Sabtu, 14 Juli 2012

Sajak Darpan

Cimata Mavi


Mun seug éta pélor nembus hanalam
Kuring moal rék midangdam kanyenyerian
Tapi ménta piara acining kamanusaan
Ulah dikotoran, lantaran éta téh sosoca urang

Mun ieu kapal dikaremkeun sakalian
Kuring rék ngaiklaskeun amarah milu kelem
Ngan poma ulah miceun haté nu beresih
Lantaran éta téh hiji-hijina jalan asih

Kuring geus netepkeun ieu nyawa nu ngan hiji-hijina
Rék ditumbalkeun keur saha baé nu miduli
Yén di Tanah Gaza aya baraya jenuk
Nu tingkeleter nyawana ditodong laksa ririwa
Sepa mamaras dikerekeb kakeueung

Ieu cimata kuring, cimata Mavi Marmara
Moal lantis ku panasna pélor kagangasan
Saméméh nepi ka Tanah nu ditandasa
Pikeun nacebkeun jatina rasa manusa

Mei, 2010

1 komentar: