Selasa, 10 Juli 2012

Feature

ÉLEGI  GELEBEG
Laporan Prayoga Adiwisastra

Gelebeg
 Angkeuhan mulang ka lembur harita téh rék sakalian mipit deui panineungan tina ranggeuyan pangalaman lawas. Nganteng kénéh dina lelembutan, mangsa keur leutik ku indung jeung bapa sok remen diajak tumpak gelebeg ka imah Aki di lembur. Harita diuk téh sok di hareup gigireun kusir, kajurung ku kapanasaran hayang nempo kusir ngadalikeun kuda. Gelebeg téh mideng metet pisan ku nu tarumpak jeung babawaanana ti pasar. Sakapeung sok karunya ningali kuda nu ngaregéh mangsa nyorang tanjakan. Bet ayeuna kabéjakeun gelebeg jumlahna geus ngurangan. Beu, kumaha teuing nasibna?
Barang anjog ka parapatan Pasar Kecamatan Pléréd, Kabupatén Purwakarta, enya baé délman jeung ojég mani ngajalajar di sisi jalan. Tayohna mah tepi ka nyontang jalan raya. Ku kituna, teu matak héran mun lebah dinya remen macét téh. Kawuwuh hawa beurang nyongkab kacida, turta haseup kandaraan sarta kekebul beuki nambahan karungsing tengahing beurang bayeungyang.
Delman
Tétéla masih aya gelebeg téh di antara ngajalajarna délman jeung ojég, sok sanajan harita nu kasampak téh ngan kari hiji. Tapi moal kasamaran, da gelebeg mah wangunna rada béda jeung délman. Bédana, gelebeg mah wangunna masagi cara gorobag, ogé titincakan paranti turun unggah nu tarumpakna aya ukur aya di kénca jeung di katuhu, teu cara délman nu titincakanana aya di tukang, di kénca, jeung di katuhu. Salian ti éta, dina gelebeg mah nu tarumpak téh diukna malik ka hareup siga kusir, kumaha wé cara dina beus, da kapan dina délman mah nu tarumpak téh diukna nyanghareup ka kénca jeung ka katuhu cara dina angkot. Ari nu séjénna, saperti roda, bom, tihang, jeung tali kadali gelebeg mah sarua baé jeung délman.
Mun ditengetan mah gelebeg téh aya sasaruanana, nyaéta sado, kahar, padati, kéréték, nayor, jsb. Anapon dina basa Indonésia mah aya délman, andong, keréta kuda, jsb. Sok sanajan saliwatan mah wangunna méh sarua, tapi keukeuh mun dititénan mah aya bédana saperti nu geus dijéntrékeun tadi. Anapon sacara guna jeung tanagana mah sarua baé, nyaéta alat transportasi anu maké tanaga kuda.
Mimiti ayana gelebeg di Kecamatan Pléréd téh kurang leuwih ti mimiti taun 1960-an. Mangsa harita aya kawijakan ékonomi ti pamaréntah anu nurunkeun niléy duit tina Rp. 1.000 jadi Rp. 1. Éta duit téh sok padanyebut duit galabag. Ku kituna, bisa jadi kecap gelebeg téh asalna tina kecap galabag.
Jaja, salasahiji kusir gelebeg, nétélakeun yén ti taun 2010 gelebeg geus nyirorot pisan jumlahna, tina jumlah 315 gelebeg, ayeuna nu nyésa téh kurang leuwih ngan kari 40 gelebeg, diantarana 20 jurusan Cipancur, 8 jurusan Sempur, 6 jurusan Warung Jeruk, jeung 2 jurusan Cianting. Ari sabab nyirorotna mah rupa-rupa, diantarana alatan loba nu pindah pacabakan kana ngojég, karyawan pabrik, jeung pakasaban séjénna nu ditaksir bakal leuwih nguntungkeun. Tapi katitén délman mah sabalikna, jumlahna beuki nambahan baé.
“Penghasilan kapungkur mah tiasa dugi ka saratus lima puluh rébu. Ayeuna mah paling tilu puluh rébuan. Seueur ngadaweung. Nuju ramé, ramé. Nuju henteu mah, henteu. Ayeuna mah nu ageung téh upami aya pesenan pawéy. Kapungkur mah dugi ka tiasa réréongan ngempelkeun artos kanggo kusir nu kacilakaan.” ceuk Jaja, dibarung ku paroman nu bangun ngumbar panineungan.
Jaja, kusir gelebeg
Salian ti beubeunangan nu ngurangan, Jaja ogé kudu getén méré parab jeung mariksa kaséhatan kudana. Ceuk kateranganana, dina sapoé kuda téh kudu baé diparaban ku huut tilu kilo, onggok opat kilo, jeung jukut sakarung. Katambah mariksa kaséhatan kuda tilu bulan sakali ka nu husus sok mariksana. Teu kawangwang kumaha carana ngokolakeun duit tilu puluh rébu kana pangabutuh kulawarga, parab, jeung waragad pikeun mariksa kaséhatan kuda.
Masih nganteng dina panineungan, mangsa gelebeg keur sumedeng ceuyah, padatarumpak, padamikaresep. Kapireng kénéh sora “Kotoplak, kotoplak.” tina ladam kuda, turta ngoncrangna sora kusir “Has! Has!”. Bet ayeuna gelebeg geus sakitu nyirorot jumlahna, matak susah deui mun samangsa-mangsa hayang tumpak

Tidak ada komentar:

Posting Komentar