Sabtu, 14 Juli 2012

Esey Nursolihah


Mahasiswa Sunda kudu “Galau”

Inget kénéh mangsa harita, basa mimiti asup kuliah. Teu saeutik nu nanya naon pangna asup ka Jurusan Basa Sunda téh? Diwaler wé saayana, ku sabab cenah guru basa Sunda téh keur dibutuhkeun pisan. Enya moal munapik, kapan pangna asup ka Jurusan Basa Sunda téh hayang geura gancang meunang pagawéan, nya jadi guru basa Sunda téa. Kitu sigana mah anu jadi cukang lantaran loba pisan para calon mahasiswa nu daftar ka Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.
Heuleut sababaraha lila ti saprak kuliah, kakarék nyaho yén anu jadi dadasar pangna guru Basa Sunda keur dibutuhkeun pisan téh nya éta loba kénéh sakola di Jawa Barat anu guru basa Sundana lain asli lulusan ti Jurusan Basa Sunda, balukarna proses pangajaran basa Sunda di sakola téh teu efektif. Hal ieu ngalantarankeun basa Sunda kurang dipikawanoh ku para nonoman. Katurug-turug di lingkungan kulawarga ogé tétéla kondisina teu jauh béda. Geus arang nu maké basa Sunda dina komunikasi sapopoéna, pangpangna di daérah pakotaan.
            Nyirorotna jumlah panyatur basa Sunda di Jawa Barat anu bisa jadi cukang lantaran Pamaréntah  Provinsi Jawa Barat ngaluarkeun  Perda No. 5 Taun 2003, anu eusina téh  ngeunaan pemeliharaan bahasa, sastra, dan aksara daerah. Ieu Perda mangrupa lajuning laku tina kaputusan nu ditetepkeun UNESCO dina taun 2000, nya éta netepkeun ping 21 Februari minangka poé basa indung internasional (International Mother Language Day). Demi anu jadi tinimbanganana téh, UNESCO hayang méré pangajén kana basa-basa daérah, sakaligus hayang ngawawarkeun deui dipakéna basa-basa daerah ka para panyaturna di sakuliah dunya. Tina kaputusan UNESCO baris katitén, geuning teu hungkul basa Sunda nu keur hoshosan pikeun nanjeur deui téh, horéng loba basa-basa daérah di sakuliah dunya anu keur ngarandapan kasus nu sarua, nya éta kaleungitan panyaturna.


Mahasiswa Sunda ‘Galau’
Horéng geus ti béh ditu mula aya tarékah pikeun ngaronjatkeun basa Sunda téh, ti UNESCO nu kasebutna tataran internasional nepi ka Pamaréntah Provinsi Jawa Barat dina tataran lokal. Anu jadi patalékan urang saréréa, naha enya éta tarékah téh geus ngadatangkeun hasil nu maksimal? Atawa boa ukur wacana hungkul, pikeun ‘pangbubungah’ ka urang saréréa?  Lain tanpa bukti nyebutkeun kieu téh, sababaraha waktu ka tukang kungsi manggihan data nu matak hookeun balaréa. Nalika ningali panalungtikan dosén ngeunaan basa Sunda di hiji sakola, teu kahaja maca komentar salah sahiji siswa ngeunaan basa daérah, kieu unina téh: Menurut saya bahasa daerah itu lebih baik dihilangkan saja, karena selain menghabiskan waktu, juga belum tentu berguna untuk masa depan.”

Sabada maca, nya reuwas nya hemeng ogé. Reuwas ku sabab geuning aya budak nu mikir ka dinya, hémeng ku sabab naha bisa, basa Sunda hayang dileungitkan tina proses pembelajaran formal (kurikulum). Tapi peun lah pasualan éta mah, keun jadi lenyeupaneun keur saréréa. Naha aya naon dina  proses pendidikanana? Aya naon dina kurikulumna, dina diri siswana, atawa tanaga pangajarna? Hal ieu kudu dipaluruh kalawan nyosok jero ku sakabéh jalma boh sacara individual boh sacara lembaga, boh ti kalangan akademis, boh ti kalangan non akademis, pangpangnya anu aya pakuat-pakaitna jeung pangajaran Basa Sunda. Ku kituna, pikeun mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, pibakaleun guru basa Sunda mah, wajib hukumna maluruh pasualan ieu téh. Dalah sakumaha gé apan tujuan asup jurusan basa Sunda téh hayang jadi guru Basa Sunda, rék kumaha ayeuna mun enya basa Sunda téh dileungitkeun tina kurikulum, atuh moal aya guru basa Sundana gé. Lebah dieu mahasiswa kasebutna kudu ngarasa galau téh, dina hartina kudu aya ketak boh ti mahasiswa boh ti pihak séjénna anu ngarasa boga kapentingan kana hal ieu, ketak narékahan kumaha carana sangkan basa Sunda baris waluya éngké jaga.

Helaran dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional ; Ketakna mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Basa Sunda, kamari walagri, ayeuna katalangsara, boa jaga bakal waluya…

Kapan urang saréréa geus nyaho, saupamana aya paribasa “Hirup teu neut, paéh teu hos”, tangtu éta pisan paribasa anu bisa dipaké pikeun ngagambarkeun kaayaan basa Sunda kakiwarinakeun. Hal ieu anu jadi cukang lantaran mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah disingget JPBD, ngayakeun helaran boh di jero kampus kaping 16 Februari 2012 boh di luar kampus kaping 21 Februari dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional. Tujuan diayakeunna ieu helaran tangtu hayang ngabewarakeun ka masarakat Sunda, hususna masarakat nu ngarasa urang Sunda tur hirup di tatar Sunda  yén basa Sunda téh hirup kénéh. Salian ti éta, ieu helaran mangrupa pangajak ka masarakat sangkan maké deui basa Sunda. Kapan basa Sunda téh ciciren jati diri  budaya Sunda. Leungitna basa Sunda, hartina leungitna jati diri urang Sunda.
Ieu kagiatan mangrupa salah sahiji tarékah mahasiswa JPBD dina ngaronjatkeun ajén basa Sunda. Sanajan basa Sunda kaéreh ku basa deungeun, kapan masih aya panuturna mah, masarakat boh di lembur boh di kota boga kénéh kareueus kana basa Sunda, masih ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna sapopoé. Ogé masih aya mahasiswa-mahasiswa jurusan Sunda boh pendidikan boh non pendidikan nu mibanda raga katineung kana budaya Sunda. Légégna mah, maranéhna téh kasebutna gé “Pahlawan Budaya”, jalma-jalma nu baris narékahan sangkan basa Sunda moal nepi ka tumpurna. Naha disebut “Pahlawan Budaya” ? Ku sabab kabudayaan hiji masarakat baris katitén tina basana, tumpurna hiji basa, bisa jadi mangrupa silib tumpurna hiji peradaban.
            Tangtu émut kana paribasa “Sanajan hirup susah genténg-genténg ulah potong”, kitu deui sakumaha héséna ngaronjatkeun deui ajén basa Sunda, genténg-genténg ulang potong, usaha jeung harepan tangtu kudu aya dina unggal ati sanubari urang Sunda. Usaha pikeun ngaronjatkeun ajén Ki Sunda. Harepan yén isuk jaga basa Sunda bakal waluya. Cag!!!






           

Tidak ada komentar:

Posting Komentar