Selasa, 10 Juli 2012

Esey Ari Andriansyah

                                 

PANCAROBA

Pancaroba atawa mangsa bagantina usum nu maneuh jeroning sataun—boh ti halodo ka ngijih, boh ti ngijih ka halodo—, mangrupa tangara alam pikeun tuduh manusa nu kudu disurahan enggoning ngalokonan hirup jeung huripna. Hususna, pikeun juru tani dina mitembeyan melak jeung mupu hasil tatanén. Bari matéakeun tarékah anyar kumaha carana ningkatkeun produksi pepelakan dina nadah hujan atawa nyorang halodo panjang.

Malah, kapan pancaroba gé jadi tuduh hurip waras, ku réana panyakit nu nerekab lantaran robahna kaayaan iklim jeung cuaca dina ieu usum. Remen diémbarkeun sangkan masarakat tatan-tatan tur waspada dina nyanghareupanana. Cicirén yén manusa sagalarupana gumantung ka alam. Ngindung ka ususm, mibapa ka mangsa.

Wujudiah séjén ladang nyurahan alam téh antarana ngajanggélék jadi média itungan pananggalan atawa kalénder—urang Sunda boga Kala Sunda—nu ti taun ka taun marengan kalawan sumebar (folklore) sacara lisan jeung tulisan. Fungsi Kala Sunda, lian ti malintangan (astrologi) dina ngahuma, melak paré sawah, malawija, tur jengkar ngala lauk ka laut, ogé pikeun sawatara masarakat adat mah dipaké babon dina marekkeun rejeki jeung ngajauhkeun balai.



Éstu jadi métodeu horoskop nu nangtukeun untung jeung sué. Boh dipaké pikeun indit-inditan boh pikeun tujuman repokna jodo. Di Kanékés, Baduy, aya nu disebut ‘Kolénjér’ (pananggalan pikeun nangtukeun naptu tanggal/ngitung bulan, naptu poé, jeung naptu wanci/ngitung papasingan waktu jero sapeuting) jeung ‘Sastra’ (pananggalan nu patalina jeung tujuman jodo).

Kaarifan
Nurutkeun Kala Sunda, dina sawarsih/sataun dibagi jadi 4 usum, nyaéta ngijih, dangdangrat/dangdarat, halodo/katiga, jeung labuh/mamaréng. Nu kaasup kana pancaroba nyaéta dangdangrat jeung labuh. Nurutkeun Kamus R.A. Danadibrata (2006), dangdangrat téh usum panyelang antara usum hujan ka halodo, atawa hujan jeung halodo kakapeungan. Sabalikna, labuh mah usum panyelang antara halodo ka hujan—di sawatara wewengkon istilah labuh dipaké pikeun sesebutan usum ngagarap sawah.

Dina ‘Pranata Mangsa’ (péréléan ngaran usum-usuman jeroning sataun, aya 12 ngaran usum, tur séwang-séwang boga itungan nu tangtu), dangdangrat umurna 87 poé (26 Maret-21 Juni) ti mimiti posisi panonpoé aya puseuring garis khatulistiwa dina posisi 0º, laju bagerak ngalér nepi ka posisi 23,5º LU (Lintang Utara).

Dangdangrat ngawengku 3 usum, kahiji, Kasadasa (kasapuluh) lilana 23 poé (26 Maret-17 April). Cirina, angin tarik ngagelebug datangna ti wétan kidul (tenggara), sato meujeuhna rareuneuh, manuk récét nyarieun sayang. Méré tangara ka juru tani, di pagunungan huma sawaréh geus meujeuhna dipanén, di sawah nu subur cai mimiti tebar, jeung di kebon tatan-tatan malawija.

Kadua, Desta (kasawelas) lilana 23 poé (18 April-10 Méi). Cirina, hawa karasa garing bayeungyang, angin angger ngagelebug, manuk geus baranahan, hama kungkang mimiti ngaruksak pepelakan, sarta tatangkalan ngarangrangan. Tangara meumeujeuhna sibuk tandur  jeung malawija.

Jeung katilu, Sada (kaduawelas) lilana 41 poé (11 Méi-21 Juni). Cirina, mimiti usum halodo, angin ngahiur ti wétan, peuting nepi ka isuk-isuk tiris sedeng beurang hawa karasa nyongkab, taneuh ngebul, dangdaunan lalayu, datang hama paré, loba panyakit (sasalad), sarta watek jalma babari napsu. Tangara, keur usum rumpak jami, sawaréh juru tani ngampihkeun paré hasil dibuat ka leuitna.

Sedeng labuh umurna 52 poé (17 Séptémber-17 Oktober). Ngawengku 2 usum, nyaéta Kapat (Kaopat) lilana 25 poé (17 Séptémber-11 Oktober). Cirina, angin datangna ti kulon ngahiur muter nimbulkeun hujan, mimiti kadéngé sora gugur, sasatoan balegér, lauk di walungan kalaluar/liar ti liang-liang leuwi, randu buahan, gadung mimiti nyareng, sarta hadé pikeun melak cau. Tangara, juru tani mimiti ngagarap sawah deui, tur biasana réa nu katerap nyeri beuteung jeung utah-utahan.

Jeung Kalima lilana 27 poé (12 Otober-7 Nopémber). Cirina, angin ngahiur tarik datangna ti kalér kulon (barat laut) bareng jeung hujan, ari hujan datangna isuk-isuk atawa soré, tatangkalan réa nu raruntuh, siraru mimiti kalaluar tina hunyurna, bungbuahan karolot, bongborasan jaradi, asem pucukan, konéng ngadaun ngora, oray jeung ulam barijil, sarta béntang wuluku katémbong soré-soré. Tangara, mimiti suhud ngurus huma, sawah mimiti tebar, tur sawaréh aya nu geus ditanduran.

Hal ieu nunjukkeun yén pancaroba boga kalungguhan penting dina kahirupan masarakat/juru tani. Mungguh ngagantungkeun hirup tina ladang nyurahan usum jeung meureut cikésang. Kitu ogé Kala Sunda jadi adeg-adeg ketahanan pangan. Minangka kaarifan lokal diversifikasi pangan, luyu jeung robahna usum.

Najan sistem pertanian geus modéren ku ayana bibit anyar nu bisa dipanén 3 kali dina sataun (tekno-ekonomis), tur ngandelkeun canggihna élmu prakiraan cuaca katut isu robahna iklim, Kala Sunda tetep bisa maréngan rénghap juru tani. Lian ti méré babon waktu melak jeung manén, tapi ogé jadi palasipah adaptasi sawirahma jeung alam. Kitu ogé mun panceg mageuhan pamadegan dalit jeung alam.

Kaayaan Kiwari
Tapi, naha kiwari manusa masih kénéh misobat alam? Atawa boga tanggung jawab pikeun ngaraksa-ngariksa lingkunganna? Kitu deui Kala Sunda masih jadi babon lalakon malintangan? Galagat usum nu geus teu tangtu, munculna rupaning kajadian alam (kaasup cuaca ekstrim), murbana ‘pemanasan global’ (global warming), mahabuna wabah panyakit, poharana nu gagal panén, nerekabna sawatara sato ngaranjah padumukan lantaran réa lahan nu alih fungsi, sarta geunjleungna isu paceklik (rawan pangan), saniskara tangara yén manusa geus teu miduli alamna.

Pancaroba geus teu bisa ditangtukeun ku itungan kalénder. Usum teu puguh datangna. Iklim jeung cuaca terus robah. Alam bangun nu murka. Pamustunganna, lahan ruksak, cai béak, tur pangeusina balangsak. Wuri-wuri ngahontal pangwangunan dinamis, kalah katalanjuran alih fungsi lahan. Wuwuh nyontang lahan produktif pertanian.

Lian ti éta, teu saimbangna antara harga gemuk/ubar tatanén jeung harga béas, katut robahna pamadegan juru tani nu réa pindah pacabakan, jadi pasualan nu parna saban taunna. Juru tani gé nu méméhna farmers (juru tani nu boga tur ngagarap lahan sawah sorangan) robah ka peasant (buruh tani/petani gurem). Nu cenah nagara Lumbung Padi téh, kalah haben ngimpor béas pikeun nyukupan kabutuh pangan nasional.

Satemenna, réa tarékah pikeun ngungkulan ieu pasualan. Antarana, ningkatkeun produktifitas paré ku cara inténsifikasi tur éksténsifikasi, ngajaga sumber cai (irigasi), jeung nguatan budaya tani sangkan teu pindah pileumpangan. Tangtuna, pamaréntah kudu jadi séntral, méré kontrol ngaliwatan kawijakanana. Pangwangunan teu salah kaprah, lahan tatanén tetep kagarap. Atuh, ka hareupna cita-cita ngahontal swasembada pangan téh teu saukur lalambé.

Galagat usum nu terus robah kudu disurahan kalawan jembar. Kala Sunda baris bisa marengan minangka warisan budaya, dina nyorang leunjeuran usum ku katiginan. Pancaroba teu saukur dihartikeun bagantina usum baé, tapi disurahan minangka tangara kudu pindahna paripolah manusa sangkan nyaah tur teu ngalalaworakeun alamna. Dibarengan ku ajén budaya, atikan, sarta harmonisasi politik.

Dimuat dina Cupumanik No.106, Mei 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar