HUJAN DINA ULEKAN
Ahad
nu ngepris ku cihalimun. Panonpoé sungkan nyingraykeun rérégan.
Dangdaunan reumis cisocaan. Tingborélak tuluy murag. Di luar sepi lir
taya kahirupan. Gambaranana burem lir buremna eunteung nu ditiup ku hawa
tina baham, keprisna cihalimun mancawura jadi kristal-kristal ipis nu
ngalingkupan sawangan manéhna.
Enya manéhna nyawang tina
jandéla. Semet sakitu nu kasawang mah. Tapi gambaran suasana lir mélodi
nu dikését tina biola atawa boa tarawangsa? Séréséétttt…peurih. Tuluy
mokla nyakclak lalaunan tina juru haténa, minuhan juru panonna,
ngagaréndang.
Peuting tadi gé hujan teu eureun-eureun,
sapanjang jalan ngabaseuhan jas hujanna. Lir milu émpati kana haténa nu
teuing dimana. Kanyeri, kapeurih, kasangsara, kawirang nimbulan haténa,
nepi ka ingkah tina lungguhna. Motor diparkir di juru klinik. Cihujan
maseuhan rarayna nu pucet.
“Tétéh parantos siap?” sora suster ngageureuwahkeun.
Manéhna unggeuk.
“Geuning nyalira? Akang teu ngiring?”
Manéhna unggeuk deui.
“Aya tugas di luar kota, ngadadak”
“Mangga
atuh ari kitu mah…Ké dupi, engké nu nyandak motor saha? Teu kenging
nyandak kendaraan nyalira, da moal tiasa geura Téh. Kin bilih cilaka…”
“Muhun, pun paman ke badé ka dieu…”
“Euh... mangga atuh diténsi heula.”
Leng
manéhna ngalamun deui. Masih aya waktu, haténa sabil. Mending bolaykeun
baé. Dosa. Tapi mangbulan-bulan bari dina kaayaan teu siap méntal jeung
fisikna kumaha? Bisa ngamomotan saréréa, jeung utamana mah karunya ka
jiwa suci nu baris ngarandapanana.
“Rendah, Téh. Kirang mondok sareng barangtuang nya?”
Teu dijawab ieuh ku manéhna.
“Tos saum? Tadi tabuh sabaraha tuang?”
Manéhna ngajawab.
“Ayeuna dugi ka waktosna teu kenging barangtuang barangleueut.”
Manéhna unggeuk.
Pasén
narungtutan asup ka kamer pariksa. Saparasang-saparasang. Eum bagja
temen, dijajap ku nu mideudeuh. Pasangan-pasangan nu marahmay pamuluna.
Cahaya kabagja jeung harepan lir bulan dina rarayna. Manéhna imut
ingeteun baheula… kitu manéhna gé. Tapi ayeuna…
Saprak dua
minggu balik ti Wakatobi, sanggeus miluan acara budaya di ditu.
Harénghéng dina pikirna, dina dadana, dina beuteungna. Waktu manéhna
u-o-u-o borolo utah-utahan unggal isuk. Salakina bet cangcaya.
Kacangcaya nu ngaruntuhkeun kayakinan, ngaruntuhkeun ajén diri, jeung
ngaruntuhkeun martabatna salaku wanoja.
Teu ngarti. Naon
nu ngajadikeun manéhna kitu? Téga pisan mitnah pamajikanana sorangan?
Manéhna ngagerentes, cipanonna merebey. Manéhna gigideug sorangan waktu
salakina maléngpéng ku pertanyaan-pertanyaan nu ku manéhna teu bisaeun
dijawab. Enya, teu bisaeun ngajawab manéhna téh harita. Akalna siga nu
ilang, teu bisa méré jawaban. Ukur panon baé buringas neuteup nu keur
kasétanan. Keur naon ngajawab nu kasétanan?
Manéhna bari
areut-at tungtungna nyarita. Ngingetan waktu éta. Waktu nu éndah nu
kalarung saméméh ka Wakatobi, dina peuting nu samar cahaya tapi seuneu
ngagedur dina dada duaan. Dina humarurung nu tanpa wates wangen. Dina
borélak nu mumbul ka alak paul.
Tapi salakina mungkir.
“Teu rumasa!”
Manéhna
ngarénjag. Mun téa mah manéhna bisa ngajerit tur ngajeritna bisa meulah
langit. Manéhna rek ngajerit. Mun téa mah manéhna bisa ngocéak tur
kocéakna bisa ngaruntagkeun jagad, manéhna rék ngocéak. Tapi henteu.
Ukur eundeur nu nyababkeun jantungna teu kuat nahan momot rohaka, nepi
ka ngarumpuyuk… sakedapan ilang pangacian. Kapidara.
“A..apan ha..harita téh, ku A..akang teu di…” biwirna ngadarégdég ngingetan…
“Ceuk saha?” salakina nambalang.
Cipanon ngagarajag, cikésang tiis ngagarajag, jeung amarah nyedek gé ngagarajag…
Duh, Gusti…
“Téh, sakedap deui, kantun sajalmi deui pasénna. Mangga bilih badé kahampangan heula.” Suster ngingetan.
Manéhna
ngarénjag. Tapi teu wudu indit ka toilét. Bari teu nangan, bari
ngadégdég. Ngadégdég, lir aya nu ngageubig-geubig awakna nepi ka
ngagibrig.
“Téh, tenang wé. Moal nanaon. Yu ku abdi dijajap!” Suster nyanggap awakna nu rék ngoléang.
Lalaunan
lir ngarayap manéhna ka toilét. Lila hareupeun eunteung. Manéhna
neuteup beungeut sepa bari kanyos hareupeunana. Tungtung biwirna
disurihidkeun. Ukur garis nu melengkung lir nu ngajebéngan. Kasiksa
batin nu ukur tilu minggu méakkeun warugana. Cipanonna merebey deui,
gambar hareupeunanana jadi burem.
“Trok! Trok! Trok!” panto toilét aya nu ngetrok, “Téh parantos? Tos dipanggil ku dokter!”
Rénjag deui manéhna, gibrig deui awakna lir nu muriang. Sanggup teu kuring? Kudu sanggup! Tapi…Kudu sanggup! Tapi …
Nu
padungdengan dina batinna teu suda-suda, tapi sukuna ngaléngkah
nyampeurkeun suster, nyampeurkeun rohang prakték dokter. Gék diuk dina
korsi hareupeun dokter. Ukur wasa nempo kuyem biwirna, teuing
ngomongkeun naon. Teu kadéngéeun ku manéhna. Ku suster tuluy digondéng
dibawa ka kamar tindakan. Tan sora lir robot manéhna nurut kana
paréntahna.
Sanggeus ucul-ucul, pasrah manéhna digolérkeun
dina kasur husus. Pon kitu waktu sukuna dijagangkeun. Pon kitu waktu
pakakas ditapelkeun kana irungna jeung kana leungeunna. Teu karasaeun
ieuh jarum nu ditojoskeun kana urat nadina mawa obat bius kana getihna.
Cangkeul, cangkeul, cangkeul, manéhna teu kuateun hayang ngenyedkeun nu
cangkeul dina pigeulangna.
Tapi lir nu taya tanaga leuleus
satulang sandi. Antara sadar jeung henteu, manéhna nyambat akina,
karasaeun cipanon mapay juruna tuluy mapay palipisna. Antara sadar jeung
henteu manéhna nempo beungeut salaki nu tiis lir és nu ngabeku, tapi
sorot panonna ngaléntab lir létah seuneu nu dipecutkeun ka manéhna.
Peuriihhh… Tuluy manéhna ngalayang, duka di langit nu mana. Waktu
kakalayangan manéhna ningal akina nu neuteup bari imut bari leungeunna
ranggah siga nu rék mangku.
Manéhna ngalayang deui
ngadeukeutan akina, ti dituna mah hayang nyarandé kana dadana hayang
ngakeup salirana, hayang diambung siga baheula hayang diusapan buukna,
hayang ngalubarkeun sagala kapeurih atina, hayang…
Bet
manéhna ngalayang, tuluy baé ngalayang. Teu nepi-nepi kana waruga akina.
Ngalayang, tuluy ngalayang asup kana puseur ulekan nu meredong peteng.
Di luar, hujan kalah ngagebrét.
Isukna, poé ieu, manéhna
nempo cipanon langit nu tuluy ngepris tina jandéla kamar klinikna. Taya
sasaha, taya salakina taya pamanna. Manéhna asa dialungkeun ka jungkrang
nu kacida gurawésna. Sedeng nu ngepris jadi caah dina haténa.*
Bandung, 11052011
Dimuat dina Tribun Jabar, Saptu 28 Mei 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar