Selasa, 10 Juli 2012

Carpon Ari Andriansyah

                         

                         ALI MENENG



Tihang listrik ngabelentrang sapuluh kali.

Peuting. Ngalinjing. Bareng jeung angin nu ngahiberkeun bau runtah ka unggal rohang kamar. Juru-juru kosan. Sédong-sédong gang. Susukan ngeuyeumbeu. Kumarayap kana amparan kasur. Lomari. Buku-buku ngabigeu. Salib nu ngadaplok dina témbok. Kalénder pias. Potrét lawas. Baju ngalumbruk. Daster. Calana jero. Jeung gelas demi gelas kopi nu nyaab dina genggerong.

Boa di dieu jalan téh buntuna. Boa di dieu léngkah téh kandegna. Saniskara ungkara, aweuhan carita urang nu sapanjangna sirungan jeung muguran. Sanggeus rénghap lawas kapahung dina ringkelna gurat nasib nu taya tungtung. Di ieu kota nu salawasna kosta pikeun harepan jeung kasatiaan.

Tapi naon hartina mulasara harepan jeung kasatiaan? Waktu. Samagahaning laku. Saukur cahya samar nu ngalangkangan lalakon sasar. Kawas léngkah urang nu salawasna ditalikung karémpan. Bari banget teu ngarti, isarah naon pangna urang kudu lana tepung? Ngongkoyangkeun roncé asih jeung karisi kana tohagana pamadegan séwang-séwang. Kawas urang nu lana tepung pikeun nu kasakitu kalina. Bari maneuh ninun lamunan. Nyulam jempling. Ngajarumat peuting.

“Kang, rék kumaha waé urang téh?”


Aya sora nu angger ngagalindeng. Sora anjeun Élia. Sora nu terus nanceb dina katigin batin. Nu terus maseuk ieu raga sangkan salawasna aya. Najan enya nu aya téh bakal euweuh. Kitu ogé nu euweuh lain hartina kudu aya. Da puguh antara aya jeung euweuh teu bisa dieuweuhkeun.

“Rék tepi ka iraha Lia kudu nungguan Akang? Naha Akang teu karunya kana kaayaan Lia nu terus kasiksa kawas kieu? Susulumputan ti kolot? Jadi buron nu diudag-udag ku karémpan sorangan, nyumputkeun sakabéh kajadian nu geus dilakonan ku urang duaan?”
Aya hégak nu beuki beurat. Hégak anjeun Élia. Hégak nu terus maut kalbu. Nu terus ngajak sawirahma nyinglar silungna pamadegan. Sangkan salawasna nganteng dina geter jeung katineung.

“Lamun enya pamadegan nu jadi hahalangna, nu ku urang salilana dipadungdengkeun, perkara hartining palang salib nu pamohalan tepung jeung bulan-béntang, Lia iklas ngéléhan. Lia léah rék nuturkeun jalan Akang. Najan enya kolot sorangan bakal nyatru. Nu teu mustahil moal ngaku anak deui. Sakumaha nu kaalaman ku Akang harita kapan, basa mimiti nganjang.”

Aya sapasang liliuh panon nu angger beueus. Panon anjeun Élia. Panon nu salawasna meruhkeun sakabéhna. Kawas genclang cahya nu meruhkeun mongkléng. Tapi genclang ieu nu bakal terus marengan? Genclang pikeun nyalindung saheulaan? Atawa genclang hiji indung nu bakal salawasna aya? Enya, indung. Indung nu bakal hirup dina kanyataan. Lain. Lain indung nu salawasna ngalangkang dina ciciptan. Nu sok ngademit kana impian. Nu sok jadi kembang dongéng jeung pangbébénjo bapa, kana réwuan kali pertanyaan nu mindeng diasongkeun, nu kedal jawabanna saukur ruruhit nu nyeuitan. Saukur ngaran nu teu puguh wujudna. Saukur titinggalna nu kapibanda. Nu tepi ka kiwari weléh teu apal di mana tetenggerna. Kawas ranggeuyan ungkara lawas nu maneuh dicaritakeun bapa saméméh rujad ingetan, “Tong haben nananyakeun indung. Cukup ku nyaho ngaran indung manéh téh Amah. Nu kapatri dina ieu ali meneng titinggalna. Poma geura jaga cing tarapti. Hiji waktu bakal jadi tuduh jalan panggih jeung tetenggerna.”

“Kang, Lia embung ngagugurkeun deui ieu kandungan. Lia embung diririwaan deui kajadian lawas…”

Aya inghak nu lana nurih jeung ngagerihan. Inghak nu hésé dipapalérna. Nu terus ngajak padungdengan perkara lalakon nu keur jeung bakal disorang. Najan saenyana lain lalakon sakolébatan. Nu urang teu apal ka mana nya kebatna.

“Kang, peuting tadi Lia ngimpi urang panganténan…”

Aya nu terus nyuuh kana lahunan. Nginghak. Tihang listrik ngabelentrang deui. Peuting ngaregéh di antara harepan jeung karémpan duaan.
***
Jam saléndro ngelentréng sapuluh kali.

Peuting. Ngalinjing. Bareng jeung angin nu ngahiberkeun dalingding malati ka unggal rohang kamar. Juru-juru hotél. Tihang-tihang mércuri. Musik jazz. Camara nu maruyudan. Hunyudan halimun. Sapatamanan. Kumarayap kana ranjang. Sagagang kembang. Tualét. Asbak. Tumpukan kuntung. Baju ngalumbruk. Daster. Calana jero. Jeung botol demi botol anggur nu nyaab dina genggerong.

Boa ka dieu jalan téh kebatna. Boa ka dieu léngkah téh sasabna. Saniskara ungkara, aweuhan carita urang nu teu parat diguar jeung dikaluat. Sanggeus rénghap lawas kapahung dina leunjeuran wirahma lalakon nu taya tungtung. Di ieu kota nu salawasna kosta pikeun impian jeung kanyataan.

Tapi naon bédana antara impian jeung kanyataan? Waktu. Jemplangning laku. Saukur geter galindeng nu madakeun tembang asih jeung patina. Kawas léngkah urang nu haben diulinkeun kaguligah. Bari banget teu ngarti, isarah naon pangna urang kudu lana tepung? Nepungkeun jirimna jisim nu saules jeung satangtung impian dina ngebatna rawayan karémpan nu tan watesan. Kawas urang nu lana tepung pikeun nu kasakitu kalina. Bari maneuh mirunan ranjang jeung papakéan. Ngahuru jempling. Ngaduruk jamang sataranjang peuting.

“Ku naon kawas nu leuleus? Capé teuing nya tadi beurang ngaprakna?”

Aya sora nu angger haroshos. Sora anjeun Rahma. Sora nu terus sésélékét dina karisi batin. Nu terus humaroshos nyilih nu gumalindeng dina sukma. Najan enya nu ngagalindeng téh sok kasilih ku nu haroshos. Kitu ogé nu haroshos lain hartina kudu kasilih ku nu ngagalindeng. Da puguh antara nu haroshos jeung nu ngagalindeng teu bisa disisilihan.
“Matakna, ceuk Tanteu gé geura eureun jadi wartawan téh…”

Aya hégak nu beuki kerep. Hégak anjeun Rahma. Hégak nu terus ngaraha dina ganjorna raga. Nu terus ngajak nyingraykeun lalangsé umur nu jauh lilikuran di antara urang. Sangkan salawasna ngajarumat sakapat rasa.

“Mending gé urus hotél, kafé, atawa perusahaan Tanteu. Pék kari milih! Oh, enya. Yeuh, rékening jeung ATM nu anyar paké! Bisi ka nu ATM itu mah Tanteu sok elat nransfer. Dina saku nu mana lokétna?”

Aya leungeun nu angger ngopépang. Leungeun anjeun Rahma. Leungeun nu terus meulit ieu raga. Kawas tali gaib nu nyangreudkeun tineung. Tapi tali naon nu nyangreud di antara urang? Sawates batur pakumaha pikeun ngaderes simpé? Panyalindungan? Atawa payus lamun diaku indung? Tapi naon hartina indung lamun urang tepung bet maneuh medar ringkang nu lain sawates isarah antara indung jeung anak? Enya, indung. Indung nu salawasna jadi implengan. Nu sok ngademit kana impian. Nu sok jadi kembang dongéng jeung pangbébénjo bapa, kana réwuan kali pertanyaan nu mindeng diasongkeun, nu kedal jawabanna saukur ruruhit nu nyeuitan. Saukur ngaran nu teu puguh wujudna. Saukur titinggalna nu kapibanda. Nu tepi ka kiwari weléh teu apal di mana tetenggerna. Kawas ungkara panghina lawas balaréa nu lana ngaharupat ingetan, “Dasar anak ungkluk! Hayang apal ku naon pangna bapa manéh jadi eusleum terus ngagantung manéh, hah?! Gara-gara indung manéh, deuleu! Si Amah! Kabur! Kawin deui jeung urang kota!”

“Hem…ieu si geulis mahasiswi nu janten pupujaning ati téh? Meni satia potrétna marengan lokét sareng nu gaduhna! Cing, geulis mana jeung Tanteu?”

Aya geter biwir nu lana nangtang sumerah. Nyaliara. Nu terus mungkas, netel dina ieu napas. Geter nu teu kungsi padungdengan perkara raratan séwang-séwang jeung lalakon nu bakal disorang. Najan saenyana lain geter sakedapan. Nu urang teu apal kudu kumaha nya munggelna.
“Ih…angger ari geus matung téh! Baeud nya ka Tanteu? Awas wé moal dibéré surabi. Ih…meni cicing waé! Kawas lain lalaki!”

Aya awak nu terus usik dina lahunan. Motah. Jam saléndro ngelentréng deui. Peuting sabeuleugeunjeur dirangsadan hégak duaan.
***
Tihang listrik ngabelentrang sapuluh kali.

Peuting. Ngahégak. Bareng jeung hégak anjeun Élia. Hégak nu beuki beurat. Hégak nu kiwari keur ijén jeung papastén. Luhur ranjang. Sarénghapan ringkang. Katut sora nu jumerit nurih langit. Di antara garajag késang jeung kamalir getih. Di ieu rohang kamar nu nepungkeun harepan jeung kasatiaan.

“Heu…! Heu…! Heu…! Aduh, nyeri dokter…! Heu…!”

“Tenang, bu, tenang…! Tarik napasna! Lalaunan, bu, lalaunan…! Tarik, tahan, kaluarkeun…!”

“Heu…! Aduh, nyeri dokter…! Teu kuat…! Heu…!”

Hégak. Sora. Hégak jeung sora anjeun beuki gumuruh nyasaak sakabéh rohang. Tihang-tihang rumah sakit. Bangku-bangku kosong. Korsi roda. Karanda. Nyasaak raga. Nyasaak sukma.

Teuing ku pageuh ieu leungeun nutupan ceuli. Lain. Lain teu hayang maturan. Tapi teu wasa lamun kudu nyaksian anjeun guyang getih. Rumasa. Rumasa geus meulitkeun ali meneng kana jariji. Sangkan urang sawirahma ngaléngkah. Rumasa geus mawa anjeun kana ieu jungkrang, terus urang duaan roroésan teu timu pamuntangan. Rumasa geus ngiwat sakabéh nu kungsi kapibanda. Najan enya moal bisa mulangkeun deui ka asalna. Mulangkeun waktu nu geus jadi satru. Kawas supata kolot anjeun nu murakeun peurah, “Jor geura nyingkah tong nincak deui ieu imah, siah! Lamun sia rék keukeuh ngaruntagkeun pamadegan jeung keukeuh rék nuturkeun ieu lalaki haram jadah! Ti detik ieu, sia geus lain anak aing! Aing geus teu hayang nénjo ku sabeulah mata! Nyingkah, siah! Nyingkah!”

“Heu…! Heu…! Heu…! Aduh, nyeri dokter…! Heu…!”
“Tenang, bu, tenang…! Tarik napasna! Sakedap deui, bu, sakedap deui…! Tarik, tahan, kaluarkeun…!”

Heu…! Aduh, nyeri pisan dokter…! Aduh, teu kuat…! Heu…!”

Hégak. Sora. Hégak jeung sora anjeun beuki leslesan. Kaketir terus nyaliarakeun ruruhitna. Kalangkang. Kakakalangkangan. Kalangkang lawas narémbongan. Piligenti. Kalangkang orok nu kungsi dipiceun kana wadah runtah. Ungkara panghina balaréa nu lana ngaharupat. Bapa nu ngagulantung dina tali gantungan. Indung nu sok datang ngademit kana impian. Gupay anjeun Rahma. Élia…

“Heu…!”

Hégak. Sora. Hégak jeung sora anjeun bet teu kapireng deui. Panto kamar ngarekét aya nu muka. Gentak malik, laju nyampeurkeun. Dokter teu nyarita, kalah neuteup jero naker. Sakilat léngkah muru ka jero kamar. Kasampak anjeun teu walakaya taya napasan. Kitu ogé orok teu usik. Teu malik. Ngaréngkol lamokot getih dina leungeun suster.

“Hapunten, Pa, hapunten… istri sareng putrana teu tiasa kasalmetkeun…”

Karasa aya nu nyiriwik jeroeun dada. Tihang listrik ngabelentrang deui. Kalangkang. Kakalangkangan. Piligenti. Lalaunan ali meneng nu meulit dina jariji anjeun dilaan. Tapi di dieu, bet samar-samar sakabéhna robah jadi tetengger.
***
Jam saléndro ngelentréng sapuluh kali.

Peuting. Ngahégak. Bareng jeung hégak anjeun Rahma. Hégak nu beuki kerep. Hégak nu kiwari kasaba deui rungrumna. Luhur ranjang. Sarapet ringkang. Katut sora nu haroshos nenung laku. Di antara garajag késang jeung hunyudan karémpan. Di ieu rohang kamar nu nepungkeun impian jeung kanyataan.

“Naha minggu-minggu kamari hapéna teu aktif? Teu méré kabar deuih ka Tanteu? Poho wé abong geus boga mahasiswi… pasti surabina leuwih pelem, nya?”

Keukeup dilésotkeun. Awak cengkat. Gék dina biwir ranjang. Laju maut udud. “Manéhna geus ninggalkeun.”

“Ninggalkeun kumaha?” anjeun milu cengkat bari ngajetrékkeun zippo kana tungtung udud. Haseup nyerebung tina irung. Karasa aya nu neuhneur neueul kana tonggong, jeung leungeun meulit kana cangkéng.

“Ninggalkeun pikeun salilana.”

Anjeun malikkeun ieu awak. Laju neuteup anteb. Karasa hégak anjeun netel dina biwir panon, turun kana pipi, terus neueul kana biwir. “Teu kudu jadi pikiran. Lain jodona wé meureun. Sagala rupa gé papasangan. Beurang-peuting. Bagja-cilaka. Hirup-pati. Impian-kanyataan.”
“Tapi naon bédana antara impian jeung kanyataan?”

“Teu kudu nanyakeun naon bédana. Surahan mah naon nu geus karasa. Najan enya karasa peurih. Nu kungsi kapibanda pasti bakal leungit.”

“Tapi nu leungit moal bisa kapibanda deui.”

“Enya. Tapi nu karasa bakal langgeng kapibanda. Naon nu karasa, sarua jeung nu geus karasa ku Tanteu. Tanteu gé kungsi kaleungitan, najan enya Tanteu sorangan nu geus ninggalkeun manéhna. Rumasa kajurung napsu. Ayeuna sabalikna, Tanteu nu ditinggalkeun. Najan enya salaki aya kénéh, tapi taya bédana jeung bugang. Stroke. Nyangsaya teu walakaya. Tanteu salilana ditalikung sepi. Sepi nu bisa puyar lamun urang tepung kawas kieu.” Anjeun turun tina ranjang. Gég dina sofa. Nuturkeun maut udud.

Awak ngojéngkang. Ngarongkong lokét nu ngagolér gigireun asbak. Lokét dibuka. Bréh potrét anjeun Élia. Angger satia nyelap di dinya. Diteuteup salila-lia. Lalaunan. Dirampaan. Karasa aya nu ngajendul tukangeunna. Nu ngajendul dicokot ku tungtung ramo: ali meneng. Deui-deui ngahuleng. “Ngan ieu nu kapibanda jeung pernah jadi titinggalna.”

Anjeun nampanan ali. Ditilik dibulak-balik. Dirampa dibaca aksarana. Mencrong bangun nu reuwas. Laju uyup-ayap kana tas. Gep kana cepuk leutik. Dibuka. Bréh aya ali nu sarupa jeung ali nu masih kénéh dikeukeuweuk. Tapi awak anjeun bét ngageter. Pasemon ngadadak robah. “Ali ti saha ieu?!”

Saméméh kedal, mencrong anjeun salila-lila. Hayang ngobét naon sabenerna nu keur disidem ku anjeun? “Ti bapa. Titinggal indung. Nu kungsi jadi pamatri dina jariji manéhna.”

“Saha ngaran indung jeung bapa?!” Hégak. Sora. Hégak jeung sora anjeun bet beuki ngagalura. Rénghap ranjug. Sataranjang awak. Sadami-sadami ambekan. Ngageter.

Angger mencrong anjeun. “Ngaran indung Amah, sakumaha nu kapatri dina éta ali. Bapa ngaranna Burhan.”

Ali ragrag tina cepengan, anjeun nyuuh bari nginghak. Teu lila cengkat bari ngarawél daster. Sakilat muka panto. Lumpat bari nungkup biwir.

Sapasang ali meneng dicokot. Ditilik dibulak-balik. Sababaraha kali. Sarupa. Sapasang ali hiji-hiji dirampa dibaca aksarana. Séwang-séwang katangén aksarana: ‘Amah’ jeung ‘Burhan’.

Karasa aya nu nyiriwik jeroeun dada. Jam saléndro ngelentréng deui. Kalangkang. Kakalangkangan. Piligenti. Sapasang ali meneng pageuh diranggeum. Awak ngadégdég. Rénghap karasa eungap. Nu ngagelek dina tikoro beuki hésé dibendungna. Tapi di dieu, bet atra sakabéhna robah jadi tetengger.

Bandung, Agustus 2010.

Tribun Jabar Edisi Saptu, 6 Oktober 2010

 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar