Si Uing
: Calvino, Rosa & Malna
“Ma, kumaha sawarga téh?” ceuk Si Uing dina jero haténa.
Cacing
jeung bilatung utey dina panon celong Si Uing. Alijigimbrang dina
kongkolak mata Si Uing. Laju bijil, mapay-mapay dua pipi Si Uing. Hiji,
hiji, hiji, antukna ngaratus antukna ngarébu.
Si Uing nu
geus lunta ti kulawargana, ti lemburna, ti kotana, sarta ti nagarana
sorangan téh dieuntreupan ku rasa sono. Sono ka jalma anu geus
ngalahirkeun dirina, ka Emana sorangan, nu teuing turunan ti mana. Ceuk
sakaol mah Ema téh urang walanda. Tapi Si Uing cangcaya sanggeus mireng
katerangan, yén Ema téh turunan Majapahit. Aya ogé nu ngaharéwos ka Si
Uing, yén Ema téh urang India, urang Cina, urang Saudi Arabia, urang
Madagaskar, jeung aya nu nyebut yén Ema téh pituin Amérika.
Unggal
katerangan nu katarima téh béda-béda, ngalantarankeun kahirupan sapopoé
Si Uing uplek jeung kapanasaran nu nyaliara di sakujur kasadaranana.
Kasang tukang Ema kudu puguh salsilahna, sabab éta kasang tukang téh
bakal jadi bagéan sajarah anu penting. Jeungna deui, lamun éta sajarah
kapaluruh jujutanana, Si Uing bakal boga lilingeran dina nyorang jaman
tur kahirupan. Kapan sajarah téh teu béda jeung kaca spion dina
kandaraan. Upama teu boga kaca spion, tangtu moal bisa niténan kaayaan
di tukang. Upama teu bisa niténan kaayaan di tukang, teu munasabah, ka
dituna téh katabrak batur. Katabrak kandaraan nu aya di tukang, nu
ngadodoho, nu rébo ku mangpirang ancaman. Kitu ceuk kayakinan Si Uing
saméméh amitan, saméméh ngalalana ka tempat-tempat nu jauh téh,
tempat-tempat nu teu boga ngaran sarta teu nyampak dina peta.
Si
Uing nyorang jalan satapak. Laju nyorang jalan batu tarahal, ogé jalan
aspal. Si Uing nyorang jalan tina cai, tina angin, tina cinta, tina alam
pikiranana sorangan. Si Uing kapeutingan jeung kapetengan dina
lalampahan. Si Uing meuting dina trotoar, di émpér pabukon, di jero
hotél béntang lima nu ngadeg di puseur kota impianana sorang.
“Sajarah? Sajarah? Sajarah Ema Uing apal?” Kitu nu ditatanyakeun Si Uing téh. Ka sasaha. Si Uing nananyakeun sajarah di mamana.
“Unggal
sajarah tangtu silih lengkepan. Aya tali, aya tali nu maheutkeun antara
hiji sajarah jeung sajarah-sajarah lianna. Jeung saban sajarah éta téh,
pasti museur kana hiji titik puseur. Tina éta titik puseur, Uing baris
maham kana sajarah Ema, anu pamustungana mah sajarah diri Uing kénéh,”
ceuk Si Uing ka dirina sorangan.
Dina hiji mangsa, Si Uing
anjog ka hiji tempat. Langitna mirupa taneuh, sedeng taneuhna mirupa
langit. Bubuhan paeunteung-eunteung, ceuk Si Uing. Di langit aya gedong
sigrong, aya laut nu leuwih beresih manan laut Kuta di pulo Déwata, aya
mobil balap, aya korsi nu ditarétés emas dua puluh opat karat, aya
widadari. Éta Widadari ngagupayan Si Uing. Éta widadari sarimbag jeung
Ema Si Uing! Dina taneuh aya awan gugumplukan, aya béntang-sulintang
ngariceupan, aya bulan purnama, jeung aya matapoé. Dina matapoé bet aya
cahaya nu sarupa jeung sorot matana Ema Si Uing.
“Naha Uing kudu ka langit? Atawa Uing kudu angger cicing dina taneuh?”
Si
Uing bingung teu manggih tungtung. Taya bongbolongan nu kapikir ku Si
Uing dina waktu harita. Meureun ieu nu disebut dualisme téh, Si Uing
ngomong deui ka dirina sorangan. Harita, Si Uing teu puguh pipikiran,
rémpan pikeun nyokot putusan. Si Uing milih cicing. Antukna, lila ku
lila mah éta tempat téh ninggalkeun Si Uing. Langit jeung taneuh téh
ngiles, tanpa tapak atawa lacak. Sadar-sadar, Si Uing geus ngajoprak
dina kolombéran.
Dina mangsa séjénna Si Uing anjog ka
tempat séjénna deui. Éta tempat téh teu puguh usum. Aya kalana hujan
ngecrek teu raat-raat. Tapi matapoé ogé morérét, teu éléh géléng ku
hujan. Panas matapoé téh nembus kulit tepi ka peujit. Awak Si Uing nu
garing tur bareulah alatan karérab panas matapoé, laju kasiram cipanon
langit. Si Uing humarurung. Si Uing jejeritan. Si Uing gugulitikan.
Antukna mah Si Uing ngajéngjéhé deui dina kolombéran. Si Uing laju ménta
tulung ka unggal partéy nu ngagupaykeun leungeun ti kaanggangan, ti
kaanggangan.
Unggal partéy anu nulungan, laju nyiuman Si
Uing, laju méré baju ganti, méré dahar, méré duit, méré harepan ka Si
Uing nu geus leungiteun tujuan hirup. Unggal partéy babarengan.
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay tangan dina mikanyaah Si Uing.
Tapi nalika tibra saré, unggal partéy téh sakali séwang ngarangsadan
baju Si Uing, ngagadabah kahormatan Si Uing, nyodomi Si Uing, ngaganti
pikiran tur kaimanan Si Uing. Kaimanan jeung kayakinan nu aya dina
pikiran Si Uing sabada hudang saré: Patéy! Partéy! Jeung partéy.
Totalitas Partéy!
Partéy jeung pausahaan téh, alatan boga hubungan raket jeung Si Uing, jadi boga ngaran.
Partéy,
partéy Si Uing. Pausahaan, pausahaan Si Uing. Demi Si Uing sabada iman
jeung percaya ka partéy, sabada ruku sujud ka partéy, Si Uing narima
kalungguhan penting. Si Uing remen diwawancara, dina tipi pulang-anting.
Si Uing jadi wawuh ka ahli politik, ka ahli sosial, ka ahli
antropologi, ka ahli kabudayaan, ka ahli sastra, ka ahli sawarga, ka
ahli jurnalistik, ka ahli hukum, ka ahli rampog! Ka para ahli nu paling
ahli ti para ahli saalam dunya, Si Uing mah tong ditanya.
Sajaba
ti éta, Si Uing remen pelesir jeung raja modal nu hayang ngadegkeun
pausahaan anyar. Si Uing diajak mabok, diparab birahi, dianteur ka
pulo-pulo masrum. Upama geus ngabamblam ka ditu ka dieu, sungutna
ngabudah, sarta panonna teu awas nempo, geus teu bisa ngabédakeun mana
hideung manas bodas, Si Uing diperedih lillahitaala pikeun nanda tangan
surat-surat nu teu kungsi dibaca.
Unggal pausahaan jeung
partéy téh sapaham-sapamadegan, nya éta méré mawéh pikeun kasenangan Si
Uing, tapi satuluyna, pikeun kasenangan dirina séwang-séwangan. Boh
kasenangan partéy boh kauntungan pausahaan, jauh mula-melu upama
dibandingkeun jeung nu katarima Si Uing. Si Uing mah diparab arak jeung
birahi gé geus asa, geus jiga ngumawasa alam dunya katut eusi-seusina.
Padahal mah, Si Uing jadi babu. Jadi réncang partéy ogé pausahaan. Si
Uing jadi mahluk hina nu teu ngarasa hina.
Upama aya
jalma-jalma nu rék ngaganggu pausahaan jeung partéy, Si Uing baris
sayaga jadi taméng dadana. Si Uing sok tuluy ngalobaan, ngabaris,
samagréng pakarang, maraké baju héjo nu sarupa jeung lého atawa korong,
ceuk Aki Godi mah. Si Uing nu loba téh rampak gogorowokan, nyanyi
Indonesia Raya bari ngacung-ngacung bandéra. Si Uing nyangkalak jeung
maténi jalma-jalma nu boga niat rék numpes mangpirang kateuadilan nu
lahir tina rahim partéy katut pausahaan.
Unggal jalma nu kababuk
pakarang Si Uing, ngajurahroh dina trotoar. Pirang-pirag jalma nu
kagebug Si Uing, sirahna balencar, panonna barucat, haténa rempag. Eusi
peujitna, eusi dadana, eusi pikiranana budal-badil. Getih jalma-jalma
téh ngamalir ka mamana. Ti jalan ka susukan. Ti susukan ka walungan. Ti
walungan terus ka laut. Di laut mudal, laju jadi ombak nu
ngaleut-ngabandaleut muru ka darat. Ngaburak-barik kampung demi kampung.
Ngaburak-barik kota demi kota. Ngaburak-barik pulo demi pulo. Nu di
darat katawuran, kaasup Si Uing nu keur mabok poso di jero villa tingkat
jabaning langit, sabada weureu-seubeuh nyeuseup ciméng, ngalekik arak,
sarta nyeuseup pinareup nu dijieun tina birahi partéy katut pausahaan.
Si Uing…
Niat Si Uing pikeun ngalawan téh ukur cacap dina
kereteg haténa sorangan. Leungeunna teu bisa usik, sukuna katalikung ku
nanahaon. Si Uing dibuntang-banting. Si Uing dibuntang-banting taya
pangampunan. Tepi ka Si Uing nyangsaya deui dina kolombéran. Kolombéran
nu baheula, kolombéran nu jadi cukang lantaran, kolombéran nu
ngaraketkeun Si Uing jeung partéy, ogé pausahaan.
Si Uing humarurung, Si Uing ceurik tina dasar batin.
Selang
sawatara taun ti harita, Si Uing disampeurkeun partéy sarta pausahan.
Partéy jeung pausahaan nu boga ngaran Si Uing, boga tujuan Si Uing,
katut dasar-dasar pikiran Si Uing. Datang nyampeurkeun Si Uing téh lain
rék nulungan, tapi keur mapatahan Si Uing.
“Hirup téh kudu jeung itungan, euy!”
“Montong loba ceta, tapi loba maké cedo!”
“Tong ngabangsat, tong ngagarong, tong ngagalaksak!”
“Hirup téh kudu nyaah ka sasama, siga partéy Si Uing!”
“Siga pausahaan Si Uing nu remen ngamodalan pausahaan-pausahaan leutik!”
“Siga partéy Si Uing nu adil, démokrasi, jujur, kalawan dasar filsafat nu kuat!”
“Siga partéy Si Uing nu boga tujuan pikeun nanjeurkeun bebeneran!”
“Siga pausahaan Si Uing…. Siga partéy Si Uing…. Siga Si Uing, Si Uing, jeung Si Uing!”
Saban
partéy taya nu wanoh ka Si Uing, nu harita nyangsaya tanpa daya. Saban
pausahaan pangling ka Si Uing nu sakujur awakna raca, tatu parna.
Geus
katitén ripuh mah Si Uing pada ninggalkeun. Teu ditulungan teu
dirawatan. Harita, Si Uing mimiti sadar, yén ieu téh balukar tina
kasalahan nu diréka-réka ku dirina sorangan. Kasalahan dirina nu geus
kabobodo jeung ngabobodo sorangan. Ombak getih nu ngamuk,
ngabuntang-banting dirina téh dilantarankeun ku dirina sorangan, nu geus
ruku-sujud ka partéy, ogé ka pausahaan nu jeneng-jumeng di alam dunya.
Dunya ciptaan Si Uing ogé. Harita kénéh Si Uing inget, yén tujuan dirina
lumampah jauh ti imah téh, rék nyukcruk sajarah ngeunaan Emana,
ngabaladah sajarah pikeun dirina sorangan. Sajarah Si Uing nu boa kumaha
jeung di mana.
Sadar kana naon-naon nu geus kasorang, tuluy Si Uing kapiuhan.
“Jang!” ceuk hiji lalaki tengah tuwuh. “Jang, salila ieu téh, manéh teu ka mamana. Ukur ulukutek di pipir imah.”
“Ceuk
saha? Uing geus ngalalana ka tempat-tempat nu jauh, ka tempat-tempat nu
teu nyampak dina peta.” Si Uing ngajawab bari anger peureum. Si Uing
tacan bisa beunta. Sok sanajan kitu, manéhna yakin yén anu harita ngajak
nyarita téh Bapana sorangan, salakina Ema.
“Ah, éta mah rarasaan manéh! Sabenerna mah ukur ngurilingan imah. Istuning teu ka mamana. Matak teu beuebeunangan ogé!”
“Is,
Uing téh geus apal sagala. Uing geus apal ka nagri langit, ka nagri
taneuh. Uing apal kana usum, kana gelebug angin, sarta laut nu jarahat!”
“Manéh
mah luntang-lantung di buruan. Gawé ukur ngalamun hayang senang.
Dibibita ku duit, baju, jeung dahareun téh langsung deku. Dititah maéhan
indung jeung ngaruksak imah sorangan ogé daék geuningan. Manéh téh teu
béda jeung lanceuk-lanceuk manéh, jeung adi-adi manéh. Ukur bisa
ngaruksak!”
Si Uing ngahuleng sajongjongan. Pikiranana
ngacacang ka mana-mana. Naha enya manéhna geus kitu peta? Naha enya
menéhna geus sailon jeung dulur-dulur séjénna?
Lila banget
ku lila, Si Uing bisa ngawasa dirina sorangan. Si Uing mimit bisa
ngusikkeun dua leungeun sarta dua sukuna. Si Uing bisa narik napas
lalugina. Lalaunan, Si Uing beunta. Bapana, nu tadi ngajak cacarita téh
teu nyampak di éta tempat. Si Uing éstuning nyorangan. Simpé. Taya
sasaha.Taya sasaha! Boa-boa, Bapa téh aya dina diri Uing?
Si
Uing téh ditataranjang, aya di gigireun hiji kuburan. Tina aksara nu
kabaca, bisa dicindekkeun yén éta téh kuburan Emana sorangan. Si Uing
tuluy nyuuh, ngagukguk, nangkeup tetengger. Lumangsungana kajadian
nalika Si Uing disodomi hiji ajaran, nalika kaimanan jeung kapercayaan
Si Uing aya nu ngaganti ku nu anyar; ibarat vidio nu disetél dina
kasadaran pikiranana. Narémbongan. Vidio téh tuluy ganti ku vidio
lianna, ku vidio nu ngagambarkeun dirina nalika ngagantung Emana dina
tangkal caringin. Tangkal caringin nu lukutan. Tangkal caringin nu bisa
ganti rupa, ogé ganti warna. Tangkal caringin nu salila ieu méré iiuh
jeung didama-dama ku diri Si Uing.
Si Uing nyanyambat Emana. Méménta pangampura Emana.
Keur
meumeujeuhna husu, lanceuk-lanceuk Si Uing jeung adi-adi Si Uing, boh
lalaki boh awéwé, jul-jol daratang ka éta kuburan. Teu maliré Si Uing.
Taya nu ngajak seuri atawa nanya Si Uing. Dulur-dulurna téh, nu
sabenerna mah dulur sarahim Si Uing, laju nanceb-nancebkeun bandéra
partéy. Sawaréhna nancebkeun tihang agama anyar. Sawaréhna deui masang
spanduk pausahaan, spanduk pabrik, spanduk-spanduk dibébérkeun di luhur
kuburan.
Kuburan téh jadi bala. Kacida balana. Si Uing
ukur bisa mencrong, bari teu leupas ngeukeupan tetengger Emana. Anu
dipencrongna mah jongjon, sagawéna-sawagéna. Geus digarawé, laju
jararogéd, éak-éakan, alijigimbrang, gudag-gideug, sarukan-sukan,
gogonjakan luhureun kuburan.
Atuh, kuburan nu geus bala
téh jadi harénghéng. Bandéra jeung spanduk nu kasorot matapoé sipit poé
harita, harurung reujeung harérang mantulkeun cahaya. Asa di tempat
dugem, ceuk Si Uing. Si Uing carinakdak. Ngahelas, haténa asa
dihampelas.
Demi kuburan Emana Si Uing, laun-laun, lila
banget ku lila mah ngarekahan. Ngarekahan. Kuburan téh ngaléléd
kuburan-kuburan séjénna. Ngaléléd kuburan Nini, ngaléléd kuburan Aki,
ngaléléd kuburan Uyut, ngaléléd kuburan para tatangga nu masih kénéh
sabangsa-sanagara. Kuburan téh robah wujud sarta ngaran jadi kota
métropolitan, jadi pulo jembar anyar, jadi nagara beunghar anyar, laju
jadi sawarga paling anyar.Tetengger éta kuburan téh teu katangkeup deui
ku Si Uing. Éta tetengger téh jadi hérang ngagenclang, laju jadi
eunteung, nu salawasna dipencrong ku diri Si Uing.
Dina
panon Si Uing, cacing reujeung bilatung utey, siga lanceuk-lanceuk Si
Uing, siga adi-adi Si Uing. Sarukan-sukan, arédan-édanan…
Singajaya-Studio S Bandung, Mei 2012
* Tribun Jabar: 6,7,8 Juni 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar