CAHAYA NU NGABELESAT
"Wa, iraha bade ngaos ka Gunung Puyuh?” kuring nanya ka ua.
Ua henteu ngawalon, bet socana mencrong lami. Aya kacangcaya jeung kaheran sumorot dina heherangna.
“Ci
ngiring, Wa!” deui-deui kuring ningal soca ua ngaborelak semu
mureleng. Ua kuring nu ieu memang gede ambek, komo lamun aya hal nu
patalina jeung kamulyan Islam. Pasti. Tangtu, ua teh teu percaya ka
kuring nu tukang ulin. Samarukna meureun kuring teh rek milu ulin
wungkul, pelesiran ka kota Sukabumi. Ah ua, naha hilap, kapan kieu-kieu
oge kuring teh juara lomba doa-doa jeung juara pidato Islam. Enya,
baheula, waktu kuring diajar ngaji di masjid, kapan ua ketua DKMna
nuluykeun tapak lacak aki. Ua nu dipikagimir, dipikagigis ku ceplak
pahangna, sorongot ambekna, jeung ngulit bawangna, ku jalma-jalma nu teu
resep kana Islam.
“Ci mah bade ngiring ngaos Wa di
Syamsul’Ulum. Saurna aya ‘tablig akbar’, nu tablegna ajengan petingan
ti Gunung Puyuh?” Ua ngarindat ayeuna mah. Anjeunna cengkat tina
calikna. Ningalian kalender. Katingal aya angka nu dibuleudan.
“Asal
entong ngerakeun Ua! Tah malem Jumaah minggu hareup. Siap-siap we.
Engke babarengan jeung jamaah ti Nagrak.” Ua nerangkeun tapi oge
ngomat-ngomatan.
“Ngga. Nuhun nya Wa.” Kuring nyium tonggong leungeunna bari ngarenyu, tuluy ngaleos ka dapur, ngabantuan ua istri
masak keur buka bersama di masjid.
Ua,
ua, maenya motretan ajengan teu kenging? Tataros aeh, wawancara teu
kenging? Seselendep ka dapur bari milu ngobrol jeung mungkusan dahareun
jeung ibu-ibu, teu kenging? Milu nyumbang lagu kosidahan jeung
pipilueun nepak kitimpling, teu kenging? Atawa milu ngobrol dina
riungan santri lalaki, teu kenging? Hararese atuh yeuh. Kuring kudu
neangan cara keur engke, sangkan diuk anggang jeung jamaah ti Nagrak.
***
Enya
bae, jamaah meni moyeg ngabudeur podium. Para sesepuh pameget jeung
tatamu pameget caralikna di beulah katuhu, para sesepuh istri jeung
tatamu istri di beulah kenca. Di tukangna ibu-ibu jeung bapa-bapa
jamaah ti budeureun pasantren jeung nu datang ti jauhna. Rampak, hempak
minuhan kalang, minuhan lapang. Santri-santri istri-pameget kitu
keneh, diukna marisah.
“Ci, kamana? Entos di dieu jeung ua …” ua istri terus rasa waktu kuring cengkat.
“Aduh, kin heula, Wa. Hoyong kahampangan!” ceuk kuring nyengir.
“Hih, budak teh. Sakalian bari wudhu. Pan engke rampak maca kur’an jeung solawatan.”
“Muhun.” Tembal kuring bari pupuntenan ka jamaah lianna, da kaliliwatan.
Jauh
tina kalang, handapeun caringin kurung. Kuring nyeuseup hawa jero
pisan. Meni bungah, bisa nempo jamaah ti jauhna. Lain, lain kuring
hayang misahkeun maneh ti eta para jamaah, tapi kuring sok ngahaja
neuteup liudan jalma dina ritualisme agama Islam. Kuring sok
ngararasakeun nu nyeredet kana hate: kareueus, kaketir, kakelar. Komo
lamun geus aya sora-sora doa jeung kalimah-kalimah suci nu mumbul,
ngajaul, ngawun ka langit paul. Masya Allah. Hate kuring endag, rasa
kuring ngeleter-gumeter ngalimba dina kahidmat jeung kasahdu nu pohara.
Teng…
lelembutan kuring ingkah sajorelatan. Harita keneh cipanon minuhan
kongkolak. Sereset aya kasono tan wates wangen. Dada eungap, napas
sesek. Biwir kuring nyambat salira… Ya Muhammad. Kuring sok
ngabayangkeun, yen kuring teh jamaah nu hirup dina jaman anjeun. Kuring
teh meureun bisa ningali rarayna, neuteup imutna, ngadangu halon jeung
halimpu soantenna, nyium tonggong leungeunna –siga ka ua bae--,
nyepengan gamisna… Ah, ah, ah, honeng pohara, ieu kuring…
Waktu
salam bubuka ti panitia diwalon ku jamaah, kuring ngarenjag, sadar
tina lamunan. Atuda meni handaruan, tuluy sora-sora teh mancawura ka
langit nu ditempelan mangrebu bentang. Buru-buru kuring ngaluarkeun
kamera tina tas. Kuring nyokot gambar nu endah ceuk pangrasa kuring.
Kalang nu hurung mancur ku neon nu aya puluhna, nyumiratkeun cahaya
semu biru-semu koneng-semu beureum ngalingkupan eta tempat. Siga aura
nu ngabentengan tina lampah jahat setan nu turun ti langit rek ngagoda.
Kelir eta pakalangan, kuta nu pinuh ku cika-cika nu siga diamparkeun
dina hihideung peuting. Emh, Subhanallah, endah, endah.
Unggal juru ku kuring dipotret, jarak jauh-jarak dekat
nyokot objek teh, ah kumaha kahayang jeung gerentes hate bae. Teu, teu
kungsi diajar motret, ieu mah naluri bae, naluri nu kasedot tina unik
jeung endahna fatamorgana alam jeung manusa, nepi ka bisa ngagerakkeun
daya estetis kuring.
Waktu ajengan petingan ngamimitian
tableg. Ya Alloh, kuring kapincut. Kapincut ku daya pikatna nu pohara.
Pamorna, ngabelesat mumbul ka langit. Bet kuring katarsis…milu mumbul
jeung harismana, milu ulin dina pasehat nyariosna…
***
Taun 1925.
“Saha ieu teh?” Haji Zen naros ka hiji pamuda.
“Abdi wasta Adang Abdurrahman. Gaduh maksad masantren di dieu, ajengan …”
“Geus boga pagawean, geuning eta dina tanggungan naon?”
“Sumuhun, kolontongan…manawi. Diajar..”
“Heueuh… alus.”
Pamuda nu ngaranna Adang teh ti harita nganjrek di eta pasantren. Unggal dua minggu sakali neang barang bari ngiderkeun, cenah.
Haji
Zen ngarasa katarik ati ku eta pamuda. Anjeunna boga maksud mulung
mantu eta pamuda kanggo putrana nu ngaran Siti Asiah. Waktu Adang
ditangkep ku pulisi pamongpraja, Haji Zen nu ngajamin jeung
ngaluarkeunana.
“Naha geuning hidep teh kader SI, bener eta teh?”
“Sumuhun.”
“Geus sadia ari kitu mah nanggung sagala resikona?”
“Sumuhun.”
“Sok milu kumpulan di Sukabumi?”
“Kantenan.”
“Alus.
Mama ge satuju kana fatwa-fatwa Kiyai Haji Ajengan Ahmad Sanusi teh,
tah. Geus puguh kana urusan zakat-fitrah mah. Beu! Maenya ari kaom nu
hakna ngalamot curuk, ari pamarentah jeung amil-lebena meunang 30
persen. Eta deuih, panuju, lah, Mama mah. Ku ketakna nu ludeung teu
gimir ka Gubernur Jendral jeung kaki tanganna! Edas! Bener pisan!”
cenah bari gogodeg bari cruk-crek.
Katarik atina Haji Zen
beuki bae ka pamuda Adang. Ahirna, kauntun tipung katambang beas, Adang
Abdurrahman teh ditikahkeun ka putrana nu istri tea, nu kakarek yuswa
14 taun.
Adang nu aktif dina SI, waktu Ajengan Sanusi sakaluarna ti penjara Batavia ngadegkeun AII (Al Ithadiyatul Islamiyyah),
golakna getih nenjo kakawasaan jeung kasawenangan nu sakama-kama ti
pamongpraja kaki-tangan Walanda, nyedot rasa sinatriana. Adang jadi
anggota eta pakumpulan.
Waktu Adang di panjara di Sukabumi
kota, nya harita inyana pependak langsung jeung eta kiayi pamingpin
jeung panangtayung umat, Kiayi Haji Ajengan Ahmad Sanusi. Amprok
jonghok pinuh kaisin jeung hormat tilawat pinuh karumasan.
Ieu
Kiayi Haji Ajengan Ahmad Sanusi teh… Socana nu seukeut, rarayna nu
beresih, pamorna nu kongas, ngagambarkeun kawijakan, kapinteran,
kapamingpinan, kaludeung, jeung katakwaan hiji ajengan nu kakoncara.
Adang ngabatin.
Sanajan amprok ngan sajorelatan tapi
amanah perjuangan terus digedurkeun tina waktu nu ngan sakolepat,
utamana mah masalah pulitik kabangsaan jeung kamerdikaan. Hal eta pisan
nu ngalantarankeun Adang dicap jalma bedang ku pamarentah, sakumaha
perjuangan Kiayi Haji Ajengan Ahmad Sanusi: kabangsaan jeung
kamerdekaan! Panjara henteu jadi pangrangkeng jiwa. Lantaran kabebasan
nyampak dina cita-cita.
Patepang nu sakedap tapi lir
cahaya nu ngabelesat tuluy puyar ngahibaran bungking. Patepungna sareng
eta Kiayi lir cahaya, nu ngabelesat dina ketak ngagedurkeun sumanget
jihad, nuduhkeun jeung nyaangan umat ku bebeneran ajaran Islam.
Adang
beuki hurmat beuki reueus, kitu deui mitra saperjuanganana, anggota
pakumpulan, santri-santri jeung murid-murid, katut rahayat Sukabumi
umumna, waktu Kiayi Haji Ajengan Ahmad Sanusi dijungjung lungguh jadi
anggota BPUPKI, nu ngadegkeun dasar-dasar kanagaraan nu daolat jeung
merdika, sanajan enya jalanna mah ti Si Kore, Jepang.
***
Acara
tableg akbar lekasan. Ua riweuh, rarayna geunteul –keur mah katirisan,
maju ka janari he..he..he..--, halisna kerung tanding maung, jamotrot
bade amprotan. Ua istri milu kaseukseukan. Jamaah ti Nagrak taya nu
lemek, kasima ku nu ngulit bawang.
Ci norojol ti
antara santri istri. Kamerana disorotkeun ka nu nuju bendu. Ceprot,
burinyay…! Ua gigisik, teras kuram-kireum. Dina socana pinuh warna nu
nyerabkeun titingalianana.
Waktu ua sadar, socana molotot lambeyna bade nyeuseul. Tapi Ci kaburu ngaharewos:
“Wa… Ci ningali Aki sareng Ajengan Gunung Puyuh!”
Ua hareugeueun. Hilapeun kana benduna. Anjeunna teras takbir: “Allahu Akbar!”, cenah semu ngeleter…***
Tawis kareueus ka Ajengan Gunung Puyuh:
Kiayi Haji Ajengan Ahmad Sanusi, alm.
Sukawangi-Parongpong, 17 Romadon 1425 H
01 November 2004 M
Dimuat dina Cupumanik, dimuat deui dina Lir Cahya Nyorot Eunteung.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar