Sabtu, 14 Juli 2012

Carpon Fitria Puji Lestari

LUKISAN PIAS

            Basa teu kahaja amprok isuk tadi di tempat népak, paromanna datar. Teu puguh. Lain baeud, ogé lain daréhdéh. Teu kahaja malah mah paamprok teuteup, tapi da teu silih  paalung-alung imut, sumawonna patanya mah. Boh kuring, boh manéhna buru-buru ngeluk tungkul.
“Téh Ilma, nu Ipah mah tong nganggé sambel!” pok téh, nutupan rasa samar polah.
Tuluy wé geus meunang sangu mah ngaléos. Sorangan. Teu cara sasarina. Sok layeut babarengan ka mana-mana gé biasana mah. Ngalukis carita demi carita dina kanvas kahirupan ku mangrupa-rupa pulas. Beureum, kayas, biru. Ah, kamari-kamari mah népak téh bareng, nyeseuhan jeung mandi bareng, indit ngaji bareng. Tempat diuk boh lamun keur ngaji boh keur sakola teu weléh deukeut.
Geus dua poé jeung ayeuna kieu téh, teuing rék nepi ka iraha kuring jeung Riyah teu patanya cara kieu. Dua poé gé asa kasiksa, enya kuring nu salahna mah. Teuing atuh teuing, da rasa téh teu panonan. Tonggoy naker. Anteng mikatresna. Anteng nyulam harepan ku giungna kagandrung. Ketangan Riyah, da kuring mah teu rumasa salah, nu salah mah rasa tresna nu eunteup dina pucuk kalbu. Pék salahkeun Mang Rahmat nu teuteup lindukna geus ngagupay sukma. Lir jamparing tan wujud nu niruk dada, nembus parat kana rasa.

Mang Rahmat nu salah mah Riyah, ngadon  poho ngakutan suluh ka dapur. Kuring keur piket masak, kakara jebul mawa suluh. Mang Rahmat Riyah,
nu salah mah Mang Rahmat. Ngadon der paadu teuteup jeung kuring. Da kuring mah teu kahaja, tadina ogé kuring mah rék godhul bashor, ngan teu ngahaja ngarérét heug wéh patepung mata. Leuh, lamun dicukcruk mah geuning nu salah téh ‘nu teu kahaja’. Pék  salahkeun ‘nu teu kahaja’ lah, Riyah! Liwung, lanjung. Kudu kumaha atuh kuring ayeuna? Harita, Yah, kuring mah apal ka Mang Rahmat téh, duméh baturna nu sarua manggul suluh nyebut ngaranna.
***
Peuting harita, teuing kumaha mimitina kuring jeung Riyah bet kalah  ngawawaas lalaki nu bakal jadi  panyarandéan haté, ngababadé hiji haté nu jaga jadi geusan panyuuhan manglaksa rasa.
“Hayang nu kasépna jiga Ustad Hasrul, sabarna jiga Ustad Abdurohman, wijaksana jiga Ustad Badrudin, heureuyna jiga Ustad Saéful!”
“Sampurna Yah, ana gé hayang kitu ah!” pok téh bareng jeung manglaksa harepan nu diapungkeun ka alak paul.
Ceuk Riyah téh, lalaki nu kitu mah Mang Rahmat, santri putra nu teu kahaja dipiwanoh ku manéhna dina beus. Teu kahaja cenah basa peré kamari, balik bareng ka lembur. Derekdek Riyah ngobrolkeun Mang Rahmat nu cenah pohara soléhna, geus kapeto jadi kapercayaan Abuya Kiyai. Antukna sapeupeuting jeput kuring anteng ngadéngékeun dongéng ngeunaan lalaki nu dipikareueus ku Riyah. Mang Rahmat. Sumanget naker. Sakapeung pipina semu beureum. Pulas kayas atra dina matana.
Riyah bagja. Soré nu lumayung beuki hurung ngempur lamun diteuteup ku sorot matana. Saban kiceup teu weléh dipasieup ku imut. Imut peueut nu kareueut. Riyah bagja. Riyah jadi riweuh ku kabagja. Lamun kuring jeung santri séjénna riweuh ku hapalan sorof, ku hapalan zurumiyah. Riyah mah riweuh ku kabungah. Lamun kuring sapeupeuting rieut nganalisis soal aritmetika atawa integral, Riyah mah lanjung ku lamunan kabagja. Di pondok, di sakola, Riyah ripuh ku kabagja. Rasa bagja nu pohara geus ngagalaksak kana awakna, tembus kana sungsum tulang-tulangna. Ngamalir dina keclak-keclak getihna. Mang Rahmat geus ngajirim dina unggal ambekanana.
Kuring panasaran ku nu ngaranna Mang Rahmat. Hayang sagok-gokkeun paamprok. Hayang ménta sasemplék tina haténa. Rék dibikeun ka Riyah. Sugan bisa mulangkeun lelembutanana lamun keur ngalugot kitab. Lamun mah bisa nulungan, hayang ngabungkeuleukkeun harepan nu salila ieu direnggi-renggi ukur dina alam lamunanana nu absurd. Haté Mang Rahmat. Riyah sobat kuring téh butuh ku haté Mang Rahmat nu biheung butuheun ku haténa Riyah.
Tapi dalah dikumaha tuda. Boro-boro bisa amprok jeung jirimna, bet kalangkangna gé bangun nu hésé disawang. Kawantu pondok awéwé jeung lalaki téh misah tempat. Dipahing pisan pikeun papanggih jeung santri putra téh. Santri putra asup ka pondok awéwé téh paling ka dapur, mangangkutkeun suluh keur masak. Éta gé pamohalan bisa amprok, da ngangkutan suluhna sok pas keur dapur suwung ku santri putri. Teu bareng jeung santri putri nu pikét masak.
            Riyah, wallohi kuring mah hayang nulungan. Kabayang peurihna ku kuring gé. Haté anjeun dibeulit ku rasa bagja nu nyiksa. Ditalikung rasa sono nu ngan ukur jadi kapegung.
            Ah, éta téh sumpah nu baheula Riyah. Geus cambal ayeuna mah. Pantesna mah anjeun ijid ningali kuring ayeuna: kuring  ngadon susulutuk ngarasakeun  kabagjaan nu ku anjeun rasakeun. Sanajan nyiksa, kuring resep ngarasakeunana. Sarua kuring gé ayeuna mah, butuh ku haté Mang Rahmat nu biheung butuheun ku haté kuring. Mun dina parengna bisa ménta sasemplék haténa gé, tan wandé moal rék dibikeun ka anjeun.
            Riyah, sok geura ngambek ka kuring, geura jejeléh jalema nu ngaku-ngaku sobat anjeun téh, cabok beungeutna, képrét biwirna nu bau ku jangji-jangji palsu. Kuring mah kajeun kénéh kitu, Yah. Tapi, mangkukna, basa anjeun manggihan tulisan dina buku catetan matematika kuring: anjeun ngabigeu sajongjongan, laju ngaléos ninggalkeun kuring nu ngadadak ngageter saawak-awak.
            Dua kecap tulisan dina buku catetan matematika téh. Ukur ngarendéngkeun ngaran kuring jeung manéhna. Ipah jeung Rahmat. Dikotrétkeun teu kahaja, basa rumus-rumus trigonometri nu ditulis ku Bu Ani dina bor, lir mumusuhan jeung uteuk kuring nu teu weléh manteng ka Mang Rahmat.
            Kuring jadi bingung Riyah. Rasa éra jeung rasa salah mutuh pagalo. Unggal panggih gé sok ngadadak gumeter biwir téh. Kawas aya mangrébu kekecapan dina tungtung létah. Nyurung-nyurung huntu, lir hayang dibudalkeun. Tapi da eweuh sakemék-kemék acan nu kaluar, sumawonna ngaleunjeur dina kalimah mah. Teu safoném-foném acan ngawujud jadi sora basa.  
            Ukur bisa ngeluk tungkul cara tadi isuk. Teu wani neuteup panon anjeun. Mata anjeun téh sugan ngadelék ka kuring, atawa bolotot atuh ngambek ka kuring. Hih, da henteu ieu mah. Sorot panon anjeun wening dumeling cara sasarina, ngan sorot panon kitu téh béda karasana ayeuna mah. Sok karasa ditaranjangan sabeleugeunjeur awak lamun pareng karérét ku sorot panon anjeun téh.
            Hiliwir angin wanci sareupna karasa tiris pisan, leuwih ti sasarina. Tuluy kadéngé sora adan magrib ti masigit. Teuing saha nu jadi muadzin ayeuna, sorana bet asa bangun nu ngageuri. Asa nurihan liang ceuli, tingsereset kana haté. Kuring cengkat muru ka tempat abdas. Nutup pikiran nu titadi anteng ngalanglang.
            Bérés solat magrib berjamaah, pengurus bagéan keamanan ngumumkeun ngaran-ngaran santri nu kudu nepungan pengurus di kantor kepengurusan. Aya ngaran Riyah nu kasebut. Kuring heneg. Riyah boga masalah naon atuh nya, na dipanggil ku pengurus? Pédah teu bener ngajina kitu? Atawa pernah teu milu solat berjamaah? Mangpirang patalékan nyiptakeun kamelang dina saban ambekan. Lewang.
            Ukur awak meureun nu ngajugrug di hareupeun Ustad Sadad téh, da lelembutan mah éstu kumalayang. Hariwang ku nu keur di kantor kepengurusan. Sok baku deuih da Ustad Sadad mah, sok anteng naker ngaji téh. Tara maliré jarum jam.
            Sasatna tipaparétot leumpang muru kobong. Haté beuki tagiwur. Geus aya rajia, kitu béja nu kadéngé ti Marni. Basa keur wiridan tos solat magrib rajiana téh, ku Téh Cucu jeung Téh Sa’adah. Pengurus bagéan kaamanan nu kabeneran keur kareseban.
            Di kobong kuring sawaréh geus sararé, kaasup Riyah. Di gigireun Riyah nu keur ngaringkuk, numpuk buku sakola jeung kitab-kitab.
            “Surat Riyah ti Mang Rahmat kapanggih ku pengurus!” ceuk Mariyam basa ku kuring ditanya saha nu karajia di kobong 12.
            “Nu matak pikasebeleunana mah, lalakina téh kalah nyalahkeun Riyah geura. Ngomong ka pengurus santri putra mah pajarkeun Riyahna nu centil, ngajak ngobrol basa balik bareng dina beus. Padahal ceuk Riyah mah da teu niat ngajak ngobrol. Teu pira ukur nanyakeun jam, samalah Riyah mah teu nyangka-nyangka acan yén lalaki éta téh santri urang!” Eros nu keur maca buku, norostos milu mairan.
            “Padahal mah nya ari geuleuh ka nu centil mah, naha atuh bet dilayanan? Teu ngarti éy Titin mah! Éta mah katingali pisan nu ngaranna Mang Rahmat téh hayang katingali bener. Geus kabayang ku ana mah!” walon Titin.
            “Éh ari nu manglayarkeun suratna saha nya?”
            Teu didéngé deui omongan barudak téh, kuring ngabigeu neuteup tulisan dina diary Riyah nu muka kénéh dina tumpukan kitab. Aya tulisan arab hubbuka syaiun yu’mi wayusimu, cinta anjeun kana hiji perkara ngabutakeun anjeun, jeung norékkeun anjeun. Hadis tina kitab jamia’tus shogir nu kakara subuh kamarina dibahas. Kuring neuteup Riyah nu keur saré. Aya cimata nu geus garing dina juru panonna. Mang Rahmat…!
            Nyah kuring beunta. Riyah ngageubig-geubig kuring deui cara sasarina. Hémeng. Kakara sadar, dua poé ieu kuring teu dihudangkeun ku Riyah. Jarum jam nunjuk kana pukul tilu kurang saparapat.
            “Kobong urang bagéan taqoruban, Pah!” pokna.
            “Yah…”
            “Hayu urang ka cai!” pokna, teu nolih kuring nu rék kebat cumarita.
            Wanci haneut moyan. Haté kuring ngarakacak. Teu wasa ningali sobat kuring Riyah, digiring, dialeut-aleut ku sakabéh santri putri ka lapang. Aya tiluan santri nu harita dihugab téh. Riyah nangtung di tengah lapang maké tiung nu ditapelan ku ruruntuk kaén nu sisirangan, diriung ku sakabéh santri putri. Riyah geus ngalanggar aturan teu meunang campur gaul jeung santri putra nu lain muhrim. Dampal leungeunna diceprét ku hoe, basana téh pukulan didikan. Salila dipoé Riyah dititah maca sayidul istighfar, teuing sabaraha balikan da loba. Can cukup kitu waé, Riyah kudu mersihan pondok putri salila tilu poé ditambah hapalan Al-Qur’an lima puluh ayat. Nu ayeuna mah lukisan urang téh pias pulasna, Yah!  
           
Ledeng, April 2012
Cipicung nyimpen carita

           
Katerangan:
Népak: ngantri sangu.
Godhul bashor: ngajaga panon.
Ngalugot: ngahartikeun kitab.  
Sayidul Istighfar: salasahiji wirid nu eusina menta panghampura ka Allah SWT  Taqorubban: dzikir anu biasa dibaca ku santri Asyrofuddin, biasana dibaca dina wanci janari gedé.
Dihugab: singgetan tina hukuman gabungan, hukuman pikeun santri anu ngalanggar aturan pasantrén.
Sorof & Zurumiyah:  élmu katatabasaan basa Arab.
              



             

Tidak ada komentar:

Posting Komentar