Minggu, 08 Juli 2012

Dongeng



Jarapah

Kacaritakeun di alam baheula saméméh ayana manusa, horéng jarapah jeung gajah mah geus hirup babarengan. Nanging hirupna téh teu akur papadana. Anu jadi cukang lantarana mah sakadang gajah téh sok moyokan waé sakadang jarapah anu pendék. Da baheula mah suku jeung beuheung jarapah téh teu cara ayeuna.
Basa sakadang jarapah keur ngadaharan jambu aér karesepna anu ragragan tina tangkal, sakadang gajah laju datang nyampeurkeun. Moyokan sakadang jarapah sateker-kebek.
“Dasar pendék. Ngadaharan jambu aér meunang mulung. Kotor deuleu! Jaba nu di handap mah geus galenjur. Yeuh jiga déwék atuh ngala langsung tina tangkalna.”
Sakadang gajah ngala jambu aér tina tangkalna langsung maké tulaléna anu panjang. Makmak-mekmek teu maliré sakadang jarapah anu keur sedih naker pédah disebut pendék. Sakadang jarapah ngan bisa tungkul teu bisa pepeta. Kalah ngaléos teu puguh anu dijugjugna.
Teu karasa geuning sakadang jarapah téh leumpangna geus jauh. Malah mah manéhna ogé teu apal ayeuna téh keur aya dimana. Inget sotéh kagareuwahkeun ku sora beuteungna anu disada lantaran peurih nahan lapar.
Di satengahing lalampahanana, sakadang jarapah manggih tangkal jambu aér karesepna. Jaba keur meneran buahan leubeut pisan. Tapi geuning tangkalna téh mani laér naker. Mulungan anu ragragan, da galenjur naker jeung deuih geus rék baruruk. Nya tuntungna mah tangkal anu sakitu laérna téh diajrugan terus-terusan.
Bari nahan lapar, jambu aér nu ngagalolér didaharan bari teu weléh angger ngajrugan tangkalna. Unggal poé sakadang jarapah hantem wé ngajrugan tangkal jambu aér. Nepi ka teu karasa, kikituana téh geus aya kana dua bulanna. Nepi ka jambu aér anu laér tangkalna ogé bisa kaala buahna. Sakadang jarapah ogé reuwas kareureuhnakeun basa nempo awakna sorangan. Suku ngajangkungan. Beuheung milu manjangan.
Ayeuna mah euweuh deui nu bisa moyokan manéhna pendék. Da geuning tangkal anu sakumaha laérna gé bisa katepi. Bungbuahan anu aya ditempatna ayeuna, sakumaha laérna gé bisa kaala.
Tapi ninggang hiji mangsa, bungbuahan nu aya di tempatna ayeuna téh geus béak euweuh nyésa hiji-hiji acan. Sakadang jarapah téh jadi bingung ku dua ku tilu. Jol wé aya kereteg hayang titirah. Nya teu burung laksana, indit wé.
Barang nepi ka tempat asalna baheula, sakadang gajah langsung nyérénténg. Rék ngadu jajatén sigana mah.
“Manéh saha? Wani-wani ngadeukeutan lemah cai aing!” Ceuk sakadang gajah bari ngacung-ngacungkeun tulalé jeung gadingna.
“Kéla sakadang gajah! Ieu kuring sakadang jarapah, maenya tos teu émut?”
“Bohong siah manéh! Sakadang jarapah mah sukuna teu jangkung jeung beuheungna ogé henteu panjang cara manéh. Ngaku siah manéh téh saha?”
“Ieu kuring jarapah.”
Laju sakadang jarapah nyaritakeun lalampahanana harita nepi ka awakna bisa nepi ka siga ayeuna. Dikitukeun mah sakadang gajah téh teu loba cacarita deui. Ngeluk waé nu aya mah da kaéraan téa siga bueuk meunang mabuk.
“Keun waé ayeuna mah sakadang gajah, tong teuing jadi pikiran!”
“Tobat sakadang jarapah, tobaaat. Moal deui-deui moyokan anjeun. Ayeuna anjeun jangkungna geus ngaliwatan kuring. Hampura kuring sakadang jarapah, hampuraaaa.”
“Nya keun waé anu geus kaliwat mah tong teuing jadi pikiran. Ayeuna mah urang babarengan pikiran, kalakuan kitu téh ulah nepi ka kajadian deui.”
Dikitukeun mah sakadang gajah téh répéh. Ayeuna mah lamun aya anu manggih kadaharan téh tara didahar sosoranganan, éstu babarengan waé. Lamun aya bungbuahan anu laér tangkalna, sakadang jarapah anu ngalana. Lamun bungbuahanana hésé dibuka da teuas cangkangna, sakadang gajah anu meulahna. Pacogrégan anu kungsi kaalaman baheula, ayeuna geus tara kajadian deui. Sakadang jarapah jeung sakadang gajah hirupna éstu babarengan runtut-raut sauyunan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar