Minggu, 08 Juli 2012

Carpon Iman Nurdin

                       Nganjang ka Imah Haji Damiri

Na kalénder mah tanggal téh beureum. Meneran peré. Nu sasarina gawé ogé, harita mah nyaralsé. Kitu ogé Pa Kuwu, poéan peré téh bener-bener dipaké keur reureuh. Saré.
Sasarina mah jam dalapan isuk geus miang ka Balé Désa da bisi aya nu butuheun tandatangan jang nyieun katépé, askés, surat miskin jeung nu sajabana. Tapi da poéan peré kieu mah, méh adan lohor Pa Kuwu téh karék kuniang tina enggon.
Can kumpul pangacianana, Pa Kuwu ngahuleng heula sajongjongan. Gigisik panon. Nyileuh. Sakali-kali ngadon heuay siga nu can wareg saréna.
“Geus geura paksakeun atuh, Pa! Saré waé mah tuda moal aya tungtungna.” Ceuk pamajikan Pa Kuwu. Nu ditanya jongjon teu némbalan.
“Tah angeun kacang geus tiis boa, Pa. Lila teuing diantepkeun. Jaba kari saeutik da dibekel ku barudak.”
“Na barudak kamarana kitu, Asih?” Kuwu nanya bari cengkat tina enggon.
“Nu cikal mah ngomongna téh rék ka leuweung cenah. Rék ngala supa. Pédah kamari hujan angin badag pisan. Sugan wé cenah mun keur hadé milik mah sok loba supa.”
“Sorangan budak téh ka leuweungna?”
“Duaan jeung Si Dahlan. Éh tiluan kétang. Da asana mah aya nu nyusulan saurang deui. Tapi teuing saha. Duka Si Nanang duka Si Dadang.”
“Si Bungsu sarua deuih ulin?”
“Si Bungsu mah ku Mamah dititah ngawur ka balong. Tapi geus lila can témbong waé geuning budak téh. Moal kitu kalah sarua ulin?”
“Téang atuh jig ka ditu, bisi kumaonam.!”
“Budak geus gedé ieuh atuh, Bapa. Mun teu ulin, paling nguseup atawa ngadon ngurek di sawah.”
“Bisi wé atuh, Asih. Da mun aya nanaon ka budak téh pan manéh tiheula anu sok rariweuhna. Siga baréto majar budak dibawa ku kélong, pan manéh nu  pangheulana teu sadar di bumi alam. Ngaririweuh saréréa. Pan Bapa nu katempuhan buntut maungna mah. Kokotéténgan néangan budak kamana-mana. Sihoréng téh geuning budakna mah kalah saré di handapeun enggon.”
“Nya meunggeus atuh, Bapa! Ulah dikoréhan deui nu enggeus-engeus mah. Pan geus kaliwat éta mah. Geus aya kana tilu taunna. Geus méh poho Mamahna gé. Apanan éta mah tadina gé...”
“Assalamualaikum...” Ceuk sora ti luar.
“Tah sorana mah siga Si Bungsu, Pa.”
“Cik téang kadinyah!”
Pamajikan Kuwu langsung nyampeurkeun sora nu tadi kadéngé ti luar.
“Tas timana heula, Sandi? Wayah kiwari karék mulang geuningan?”
“Ngusep heula, Mah. Tah kénging tawés tilu sareng nila lima. Dicobék asa badé énak sigana, Mah?”
“Mun kitu téh bébéja heula ka Mamah ambéh Mamah teu melang. Mana kadieukeun laukna cuang beresihan. Geura mandi ayeuna mah. Awak tah mani geus bau haseum.”
Si Bungsu laju asup ka kamar mandi. Mandina teu kaur nyalsé da dirurusuh ku bapana nu can ka cai. Pamajikan Kuwu mah keur kekeprek di dapur ngurus lauk bawa budakna téa. Sawaréh dibeuleum, nu sawaréh deui mah dicobék.
Teu sabaraha lila dahareun geus nyampak na méja makan. Nu tas mandi gé geus saged tatan-tatan nyanghareupan dahareun.
“Si Aa kamana, Mah?”
“Ngala supa cenah tadi mah. Tapi wayah kiwari can balik waé budak téh.”
“Nya montong teuing didagoan. Bisi teu gancang-gancang balik. Sok wé ayeuna mah geura dalahar, meungpeung kéjo jeung deungeuna haneut kénéh.” Ceuk Kuwu bari nyiuk sangu.
“Pa...?”
“Hmhh.” Ceuk Kuwu.
“Sandi téh tadi ngobrol sareng Mang Jana di balong. Cenah mah Haji Damiri téh karék tas ngajual tanah cenah anu di kota. Jaba mahal ngajualna téh.”
“Baruk?” Ceuk Kuwu bangun nu reuwas, “Dijual ka saha cenah?”
“Nya ka urang kota atuh. Tapi duka ka saha-sahana mah da tadi téh teu pati tatanya deuih, da rusuh téa. Geus beurang ongkoh deuih. Panas.”
“Sabaraha cenah, Sandi, dijualna téh?”
“Limapuluh juta kitu mun teu salah mah.”
“Baruk?” Ceuk Kuwu mindo reuwas. Sajongjongan Kuwu téh teuteupna kosong teuing kamana. Seurina imut ngagelenyu.
“Asih! Ké peuting cuang anjangan. Laina urang téh keur butuh pisan duit pan ayeuna téh?” Ceuk Kuwu bari ngaharéwos ka pamajikanana.

*

Peuting nu sasarina peteng, ayeuna mah kacaangan ku hurung ngempurna cahya bulan. Sora bueuk, jangkrik jeung gaang patémbalan ti unggal juru lembur. Ti unggal tangkal kadéngé hiliwirna angin nu ngendag-ngendag dahan jeung dangdaunan. Kalakay raragragan.
Malem jumaah. Heueuh ayeuna téh malem jumaah. Sora nu ngaji raéng kadéngé méh saban imah awor jeung sora-sora sasatoan. Tapi di palebah halis pasir, meneran pisan imah Pa Kuwu, kalah kaambeu seungitna menyan petingan. Seungitna nyambuang ka unggal imah sabudeureunana, nepi ka ngagareuwahkeun kahusuan Ustad Randi nu keur yasinan.
“Ambu! Ambu! Ka dieu sakedap!” Ceuk Ustad Randi.
“Aya naon Abi? Tangka gogorowokan kitu?” Ceuk pamajikan Ustad némbalan. Némbalanana ti jero kamer can waka nyampeurkeun.
“Ambu nyeungeut menyan? Keur mah imah sagedé pelok téh, mabek ku bau menyan. Jaba nanaonan, Ambu, nyeungeut menyan sagala. Teu meunang ah! Komo bari niatna rék maraban dedemit mah.”
“Astagfirulloh ari Abi. Iraha teuing Ambu nyeunget menyan. Apanan Abi gé terang titatadi Ambu aya di lebet kamer. Jaba Ambu ogé teu kuat ngambeu bau menyan téh. Tangka eungap yeuh kana bayah.”
“Lamun sanés Ambu, nya saha atuh?”
“Ti palebah imah Pa Kuwu sigana mah, Bi.”
“Kuwu Marta tatangga urang?”
“Nya saha deui atuh ari lain Kuwu Marta mah. Piraku Kuwu Désa Panyingkiran nu nyeungeutna, bauna dugi ka dieu. Jauh temen, Bi. Bauna gé moal teuing dugi ka dieu.”
“Nya deuih euweuh gawé pisan malem jumaah ngadon nyuengeut menyan. Aluk mah ngaji sing meunang satamatan mah. Tuman nu kieu téh, Ambu. Sakali-kali mah kudu diwarah. Kajeun teuing pantar Kuwu gé. Ari geus ngaganggu katingtriman balaréa mah kudu aya nu wani ngageunggeureuhkeun.”
“His, ulah teuing atuh, Bi. Keun waé kumakarep. Ulah papanjangan.”
“Ih ari Ambu. Mana kitu gé teu aya nu wanieun ngawarah. Keun ku Abi ayeuna cuang sampeurkeun. Lain Ambu, lain rék papanjangan. Ieu mah cuang silih béjaan. Yén kalakuan manéhna nu kitu patut téh nyangsarakeun batur. Leuheung Abi jeung Ambu mah teu gaduh panyawat sesek napas atawa asma, palebah nu gaduheun? Karunya, Ambu.”
“Atuh ari kitu mah teu langkung Abi waé. Ngan kadé basana kedah saé. Tata peryogana sing dijaga. Bisiii ieu mah, Bi. Bisi ngaraheutkeun manah Pa Kuwu. Pan cenah hadé goréng téh ku basa.”
“Yaktos atuh éta mah, Ambu.”
Ustad Randi laju muru imahna Pa Kuwu. Teu gurung gusuh, éstu antaré pisan. Abong da tatangga, karék ogé sababaraha léngkah, Ustad Randi geus nepi deui di imah Pa Kuwu.
Méméh asup Ustad Randi ngarandeg heula, semu mikiran heula naon anu rék diomongkeun. Sanggeus manggih mah bubuka jang nyarita, teu dililakeun deui laju muru panto imah nu rada méléngé saeutik.
“Assalamu’alaikum?”
Di jero imah, Pa Kuwu reuwas naker. Sora nu uluk salam téh geus teu bireuk deui na ceuli Pa Kuwu. Geus kateguh éta mah sora Ustad Randi. Jubah hideung tangka dilaanan deui. Laju rurusuhan muru panto.
“Pérénan heula mah! Kadé ulah sina katingalieun ku Pa Ustad.” Ceuk Kuwu ka pamajikanana.
“Wa’alaikumsalam.” Kuwu muka panto bari mésem.”Aéh geuningan aya Pa Ustad. Asa mani rareuwas kieu ieu téh. Mangga calik heula Pa Ustad.”
“Nuhun, Pa Kuwu. Hampura lamun kuring dongkap ka dieu téh kalah ngadon ngareureuwas wungkul.”
“Reuwas sotéh sisinarieun Pa Ustad nganjang wengi-wengi. Manawi aya pikersaeun naon?” Sabot Pa Kuwu ngajak ngobrol, pamajikan Kuwu nyuguhan cai.
“Ih mani sok sagala waé geuning. Moal da moal lami.” Ceuk Ustad Randi ka pamajikan Kuwu.
“Sagala waé kumaha ari Pa Ustad. Pilakadar cai hérang sagelas mah atuh sanés sagala waé. Malah mah isin ieu téh teu tiasa nyuguhan ku tuangeun anu paripurna. Éstuning ngan saaya-aya.”
“Ih atuh sakieu ogé tos paripurna.”
“Ku abdi dikantun heula nya, Pa Ustad. Badé ka pengker heula. Mangga lajengkeun ngobrolna tah sareng Si Bapa.”
“Muhun, Muhun. Haturnuhun pisan.”
Sajongjongan mah teu waka aya nu muka carita. Sanggeus pamajikan Kuwu mungkur mah, karék aya omongan deui.
“Janten kumaha, Pa Ustad. Manawi aya pikersaeun naon?”
“Lah éta, Pa Kuwu. Tapi punten heula sateuacana. Kieu ieu téh. Tadi pas simkuring nuju yasinan, kaambeu asa aya bau menyan,” Kuwu ngadadak jadi robah pameunteuna, rada pias meueusan, “Ana naroskeun ka pun bojo téh cenah lain manéhna nu nyeungeut menyan téh, da kaambeuna mah asa meneran ti bumi Pa Kuwu pisan. Leres menyan téh Pa Kuwu nu nyeungeut?”
“Leres pisan éta téh Pa Ustad.” Kuwu nembal pondok pisan. Bari tungkul semu éra, leungeuna ngulin-ngulinkeun jempol sorangan.
“Na atuh nanaonan maké nyeungeut menyan sagala?”
“Ih ari Pa Ustad. Éstu éta mah hayang ngalap berekah malem jumaah.”
“Haaarr ari Pa Kuwu. Ngalap berekah mah atuh sanés ku nyeungeut menyan. Angot ieu mah malem jumaah pisan. Aluk mah yasinan cara batur. Insyaalloh berekah pami kitu mah.”
“Nya muhun ari kituna mah. Nanging ieu téh pan titinggal nu jadi karuhun. Cenah mah ambéh apdol.”
“Nya atuh langkung apdol ngaos yasin, Pa Kuwu. Nyeungeut menyan mah matak nyangsarakeun batur.”
“Baruk?” Kuwu megat omongan Ustad Randi, “Na nyangsarakeun kumaha ieu téh, Pa Ustad?”
“Yeuh geura, Pa Kuwu, dangukeun! Apanan menyan téh bauna lumayan rada nyegak kana irung. Leuheung lamun anu ngambeuna teu gaduh panyakit sesek napas atanapi asma, palebah anu gaduh kumaha sok? Nya mangga waé éta mah diémutan ku Pa Kuwu. Tangtosna Pa Kuwu tiasa langkung wijaksana mayunan ieu masalah téh.”
Ustad Randi jeung Pa Kuwu ngarobrol bangun nu resep naker. Ti sabot Ustad Randi datang nepi ka méh tengah peuting téh obrolanana angger teu leupas tina urusan menyan.
Ngarasa geus cukup mah anu diobrolkeunana, Ustad Randi laju mulang deui ka imahna. Pon kitu deui jeung Pa Kuwu, da tadi téh masih ngahanca pagawéan. Laju asup ka kamer heuseus tempat gawéna. Cempor dihurungkeun. Nyiru ditamprakkeun.
“Tos siap, Mah?” Pa Kuwu dadahut deui. Jubah hideung anu tadi dilaan téh dipaké deui.
“Atos, Pa.”
“Nya kadé atuh nya éta cemporna jagaan. Bapa nganjang heula ka imah Haji Damiri. Dungakeun, Mah, sing beubeunangan. Ngan kadé poho, mun seuneu cempor oyag-oyagan, buru-buru ku mamah pareuman!”
“Nya uhun atuh, Pa. Asa mapatahan meri Bapa mah. Kawas mamah karék sakali waé kikieuan téh. Nya jung atuh geura mangkat!”
Teu lila ti dinya, Pa Kuwu langsung indit bari kunyam-kunyem mapatkeun jampé. Selang sababaraha waktu, nu mapatkeun jampé geus jauh ti imah. Geus teu kaciri punduk-pundukna acan. Tapi masih kadéngé ari sora sesegrokna mah.
Cahya bulan masih nyaangan. Hiliwir angin masih kadéngé ngusapan dahan jeung dangdaunan. Sora sasatoan ogé masih kadéngé silih témbalan.


Kamer kos, Maret 2012.
*Mahasiswa JPBD UPI entragan 2010 nu aktip di turus.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar