Naskah Sunda Kuna jeung Naskah Merbabu
![]() |
Ceuk
katerangan Pleyte (1914), nalika Radén Saléh anjog ka Cikuray, anjeunna
kungsi tepung jeung incuna Kai Raga. Kai Raga téh dipikawanoh minangka
salasahiji pangarang (atawa leuwih merenah juru salin) naskah Sunda
buhun ti Gunung Larang Sri Manganti (ngaran heubeul ti Cikuray). Éta
katerangan téh dimangpaatkeun Pleyte pikeun ngira-ngira waktu hirupna Kai
Raga. Ditambah ku katerangan paleografis aksara nu digunakeun dina
naskah Waruga Guru, dumasar itungan Pleyte, Kai Raga téh hirup dina awal
abad ka-18.
Netscher, nu mimiti ngumumkeun ayana naskah
Sunda buhun di Cilegon (Garut) jeung Ciburuy taun 1853, nétélakeun yén
nalika éta naskah kapanggih, taya saurang ogé nu bisaeun maca kana éta
naskah. Hartina, upama ngitung jeung waktu hirupna Kai Raga, nulis
naskah dina naskah daun jeung daluang di kabuyutan Ciburuy téh méh
saabad caremna.
Jumlah naskah Sunda Kuna nu nepi ka urang kiwari
téh ku itungan saheulaanan sakabéhna aya 90 naskah. 27 naskah di
Ciburuy, 63 naskah di Perpusnas Jakarta. Bisa jadi aya kénéh
naskah-naskah Sunda Kuna nu diteundeun di masarakat nu can kapaluruh.
Naskah Merbabu
Nu
dimaksud naskah Merbabu téh nyaéta kumpulan naskah nu mimiti kapanggih
taun 1822 di lamping béh kulon Gunung Merbabu. Tilu puluh taun ti harita
(1852), kakara kumpulan naskah Merbabu téh kakumpulkeun ka BGKW. Ayana
ieu naskah mimiti dicatet dina Laporan Statistik tanggal 12 Agustus 1823
nu dijieun ku paréntahna Van der Capellen taun 1820. Dina éta laporan
dicatet yén mangsa harita téh tétéla digencarkeun usaha pikeun
meunangkeun naskah-naskah, sarta usaha éta téh hasil.
Dina
éta Laporan ogé ditétélakeun yén nu nyepeng naskah harita téh Pak Kojo.
Pak Kojo ngawaris éta naskah ti uyutna, Windu Sono nu geus tilar dunya
leuwih ti dalapan windu (64 taun) saméméhna. Jadi, mun diitung ti 1823,
tilar dunyana Windu Sono téh méméh taun 1759. Ana kitu mah, Windu Sono
téh kira-kira hirup dina awal abad ka-18.
Jumlah naskah Merbabu nu nepi ka urang kiwari leuwih kurang aya 400 naskah. Méh sakabéhna kiwari diteundeun di PNRI Jakarta.
Hubunganana
Dina
mangsa téks-téks Sunda buhun dihasilkeun, wewengkon Merbabu téh kawasna
geus teu bireuk deui. Bujangga Manik kungsi ngadongdon ka Damalung.
Ceuk Piegeaud (1926) nu disaluyuan ku Noorduyn (1983) Damalung téh
ngaran heubeul tina Merbabu. Dina téks Bujangga Manik, kecap Damalung
disebut ku ambuna nalika Bujangga Manik mulang ti wétan. Ambuna Bujangga
Manik nyebutkeun “cunduk ti gunung Damalung, datangna ti Pam(e)rihan, datang ti lurah pajaran” (baris 595-597). Damalung téh dijadikeun tempat ku Bujangga Manik pikeun neuleuman pangaweruh agama “asak
beunang ngajar warah, asak beunang maca siksa, pageuh beunang maleh
pateh, tuhu beunang nu mitutur, asak beunang pangguruan (baris 598-602).
Sajaba ti Bujangga Manik, dina téks Sri Ajnyana
ogé kapanggih istilah Damalung. Nu matak narik, Damalung jadi tempat
lumungsurna Sri Ajnyana ti sawarga alatan milampah dosa “... Hanteu burung kasangsara, awaking jadi manusa, kapataka di buana. Turun aing ka Damalung, datang ka lurah Pantaran (baris 47-51). Dua téks nu disebut téh nandeskeun yén Damalung téh mangrupa tempat nyuprih élmu kaagamaan (lurah pajaran) nu penting.
Aya
sawatara catetan nu matak narik tina dua skriptorium naskah nu disebut
di luhur téh. Saperkara, ngaran Kai Raga jeung Windu Sono. Tétéla
duanana hirup dina mangsa nu sarua nyaéta awal abad ka-18. Nilik
katerangan Netscher dina taun 1853 yén dina mangsa kapanggihna naskah
téh geus teu jadi bagian tradisi nu hirup, bawirasa Windu Sono jeung Kai
Raga téh generasi pamungkas anu masih bisa nyalin naskah.
Kadua,
naskah-naskah nu aya di Ciburuy jeung di Merbabu téh perenahna di
lamping gunung béh kulon. Dina kolofon naskah Sunda Kuna mindeng
kapanggih istilah Tanjak Barat nu pihartieunana “lamping kulon”.
Perenahna kabuyutan atawa mandala di lamping béh kulon ieu téh bawirasa
perlu dipaluruh leuwih jero.
Katilu, sacara paléografis, wangun aksarana méh sawanda. Samalah teks Kala Purbaka
(kropak 506), nu kapanggih ku Friederich ti wewengkon Pekalongan,
nuduhkeun hal penting. Naskahna ditulis ngagunakeun aksara Buda/Gunung
anu nyeplés jeung aksara-aksara dina naskah Merbabu, tapi basa nu
dipakéna basa Sunda Kuna.
Naskah Kala Purbaka (L 506) Koleksi PNRI, naskah Sunda Kuna nu aksarana Buda corak Merapi-Merbabu
Kaopat,
eusi naskahna. Sajaba ti naskah-naskah pra Islam, tétéla boh di Ciburuy
boh di Merbabu, kapanggih ogé naskah-naskah Islam deuih. Ieu hal
nuduhkeun yén éta dua tempat téh lain panyalingkuran urang Hindu-Budha
tina pangaruh Islam, tapi minangka tempat intelektual mangsa harita
nuliskeun pangaweruh nu katampa ku para sarjanana kalayan mertahankeun
tradisi nulis (nyalin) naskah dina alas tulis daun jeung daluang jeung
dina aksara karuhunna.
Kalima, nasibna sarua. Ieu mah
saenyana saeutik rada méngpar tina maksud tulisan. Tapi, upama nilik
sajarah panalungtikanana, boh naskah Sunda Kuna ti Ciburuy atawa ti
Merbabu kawasna teu jadi prioritas. Naskah Merbabu dimikrofilmkeun jeung
disusun katalogna sacara gembleng kakara réngsé taun 2002 (Setyawati,
spk). Naskah Sunda Kuna nu di Ciburuy jeung PNRI kakara didigitalkeun
tur didéskripsikeun dina taun 2010 (Undang A Darsa & Acrie; Holil
& Gunawan). Sanajan aya panalungtikan ti ahir abad ka-19, tapi jauh
tangéh mun dibandingkeun jeung jumlah naskah nu nyésa mah.
[Dimuat dina Cupumanik No.102-103, Januari-Februari 2012]
Tidak ada komentar:
Posting Komentar