Selasa, 10 Juli 2012

Dongéng Prayoga Adiwisastra



BABALIK PIKIR

Handapeun iuh-iuh tangkal kérsen nu keur sumedeng baruahan, Bah Amin diuk nyanghunjar bari teu weléh gegeber ku dudukuy samakna, tuda poé keur meujeuhna panas mentrang-mentring. Di dinya, manéhna ngadon reureuh sanggeus nanggung sampeu ti kebonna. Katémbong késang ngagarajag dina kulitna nu geus paréot, urat-urat leungeunna katingali mani raranteng. Gigireunana katémbong aya rancatan disarandékeun kana tangkal kérsen, carangka dua siki nu metet ku sampeu, sarta salang nu disina ngagapuy kana taneuh.
“Mana teuing bakal mucekilna peuyeum téh, sampeuna gé mani loba ayeuna mah,” ceuk Bah Amin bari pinuh ku pangharepan.
Keur kitu, ngadadak ku Bah Amin kadéngé sora tan katingalan, kawas paguneman nu teu katingali jirimna. Sanggeus hantem dilieukan dilelekan, horéng éta sora téh bijilna ti rancatan, salang, carangka, jeung sampeu gigireunana.
“Aéh, geuning nu bieu nyoara téh aranjeun opatan!” ceuk Bah Amin.
“Bener, nya kuring pisan,” ceuk rancatan, salang, carangka, jeung sampeu mani rampak.
“Naha naon nu ku aranjeun tadi diobrolkeun téh?” Bah Amin panasaran pisan.
“Hih, tangtuna gé ngalibetkeun anjeun,” rancatan mangnémbalankeun nu séjénna. “Kieu sabenerna, kapan urang téh geus lila pisan babarengan, lain?”
“Teu salah deui, aranjeun geus satia mantuan kuring nanggung sampeu sakitu lilana. Palebah dieu, kuring nganuhunkeun pisan,”
“Keun sual éta, ayeuna mah kuring hayang nepikeun katugenah nu salila ieu ukur disidem digayem dina kereteg jeung angen-angen,” ceuk rancatan deui.
“Heug, pok geura caritakeun hiji-hiji!”
“Sabenerna awak kuring téh mindeng karasa cangkeul jeung nyeri alatan unggal poé dipaké muntang ku salang jeung carangka, tur momot carangka téh aya di tengah awak kuring nu tuluy ditanggung kana taktak anjeun. Ku kituna, ti semet ayeuna kuring ménta eureun tina nanggung carangka, jeung sampeu.” ceuk rancatan daria pisan.
“Geus kaharti omongan anjeun, rancatan. Ayeuna kuring hayang ngadéngé ti anjeun, salang!” ceuk Bah Amin ka salang nu ngagapuy kénéh kana taneuh.
“Teu jauh béda, kuring gé remen ngarasa nyeri awak, da unggal poé dipanteng dibatek keur nanggung carangka jeung sampeu. Cara rancatan baé, kuring ménta eureun nanggung carangka, jeung sampeu.” ceuk salang.
“Kaharti pisan, salang,” ceuk Bah Amin bari unggut-unggutan. “Ayeuna bagéan anjeun, carangka!”
“Kuring ménta eureun tina dieusian ku sampeu. Cindekna mah mundur tina digawé jeung anjeun. Marukan teu cangkeul jeung beurat kitu awak kuring dieusian ku sampeu tepi ka mucung? Jaba bari gugulayunan dikaitkeun kana salang!” omong carangka.
“Ngan sakitu baé, carangka?” Bah Amin nalék.
“Saheulaanan mah cukup.” témbal carangka
“Panungtung, bagéan anjeun nu nyarita, sampeu!” ceuk Bah Amin ka sampeu nu patétéép dina carangka.
“Anjeun mah moal ngarasakeun kumaha ripuhna kuring patutumpuk dina carangka, komo deui nu panghandapna mah. Katambah kuring geus ngimpleng bakal pohara nyerina kulit kuring dipesék disisit, tuluy dikumbah, diseupan, dipurulukan ragi, tepi ka didahar ku manusa cara babaturan kuring. Ayeuna kénéh kuring ménta mundur tina digawé jeung anjeun. Kitu lain, dulur-dulur?” ceuk salasahiji sampeu nu pangkolotna.
“Bener, bener, bener!” ceuk sampeu nu séjénna mani sahéng.
“Aranjeun opatan geus pada-pada kabagéan nyarita. Ayeuna kari kuring nu nyarita, lain?” ceuk Bah Amin.
“Nya kitu pisan,” ceuk rancatan.
“Aranjeun opatan sarua pada-pada geus ngedalkeun katugenah alatan capé dibawa nanggung sampeu jeung kuring. Heug, paménta aranjeun opatan ku kuring bakal ditedunan. Tapi saméméh kitu aya saratna,”
“Naon saratna?” ceuk salasahiji sampeu giak pisan.
“Saratna, kuring ménta aranjeun pikeun nu pamungkas mantuan kuring nanggung sampeu ka imah Cép Adun. Kumaha kira-kirana?”
Rancatan, salang, carangka, jeung sampeu kadéngé patingkecewis ngabadamikeun. Teu lila pok sampeu nu pangkolotna nyarita.
“Heug atuh, ngan kahadé anjeun ulah jalir kana jangji.”
“Sing percaya, moal jalir kuring mah.”
Gap Bah Amin kana rancatan, tuluy salang hiji-hiji dikaitkeun kana tungtung rancatan hareup jeung tukang. Tuluy rancatan téh ditanggung. Leumpangna rumanggieung bari nanggung sampeu téh, da puguh geus sakitu kakolotanana.
Barang nepi ka imah Cép Adun, kasampak aya keur ngabaheuhay dina korsi di tepas. Sanggeus Bah Amin sidik éta téh Cép Adun, cag baé tanggunganana diécagkeun.
“Punten!” ceuk Bah Amin rada bedas.
“Mangga,” témbal Cép Adun bari nyampeurkeun. “Aya naon, Bah?” omong Cép Adun deui.
“Abah téh hoyong karaosan sampeu ku Cép Adun. Tah, ieu sampeuna dua carangka,”
“Ah, keur naon? Da teu beuki kuring mah. Dina ku kuring dijualna gé iraha teuing sampeu hargana mahal?” témbal Cép Adun bari nyeuneu. “Mending gé piceun baé ka walungan jeung tanggunganna, da euweuh gunana!”
Rét Bah Amin kana tanggungan sampeu. Katémbong rancatan, salang, carangka, jeung sampeu pohara ambekeunana ka Cép Adun, tepi ka tanggungan sampeu téh oyag, méh baé sampeu nu dua carangka téh bahé. Ngan hadéna sampeu nu pangkolotna nyarita ka Bah Amin kalawan titih-rintih.
“Hampura kuring jeung nu séjénna. Geuning leuwih peurih karasana disapirakeun ku batur batan nyareri awak balas mantuan anjeun. Leuwih hadé hirup aya mangpaatna keur batur najan capé jeung peurih gé. Ti semet ayeuna, kuring, carangka, salang, jeung rancatan jangji moal rék eureun kumawula ka anjeun.”
Paroman Bah Amin katingali marahmay, tuluy imut ngagelenyu, leleb pisan.
***

Plered, 2012
Mangle No. 2368
Nu nulis,
Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI









Tidak ada komentar:

Posting Komentar