BANDUNG-TANGERANG
Teuing ku pias srangéngé meleték dina kaca jandéla
Basa urang teu reureuh-reureuh ngitung pudunan milang tanjakan
Sedeng méga teu katangén ngaléosna sanggeus kabeledig angin
Sapanjang jalan, jalan panjang rumingkang ringkang karingrang
Beus geus jauh mangprung mubus lulurung-lulurung beurang
Sakolébat mangpirang pasir jeung mumunggang ditilar poé
Tapi urang angger padungdeng ka mana nya pangjugjugan?
Lambaran gambar kakelar horéng rocét ku warna-warni pulas mangsa
Taya nu bisa diguratkeun iwal ti bangkarak jirim sorangan jeung sesemplékan
Rasa nu raca. Urang meureut deui késang, meureut deui cimata
Pikeun ieu lalampahan nu lawas béakeun léngkah
Teuing ku leuseuh srangéngé surup puseuring kalbu
Basa urang teu reureuh-reureuh ngitung tatu milang lewang
Sedeng layung teu katangén ngaringkebna sanggeus kasapih peuting
Sapanjang jalan, jalan panjang rumingkang ringkang karingrang
Beus terus diberik pati, raga terus diudag ajal salawasna
Sajorélat kota demi kota ditilar harepan jeung impian
Sora saha humaregung basa susur-sasar néangan pamuntangan?
Sora angin humaréwos, atawa batin séwang-séwang nu haroshos?
Taya nu bisa diwakcakeun iwal ti galécok karémpan sorangan
Teuteup jeung kiceup ngadadak lamur dina liliuh sareupna
Pikeun ieu lalampahan nu lawas béakeun hégak
Cipularang, 2009 (Galura Edisi No.45 Tahun 22, Minggu II Pebruari 2011)
PARAPATAN
1
Beureum, konéng, héjo deui
Kelir warnaning wanci ngaguritkeun ruruhit kana mangpirang ringkang
Sanggeus saged pada-pada mekel buntelan tatu jeung kapeurihna
Di dieu, di parapatan pangliwatan nu leuseuh ditapuk keprul kekebul
Taya ungkara nu bisa dilisankeun angin pikeun neguh séwu rusiah
Ukur haroshos sora kelakson jeung reregéh hégak kenalpot nu ngelun
Ngulawu hangit ngawerejit langit. Nu mulang tuluy miang ngaligincing
Éstu saniskara lampah nu tacan kapaluruh. Saban-saban rénghap beurang
Saban raga mitembeyan ngabaladah bulat-beulit jalan panjang
Bari mangmang kudu ka mana nyalabarkeun sesebitan kayakinan
2
Beureum, konéng, héjo deui
Kelir warnaning wanci ngaguritkeun raraheut kana mangpirang ringkang
Sanggeus jauh ngabiskalan jalan jeung trotoarna, ngaderes tikungan demi tikungan
Di dieu, di parapatan pangliwatan nu leuseuh dilulun hunyud bangbaluh
Taya dalingding nu bisa diharéwoskeun angin pikeun nyilih keukeup bayeungyang
Ukur matapoé nu langgeng neureuyan beurang, neureuyan harepan
Jeung kalangkangna. Nu ngarandeg tuluy lumpat humarurung
Éstu saniskara lampah nu tacan kapaluruh. Saban-saban ngitung hurun lamunan
Saban raga milang poé ku garajag késang sorangan
Bari rémpan kudu ka saha nyangsangkeun sésa lalampahan
3
Beureum, konéng, héjo deui
Kelir warnaning wanci nyagak léngkah, nyilang ringkang
Sanggeus hirup mungguh jauh jeung huripna, ngalungsar saméméh mangprung
Di dieu, di parapatan pangliwatan nu leuseuh dihurup séwu talikung
Taya seungit kekembangan, taya kukupu nyanding humariring
Ukur silalatu nyurungkuy ti unggal pongpok kota nu ngabebela
Nu reureuh tuluy lunta humaregung, éstu saniskara lampah nu tacan kapaluruh
Ukur jarum-jarum kilométer, jarum-jarum takdir nu trik-trekna beuki ngerepan
Saban-saban medar lacak, saban raga medar umur nu arucutan tina simpayna
Bari sadrah yén ngembatna jalan sorangeun baris nungtung ka paésan
Bandung, 2010 (Manglé No.2328 Édisi 30 Juni-6 Juli 2011)
LILIWUNG PEUTING
Ahirna urang lawung deui dina liliwung peuting, dina haeub katiga panjang
Ngalinting wangkongan bari teu reureuh ngetrukkeun calacah bangbaluh
Béja naon deui nu rék ditepikeun angin ti rorogan nu kasaatan, ciricit beurit,
Nérékélna péstisida, jeung beuteung tangkulak nu ngabadagan?
Sedeng di dieu ukur boléksék taktak tapak rancatan jeung keunang késang
Sésa beurang nu haben nguyumbang marengan kamalir carita urang
Bari hamham yén hiji waktu saranggeuy ringsang baris rumekah salawasna
Tina bebegig nu poho can dirarangkénan jeung ingon-ingon nu elat diparaban
Wangkongan urang bet terus manjang. Tapi tina huis nu nungtut muguran
Jeung tulang nu lalocotan, aya kénéh hégak nu diancokeun geusan nandur
Harepan isukan? Saban-saban ngabaladah léngkah, saban ringkang mitembeyan
Malintangan, kudu heula ngaguar umur di galengan. Ti usum baganti ka usum
Taya isarah nu bisa kalisankeun. Sapanjang ngulangkeun caplak katigin
Teu weléh kasilih luh-lah. Ungkara urang lagu silung nu teu parat galindengna
Najan pada-pada galécok, aya geter séjén nu disidem dina gerendeng kalbu
Séwang-séwang. Perkara dapur nu langka ngebul, susu budak nu can
Kacumponan, seragam si cikal nu can katedunan, jeung séwa tanah nu can
Kalunasan. Beuki ngemplad totoang nu kudu disorang, beuki pait gegedoh lalakon
Nu kudu diuyup. Taya hartina reureuh dipayung layung atawa ngalempréh
Dihateup saung. Sedeng karancangna bilik jeung bolongorna
Lalangit batin urang luput teu kasurahan
Peuting terus ngaregéh ka puseurna, tapi wangkongan kalah wegah
Mun kudu dipungkas. Beuki samar sagala nu can dipibanda, beuki ahéng
Tarucing nu kudu diteguh. Antara ngijih jeung katiga kapan bangsal angger hapa
Taya hartina mudalkeun réwu kereteg. Aweuhan urang étém karaha
Nu leungiteun seuseukeutna. Naon deui nu kudu disungsi jeung didagoan?
Kari sadrah ieu raga diwuluku digaru waktu, dibakutet tali sawed
Dirajam dipecut takdir. Bari wereng baris langgeng baranahan dina sukma
Arjasari, 2010 (Manglé No.2328 Édisi 30 Juni-6 Juli 2011)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar