SAPI JEUNG MEDALI
TI
BAHEULA Si Lina téh cita-citana ngan hiji, hayang ka Arab. Hayang jadi
té-ka-wé. Éta meureun sok dihatéan ku aing, indungna. Heueuh,
pepeuriheun Éma teu bisa ka mamana, da teu sakola-sakola acan. Elin pék
ka ditu, siga Ceu Emin. Tah, sok kitu dicaritaanana téh. Éta deuih
meureun, mun nempo tatangga atawa kapilanceukna balik ti Arab téh sok
reunceum jeung rébo baé. Tong boroning budak, aing gé sok kabita.
Tapi
meureun Si Lina téh kudu sakola heula, ngarah boga ijasah. Da kudu boga
ijasah cenah. Tah éta sababna aing kumejot hayang nyakolakeun manéhna
téh. Bus ka SD. Paduli teuing bapana embung ngurusan gé. Rék modar rék
kawin deui gé, ku aing moal dipikiran. Euweuh di imah gé pirang-pirang
untung, batan aing té-bé-sé nempo pagawéanana unggal poé ukur ngagojod
di imah.
Ceuk guruna Si Lina téh calakan. Lulus gé
pangalusna. Waktu ku guruna dijurug-jurung sina nuluykeun ka SMP, aing
mimiti mikir. Nya nanya ka Pa Suparman, kapala SD. “Ari ka Arab cekap ku
ijasah SD, Bapa?”
“Ibu rék téga, budak umur 13 taun sina cecelengcengan di padang pasir?” ceuk Pa Suparman muncereng.
Enya
gé rada ngalenyap, tapi aing teu sugema ku jawabanana. Matak ngahaja
datang ka imah Kuwu, éra-éra gé. Nu ditanyakeun ka Pa Suparman téh
ditepikeun deui ka Kuwu.
Ceuk kuwu, “Méméh umurna tujuhlas taun mah, moal diidinan Ibi!”
Jadi
kudu kumaha atuh aing? Da ari kudu nyakolakeun Si Lina ka SMP mah aing
rada lieur. Lain ku pédah aing sakadar kula-kuli di tanah batur, tapi
kumaha bisana nyakolakeun Si Lina ka Ciakar? Enya cenah sakolana mah teu
kudu mayar, tapi meureun kudu dititipkeun. Meureun kudu dijajanan
sapopoéna. Ari kudu didugdag unggal poé badarat ti imah mah aing gé teu
téga. Indit meureun kudu nyubuh, balik kudu soré. Can mun hujan. Lalaki
onaman.
Karunya ka budakna, geus hulang-huleng baé.
Meureun geus dibibita ku guruna. Tapi ku aing teu diombéran. Tapi deuih
ari kudu lugag-ligug di imah mah, karunya. Ari disina bunta-bantu di
kebon, aing gé asa teu téga deuih.
Dibawa ku Pa Suparman
antukna mah, ka Ciakar. Rék dititipkeun ka Ustad Rohidin cenah. Bari
sina nuluykeun ka SMP. Beuratna mah beurat haté aing téh. Tapi nu rada
ngahampangkeun téh omongan Pa Suparman. Cenah aing teu kudu ngurusan
sapopoéna, asal rido baé budak sina babantu di imah Ustad. Mantuan
pamajikan ustad nyeuseuh atawa ngistrika, minangka tambahna pira ngasuh
budak.
Harita, Si Lina mah kalah séséréngéhan baé aing haseum téh.
Tilu
bulan sakali mah ku aing sok dilongokan. Bari ti lembur sok babawaan
keur Ustad. Enya bageur Ustad téh, tapi aing angger sok melang. Komo
ngadéngé omongan Ustad, budak téh cenah éncér otakna. Kuduna mah aing
atoh, tapi mun kudu dibéjakeun mah, haté aing melang kabina-bina.
Nepi
ka Si Lina nincak kelas tilu SMP téh, Si Emin geus aya kana tilu kalina
balik ka lembur. Tara lila ieuh di lemburna téh, deregdeg deui ka
Jakarta. Ber hiber deui. Tilu kali hiber téh tilu kali ganti dunungan
cenah.
Nu kadua balik mah mawa budak. Méméh hiber deui ka
Arab téh, bébérés heula salaki nu pundung abek-ambekan. Untung salakina
miyuni bikang. Enya gé nyantri, tapi ku Si Emin mah sok sieuneun. Imah
nu anegléng agréng téh teu nepi ka dijual dibagi rata. Tetep diurus ku
Kang Emul jeung Ceu Néngsih, indung bapana. Salakina mah balik ka
lemburna téh ngaligincing baé. Nincak di salaki Si Ombah mah apan,
kiriman ti Arab téh béak dipaké nyandung.
Aing mah moal
rék nitah Si Lina kawin heula. Sina jongjon digawé. Mending
dijeujeuhkeun heula. Teu bisa nyieun gedong kawas Si Emin gé, atuh bisa
maraban-maraban aing jeung adina. Ongkoh mun can salakian mah, kiriman
ti Arab téh meureun moal ka saha deui brona. Pisalakieun mah, mun Si
Lina geus reunceum, piraku teu pada ngagembrong. Mun dikawinkeun
ayeuna-ayeuna, leuheung basa salakina jejeg. Kumaha mun siga salaki Si
Ombah?
Tapi aing beuki melang ka Si Lina. Komo basa hiji
poé manéhna balik ka imah, dijajapkeun ku ojég, bari ngagigiwing piala.
Cenah juara dua di Kabupatén. Olimpiade-olimpiade kitu. Mawa duit dua
ratus rébu, weuteuh kénéh dina amplop. Jeung ngagigiwing pigura nu
eusina tutulisan. Mani aléwoh dodongéngna téh. Resep jeung bungah
meureun. Ku aing ngan diheueuhan.
Tuluy didongéngan soal Si Emin, bari masrahkeun geulang ti Arab oléh-oléh ti Si Emin keur manéhna.
“Sawah
Haji Sirod nu ku Ema digarap téa, ayeuna mah geus dibeuli ku Ceu Emin.
Sugan ka hareup mah bisa dibeuli ku urang, mun Lina geus di Arab,”
dicaritaan kitu ku aing téh.
Si Lina kerung. Tapi ku aing diajak seuri.
Kamelang aing kabuktian. Sawatara bulan ti harita, ka imah datang guruna, bari ngajajapkeun Si Lina.
Kasép
guruna téh. Ngakuna mah Jajang, walikelasna Si Lina cenah. Urang
dayeuh. Teuing geus kurenan acanna mah. Ku aing teu ditanyakeun, manéhna
gé teu ngadongéngkeun. Da aing sebel tuda kana omongan jeung
kahayangna, nu rada maksa ngajak Si Lina sina nuluykeun sakola di kota.
Ari
aing, teu wani ari kudu nambalang mah. Si Guru sakitu sopan jeung
bageurna dina nyarita. Jeung kaciri pinter, da ngomongna loba nu aing
henteu ngarti. Atawa aingna kitu nu bodo teu katulungan? Ka Si Guru aing
nepikeun paménta, sangkan ulah mawa Si Lina ka kota. Rada éra ari kudu
dibéjakeun rék disina indit ka Arab mah, ngan alesan aing harita, Si
Lina budak aing, bulu taneuh nu hirup saaya-aya. Mun dipapaksa sina
nuluykeun sakola bisi mokaha ahirna. Bisi pugag di tengah jalan. Jaba
melang mun ngandelkeun sagala ti batur mah.
“Istri tuda Pa
Guru. Pameget onaman.” Tapi sajeroning nyarita kitu téh, aing sorangan
teu ambil pusing mun Si Lina kudu hiber sosoranganana Siga Si Emin.
Éta
guru kalah ka imut. Tuluy panjang deui nyarita anu sabenerna mah geus
embung ku aing didéngékeun. Majar téh lantaran pinter Si Lina bisa
sakola nepi ka universitas. Bisa meunang anu, bisa ka anu, bisa sagala
anu. Paduli teuinganan, ceuk haté. Si Lina moal ieuh dibikeun sakola ka
kota. Ongkoh loba contona, najan sakola ka kota gé can tangtu maju
hirupna. Ulah jauh-jauh, anakna Haji Sirod gé, anu sakola nepi ka
Bandung, diwisuda taun kamari, balik ka lembur mah angger cenah sok
namprak ka kolotna.
Aral sigana mah Si Guru téh. Nepi ka
balik téh teu bérag siga keur datang. Sanajan tetep sopan, tapi
katémbong siga hanjakaleun pisan. Si Lina cakueum haseum. Aing gé teu
méré budi.
Isukna Si Lina geus euweuh ti imah. Puguh baé
aing bingung. Duit na laci lomari hasil ngajual ségon kabéh dikuras.
Sanggeus nitipkeun Si Kondi ka Kang Emul, ber ka Ciakar. Tandureun poé
éta di sawah Kang Salim diculkeun. Tapi jol ka Ciakar téh budak teu
nyampak, guru Jajang nu kungsi ka imah euweuh. Sakola suwung. Horénganan
geus peré cenah. Ukur aya nu jaga. Nya meunang alamat guruna nu di
dayeuh. Teu mikir panjang, aya kénéh ieuh ongkos. Ber baé ka kota,
numpak élp nu kasorénakeun. Teu dipikiran deuih, peuting rék saré di
mana. Ambek ngagugudug.
Sumpahna gé aing nyeri haté.
Peuting ngagolér siga galandangan di terminal, isukna mapaykeun alamat
si guru Jajang, lebeng teu kasusud. Teuing aing nu lier meureun. Balik
ka lembur geus teu mikir naon-naon, ngan gauk baé ceurik. Nyumpahan
budak béak karep. Nyumpahan nasib, nyumpahan salaki, nyumpahan kolot nu
geus ngalantarankeun aing sangsara euweuh tungtungna. Haté beuki
nyeletit basa Kang Salim nyarékan aing nu ngantep sawahna teu
katanduran.
Si Lina teu balik deui. Nepi ka aing cadu tah nyakolakeun Si Kondi, adina. Teu kudu sakola ari tungtungna nyusahkeun kolot mah.
Bulan-bulan
aing gering pikir. Hirup méh-méhan aral. Mun Si Lina balik, nu kapikir
ku aing hayang ngawejek beungeutna. Tatangga geus nyangka aing teu waras
da sakapeung sok murukusunu sorangan.
RT kungsi datang
ka imah, mapaykeun budak nu teu disakolakeun, padahal umur geus manjing
sakola. Dititah lurah cenah. Ceuk aing, sanajan persiden nu nitahna,
najis tah aing nyakolakeun budak.
Hiji mangsa aing
mapaykeun deui Si Lina ka Ciakar, ka Si Guru nu datang ka imah téa.
Barang tepung ku aing langsung dicarékan, ditunjuk-tunjuk, pada
ngarogrog ku jelema sasakola. Aing awong-awongan nanyakeun di mana Si
Lina, manéhna kalah ka hahampuraan. Ngan kecrot baé ku aing diciduhan.
Puas!
Mulan-malén aing linglung sorangan.
Sataun
saprak Si Lina kabur. Si Emin kabéjakeun balik deui. Tapi balikna
ayeuna mah teu kos tiheula, da matak gujrud salelembur. Teu nyéwa mobil
siga tiheula deuih, bari babawaan, sagala dibawa. Ayeuna mah
dipayang-payang, da geus teu bisa leumpang-leumpang acan.
Aya
sabulan mah ka lembur aing ngabrul-ngabrul baé jelema ti kota. Nu
motoan baé aya, nu papariksa aya. Nu disaragam mah, nu maké mobil mah,
nu ngajak ngobrol baé gé ka kolotna teu kurang-kurang. Sagala
ditanyakeun. Malah ka aing gé kungsi aya nu rék ngajak ngobrol, budak
awéwé bari mamawa corong emik. Aing rék disorot ku kaméra. Tapi ku Si RT
éta budak téh ditoél, tuluy diajak ngajauhan bari diharéwosan. Si RT
miringkeun curukna dina tarang. Nepi ka éta budak ngora téh
undur-unduran.
Ka Si RT aing ngagorowok, “RT, tanyakeun tah ka urang kota. Sugan wawuheun ka Si Lina! Mun kapanggih rék dibebek kituh ku aing!”
Kalakuan
aing siga kitu téh ku tatangga sok digeuhgeuykeun. Aing sok malik
ambek, da sumpahna gé saméméh tepung jeung Si Lina sarta ngajejewét
beungeutna, aing tetep panasaran.
Si Emin beuki ripuh. Ku
kolotna geus dibawa ka ditu ka dieu, diubar-abér, angger teu cageur.
Imah jeung pakayana nungtutan dijualan, dipaké ngubaran awakna nu geus
tanpa daksa. Leungeunna kéngkong, daging jeung kulitna méotan. Lebah
tonggong jeung dadana ngagudat kénéh tapak cameti. Cageur téh semet bisa
diuk andéprok bari ngomong walahwah-weuleuhweuh. Sakapeung sok
jejeritan teu pupuguh. Nya ku aing sok dilayananana. Ku aing sok diajak
seuri, manéhna sok milu seuri.
Kang Emul, kolotna, sok
ngadatangkeun sepuh. Da Si Emin téh lain baé ingetanana nu kusut téh.
Awakna gé beuki ripuh baé. Éta sepuh datangna sok bararodas baé, boh
pakéanana, boh sorbanna, kitu deui totopongna. Ka aing sok melong anteb,
kitu deui ka Si Emin. Siga hayang ngerekeb. Anéhna pencronganana téh
sok nyerep nyecep kana haté.
Nya lantaran éta, aing wani
ngajak ngobrol ka manéhna. Da ngajak ngobrol jeung Si RT, jeung Kang
Emul, atawa jeung tatangga aing mah kabéh gé siga embung ngalayanan.
Ngan Si Emin nu sok sabar ngadéngékeun obrolan aing mah.
Ka éta
sepuh aing nepikeun kakeuheul. Waktu manéhna keur ngubaran Si Emin nu
ngalempréh, aing ngocoblak baé nyaritakeun si gejul Lina nu teu
balik-balik nepi ka ayeuna. Si Lina ku aing digoblog-goblog, da teu
ngahargaan aing indungna. Na ari sebrot téh, aing dibura ku cai. Kek
beuheung aing dipencét satakerna. Aing gegelegepan. Eungap jaba panas
alah batan dibanjur jeung ditojos beusi ruhay. Aing aduglajer. Tapi
pencétanana beuki pageuh, nepi ka aing teu éling.
“Sing
éling ka temah wadi, Anih! Urang téh boga kénéh Pangéran. Ulah
ngagugulung baé kasusah haté. Anggur mah istigfar, istigfar!!” ceuk Kang
Emul.
Si Emin geus lila dikubur. Aing ukur bisa ceurik.
Sepuh
gé hiji mangsa mah datang deui. Sapeupeuting aing digelendeng ku
manéhna. Nitah aing éling ka Pangéran. Nitah solat sagala rupa. Anéhna
haté aing ayeuna mah leuleus. Henteu hayang ngangkrang siga ti heula.
Isukna aing dijajap ku Kang Emul, nyekar ka makam Si Emin, bari sakalian
nyekar ka makam emang jeung bibina, nyatana kolot aing.
Aing
ngeureuyeuh deui ngalakonan hirup. Si Kondi dipaksa disakolakeun ku Si
Kuwu. Mun aing merekedeweng, Kang Emul nu sok ngélingan bari nyarékan
téh. “Ceuk aing gé meunggeus Si Lina mah popohokeun. Arék siga Si Emin
manéh! Rék nyusul ka kuburanana?!”
Sakapeung sok leuleuy,
“Akang gé, mun inget baé ka Si Emin, moal aya tungtungna, Anih. Moal aya
warasna ngagugulung kasusah haté mah. Aing jeung euceu ayeuna pan geus
teu boga nanaon. Si Emin geus euweuh, sawah jeung kebon geus lapur.
Akang mah rék nitipkeun hirup baé ka Pangéran…”
Kebon nu
Si Emin téa, nu meunang meuli ti Haji Sirod, geus pindah leungeun ka
Kang Salim. Tapi Kang Salim teu percayaeun ka aing pikeun ngagarap éta
lahan. Mulan-malén aing nitipkeun hirup ngandelkeun piwelas tatangga nu
daék kénéh nitah buburuh. Nepi ka hiji waktu Kang Emul datang. Sawah
jeung kebon Kang Salim dibeuli cenah ku urang kota. Kaasup urut garapan
aing ti heula, aya kana sapuluh areuna. Keur ngagarapna ménta tulung ka
urang lembur. Nya dipasrahkeun ka Kang Emul, sina daék ngurus. “Satengah
séwang wé nya jeung Akang!” pokna.
Tapi unggal aya
hasilna, manéhna mah nyokot sapertiluna baé. Basana, cokot baé ku Anih,
keur ongkos sakola Si Kondi. Ku manéhna gé cenah geus dibéjakeun ka
urang kota nu bogana, perkara babagi hasil tina lahan nu digarap téh.
Nuhun, Gusti. Moal dileuleungit, aing asa kajait hirup.
Aing sok rambisak sorangan. Tapi mun Si Lina jadi ka Arab, meureun moal kieu-kieu teuing jalan hirup aing téh.
*****
Rada lila ingsreuk-ingsreukanana téh.
“Sok atuh diopi, Éna, kieu geuning di aing mah euweuh nanaon!” pokna bari nyusutan cipanonna.
“Cekap Euceu,” pok téh. “Gaduh wajit Bungbulang geuning, sok ngadamelan?”
“Puguh dikirim ku Kang Emul. Kamari tas ti dununganana cenah, ti kota. Balikna nyimpang heula meureun ka Bungbulang.”
“Emh, paingan. Dunungan Euceu ogé meureun.”
“Heueuh kasebutna mah. Tapi da aing mah can kungsi tepung. Nepungan henteu deuih,” Pokna deui.
“Naha?”
“Nyéta
embung riweuh. Jeung rék nanahaon deuih kudu nepungan sagala ari bisa
bérés ku Kang Emul mah. Ongkoh kumaha bisana aing nyarita jeung ménak.
Mun butuh tandureun mah aing sanggup.”
Kuring nyenghél,
maké aya rasa lucu. Tuda enya, ti baheula gé nyaritana ka sahandapeun
téh teu weléh ngaaingkeun. Teu weléh teugeug jeung heuras. Sainget mah
kitu ti baheula gé. Ti keur parawanna kénéh gé kitu ceuk nu arapal mah.
Jalingkak cenah. Jeung kolotna sorangan pagawéan téh gor-gar paséa. Tara
ieuh akur.
“Nuhun ari geus senang mah,” pokna deui.
Manéhna
muji-muji kuring, pédah boga nasib alus, teu siga Emin. Kuring tiba
imut. Hayang pisan ngabeberah manéhna ku béja-béja pikabungaheun, tapi
kuring beurat létah. Ngan cukup diterangkeun, yén kuring bisa siga
ayeuna téh lantaran milik nu kabeneran keur alus.
“Hayang euceu téh Si Lina siga Éna,” pokna dareuda. Kuring muji kana kapengkuhanana dina ngeukeuhan kahayang.
“Mun Lina jadi ka Arab, can tangtu siga abdi, Euceu!” témbal téh.
Manéhna kerung.
Kuring
ngadongéngkeun kumaha ripuhna jadi té-ka-wé. Pangpangna lamun geus boga
dunungan anu sableng. Lain baé meres tanaga siga ka sapi, tapi apan ka
urang téh sok nganggap abid nu hina euweuh hargana. Ngan hiji dua baé
anu boga anggapan yén jelema modél kuring sarua manusa nu kudu diajénan.
Nu matak kuring untung, rada alus milik. Sanajan henteu siga babaturan
anu sakapeung sok dibabawa pelesiran ka rupa-rupa nagara, atawa mun
hayang haji jeung umroh tara digeureuh-geureuh, kuring mah can nepi ka
nasib nu kasorang ku Emin.
“Mun Lina ngalaman siga Emin, Euceu rido?”
Manéhna ngahuleng.
“Tapi meureun Éna, nu siga manéh gé loba.”
“Seueur.
Tapi mun abdi dipiwarang milih antara kudu ka Arab jeung hirup saayana
di lembur bari haté senang lugina, mending cicing di dieu, Euceu. Alim
ka mamana. Hanjakalna jelema modél urang mah sok euweuh piliheun.”
Nyaéta,
najan enya siga nu ngarti, tapi témbong gurat batuna. Dikolongan ku
kuring, naha daék ngahampura Lina mun Lina daék balik deui ka lembur.
Éh, da pokna téh kalah nu lain-lain. Kajeun modar nepi ka tilu kali gé
cenah moal rék dihampura. Ku hal éta, kuring teu wani nepikeun maksud
nu saenyana.
Isukna, méméh ka Jakarta pikeun uras-urus
deui jeung pé-té, kuring nyimpang ka bumina Pa Jajang. Dicaritakeun naon
nu diobrolkeun jeung Ceu Anih. Pa Jajang ngarahuh. Lina nu harita kénéh
ditelepon, kadéngé balilihan.
Dina beus nu nyemprung ka
Jakarta, kuring milu ceurik. Lain baé nyeungceurikan nasib Lina, tapi
nyeungceurikan diri sorangan deuih. Mun téa mah bisa silih tukeuran
nasib, siga bisa silih tukeur tempat diuk dina beus, kajeun kuring aya
di tempat Lina, sarta Lina aya di tempat kuring ayeuna nu jadi té-ka-wé
sakumaha kahayang indungna.
Tepung téh keur papada umroh.
Lina ngahaja miang ti Virginia, lantaran di kampusna keur peré usum
tiris. Kuring gé kabeneran dibéré kasempetan umroh ku dunungan. Ngobrol
panjang lebar bari nyacapkeun sono, mikani’mat kaajaiban bisa tepung di
Harom.
Manéhna amanat, omat cenah mun balik ka lembur
pangolongankeun haté indungna. Da boh manéhna boh Pa Jajang, can aya
nu wanieun deui ngahaja nepungan. Ongkoh ku Mang Emul diulah-ulah cenah.
Mending indungna teu apaleun sakalian.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar