Sabtu, 14 Juli 2012

Esey Fitria Puji Lestari

 

BALA-BALA VS KFC

Jaman ayeuna sok disebut ogé éra globalisasi sabab lawang panto dunya ayeuna mah geus dibaruka. Atuh balukarna kahirupan manusa téh jadi pacampur. Dunya nu lega  jadi ngaleutikan, malahan bisa diragum ku smart phone anu ukur sagedé dampal leungeun. Bisa dipelong jeung dipencrong iraha waé tur di mana waé; teu kawatesanan ku tempat jeung waktu, kari klik kari pencét, béja ti ditu ti dieu mo anggeus saitungan ramo, moal burung katarampa. Ngobrol jeung urang Jepang atawa Jerman gé ayeuna mah lain perkara nu hésé deui, teu kudu meuntas heula laut. Sagalana éstu bisa kalaksana kalawan prosés nu instan.
Ku kuring sorangan globalisasi téh dibéré rumus take and give, sabab nu karasa ku kuring mah globalisasi téh enas-enasna mah prosés méré jeung narima; aya anu nyokot aya nu méré, aya nu nyodor-nyodor aya nu namprak nampanan, aya nu mangaruhan jeung nu dipangaruhan.

Ari nu sok nyokot jeung resep nampanan téh kabeneran sélér urang. Urang mah resepna take,  give mah  ilaharna batur, lain budaya urang. Pokona urang mah kari nyokot, kari nampa, kari turutan. Di batur buuk dibeureuman, urang gé ngiwud ngalabring ka salon ngadon ngabeureuman buuk. Buuk nu hideung meles jadi jiga kahuruan. Tapi da ceuk batur gé nu kitu téh kerén, ah nya urang gé miluan wé nyebut kerén. Di batur pakéan dikurangan bahanna, sélér urang gé narurutan maraké baju saaruted, pungsat pakeun pungsat bahan, ka luhur teu tepung ka handap gé teu nutupan. Ukuran baju jadi laleutik, teu saluyu jeung ukuran awakna. Tapi da ceuk batur gé nu kitu téh modéren, jadi sanajan awak kacekék, tiris atawa dicoco reungit gé, paksakeun wé paké. Teu merenah gé, maksakeun wé nyebut merenah.
Take and give. Urang take batur give. Film-film Holywood, film koréa kaci dilalajoan ku urang Pameungpeuk dina TV hitam putihna, tapi nya ari calung, longsér, jeung celempungan mah teu pantes aya dina TV-na urang Stockholm jeung Los Angeles. KFC, MC Donald, Hoka-Hoka Bento didedet-dedetkeun ka Sumedang, Garut, Cianjur, jsb. Tapi ari bala-bala, cilok jeung loték mah teu pantes saupama aya di Kyoto.
Take and give. batur nyodor-nyodor budaya anyar keur urang, urang namprak ménta budaya ka batur kalawan miceun budaya urang. Para pengusaha, para pejabat paheula-heula meuli barang anu diproduksi ku batur. Beuki mahal hargana beuki alus, kajeun rék kukumaha ogé nu penting ulah barang made in Indonesia. Da meuli barang kitu mah ngagejrétkeun kahormatan cenah. Lamun keur hanaang tukang béca jeung supir angkot  ngarinumna téh mizone jeung coca-colla, jadi wéh tukang és nong-nong jeung tukang és céndol teu parayu.
Ari rumaja urang deuih, ngadon careurik pédah teu kabagéan tikét lalajo Suju, boy band asal Korea anu harga tikétna dua kali lipet ti harga SPP  kuliah kuring. Yakin kuring mah, pasti rumaja urang moal wawuh ka celempungan atawa mamaos, dina aya nu apalna gé paling dipoyokkan. Pajarkeun téh meureun “Kamseupay!”(kampungan sekali, udik, payah). Barudak urang gé teu éléh, sarua keur menikmati prosés take and give. barudak resep kénéh jadi autis ngoprékeun game tibatan kudu gatrik jeung  ucing sumput.
Globalisasi = urang Sunda poho ka Sunda sabab kudu nyumponan kahayang dunya. Dunya anu divokalan ku batur. Jadi urang mah hirupna téh kumaha batur. Ceuk batur goréng urang gé miluan wé boga pamadegan goréng, ceuk batur  alus, tuturuti wé ngomong alus. Saleuheung meureun lamun nu diturutan téh sisi positipna, misal urang téh nurutan kadisiplinan urang Jepang atawa kamajuan urang Amérika, meureun hasilna bakal pihadéeun. Tapi kapan ieu mah nu loba diturutan jeung dicokot téh perkara anu ngandung madarat, patukang tonggong jeung ajaran agama katut kabudayaan urang anu munel ku ajén-ajén bebeneran. Antukna, keur mah leungiteun kasundaanana téh, moralna gé milu leungit.
Teuing lah teuing, enyana ogé teu ngarti. Ieu téh sabenerna globalisasi atawa penjajahan modél anyar? modernisasi jeung westrnisasi, naha bet asa sarua nya?***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar