BARUANG KA JALMA LEUTIK
Ayeuna
urang keur ténar. Siga biduan keur naék daun euy! Rék teu kitu kumaha,
unggal poé ngaran urang ngajeblag dina média massa. Digembor-gembor dina
média éléktronik. Jadi jejer utama. Nu rétingna ngajaul ka langit.
Dipadungdengkeun disaban tempat dipalikiran ku jalma tajir jeung pakir.
Teu bosen-bosen ngomongkeun urang. Duka belegug atawa api-api belegug,
yén ngomongkeun batur téh sarua jeung ngadahar bangké babaturan
sorangan. Ah urang teu paduli nu baroga otak gé teu malikiran. Naha bet
kudu riweuh ? Da geuning ayeuna mah nu kitu téh difasilitasi. Keun wé ah sugan nepi ka dowér!
“Bén,
ngomong atuh euy! Meungpeung dibéré kasempetan. Iraha deui urang bisa
ngomong? Apanan sasari mah urang ngan saukur jadi tunggul. Saksi bisu
runtuyan kahirupan jalma nu barutuh ka urang, boh nu arédan boh nu
saroléh. Teuing ti marana asalna mah? Ramé euy, ngabandungan kahirupan
di Alam dunya. Siga pilem India.”
“Bén
jawab atuh! Manéh mah bisa ngahirupan batur, tapi teu bisa ngahirupan
diri sorangan. Naha manéh ngeunah saban poé digosipkeun? Naha manéh
ngeunah hirup jadi bonéka jalma nu baroga korsi? Naha manéh teu karunya
ka jalma leutik nu jadi korban pulitik? Hudang euy! Hudang ! Ieu dunya
geus lieur, atawa manéh gé sarua keur lieur?”
“Naha
nya euy, mobil téh teu béak waé? Ti isuk-isuk ngantri euweuh eureunna.
Itu euy, mobil Toyota Land Cruiser, aya TV-an geura. Tingali euy, di
kantor Pertamina jalan Rajawali. Jalma ngagimbung, meni séah
patinggorowok. Pulisi pahibut silih dorong jeung massa. Wartawan ngilu
riweuh. Sapanduk mapaésan pating kélébét Cabut… Turunkan.... Euleuh naon itu nu diduruk… euh! dioperkeun. Déngékeun geura Bén berita saterusna. DPR
geus nyatujuan BBM ditaékkeun, kalawan alokasi waragad subsidi BBM 89,2
triliun. Ieu kaputusan téh dicokot ngaliwatan voting dina rapat
paripurna DPR. Naékna diprédiksi antara 40% nepi ka 60%. Kecil lah Bén,
komo keur nu boga mobil kieu mah, atawa nu boga mobil Camry, BMW, Vios,
Suzuki Escudo, Toyota Altis, Sedan, Hyundai Santa Fe, Suzuki Katana,
mobil naon deui Bén?”
“Rék
teu satuju kumaha atuh Bén. Da moal ngaruh naék turunna BBM téh. Moal
ngurangan eusi saku. Apanan pasokanna gé ti ditu-ti dieu. Teu
cara jalma leutik. Tong boboraah ratus-ratus rébu, naék BBM saratus
pérak gé matak jantungan, tensi ngagancangan. Komo ieu lain naek deui
BBM teh pindah harga. Moal teu sakalor jalma leutik teh. Dokter pan nu
riweuh kudu ngurus pasén nu teu mampuh. Embungeun dokter ogé mindeng
teuing ngurus pasén nu teu mampuh mah. Kapan dokter gé manusa, butuh
duit keur nyukupan pangabutuh anak pamajikan.”
“Euleuh Bén, naha itu mobil Mércédés bet nyuruwuk miheulaan ?”
“Pak, bensin full tank, cepetan yah ada meeting nih!”
“Silakan ikutan ngantri pak?” Patugas Pom silih sigeung.
“Tidak tahu saya?!” Kacamatana dibuka bari ngasongkeun duit dua ratus rébu.
“Oh, maaf Pak!” Patugas Pom ngadadak rengkuh. Selang bénsin langsung dipindahkeun kana mobil Mércédés.
“Ngantri
atuh euy...!” Ditukang nyararekan. Tidd...tidd...tidd...! Kelakson
raéng ngarambek. Jrut! Supir treuk nu ngantri ka hiji turun bari melak
cangkeng. Paromanna sangar, dedeganna sambada. Tato marakbak.
“Turun...!” Ambekanna ngahégak.
“Asa aing loba duit siah.. !” Hoakna bari tutunjuk.
Brak! Panto mobilna digebrak.
“
Pa, tong sombong lah salila sok ka WC jeung ngadahar sangu mah. Teu
neuleu aing geus ngantri ti tatadi keneh, dasar gedé hulu!” Supir angkot
ngutruk.
“Maaf ya saya tak punya banyak waktu, ribuan orang sudah menanti saya. Gak lével saya bicara sama écék-écék!”
“Naon siah, sakali deui !” Tukang ojég poporongos.
Nu
dijero mobil sepa, teu puguh cicing kawantu rék dirempug. Satpam rabul,
nu daragang jeung pagawé SPBU ngilu nahan, nu keur ngaramuk sateker
kebek mere jalan. Kaayaan jadi geruh.
“Uruskeun tah!” pokna bari méré gepokan duit.
Bius mobil mewah téh lapas tangan ngagandéang.
“Geuning,
jalma pinter mah bisaan nya Bén? Heueuh biasaan minteranna.” Ku
ngalungkeun duit, beres perkara teh. Saha jalmana atuh nu teu beuki kana
duit.
“Bén,
beus jurusan Bandung-Garut euy!” Nu daragang asong jlung-jleng naraék.
Tukang pulpén, buku, lem, roko. Raéng nawarkeun daganganna. Katambah nu
ngamén brang-breng-brong teu puguh dédéngéan. Beus téh jadi kebek,
pasesedek hese usik, katambah bau kesang matak nojosan kana irung.
“Jang, korek api!”
“Mangga Bah, sareng rokona?”
Si Abah gideug.
“Artosna kirang, Bah!”
“Aéh apanan mangkukna mah sakitu, lin?”
“Muhun, Bah. Pan BBM naek jadi sagala naek!
“Baruk kitu, Jang. Ngan kolor meureun nya nu turun téh!”
“Néng… Néng…, ongkosna!” Kondéktur ngaguguyah nu keur saré tibra.
Si Enéng nguliat bari heuay, rét ka Kondektur.
“Oh, ké Mang.” Kudak-kodok heula kana pesak jeung kantong, lulungu meureun. Tuluy ngaluarkeun dompet merk Guess. Song duit genep rébu.
“Kirang Néng, opat rebu deui!” bari namprak
“Apanan sasarina ge sakitu!”
“Neng, naha teu apal BBM naék?”
“Apal
mang, pan encan naékna ongkos mah. Ngantosan pangumuman ti pamaréntah.
Punten Mang, hoyong dilaporkeun ka saha? Mang dina APBN-na gé...”
Si Emang ngélémés, bari ngaléos.
“Rék jadi oknum leuleutikan, teu apal aing téh aktifis.” Si Enéng kutukgendeng.
“Hebat nya Ben, keur geulis teh!”
“Bén,
itu Ma Onéng meni kokotéténgan. Leungeun nu katuhu nungtun budak nu
jebléh, nyenyepeng beuteung. Lapar meureun nya? Leungeun nu kenca
ngajingjing kompan.”
“Ma, rék ka mana?” Tanya Ceu Yati bari naggeuy dagangan kaulinan barudak.
“Néangan minyak Ceu, meni geus lieur ka ditu-ka dieu euweuh. Naha nya Ceu BBM téh bet naék wae ?
“Apanan subsidina dipindahkeun kana biaya pendidikan jeung biaya keur jalma miskin, cenah.”
“Baruk
kitu, tapi naha atuh nya, budak Ema nu di SMP seméster kamari bet
dikaluarkeun, alatan can mayar SPP. Geus nunggak dalapan bulan.”
“Duka
atuh, Ma. Taroskeun wé ka nu di laluhur. Da abdi gé sami can nampi
kartu kompensasi BBM, padahal geus didata. Ku badan naon geuningan.
Statistik kitu ngaranna téh?”
“Hayu atuh Ceu, tuh angkotna rék maju. Ema rék néangan deui minyak.”
“Bén,
kadéngé teu? Atawa ceuli manéh dicocogan. Cing tong tanggah waé ka
luhur! Tinggali euy nu tingkarocéak dihandap. Naha manéh teu simpati
atawa haté manéh dijieun tina batu?”
“Bén ojég Mang Kasman euy, keur ngabonceng Pa Ustad.”
“Pa Ustad badé lirén di mana?”
“Di Masjid Baéturrahman, Jang,”
“Jang, naha kamari teu ngojeg?”
“Henteu Pa Ustad, sesah milarian bénsin. Pan BBM naék.”
“Alhamdulilah!”
“Naha Pa Ustad, bet alhamdulilah? Apanan nu sanés mah darémo.”
“Jang,
ceurik gé moal nurukeun harga BBM. Mending sabar bari syukuran ka
Alloh, kana sagala rupa nu dipaparin ku Mantenna. Ka asup naekna BBM.
Apanan ayeuna téh bulan puasa beh jadi pahala sagala rupa teh.”
“Mang Kasman unggut-unggutan.”
“Bén,
mobil Toyota Land Lover euy! Dunungan urang, rék naon nya euy? Stelanna
meni gaya, dasi ngagebay abong birokrat nya euy. Alah Bén, nyampeurkeun
urang! Aya naon nya euy bet haharéwosan jeung pagawé SPBU?”
“Alah! Bén, cilaka euy! Urang jeung babaturan rék di ka Bunkerkeun (rohangan jero taneuh). Karunya euy, nu ngantri ngantay kénéh!
“Pak, bensinnya dua liter?”
“Habis!!!!” Tembal pagawé SPBU kompak.
“Waduk siah! Dasar garong!”
“Minyak,
solar, premium, salabar euy! Urang mah ngan saukur banda, sanajan paeh
poso merjuangkeun ge moal diwarao. Sok mening ayeuna mah sing alakur
dihandap. “Sareundeuk saigel sabobot sapihanean.”
“Bénsin, geuning manéh bisa ngomong???”
***
Tina Lir Cahya Nyorot Eunteung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar