Selasa, 10 Juli 2012

Sajak Lugiena De

DI BALONG ISOLA

Ngeunteung na beungeut cai
Kajeueung deui mangpirang ceda bihari
Jeung saniskara tatu nu hamo walagri
Rupa beungeut angger raca
Najan rasa nu kungsi balitunganana

Na beungeut cai néang tangtungan
Bet raga badag nu angger ngalangkangan
Jeung ledrekna raratan sorangan
Sedeng satukangeun ulat cai nu ayem
Weléh teu kaimpleng naon anu disidem

2007





ISOLA SABOT HUJAN

Di hiji taman, ramo-ramo hujan
kungsi héman ngarangkul tatangkalan
Tapi bet aya nu milepas maluguran
basa dua panangan paturay lalaunan

Di hiji taman, waruga hujan
kungsi ngancik saheulaanan
Tapi nu juuh tina gudawang dada
biheung ngamuara ka mana

2008



HANDAPEUN CARINGIN ISOLA

Aya nu milu ngantebkeun raratan
Sabot dangdaunan maluguran
kana lahunan. Langgeng temenan

Ieu tangtungan lir arca tanpa daksa
nu manggul momot kanalangsa. Trésna
nu leungiteun ungkara.

2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar