu, genténg-genténg ulah potong. Nasionalisme jeung ngamalkeun eusi lambang nagara ulah kandeg di tengah jalan. Réa kénéh pudunan, tanjakan, tur rawayan lalampahan nu kudu disorang. Kapan ieu nagara tacan sagemblengna merdéka, réa kénéh nu kudu disanghareupan. Boh penjajahan ti bangsa deungeun boh bangsa sorangan, ngaliwatan kedok globalisasi. Ku ayana modal rinéka sélér, agama, jeung budaya, kudu dijadikeun harmonisasi démokrasi dina sawirahma ngaléngkah.

Ras deui kana lagu nasional “Garuda Pancasila” jeung rumpaka pupuh di luhur. Lalaunan dihariringkeun. Piligenti. Disurahan. Bet ngageter haté téh. Boa salila ieu rasa kabangsaan sorangan gé remen tilem-timbul. Ukur apal (formalitas normatif) tanpa amal (réalitas kongkrit). Palias.

Dimuat dina Cupumanik No.104-105, Maret-April 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar