ISUKAN REK DIWISUDA
Nu tacan dicobaan teh toga jeung jubah wisudana. Lalaunan dikaluarkeun tina plastikna. Lah, ieu mah teu kudu disetrika sagala, ambeh kaciri sipatan urut nilepanana. Manehna seuri sorangan, kagugu ku pikiranana nu dusun. Rap topi togana dipake. Aduh meni gagah kieu ieu kuring, komo mun geus dijubah meureun… biwirna kunyem tuluy ngarenyu.
Tapi… aya nu leuwih anteb deui kareueusna. Lain, lain tina penampilan pisik nu ayeuna katenjo dina eunteung. Tapi di dieu yeuh, dina hate jeung rasa nu teu katara. Reueus, agul, ka dirina pribadi. Reueus, agul, pangpangna mah bisa ngabuktikeun ka mamah, yen bari kawin oge manehna bisa beres kuliahna tur lulus jadi sarjana.
Ah mamah, aya keneh teu kareueus ka Dikdik teh? Teu karasaeun
panonna beueus. Aya kacangcaya dina hatena, rasa indungna beda jeung
baheula…
“Tos atuh, A, meni dicobian wae. Tos gagah, tos pantes, panutan.” Sora lemes ngageureuwahkeun lamunanana. Pamajikanana imut.
“Neng…hampura Aa…” Biwirna embut.
“Kanggo naon, A?” Pamajikanana malik nanya.
Teu dijawab ieuh ku manehna. Panon jeung panon paamprok. Sarebu rasa
dipentangkeun ku manehna. Sarebu karumasa ditepakan tina teuteupan nu
beueus. Pamajikanana nampanan eta rasa jeung rumasa. Panonna oge beueus.
Duaan paungku-ungku. Cipanon bedah. Karasaeun cipanon pamajikanana
maseuhan dadana, nembus jas jeung kamejana. Cipanon manehna ngeclak kana
buuk pamajikanana.
“Euleuh, Kang, jasna baseuh. Pan kanggo enjing?” Pamajikanana
ngaleupaskeun rangkulanana. “Tuh pan, dasina oge jadi kusut… urang
setrika deui ku abdi…”
Leungeun pamajikanana ngudaran jasna, tuluy ngudaran dasina, tuluy
kamejana. Diantepkeun ieuh ku manehna. Manehna ngarasa yen pamajikanana
ihlas pisan jeung ngarasa sugemaeun ku sakitu oge.
“Teu kudu disetrika deui, lah…”
“Wios atuh. Kapan enjing abdi teu tiasa jajap. Ayeuna bae ningal
jeung ngusap sawaregna simbul kasarjanaan teh. Etang-etang ngiring
jajap…” Surti manehna ge, katembong pamajikanana nyumputkeun beungeut,
nyumputkeun deui cipanon nu rek bijil.
Emh deudeuh, bageur. Mun tea mah…
Pamajikanana indit ninggalkeun bari mawa baju jeung perlengkapan keur isukan, rek disetrika deui cenah. Mun tea mah puguh…
Pleng… pikiranana nyeot tarik pisan. Jelengeng ceulina katorekan.
“Dikdik! Mamah moal jeung teu narima maneh kawin bari kuliah!” Sora indungna lir supata.
“Mah, mugi sing ngartos kana kondisi Dikdik?!”
“Ngareuneuhan eta budak, maneh teh?”
“Naudzubillahi…Gusti! Teu pisan-pisan, Mah. Pan tos dijelaskeun ku Dikdik?!”
“Teu kaharti! Indit maneh ti imah ieu! Anak aing mah Adhika Kaneswara keur kuliah! Tur balik deui ke geus jadi sarjana!”
“Mamah!” Gebrug! Panto kamar digebrugkeun tarik pisan, minangka jawaban panggero manehna.
“Dik, hampura Akang.” Lanceukna, samar rampa.
Kang Dadan teu bisa disalahkeun. Kang Dadan lain teu bisaeun nyekel
rusiah deuih, tapi mun waktuna rusiah kudu betus, pasti betus. Kumaha
deui. Lanceukna dipelong sakeudeung. Tuluy manehna cengkat, ninggalkeun
imah bari mawa raheut nu gudawang.
Emh Mamah… cenah indung teh sagara kanyaah lautan hampura. Geuning
indung kuring mah kitu, hatena ngagerentes. Teuas alah batan cadas.
Ngajungkiring lir karang di sagara nu teu kaendagkeun ku kecap
ampun-hapunten.
Emh mamah…Dikdik ge terang mamah teh kuciwa dua kali. Sakali ku Kang
Dadan nu kateug kuliahna lantaran mulang mawa pamajikan; Teh Iis.
Ayeuna ku Dikdik. Tapi… naha Mamah teu mirosea kana kasang tukang Dikdik
nu nandonkeun pati ku ayana eta kajadian? Sakitu tos dijelaskeun oge ka
mamah teu sirikna nepi ka ceurik getih ceuk paribasana tea mah?
“Irrasional! Aneh! Teu mungkin!” ceuk mamah harita. Komo Dikdik nu
ngalaman sorangan, Mah! Asa hirup asa henteu. Tapi Dikdik teh lalaki,
Mah. Dikdik boga keneh jajaten keur nyanghareupan eta masalah nu kacida
beuratna.
Geuning Mamah teu percanten kana takdir, kaasup kana
jodo-pati-bagja-cilakana. Kapan eta teh tos aya ti ajalina. Kanggo naon
atuh Mamah rajin ka pangaosan? Malih janten pangurus sagala?
Duh Mamah, hapunten Dikdik. Ya Allah, hapunten pun biang nu teuas.
Abdi ngartos kumaha kuciwana pun biang. Abdi ngartos kumaha
pengorbananana. Hiji kapala sakola SD nu tihothat nyakolakeun para
putrana saditilarna pun bapa. Abdi ngartos, Gusti. Tapi saha nu hayang
deuih ngalaman nasib siga abdi ayeuna? Hatena noroweco. Cimata Dikdik
ngalembereh dina beus nu nyemprung ka Subang-keun
“Cep ongkosna!” Kenek ngageureuwahkeun. Kusiwel manehna ngaluarkeun
dompetna. Kari sakieu deui, sesa nu nyelap dina dompetna, honor ngajar
di SD. Song di ka kenekkeun, pulanganana diasupkeun kana saku calanana.
Emh, untung pamajikan jeung mitohana sakitu narimana.
Leng deui Dikdik kana ulekan lamunan. Enya, sasat digusur kawin teh.
Harita manehna keukeuh nolak, tapi masarakat… iyy pikasieuneun. Panyana
teh dina dongeng aya adat siga kitu teh, tapi geuning nyata ayana tur
kaalaman ku manehna. Nepi ka diriungkeun sagala ku kepala desa, manehna
jeung masarakat di dinya.
Lain hayang atuh KKN di dinya teh. Da kitu beunang ngatur ku lembaga
di universitasna. Lain hayang deuih deudeukeutan jeung parawan di eta
desa teh, da eta mah sasat ngalaksanakeun program kelompok. Kapan
mahasiswa nu KKN teh kudu bisa ngarangkul pamuda-pamudi eta desa sangkan
program bisa kalaksanakeun tur tujuan KKN kahontal. Tapi geuning adat
nu keras, timburu sosial ngajiret manehna kana lembaga perkawinan nu
kapaksa.
Enya, lain taya rasa, da naksir-naksir wae mah wajar meureun. Tapi
dina pandangan masarakat di dinya, deukeutna manehna jeung kembang desa
teh dihartikeun leuwih, malah salah. Komo ku para pamudana mah.
“Kumaha deui, Sep. Adat di dieu mah kieu.” Ceuk Kepala Desa semu seunggah.
“Jadi?”
"Asep kudu nikah jeung Neng Ai!”
“Teu sanggup, Pa. Duka pami ke tos wisuda mah…”
“Asep teu karunya ka kulawarga Neng Ai nu tos cemar? Dideukeutan ukur pikeun diheureuykeun?” Kepala Desa maido.
“Abdi teu rumasa ngaheureuykeun! Di Bandung mah wajar bae pergaulan
silih pikawanoh mah. Komo bari taya kajadian nanaon antara abdi jeung
Neng Ai!” ceuk manehna tandes nolak.
“Ieu di Subang, Sep! Di dieu di Desa ieu …, sanes di Bandung!” Sora
Pa Kades naek.. “Upami Asep teu nyumponan kahayang masarakat di dieu,
Bapa teu ngajamin kasalametan Asep!”
Gebeg manehna. Teu nyana nepi ka kituna. Duh, bet maju jurang mundur jungkrang. Kudu kumaha pilakueun?
“Sep, Bapa mah moal nyungkeun nanaon tina hal mas kawin sareng
kipayah ka Si Eneng. Keun, nikah ge tanggungan Bapa, asal kersa bae.
Salametkeun Si Eneng jeung kulawarga Bapa…” Bapa Neng Ai carinakdak.
Ya Alloh, beurat temenan…
“Sep, Bapa saksina! Bapa nu bakal ngajamin jeung ngajentrekeun ka tuang ibu!”
Omongan Pa Kades ukur hawar-hawar. Lieur, muter, kaweur.
Kumaha aing? Kumaha pikahareupeun aing? Balik ka kampus ti KKN teh
kalah mawa pamajikan? Kamanakeun beungeut aing? Kumaha indung aing?
Kumaha kuliah aing? Sarebu pertanyaan ngulibek dina uteukna. Dadana
panas jeung eungap.
Gusti, naon salah abdi? Na aya adat-adatan goreng patut kieu? Lain
kadua nganuhunkeun kana pagawean mahasiswa nu KKN, utamana ka manehna?
Enya kapan manehna teh ketua kelompokna nu tisusut tidungdung mateakeun
program pikeun kamajuan di ieu desa? Harita manehna kutuk gendeng jeung
ngarasa hanjakal KKN di dinya. Untung cipanon bisa ditahan…
Na deuih bet tumiba ka manehna? Lain ka Si Jajang atawa ka Si Iyan?
Atawa ka Si Agus babaturan sakelompokna? Na bet tumiba ka manehna?
“Teu! Mamah teu narima ku dua ku tilu! Kahiji, maneh geus
ngabohongan mamah! Kadua, nguciwakeun mamah! Katilu, saha eta awewe?
Komo ukur sakola kaluaran SMP? Teu sudi boga minantu jauh kitu! Rek
kumaha saimbangna jeung maneh? Jeung kulawarga urang?”
Duh Mamah… nepi ka anggeus-anggeusan indungna teh. Biaya kuliah ge
pet bae dieureunkeun. Bari titatarajong, manehna nuluykeun kuliah nu
kari dua semester deui. Ngabayuan anak-pamajikanana ku gajih honorer
guru di SD di lembur pamajikanana bari ngabeyayaan kuliah, emh beuratna.
Tapi manehna nguat-nguatkeun maneh; nawekal. Enya, ayeuna si cikal keur
meumeujeuhna lucu. Geus bisa hao-hakeng. Buah tina kapaksa teh geuning
kabagja sanajan dina sagala nu kawatesanan.
Sataun satengah ti sanggeusna kawin, Alhamdulillah ayeuna manehna
bisa ngarengsekeun skripsina, tur dua minggu katukang geus ujian
sarjana. Lulus suma cumlaude.
Isukan rek diwisuda. Pamajikanana geus pasrah moal milu ka Bandung.
Ngangres hatena. Tapi ti batan jadi riributan jeung indungna nu keras.
Keun wios, engke bae diantosan kasadaran sareng kaleahan manah Mamah,
kitu omongan Si Neng. Ku bageur atuh pamajikan teh. Hampura, geulis.
Solat istihoroh terus dilakonan, menta pituduh pikeun kabimbangan
hate kumaha ka indung kumaha ka pamajikan. Puasa Senen-Kemis mah komo
teu eureun geus sataun dilakonan, menta dibukakeun hate indungna.
Sanggeus acara wisuda rengse, di antara pagaliwotana rebuan jalma,
manehna sumujud dina lahunan indungna nu menta dihampura. Cipanon
indungna karasa ngeclak kana buukna. Sora indungna haroshos kadenge ku
ceulina...
“Dikdik, urang ka Subang bae heula. Mamah hayang nyaho incu di Subang…”
Gumebyar alam dunya kuring. Syukron Gusti! Alhamdulillahi…* **
Parongpong, 290309
Dimuat dina majalah Cahara Bumi Siliwangi No.3 Oktober 2009
Tidak ada komentar:
Posting Komentar