Basa Sunda; Idéntitas Urang Sunda
Pasualan urang Sunda jeung budayana mindeng pisan jadi gunem catur. Boh éta di kalangan
akademisi, boh éta di kalangan pamaréntah. Éta pasualan téh bangun nu moal béak-béak
pikeun dipadungdengkeun. Boh dina padungdengan sacara formal, boh dipadungdengkeun
dina acara non formal-ari ngopi di warung-. Urang sering mendakan nu nyebutkeun yén urang Sunda
ayeuna geus teu wanoh deui kana budayana-utamana
di budak ngora-, budaya Sunda ayeuna geus mimiti kagéséh ku budaya deungeun, jrrd.
Saméméh
nincak kana pasualan di luhur, bawirasa perelu
ayana watesan ngeunaan urang Sunda éta sorangan. Saha jeung nu mana ari anu
disebut urang Sunda. Urang Sunda nu baris diguar dina
ieu tulisan nyaéta urang Sunda anu sacara biografi tur geografis aya di wilayah
Sunda (Jawa Barat), dina harti nu lahir tur netep di wewengkon
Sunda. Nilik kana pasoalan nu nyebutkeun yén urang
Sunda geus teu wanoh deui kana budayana-utamana budak ngora-. Bawirasa
kaleuleuwihan.
Pamadegan saperti kitu memang teu matak bener kabéh. Da dina faktana mah loba urang Sunda ayeuna nu masih
reueus kana budayana sorangan. Teu saeutik loba kabéhdieunakeun
komunitas-komunitas nu maké ngaran Sunda, boga tujuan hayang nanjeurkeun deui
budaya Sunda. Umpamana baé komunitas Hong, ku henteu ogé geus méré kontribusi
nu leuwih dina ngokolakeun barudak sangkan résép deui ka nu ngaranna
kaulinan barudak. Saung Angklung Ujo, nu masih boga karep kana kasenian
angklungna, Téater Sunda Kiwari nu masih nagen kana drama Sundana, jeung loba
deui komunitas séjénna nu tangtuna teu bisa katataan ku panulis sorangan. Nu
sarwa boga kanyaah tur karep pikeun nanjeurkeun
deui Ki Sunda.
Teu
matak béda, di kaom akademisi, utamina mahasiswa. Apan teu saeutikna nu masih
reueus kana budaya Sunda. UPI jeung UNPAD, dua Universitas
anu maké lébel Jurusan Sunda. Bisa jadi bukti yén barudak ngora masih reueus
kana budayana. Mindeng katitén dina hal
kagiatan-kagiatan di dua kampus éta nu téma-témana ngeunaan kasundaan.
Lain baé éta, pasualan acara ogé kapan loba ayeuna mah nu
maké ngaran-ngaran Sunda. Nu di jerona madungdengkeun pasoalan-pasoalan budaya
Sunda, perlombaan-perlombaan nu nyebutkeun pikeun nanjeurkeun deui kabudayaan
Sunda. Saabreg jigana mun ditataan hiji-hiji mah. Apan sawatara waktu ka tukang,
cikénéh lembaga nu aya patalina jeung kasundaan dua kali ngalaksanakeun acara nu
kasebutna badag nyaéta Konférénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS), jeung Konférénsi
Basa Sunda (KBS). Tina dua kagiatan di luhur geus tangtu ngahasilkeun rupa-rupa
rékoméndasi, anu kawilang penting pikeun kamajuan masarakat Sunda.
Mun nilik kana pasualan pulitik, apan teu saeutik lobana nonoman
Sunda ngahasilkeun sawatara tarékah pikeun ngungkulan pasoalan di luhur. Nu
kawilang nyampak nyaéta ayana Perda Jabar téa. Nu lengkepna diatur dina Perda
Jabar nomor 5 taun 2003 nu eusina ngeunaan ngamumulé basa, sastra katut aksara
daérah. Lain baé Perda, dina UUD ’45 ogé tétéla ngajanggélék diatur ngeunaan
ngamumulé budaya nasional. Lengkepna mah
aya dina pasal 32 anu nétélakeun “Pemerintah akan memajukan Kebudayaan Nasional Indonesia”. Dua papayung ieu geus tangtu
jadi tatapakan pikeun urang dina hal ngamumulé budaya sorangan.
Mung
nu matak hémeng panulis, saenyana mah lain pasoalan éta, tapi leuwih kana
tarékah urang Sunda dina maké tur ngawanohkeun deui basana ka masarakat
balaréa, geus tepi mana? Keun ari pasoalan ngawanohkeun deui mah, ieu mah ukur
makéna hungkul. Apan geus arang ayeuna mah. Dina hal leutikna wé misal jeung
papada babaturan atawa jeung papada kulawarga. Geus tepi mana urang maké
deui basana? Geus Intens atawa mémang kakapeungan?
Lian
ti éta,
ayana pergeseran cara pandangan urang Sunda (ngan teu kabéh), yén nu ngaranna
ngamumulé budaya Sunda téh cukup ku nyieun kagiatan nu bentukna sérémonial hungkul
utamana dina kagiatan kasenianana. Bangun nu geus cukup ku ngayakeun kagiatan
seni Sunda, geus bisa disebut nanjeurkeun budaya Sunda. Geus nganggap diri pangsundana,
tapi ari der dina émpro nyaritana mah angger basana
téh é-éndonésia-an.
Apan
mindeng katénjo ku urang, asa nyolok mata buncelik,
ceuk paribasana mah. Hareupeun téh enya hareupeun ari acarana ngeunaan
kasundaan atawa kabudayaan lokal, ari pok-pokanna
eh, é-éndonésia-an. Angot bari jeung maké asésoris (papakéanna) nu némbongkeun rindat kasundaan mah, jigana WAJIB ISIN
mun dina nyaritana lain ku basa Sunda mah!***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar