Sabtu, 14 Juli 2012

Esey Prayoga Adiwisastra


PERKARA CARPON TARJAMAHAN

            Kana carita ti nagara deungeun mah tangtu saréréa gé geus moal bireuk deui. Enya. Contona baé, carita Robinson Crusoe jeung Guliver. Kataksir rumaja jeung kolot gé geus pada-pada apal. Kapan carita Guliver mah kungsi dijieun filmna sagala. Cukang lantaranana mah bisa jadi rupa-rupa, aya nu tina maca, aya nu lalajo filmna, atawa aya ogé nu kungsi ngabandungan caritana ti batur. Hartina, urang Sunda wawuh kana karya sastra tarjamahan—utamana dina wangun prosa—téh geus ti baheula mula.
            Dina abad ka 16 naskah Siksa Kandang Karesian geus méré bukti katerangan, yén dina jaman harita geus aya panarjamah, atawa nu harita disebut juru basa darmamurcaya. Néma kana jaman sumebarna agama Islam, jeung jaman Mataram ngeréh tatar Sunda, harita geus loba Kitab Fiqih, jeung wawacan nu beunang narjamahkeun tina basa Arab. Dina mangsa kolonial Walanda putra Moh. Moesa nyaéta R. Kartawinata (R.A.A. Soeria Nata Legawa), diantarana geus narjamahkeun Carita Kapitén Bontekoe (1874) jeung Carita Robinson Crusoe (1879). Salian ti Carita Robinson Crusoe, anu disabit-sabit tadi nyaéta Lalampahan Guliver, kapan kungsi ditarjamahkeun ku R. Haroen Al Rasyid tina karangan D.J Swift kana basa Sunda. Ogé kungsi aya misionaris ti Walanda, saperti Sierk Coolsma nu kungsi ngulik basa Sunda pikeun nyebarkeun agamana, utamana pikeun narjamahkeun kitab Injil kana basa Sunda.

            Malah dina mangsa kolonial Walanda, Joehana kungsi mingpin romansbureau (biro roman) nu ngajualan konsép-konsép roman, nyieun naskah iklan, jeung narima pagawéan narjamahkeun tina basa Inggris, Walanda, Malayu jeung Sunda (Eundeuk-eundeukan,1988: 39).
            Kaayeunakeun, aya Moh. Ambri nu narjamahkeun Sarébu Samalem, jeung King Salomon’s Mine karya Ridder Haggart jadi Pependeman Nabi Sulaéman (1966).  Pon kitu deui Sunarya P.K geus hasil narjamahkeun dina majalah Langensari, Tjampaka—babarengan jeung Duduh Durahman, Eson Sumardi, Kusnadi Prawira Sumantri, jeung Tjitje Suchyar Tjas—tepi ka majalah Cupumanik,, jeung Manglé. Malah Sunarya P.K ogé kungsi narjamahkeun karya sastra nu langka ditarjamahkeun kana basa Sunda, nyaéta sajak. Sajak nu ditarjamahkeunana nyaéta sajak-sajak Edgar Allan Poe, jeung antologi sajak Katumbiri karangan Hiroshi Kawasaki.
            Atuh majalah basa Sunda nu masih mayeng ngamuat carpon tarjamahan, diantarana Cupumanik nu mindeng ngamuat carpon-carpon Guy de Maupassant, Rabindranath  Tagore, O. Henry, Anton Chekov jeung pangarang klasik dunya séjénna beunang narjamahkeun Sunarya P.K, Hawe Setiawan, jeung Atep Kurnia. Malah carpon-carpon beunang narjamahkeun Hawe Setiawan mah geus dibukukeun dina antologi carpon Jagat Carita. Majalah Manglé ogé kungsi ngamuat carpon beunang narjamahkeun Ensa Wiarna, jeung Sunarya P.K saperti nu tadi dijéntrékeun.
            Ku maca carpon-carpon tarjamahan, urang bisa ngalap sababaraha mangpaat, diantarana urang bakal wawuh kana budaya nagara deungeun, wawuh ka pangarang-pangarang klasik dunya, boga babandingan karya sastra, jeung rasa urang bakal beuki seukeut. Pangpangna mah dina perkara babandingan karya, urang bakal bisa ngabanding-banding kualitas carpon Sunda jeung carpon ti nagara deungeun. Tapi lain hartina sakabéh carpon tarjamahan téh jauh leuwih alus turta leuwih superior tibatan carpon Sunda. Kapan di urang gé, teu euweuheun ku carpon-carpon nu kualitasna hadé. Tapi  euweuh salahna, malah hadé pisan mun urang ngalap élmu, cindekna diajar tina kaonjoyan sastra deungeun.
Lebah nyonto ka nagara deungeun, ulah kapalang. Di Straelen, salasahiji kota di nagara bagian Nordrhein-Westfalen, Jerman geus ngadeg Lembaga Penerjemahan Eropa nu umurna geus leuwih ti saparapat abad. Éta lembaga boga perpustakaan badag nu di jerona aya 110.000 buku dina 275 basa jeung dialék. Perenahna nempatan lima wangunan kuno, lengkep jeung 20 apartemén katut aksés internet haratis keur para panarjamah nu diondang ka dinya. Kalan-kalan tepi ka janari para panarjamah uplek kénéh diskusi perkara karya sastra tarjamahan nu hade, turta panarjamah Jerman sok mantuan panarjamah ti nagara séjén dina perkara narjamahkeun karya sastra Jerman, kitu deui sabalikna. Éta lembaga ogé mindeng ngayakeun ceramah di sakola, universitas, jeung lembaga-lembaga sastra di Jerman ngeunaan naon baé bangbaluh nu kaalaman nu para panarjamah. Salian ti ngayakeun diskusi jeung ceramah, éta lembaga ogé boga pancén méré pangajén pikeun para panarjamah.
Éta ketak Lembaga Penerjemahan Eropa téh perlu diconto ku urang. Kapan sakitu gedéna jasa panarjamah téh. Geura, kapan ceuk tadi gé urang moal apal kana carpon-carpon dunya turta budaya nagarana, mun  teu ditarjamahkeun ku panarjamah mah. Kawuwuh narjamahkeun basa deungeun kana basa Sunda téh lain perkara nu wawayagon. Di sagigireun kudu ngawasa basa téks asli jeung basa tarjamahanana, ogé kudu wawuh jeung budaya dua nagara (nagara asal téks sumber jeung nagara nu dipaké pikeun basa tarjamahanana). Peupeuriheun di urang can aya nu meunang Nobel Sastra dunya cara Tomas Gösta Tranströmer (pangarang nu kasinugrahan Nobel Sastra 2011), nya maca-maca carpon dunya baé mah atuh moal matak hésé. Dina sastra Indonésia karék aya Pramoedya Ananta Toer nu jadi nominasi kuat Nobel Sastra, tapi dina acara milih nominasi nu panungtung pangarang Nigeria, Wole Soyinka bisa ngéléhkeun Pramoedya. Tapi mun disebut jajauheun meunang Nobel Sastra mah tangtu bakal patukang tonggong jeung pamadegan para optimis. Tapi sahenteuna dina dunya kasusastraan Sunda mah hadiah nu préstisius cara kitu téh nyaéta Hadiah Sastra LBSS, jeung Hadiah Sastra Rancagé.
Ku kituna, niténan peran lembaga penerjemahan nu pohara gedéna, diadegkeunana lembaga penerjemahan di urang téh jadi tinimbangan anu hade turta penting pikeun pamaréntah, lembaga kebudayan jeung sastra, katut masarakat. Copélna mah kudu nyonto kana ketak Lembaga Penerjemahan Eropa, diantarana ngayakeun diskusi jeung ceramah nu medar ngeunaan karya sastra tarjamahan, sarta méré pangajén atawa hadiah pikeun nu narjamahkeun karya sastra deungeun kana basa Sunda jeung karya-karya tarjamahan nu boga kualitas hadé.

Nu nulis, Mahasiswa
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI


1 komentar:

  1. Best Casinos in Maryland - JtmHub
    Best Casino Online in 포천 출장샵 Maryland Maryland, a state where 제주도 출장안마 you can 거제 출장샵 play at casinos operated by the same You can earn a lot of 영천 출장마사지 money on your 목포 출장안마 gambling game by

    BalasHapus