Si Beungeut Kapas
WELÉH
jadi pikiran manéhna, boa pamajikanana téh jodo nu salah dirangkepkeun
ka manéhna. Ari awéwé nu kuduna jadi jodo manéhna, jeung kuduna bagja
ngarangkep jeung dirina, ayeuna sarua keur sangsara dikakaya ku
salakina.
“Teu kudu panjang dipikiran. Bongan manéh mah siga resep
ngajomblo. Kurang kumaha pantesna Si Iis. Pék sing runtut raut. Ku Ema
didu’akeun. Sing adoh balai parek rejeki,” ceuk indungna basa
ngajujurung kawin.
“Tapi pan kudu bogoh, Ma!” témbalna.
“Bogoh? Tai pedut!” ceuk indungna, tiis alahbatan és.
Bogoh,
cinta, boa enya tai pedut. Buktina geuning si kuya, adina, anu
saméméhna bobogohan jangkep méh opat taun, ari geus pruk kawin mah kalah
hayoh gor-gar paséa. Can jangkep tilu bulan kawin, kalah tuluy
ngalabring ka KUA deui.
Iis, pamajikanana, ngageubra ti isuk-isuk
kénéh. Ku manéhna teu diganggu ieuh, da apal sok kumaha nyégagna.
Sapopoéna gé kitu apan. Sok saré ti soré kénéh. Kabiasaanana nu maranti.
Paribasa capé tas digawé ti isuk jedur nepi ka soré jedér. Tanaga kabéh
kakuras di pagawéan. Salaki ukur mamanis, ukur jadi rurumbé.
“Cing
atuh, da salaki téh boga kahayang. Hayang pamajikan satia, satuhu,
bakti ka salaki…,” ceuk manéhna hiji mangsa, bakat ku keuheul nempo
pamajikan unggal-unggal nyapirakeun.
“Ari Aang sorangan geus jadi
salaki? Kumaha bisana lamun keur dahar sapopoé baé Iis kudu milu banting
tulang? Kudu satia, satuhu? Kos jelema jejeg baé!” témbal pamajikanana.
Bep!
Nu
tuluy ngalangkang dina pikiranana, kantorna nu mecat manéhna.
Kalangkang batur sanasibna nu sok ruang-riung di pangkalan ojég bari
murukusunu nyumpahan pagawéan nu hésé disiar.
Tapi tara-tara ti
sasari, pamajikanana poé ieu mah kalah ngageubra ti isuk-isuk kénéh.
Keur peré kitu? Cuti boa. Ah, meureun enya keur boga waktu nyalsé ti
pagawéan. Diteuteup ku manéhna mani imeut nu nangkuban dina ranjang téh.
Ukur didaster ipis. Beungeutna ayem pisan dina tibra, teu karuruban ku
buukna nu ngahaja dibuntut-kudakeun. Birahi jaluna ujug-ujug nguniang.
Awak
sampulur. Najan umurna ampir jejeg tilu puluh taun, tapi lebah dieu mah
pamajikanana kaitung bisa ngajaga awak. Turug-turug teu kabiruyungan
boga anak. Teu kungsi nyusuan atawa ripuh ngurus budak. Teuing saha nu
gabug, da boh manéhna boh Iis papada embung dipariksakeun tiheula.
Kaharti mun awak seseg kénéh téh, boh nu pangtukangna boh nu
panghareupna.
Beungeut, nya teu nyungsang-nyungsang teuing sakitu
mah, jajar pasar baé. Bener ceuk indungna, pamajikanana téh mun
ditelek-telek mah aya sarina ogé. Jaba bisa dangdan, bisa nuturkeun
gaya. Manéhna mésem, bari ti tatadi teu incah tina lawang panto kamar,
siga style director keur ngimeutan modélna. Bet aya kereteg dina haté leutikna, kuduna mah sukuran boga pamajikan ….
“Keur
naon?” ujug-ujug nanya kitu pamajikanana téh, panonna mélétét. Bet teu
kaciri waktu beuntana. “Hayang numpakan mah ka dieu wé, teu kudu
nungguan dititah,” pokna deui saguluyurna.
Manéhna rampang-reumpeung. “Peré? Sisinarieun teu gawé!” pokna.
Tapi pamajikanana kalah malik nanya, “Tadi peuting ka mana?”
“Di Ema, maturan. Karunya, Apa keur ka Indramayu,” témbalna.
“Paingan. Iis mah ngalembur di kantor, nepi ka subuh!”
“Nya aya pagawéan naon?” manéhna ngadeukeutan ranjang.
“Teu digawé. Ukur maturan si bos bagadang.”
Manéhna
ngarandeg. Rey ulatna robah. Gilek balik kanan. Gejlig kaluar ti imah.
Sigana téh keur manéhna mah mending adu hareupan jeung bagong.
Ti
harita, tilu minggu manéhna teu balik ka imah. Mun teu di imah indungna,
ngulayab teu puguh laku, bari kakapeungan ngagawéan pagawéan nu
kapanggih sakasampeurna, nu bisa ngaganjel-ganjel kabutuhan hirupna
sapopoé. Aya nu nitah nyupiran. Sakali mangsa aya nu nitah mangoméankeun
pager imah nu ruag kadupak. Kungsi malah aya nu nitah mantuan nyieun
buku kas, keur laporan réhab sakola ka kantor dinas. Miminengna mah
hual-hiul di warung Unah nu jadi pangkalan ojég.
Indungna sok nanya, cara hiji mangsa waktu manéhna keur gigitaran di tepas imah, “Kunaon ari manéh? Kumaha Si Iis?”
“Ah, tai pedut,” témbalna. Gembréng kana gitar.
Nepi
ka antukna hiji poé manéhna tepung jeung awéwé nu sakarat, nu
beungeutna siga kapas, kawas tas disedot getih, di jajalaneun nu rada
hara-haraeun. Rék ka imah Haji Kodir manéhna téh tadina mah, katalatahan
ku Néng Imas, anakna si haji. Nitah mangjualkeun VCD player cenah, da boga gantina nu anyar, DVD player lengkep jeung home theater-na. Mun payu, pék baé cenah satengah-satengah. Soal harga kumaha manéhna. Bakat ku hayang ngésér nu heubeul kawasna.
Ti kajauhan ogé, éta awéwé téh leumpangna kaciri jajarigjeugan, siga nu tas mabok baé. Tapi sidik siga keur gering.
“Kunaon
enéng téh?” pokna nanya, hariwang bari ngadeukeutan. Manéhna
luak-lieuk, sugan aya nu séjén nu bisa kakolomkeun jadi batur éta awéwé
indit-inditan.
Tapi éta si beungeut kapas téh teu ngajawab. Tina
biwirna nu matak pikaresepeun lalaki, ukur embut, rada muringis. Ditanya
mindo, éta awéwé téh angger teu miduli. Ngan katara beuki ripuh baé.
Nepi ka antukna ngarumpuyuk di sisi jalan.
Geus nempo kitu mah
manéhna gé teu loba pertimbangan. Si beungeut kapas laju diboro rék
ditulungan. Untung awakna kaitung jangjing, teu matak hésé ngabopong.
Tuluy diperenahkeun di tempat nu rada iuh. Manéhna sakali deui
luak-lieuk, sugan baé éta awéwé aya nu maturan. Tapi tétéla euweuh
tanda-tandana.
Sanggeus sawatara lila ngalempréh, si beungeut
kapas nyarita laun jeung pegat-pegat, “Jajapkeun ka… jalan sakadang kuya
no… nomer 32,” reup peureum deui, bangun siga kasiksa. Pias beungeutna,
kapas kulitna.
Manéhna ngaragap dompét, kusiwel, tuluy dibuka.
Duit nu nyelap di dinya ukur mahi saongkoseun béca. Ras inget rék ka
imah Haji Kodir téa. Rék ti mana ngagantianana lamun duit nu aya dipaké
heula keur nganteurkeun ka jalan sakadang kuya? Tapi éta si kulit pias
siga kapas, piraku manéhna rék téga teu mikawelas. Antukna, barang nempo
aya béca ngalalar, gancang baé dieureunkeun.
Plét tempat kos imah
nomer 32 téh. Barang jol ka dinya gé, pangeusi plét tinggéréwék.
Bubuhan kabéh bikang. Si beungeut kapas digolérkeun dina matras nu teu
dirajangan-ranjangan acan, di kamarna. Asa teu merenah jadi kamar awéwé,
da sakitu paburisatna. Siga kapal pecah. Piring jeung gelas nu can
kaburu dikumbahan patulayah gigireun tivi jeung kulkas, pabaliut jeung
séndok nu laledok. Papakéan seuseuheun nambah-nambah rujit kaayaan di
kamar.
Ras ka imahna sorangan, nu sakapeung sok paburisat kawas
kitu da pamajikanana sok tara kaburu bébérés. Boh mun rék indit ka
pagawéan boh mun balik ka imah. Manéhna nu sok katempuhan. Dalah
dikumaha.
Manéhna karék wani bébérés sanggeus awéwé-awéwé pangeusi
plét tingkoléséd kalaluar, siga surti sorangan. Malah teu ieuh nungguan
katerangan ti manéhna, kumaha nepi ka éta awéwé nu sepa beungeutna
dibawa ka dinya. Nya disangka sahana aing? Gerentesna. Tapi teu ieuh
loba léléwa, da puguh manéhna gé bingung, malah kabingungna téh geus aya
ti saprak manéhna manggihan éta awéwé di jalan téa apan.
Siga
ragab pisan bébérésna téh, da puguh loba barang pakéeun bikang nu ku
manéhna kudu dijiwiran hiji-hiji. Diperenah-perenahkeun ngarah kamar teu
siga jarian teuing. Manéhna ogé nyempetkeun sasapu jeung ngepél.
Cangkang peremén, bungkus obat, jeung lambaran-lambaran buuk nu rontog,
nu patulayah dina kramik, dicomotan bari sabar. Sabot baranggawé kitu
téh, nu sepa mah tibra baé dina matras.
Siga nu linglung rék
nyingkah ti kamar téh. Rét kana érlojina. Manéhna garo-garo teu ateul.
Brek deui sisi kasur. Ngawani-wani manéh ngaragap tarang nu sepa. Nyecep
kawas batu kaibunan. Ari ragamang téh, leungeun si beungeut kapas
ngarayap kana pigeulangna, tuluy tipepereket nyekel réma nu ngaragap
tarangna. Panona mélétét deui semu seunggah rék beunta. “Nuhun…,” pokna
halon pisan. Reup deui. Leungeunna gé ngulapés deui.
Beuki bingung
baé manéhna téh. Tapi lila-lila mah pok ngaharéwos, ditompokeun kana
ceuli éta awéwé, “Abdi mios heula!” Tapi teu ditémbalan. Nu sepa angger
peureum, teu usik teu malik. Teuing saré teuing kapiuhan. Jung manéhna
nangtung. Léos kaluar. Ngan nyempetkeun heula keketrok ka kamar
gigireun. Lol awéwé geulis, nepi ka manéhna rada ngalenyap. Nu ieu mah
sakeureut jeung beungeut Nining Méida.
Pokna, “Punten dikantun heula. Pangréncangankeun wé. Hariwang, bisi kuma onam.”
“Har, moal diréncangan ku nyalira kitu?” témbal nu geulis.
Méméh ngajawab manéhna neureuy ciduh heula. Luas-lieus. Pok deui asa-asa, “Nu mawi aya peryogi.”
“Nya wios atuh, da sadayana ogé réréncanganana di dieu mah.”
Manéhna
geuwat indit. Kapaksa kudu badarat da eusi dompét teu nyesa
kencring-kencringna acan, kabéh dipaké mayar tukang béca nu ngajajapkeun
nepi ka imah nomer 32. Mangkaning ka jalan Satjadibrata téh kaitung
jauh. Jaba beuteung mimiti nagih dieusi. Panonpoé morérét. Lebu jalan
tingsulabreng, ngalengkepan kasangsaraanana.
Sapanjang leumpang
mapay-mapay trotoar, pikiranana cus-cos ka ditu ka dieu. Ka awéwé nu
beungeutna sepa, ka kamarna, ka rupana nu teu bisa disebut goréng patut.
Manis malah. Mun teu keur sepa, wani ngadukeun jeung Jullette Binoche.
Hanjakal awakna langsip pisan. Siga béak digorogotan ku panyakit. Ras
deuih ka imahna, ka pamajikanana.
Ngan ari kacipta beungeut
pamajikanana, ari rey téh sebel. Lebokkeun jurig siah! Sok kitu
ngupahanana lamun manéhna inget ka pamajikanana. Boa kawas manéhna nu
teu asa kaleungitan pamajikan, pamajikanana gé boa asa teu kaleungitan
salaki. Boa keur oléng jeung dununganana. Geus aya sataunna kikituanana
téh, bari manéhna teu boga kawani pikeun ngontrog. Boa geus teu di imah
ayeuna mah. Boa geus dibawa pindah ka imah pamajikan simpenan. Sugan aya
nelepon ka imah indungna – nyarékan-nyarékan atuh ka salaki nu
bangkawarah – éh, da lebeng.
Indungna nu hiji mangsa mariksakeun
téh, ngahaja dianjangan. Tapi imahna ngonci cenah. Éta téh ngahagalkeun
nganjangna pasosoré, da diajam nu rék dilongok geus mulang ti pagawéan.
Ditungguan nepi ka isa, berekah cenah euweuh nu balik.
Antukna mah
dina ingetanana selang-seling, antara beungeut awéwé sepa jeung
beungeut pamajikanana. Sakapeung si beungeut kapas robah jadi widadari
rancunit nu maké mahkota kembang dina sirahna, ari pamajikanana robah
jadi kuntilanak nu pangpikagilaeunana.
***
BEREKAH, hirupna ti poé ka poé siga euweuh robahna.
Ku
indungna seubeuh dicarékan béak lening. Majar téh kumaha bisa ngurus
pamajikan mun ngurus diri sorangan gé teu becus. Ceuk haténa, mani
euweuh kabosen hayoh baé nyarékan. Mani euweuh pariasi. Lamun téa ku
indungna nepi ka diusir gé, sigana ku manéhna rék iklas diturut.
Unggal
jelema nu apal hirupna, euweuh hiji gé nu daék ngabéla, yén ieu kaayaan
téh lain saratus persen kasalahan manéhna. Asa hayang muragkeun bom
atum sakalian. Sugan aya kahirupan anyar nu méré kasempetan manéhna bisa
ngamimitian hirup nu walagri, sanajan kudu miang tina kasangsaraan siga
urang Hirosima jeung Nagasaki.
Waktu hiji mangsa ngalongok
imahna, geus aya deui baé pikakeuheuleun téh. Di panto geus ngagantung
tulisan nu teu bisa kasebut leutik. Sigana ti gang liliwatan gé bisa
kabaca ku nu ngaliwat. Tétéla tulisan pamajikanana nu teu leuwih alus
batan tapak cékér kuya. Unina, “Talak tilu sakalian!” Emh, kawas euweuh
jalan deui keur ngawiwirang salaki.
Ceuk pikirna, aing téh lalaki.
Piraku hayoh baé cicing diirik ku awéwé pantar pamajikanana. Sugan kudu
dilawanan deui ku talajak burung. Kapalang édan.
Trét nulis, dina
triplék panto baé, handapeun keretas. Siga budak sakola nu tutulisan
dina WC. “Dalah mun aya talak saparapat gé, najis aing méré!”
Gejlig, abur-aburan deui.
Dina
keur ngaberung kitu, dibéréan hayang ngalongok si beungeut sepa. Waktu
keur hadé poéna, pasosoré, ngahajakeun manéhna nganjang ka imah nomer 32
di jalan sakadang kuya. Tapi bet combrék. Diketrok sababaraha kali taya
nu muka panto. Hordéng kamarna rékép pisan.
Nu kaluar téh kalah ‘Nining Méida’, tatangga kamarna téa. Cenah, “Tos angkat, A. Tadi tabuh tilu. Susul wé atuh ka ditu!”
“Kulan?” tangtu baé manéhna rungah-ringeuh. “Kedah disusul ka mana kitu?”
Giliran Ceu ‘Nining’ nu kerung, “Manawi téh apal. Biasa wé di Pitaloka. Da sok di dinya apan!”
Teu
réa carita, gancang amitan, bisi ditanya nu lain-lain ongkoh. Da sigana
ku éta awéwé téh manéhna disangka ‘salakina’ si beungeut sepa baé.
Sajajalan dikalangkangan ku pikiran-pikiran ahéng. Pitaloka! Saha nu teu
apal ka éta bar, tempat nu kungsi ngageunjleungkeun jalma sakota. Apan
di dinya walikota jeung sobatna, anggota déwan, kungsi karajia nu anak
buahna sorangan nu ngayakeun operasi yustisia. Kaambeu ku wartawan
Métro, digegedékeun. Nepi ka aya isu rék diayakeun pilkada ulang. Tapi
kasusna kaburu kasilep ku kasus korupsi Kepala Polresta nu sakompét daun
jeung koruptor Bank Binangkit, nu muncul heuleut saminggu ti saprak
walikota karajia.
Sabada tatanya, enya wé si beungeut pias téh
kapanggih keur gogoléran di kamar ganti nu teu béda jeung gudang. Keur
guntreng jeung batur-baturna nu ngagareulis dina euteung nu tingjareblag
némpél méh di sakuriling témbok. Ku satpam dijajapkeun ka dinya téh.
“Va, Mél, kalaluar heula nya. Hayang ngobrol jeung si Aa,” ceuk si beungeut sepa.
Babaturanana
mésem bari kalaluar. Tina dilakna kaciri teu bisa kakolomkeun awéwé nu
saroléh. Tapi haténa ngagerentes, nuhun Gusti, salira geus nyiptakeun
mahluk nu sakitu gareulisna.
Sanggeus lila tingharuleng, si
beungeut sepa nu ngamimitian nyarita, “Kunaon Aa ka dieu?” beungeutna
angger sepa, kanyos, ngan keureutanana baé anu rada nyari téh. “Apal ti
saha?”
Manéhna ukur imut. “Ka sakadang kuya heula tadi téh.
Dituduhkeun ka dieu. Panasaran, hayang nyusul. Tapi punten bisi
ngaganggu. Ehm… sanés, sanés badé nagih hutang!”
Si beungeut sepa
bisa kénéh nyikikik, bari neuteup anteb pisan. Celekit nyiwit, jendil.
Siga teu inget mun manéhna keur gering. Diukna ngésér, pagégéyé, bari
teu asa-asa ngaranggeum ramo lalaki nu karék dua kali tepung jeung
harita. Sirahna antukna di sampaykeun na taktak nu ngalongokna.
****
BEREKAH,
teu kungsi rambisak-rambisak acan, waktu suster ngabéjaan yén si
beungeut sepa geus euweuh dikieuna téh. Manéhna ukur tungkul nguyung.
Atuh waktu jajap ka kuburan, kitu baé, guyub jeung batur. Teu ieuh
nenggangkeun manéh. Keur gé kabéh nu jajap siga sahinasna baé. Bororaah
témbong kaleleban, dalah ngarasa sungkawa gé sigana biheung. Siga ukur
hayang némbongkeun sarat kalumrahan, yén piraku nu rék dipendem euweuh
nu ngiringkeun-ngiringkeun acan. Baju hideung nu diparakéna gé, siga
sarat formal, teu béda jeung nu rék kaondangan kudu dibatik atawa
dikabaya. Ku alatan éta, mun téa manéhna ngabédakeun manéh téh, boa
matak hémeng batur. Meureun pada nanya di jero haténa, nya saha meureun
manéhna téh?
Carana ngubur si jenat gé nya kitu baé. Asal cumpon
sarat jeung kawajiban nu hirup. Bérés. Euweuh nu nyengceurikan atawa
kanyenyerian. Euweuh nu jajap ku kekecapan panganggeusan. Sanggeus
ngawurkeun kekembangan, bring baé marulang. Teu nogéncang henteu
nineung.
Enya manéhna rada mandeurikeun manéh, tapi da teu
katutuluyan. Sanggeus nempo yén éta kuburan pantes disebut kuburan
jelema, manéhna gé tuluy lunta. Ngan henteu laju balik, boh ka imah
indungna, boh ka imahna sorangan, atawa ka warung Unah tempat
nangkringna. Ngaléosna ka blok séjén astana. Aya kuburan anu sok katempo
agréng ti sisi jalan, tur geus lila jadi kapanasaran manéhna mun pareng
ngaliwat ka dinya, nya kuburan saha éta.
Semet panasaran. Da teu
ilahar jelema panasaran ku kuburan tuluy ngahaja datang ngimeutan. Mun
ayeuna ku manéhna ngahaja dilongok, pédah baé kagok aya di astana,
sakalian hayang anteng ngalamun. Mun di imah indungna tangtu digambréng.
Mun di warung Unah tangtu diseungseurikeun. Ari di imahna sorangan, asa
betah kénéh di kuburan.
Éta kuburan téh sigana kuburan jelema
beunghar, da marmerna sakitu gugurilapanana. Disaungan linduh pisan.
Kuburan kembar, sarua marmerna, saru wangunna, saru gedéna, ngajajar
siga meunang merenahkeun rapih pisan. Nu béda téh ngaranna. Nu hiji, H.
Nugraha Alamsyah, lahir 1924, wafat 1992. Nu kéncaeunana, Hj. Saonah
Nugraha, lahir 1930, wafat 1992.
Manéhna nyureng, niténan bulan
maraotna éta dua jalma. Ukur béda sabulan horénganan. Nu lalaki Oktober,
nu awéwé Nopémber. Boa salaki pamajikan. Nilik kana ngaranna mah teu
mustahil. Mun kitu téh, salaki-pamajikan nu bagja, bisa mulang ka
kalanggengan patutur-tutur. Loba contona apan, salaki-pamajikan nu
hirupna runtut raut, maotna sok patutur-tutur, da nu hiji sok kaleleban
mun pasanganana ninggal.
Teu karasa manéhna imut leutik.
Paingan
mun ditingali ti sisi jalan éta kuburan siga komaraan, da meureun nu
ngeusianana gé, pantesna, jalam-jalma nu kungsi bagja hirupna. Jeung
tangtuna rundayanana gé jarugala, da piraku nu masakat mah ngahajakeun
ngawangun kuburan sakitu agréngna.
Rada lila manéhna di dinya,
ngadon kulantang-kulinting ukur niténan kuburan batur. Bari
sakapaeung-sakapeung jol timbul pikiran, lamun manéhna maot nya rék siga
kumaha kuburanana. Da geuning siga euweuh jelema nu nyaah jeung nineung
ka manéhna. Dalah indung bapana gé geus nganggap manéhna jelema sésa.
Boa
nasibna bakal siga Éla, widadari ti Pitaloka. Sanajan bisa jadi manéhna
rundayan jelema aya – apan salakina gé pagawé Pémda cenah – lebah maot
mah ning cuang-cieung euweuh nu mikatineung. Ku saréréa pada nganggap
runtah nu taya hargana. Tong boro ku salakina – nu béjana kungsi
‘dikeureut’ mindo ku Éla lantaran nyimpen nu ngora, nepi ka bubulanan
ngerem di penjara – dalah kulawargana gé embung apal kumaha hirupna.
Ukur batur-baturna di Pitaloka nu daék ngarawatan.
Peutingna
manéhna huleng jentul di kamar plét, di jalan sakadang kuya nomer 32.
Ngumpul-ngumpul barang titinggal almarhumah, da meureun kudu dibérésan.
Kamarna tangtuna rék diséwakeun deui ka nu séjén. Manéhna nu katempuhan
kudu ngabérésanana. Da geuning babaturanana siga embung riweuh, cukup
masrahkeun ka manéhna nu saenyana ukur katempuhan baé, alatan kungsi
nulungan di satengahing jalan. Leuwihna téh meureun, kungsi popoéan
marengan di rumah sakit, waktu Éla sakarat.
Bosén huleng jentul,
tuluy sabisa-bisa bébérés kamar. Ngumbahan wawadahan, mérésan papakéan,
ngepél, naon ku hanteu. Sabada nganggap euweuh deui nu bisa dipigawé,
tuluy keketrok ka kamar ‘Nining Méida’ – horéng ngaranna téh Sévi cenah –
bébéja rék balik heula, bari rék ngabéjaan yén barang-barang Éla nu
bareurat mah rék isukan baé dibawana. Nu digémbol jeung dikardusan
harita mah ukur papakéan jeung barang-barang kolontongan.
Tapi
kamar tatangga siga nu simpé. Karék sanggeus tilu kali diketrokan, nu
ngeusianana ngelol dina panto. “Punten, nuju kagok!” pokna. Témbong
matana nu cureuleuk rada beueus.
“Nuju naon kitu?”
Sajongjongan mah kalah ngabetem. Tapi teu burung ngajawab, “Diajar solat!”
Bet
jorojoy aya niat mawa barang-barang Éla ka imahna. Peuting-peuting gé
ngahaja balik. Hareupeun panto imahna manéhna ngajengjen, barang
mireungeuh panto geus racét pinuh ku cocorétan. Teu ieuh hayang macaan.
Nepi
ka janari leutik mah manéhna nyileuk baé bari melong gémbolan jeung
kardus nu diringkid ti kamar Éla. Éta babawaan téh jadi nunggelis di
rohangan tengah da ampir kabéh parabot di imahna geus teu nyésa, duka
dikamanakeun ku pamajikanana. Ukur ukulélé nu senarna kari dua, ngagolér
di tengah imah. Pamajikanana siga hayang nyindiran, mun harta
hiji-hijina ti manéhna mah ukur éta barang, nu unggal waktu sok dipaké
gegembréngan.
“Lagu Él-nadom téa ning….,” dumadakan kapireng deui
haréwos Éla, waktu hiji peuting manéhna maturan si beungeut kapas di
rumah sakit. “Anak adam….!” sorana haroshos.
Ukulélé nu ngagolér
di tengah imah ku manéhna dirongkong. Senar nu dua disurup-surupkeun.
Tapina, manéhna teu laju ngalagukeun pupujian Anak Adam ti Él-nadom, da
cimatana kaburu ngeclak kana watangan.***
Gordah, 2006
Tidak ada komentar:
Posting Komentar