Sabtu, 14 Juli 2012

Esey Darpan

Bungbulang

 

Bungbulang. Henteu maké ci, henteu Cibungbulang, cara ilaharna ngaran-ngaran tempat. Siga Cikelét, Cijayana, Cipalebuh, jeung sajabana. Cukup ku Bungbulang. Bisa jadi barudak ayeuna mah teu apaleun, naon ari Bungbulang. Boa nu geus karolot gé. Ari sababna, kiwari beuki langka baé bungbulang téh.
Bungbulang téh sabangsa jambu. Kitu ujaring Kamus Umum Basa Sunda kaluarana Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Kitu deui ceuk Kamus Basa Sunda Sacadibrata, diterangkeun yén bungbulang téh ngaran sarupa jambu. Hanjakal henteu didéskripsikeun bari tétéla kumaha tangkalna, siga kumaha buahna, sok di tempat kumaha jadina, atawa dina hawa kumaha jadina.
Kuring sorangan can kungsi nempo kumaha rupa bungbulang. Teuing tah, naha di Bungbulangna sorangan aya kénéh atawa geus euweuh. Panasaran puguh gé. Nu puguh tangtu kungsi réa kapanggih atawa réa jaradi. Éta baé, kungsi jadi judul lagu sagala. Kawas nu kungsi dihaleuangkeun ku seniman kacapai jenaka Utun-Dekok dina Jentréng Jambret. Majar téh:

Bungbulang dina gawir
Pacar kéré kaanginan
Da kaanginan .....


Tapi naha bungbulang dijadikeun ngaran tempat? Lain baé di pakidulan Garut, horéng di Subang ogé aya Gang Bungbulang. Bisa jadi, di tempat anu ayeuna dingaranan Bungbulang, baheulana réa kapanggih tangkal bungbulang. Atawa bisa jadi teu réa, ngan bungbulang anu jadi di dinya mah unik. Boh jadina, boh tangkalna, atawa boa sajarahna.

Ngaran tangkal jadi ngaran tempat ogé henteu anéh. Balatak contona. Upamana baé, di wewengkon Tarogong Kidul, aya lembur Gordah. Apan éta ogé dicokot tina ngaran tatangkalan. Ceuk kamus kénéh, gordah atawa gorda téh ngaran sarupa kai. Kumaha wujudna, nyaéta duka teuing. Dalem Bandung anu dikurebkeun di dinya, katelah ogé Dalem Gordah.
Kitu deui di Cibatu, aya wewengkon nu katelah Kérésék. Nu aya pasantrén téa ning. Nu kakoncara ku lalakon jin téa. Sangkaan mimitina mah éta tempatna dicokot tina kérésék kantong palastik téa. Horénganan éta ogé ngaran tangkal. Rupana siga caringin, ngajegir jaranggotan. Manggih téh di Pulo Onrust, Kepulauan Seribu, Jakarta.
Kopo, Maja, Bayongbong, Caringin dalah Garut, apan ngaran-ngaran tatangkalan wungkul. Tegesna, aya kabiasaan urang Sunda, ogé jadi kabiasaan sabagian masarakat di tempat séjén, nu nyokot tatangkalan keur méré ngaran hiji tempat. Nya naon tujuanana? Bisa rupa-rupa. Bisa jadi patali jeung sajarah kaapanggihna éta tempat. Contona ngaran Garut. Dina sajarahna, cenah waktu keur ngabaladah éta tempat téh réa kapanggih kigarut. Atuh nu digarawé téh réa nu kakarut, raraheut ku cucukna. Tuluyna mah katelah wé Garut.
Bisa jadi ogé dipatalikeun jeung kaayaan lingkunganana anu kabeneran réa tatangkalan nu sarupa nu antukna nelah jadi ngaran éta tempat. Contona baé Kebon Kopi, Pedes, Warudoyong, jeung sajabana.
Atawa boa alesanana antropologis, yén urang Sunda mah dalit pisan jeung alam katut kapercayaanana. Teu béda jeung carana méré ngaran nu sok dimimitian ku ci, model Cikelét, Cipalebuh, Cicadas, jeung sajabana. Ci téh pondokna tina cai. Lain hartina cai di dinya baroga ngaran, tapi ci atawa cai téh dipercaya jadi sumber kahirupan, sumberna karaharjaan. Nu matak, ngaran tempat loba dimimitian ku ci.
Méré ngaran tempat ku tatangkalan gé, sigana lain euweuh tujuan antropologisna. Boa aya patalina jeung harepan atawa kapercayaan hiji masarakat, lain saukur kabeneran manggihan hiji tangkal anu tuluy dipaké ngaran atawa tetengger hiji tempat.
Hadéna mah mémang aya panalungtikan toponimi ti unggal-unggal wewengkon, ngarah aya katerangan anu jelas naon sababna, atawa kumaha sasakalana éta tempat dingaranan kitu. Sangkan kapanggih, naon maksud jeung tujuanana. Da yakin atuh, lamun di Garut aya lembur nu dingaranan Sarkanjut téh lain euweuh maksudna. Naha patali jeung kabiasaan masarakat Sunda nu resep cawokah, atawa mémang aya sasakala séjénna, kuduna mah dipaluruh.
Atawa, naon sababna ngaran-ngaran di sabudeureun Pakenjeng sakitu haradéna. Upamana aya Pasir Langu, Bayubud, Sindang Ratu, Halimpu, jeung Pamulihan. Sawaréh éta ngaran téh deukeut-deukeut kana istilah dina tembang Sunda, siga bayubud, atawa lagu langu-langu. Aya deuih anu patali jeung wayang, upamana baé Gunung Wayang, Arjuna, jeung Sumadra. Tuh, geus pikiraneun deui baé.
Balik deui kana ngaran tatangkalan. Hanjakal loba tatangkalan nu ayeuna geus langka kapanggih, sarta ukur jadi ngaran patempatan, siga bungbulang. Boa anak incu urang mah, bakal leuwih leungiteun raratanana, da bongan urang ogé nu hirup ayeuna poékeun, atawa teu cukup nyadiakeun dadaran anu jelas keur wariskeuneun ka maranéhna perkara ngaran lemburna séwang-séwangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar